Uji Hipotésis Téhnik Nganalisis Data

Tabél 3.6 Uji Gain d Tingkat Kamampuh Maca Warta No Peunteun pretés Peunteun postés d d²

1. 2.

Ʃ

3.7.3 Uji Hipotésis

Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. 1 Statistik Paramétris Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap. a Ngitung rata-rata mean tina béda antara peunteun pretés jeung peunteun postés. Rumusna nya éta: b Ngitung darajat kabébasan dk, rumusna nya éta: c Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta: � = ∑ � dk= n-1 ∑ 2 = ∑ 2 − ∑ 2 � d Ngitung t, rumusna nya éta: Katerangan: t = tés signifikansi Md = rata-rata mean tina béda antara hasil pretés jeung postés ∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel e Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.  Lamun t itung t tab él hartina hipotésis ditarima, yén média pangajaran audio-visual éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca warta siswa kelas X-2 SMA Negeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013.  Lamun t itung t tab él hartina hipotésis ditolak, yén média pangajaran audio- visual teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh maca warta siswa kelas X- 2 SMA Negeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013. 2 Statistik Non-Parametris Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Numutkeun Sudjana 2005: 450 léngkah-léngkah uji Wilcoxon, diantarana nya éta: a asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 XA1; b asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 XB1; c itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4; d nangtukeun jenjang ku cara nataan hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti niléy béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna; e sanggeus ditataan misalna aya niléy nu sarua, pikeun nangtukeun jenjangna, éta niléy téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Niléy tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; = � ∑ 2 ��−1 f sanggeus ditataan, asupkeun niléy jenjang JB kana kolom ka-5; g ngasupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7; h tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5 W tabél = 73; i data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxonieu di handap. Tabél 3.7 Tabél Uji Wilcoxon No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang XA1-XB1 Jenjang + - Katerangan: XA1 : Peunteun pretés XB1 : Peunteun postés j ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxonngagunakeun kriteria ieu di handap.  Saupama W itung- W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditarima, yén média pangajaran audio-visual miboga pangaruh dina ngaronjatkeun kamampuh maca warta siswa kelas X-2 SMA Negeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013.  Saupama W itung- W tabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditolak, yén média pangajaran audio-visual henteu miboga pangaruh dina ngaronjatkeun kamampuh maca warta siswa kelas X-2 SMA Negeri 6 Bandung taun ajaran 2012-2013. 73

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun nyangking hasil anu akurat ngeunaan kamampuh siswa dina maca warta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio-visual. Tujuan tina unggal panalungtikan nya éta pikeun ngabuktikeun atawa nguji hal-hal anu ditalungtik anu dirumuskeun di idéntifikasi masalah. Aya tilu hal anu ditalungtik nya éta kumaha hasil diajar siswa dina maca warta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun média audio- visual; naha aya béda anu signifikan dina hasil diajar siswa nalika saméméh ngagunakeun média audio-visual jeung sanggeus ngagunakeun média audio- visual; jeung kumaha éféktifitas média audio-visual dina maca warta téh. 1 Média audio-visual sabenerna ngagunakeunana gampang jeung éféktif dina nepikeun pangajaran, asal luyu jeung tujuan anu rék dihontal. Média audio-visual dina pangajaran maca warta, wangun matéri atawa bahan pangajaranana dijieun kanavidéo ngagunakeun komputer atawa laptop tuluy diproyéksikeun ngagunakeun proyektor. 2 Katitén yén dina pretés siswa mampuh maca warta aya 2 siswa atawa 6,66 sedengkeun anu can mampuh aya 28 siswa atawa 93,33, anu ngawengku rata-rata skor total pretés kelas X-2 nya éta 55,83. Rata-rata skor tina aspék nyangkem eusi nya éta 3,23; skor rata-rata tina aspék ucapan artikulasi nya éta 2,93; skor rata-rata tina aspék lentong tekenan, wirahma, jeung randegan nya éta 2,83; jeung rata-rata skor tina aspék réngkak paripolah gesture nya éta 2,2.Ieu hal dilantarankeun siswa kurang nyangkem kana naon anu dipedar tur siswa kurang nyangkem kana aspék-aspék maca warta. 3 Katitén yén dina postés siswa anu mampuh maca warta kalawan nyumponan kritéria ngajén warta aya 22 siswa atawa 73,33, anu ngawengku rata-rata skor total postés kelas X-2 nya éta 76. Rata-rata skor tina aspék nyangkem eusi nya éta 4,16; skor rata-rata tina aspék ucapan

Dokumen yang terkait

MÉTODE DRAMATIC READING DINA PANGAJARAN MACA DONGÉNG : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X MAN Awipari Kota Tasikmalaya Taun Ajaran 2013/2014.

0 6 29

MODÉL THE LEARNING CELL DINA PANGAJARAN MACA BIOGRAFI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 2 SMA Negeri 13 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

2 9 39

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA KOMIK PIKEUN PANGAJARAN NULIS CARITA PONDOK: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 1 SMA Negeri 1 Kuningan Taun Ajaran 2012/2013.

0 11 32

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAREGEPKEUN PAGUNEMAN STUDI KUASI ÉKSPÉRIMÉN KA SISWA KELAS VII SMP KARTIKA XIX-2 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013.

1 9 42

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NGADONGÉNG : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII J SMP Negeri 45 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

0 9 37

. ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL DINA PANGAJARAN MACA WARTA : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-2 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013.

1 15 37

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO-VISUAL DINA PANGAJARAN MACA WARTA:Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-2SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013.

3 21 29

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA AUDIO VISUAL PIKEUN PANGAJARAN NULIS ÉSÉY: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XII-IPA.1 SMAN 1 Pelabuhanratu Taun Ajaran 2012/2013.

0 3 35

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA MOVIE MAKER DINA PANGAJARAN NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Kelas VII-A SMP Negeri 1 Rawamerta Kabupatén Karawang Taun Ajaran 2012/2013.

1 6 37

MÉDIA AUDIO-VISUAL DINA PANGAJARAN NYARITAKEUN TOKOH IDOLA: Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII C SMP Negeri 6 Cimahi Taun Ajaran 2015 2016 - repository UPI S BD 1206103 Title

0 0 3