Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan
Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia
| Repository.Upi.Edu
2 Badak Pamalang mangrupa carita pantun nu pangpanjangna nepi ka teu
tamat sapeuting dicaritakeunana. Dina normalna mah ieu carita téh bisa tamat tilu peuting tapi kusabab pikeun panalungtikan diringkes jadi dua
peuting; 3
kusabab panjang, aya bagian-bagian anu teu dicaritakeun. Tapi nurutkeun juru pantunna, bagian ieu téh teu penting;
4 motif ngumbara palaku utama téh disebutkeun hayang jadi raja
pamingpin. Dumasar kana hal nu geus dijéntrékeun di luhur, carita pantun anu baris
ditalungtik téh nya éta carita pantun Badak Pamalang seri ka-9 ti Cisolok Sukabumi.
3.4 Prosédur Analisis Data
Nurutkeun Miles jeung Huberman dina Sugiyono 2009:337, nyebutkeun yén aktipitas dina analisis data kualitatif dipilampah sacara interaktip sarta
lumangsung tuluy-tumuluy nepi ka tuntas. Carita pantun kaasup kana carita buhun anu sipatna naratif. Ku kituna,
pikeun maluruh karakterisasi kapamingpinan dina carita pantun dipuseurkeun kana panalungtikan struktural jeung semiotik. Pikeun ngalarapkeunana eta tiori,
data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.
Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan
Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia
| Repository.Upi.Edu
Bagan 3 Léngkah panalungtikan Léngkah munggaran dina ieu panalungtikan téh nya éta ngumpulkeun
jeung maca carita pantun, terus nangtukeun carita pantun nu rék dianalisis, satuluyna nganalisis ngagunakeun pamarekan struktural jeung semiotik. Sabada
kapanggih karakter kapamingpinana, tuluy dicindekkeun.
Carita Pantun
Karakteristik kapamingpinan
Milih Data
Ngumpulkeun Jeung
maca data
Kacindekan Saran
Tokoh jeung Lalampahanna
Nganalisis data
Dési Éndah Puspitaningsih, 2012 Karakteristik Kapamingpinan
Dina Carita Pantun Badak Pamalang Universitas Pendidikan Indonesia
| Repository.Upi.Edu
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Kabudayaan miboga sipat anu dinamis. Tiap waktu, kabudayaan ngalaman parobahan. Parobahan éta aya nu jadi leuwih punjul batan saencanna, aya ogé anu
ngalaman kamunduran leuwih goréng batan saencanna. Pikeun mikanyaho posisi urang ngalaman kamajuan atawa kamunduran, tangtuna kudu diayakeun
babandingan jeung mangsa nu leuwih ti heula. Teu gampang néangan babandingan antara alam kiwari jeung alam bihari.
Tapi lamun ditengetan, aya salah sahiji jalan pikeun ngabukbak kahéngkéran éta nya ku jalan naliti karya sastra. Karya sastra mémang mangrupa wangun fiksi
imajinér. Tapi wangun jeung eusi sastra pasti kapangaruhan ku situasi jeung kondisi di mangsa harita. Jadi saeutik badagna, tina sastra urang bisa ngobét
fénoména di mangsa bihari. Salah sahiji hasil karya sastra anu umurna kawilang kolot nya éta carita
pantun. Carita pantun mangrupa karya sastra lisan anu dipagelarkeun sapeuting jeput ku ki juru pantun. Carita pantun umumna nyaritakeun lalampahan anak raja
Pajajaran anu ngumbara. Tina carita pantun bisa kagambar kaayaan mangsa Pajajaran. Ti mimiti ilustrasi latar, ilustrasi personal, ilustrasi watek, jsb. Dina
carita pantun ogé ngagambarkeun karakteristik pamingpin mangsa harita, Kumaha babagian pancén gawé ménak-ménak Pajajaran, kumaha lajuna pamaréntahan
mangsa harita.