Métode Panalungtikan Wangenan Operasional

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan minangka hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu miboga tujuan jeung mangpaat nu tangtu Sugiyono, 2010:3. Métode panalungtikan ogé manrupa hiji cara ngaréngsékeun pasualan ku cara meunangkeun fakta jeung kacindekan pikeun maham, ngajelaskeun, ngaramalkeun, jeung ngadalikeun kaayaan AR spk, 2009:14. Tina dua sawangan di luhur bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan mangrupa cara nu dilakonan dina kagiatan ilmiah saperti panalungtikan pikeun meunangkeun hasil nu luyu jeung tujuan panalungtikan sangkan bisa kahontal. Dina ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta déskriptif analisis, nya éta ngadéskripsikeun fakta-fakta tuluy dianalisis. Salian ti kitu, méré pamahaman jeung panjelasan sacukupna Ratna, 2007:53. Data didéskripsikeun pikeun manggihan unsur-unsurna. Analisis nu dipaké ogé nya éta analisis ajén budaya sarta atikan karakter anu bisa dijadikeun minangka model atikan karakter siswa. Ku sabab kitu, métode anu luyu pikeun ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Sabab salian ngadéskripsikeun fakta-fakta, ogé méré pamahaman tina hasil analisis data nu dilakukeun.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré tur écés, istilah nu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional di ieu handap : 1 Ajén Budaya Ajén budaya mangrupa hiji hal nu dianggap hadé ku hiji kelompok atawa suku bangsa anu can tangtu dianggap hade ku kelompok masarakat atawa suku bangsa lian, sabab ajén budaya ngawatesan jeung mérékeun karakteristik dina hiji masarakat jeung kabudayaanna. Ajén budaya mangrupa tingkat nu paling abstrak tina adat, hirup jeung ngakar dina alam pikiran masarakat, jeung hésé diganti ku ajén budaya lian dina waktu singget. Ajén budaya dina ieu panalungtikan mangrupa nilai-nilai keseluruhan sistem berfikir, religi, pandangan hidup, moral, norma, dan keyakinan manusia , nu ngawujud lima Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pilar utama nya éta hubungan : manusa jeung nu Nyiptakeunna; sasama manusa; manusa jeung karyana; manusa jeung alam; manusa jeung waktu. Contona dina dongéng sasakala pangguyangan badak putih aya ajén budaya nulungan anu keur mikabutuh bantuan nya éta nalika monyét nulungan ka maung lodaya anu keur hanaang hayang nginum. Hal éta mangrupa salah sahiji tina lima pilar utama ajén budaya nya éta hubungan sasama manusa. 2 Struktur Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “stuktur, hartina nya éta ayana hubungan nu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur élémén, éta hubungan téh digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitanana atawa hubungan saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtil. Éta objék panalungtikan mungkin baé mangrupa badan manusa, minat manusa, masarakat, matématika, métodologi, alam, bahasa, atawa sastra kaitanana jeung gejala, dua hal penting anu sok disebut tadi téa mangrupa sipat nu abstrak. Strukturalisme téh mangrupa hiji pergerakan inteléktual, nu gelar di Prancis. Dina praktékna strukturalisme téh leuwih umum dianggap minangka hiji kaédah atawa métode anu tujuan utamana mah nya éta pikeun ngalelempeng atawa méré pangajén ka para panalungtol dina ngalaksanakeun panalungtikan nu leuwih nyosok jero ngeunaan hiji objék kajian. Nu kaasup kana stuktur karya sastra téh nya éta galur, palaku, latar, jeung téma. 3 Atikan karakter dina ieu panalungtikan nya éta nilai-nilai karakter nu ngabiasakeun siswa dengan sadar, sistematis, jeung terencana milampah nu hadé boh tina ucapan boh tina paripolah. Analisis atikan karakter dina ieu dongéng nya éta 18 atikan karakter anu dumasar tina hasil kajian empiric Pusat Kurikulum nu sumberna tina agama, Pancasila, budaya, jeung tujuan atikan nasional, nya éta : 1 agama, 2 jujur, 3 toléran, 4 tuhu kana aturan, 5 suhud, 6 parigel, 7 mandiri, 8 démokratis, 9 hayang nyaho, 10 sumanget kabangsaan, 11 cinta lemah cai, 12 ngahargaan préstasi, 13 Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014 AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu sosobatankomunikatif, 14 cinta damai, 15 resep maca, 16 miduli lingkungan, 17 miduli sosial, 18 Tanggung Jawab.

3.5 Instrumén Panalungtikan