Setting Panalungtikan Desain Panalungtikan

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar métode panalungtikan anu ngawengku setting panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung léngkah- léngkah panalungtikan.

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, sumber data anu dijerona aya subjék panalungtikan, jeung waktu panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta di Kabupatén Cianjur Provinsi Jawa Barat, anu diwengku ku tilu bagian tempat, nya éta Cianjur kaler, Cianjur tengah, jeung Cianjur kulon.

3.1.2 Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta dongéng-dongéng nu kasohor di Kabupatén Cianjur. Sumber data utama dina panalungtikan kualitatif nya éta kecap jeung paripolah Moeleong, 2007:157. Sumber data nya éta subjék tempat data dipibanda. Saupama panalungtik ngayakeun kagiatan wawancara dina ngumpulkeun data, ku kituna sumber datana résponden nya éta jalma anu ngaréspon atawa ngajawab patalékan-patalékan panalungtik, boh sacara lisan boh tinulis. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik obsérvasi sumber datana mangrupa barang, tingka paripolah, atawa prosés hiji hal. Saupama panalungtik ngagunakeun téhnik dokuméntasi, sumber datana mangrupa kumpulan catetan Arikunto, 2010:129. Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.3 Waktu Palaksanaan Panalungtikan

Waktu palaksanaan panalungtikan nya éta minggu kahiji jeung minggu kadua bulan Mei.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang ku panalungtik pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah anu geus dirumuskeun. Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap: Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun masalah Ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah Ngarumuskeun anggapan dasar Nangtukeun sumber data Nangtukeun jeung nyusun instrumen Ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung studi dokuméntasi Nganalisis data ku cara maluruh ajén budaya, stuktur jeung ajén atikan karakter dina dongéng- dongéng di kabupatén Cianjur Nyieun kacindekan jeung saran Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan