KARAKTERISTIK KAPAMINGPINANDINA CARITA PANTUN BADAK PAMALANG ULIKAN STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK GRANDINE APARTMENT.

(1)

DAFTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iv

TAWIS NUHUN ... v

DAFTAR EUSI ... vii

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah ... 7

1.2.1 Watesan Masalah ... 8

1.2.2 Rumusan Masalah ... 8

1.3 Tujuan Panalungtikan... 8

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 9

1.5 Struktur Organisasi Panalungtikan ... 10

BAB II TATAPAKAN TÉORI 2.1 Carita Pantun ... 11

2.1.1 Gelarna Carita Pantun ... 11

2.1.2 Cara Magelarkeun Carita Pantun ... 14

2.2 Struktur ... 15

2.2.1 Struktural ... 16

2.2.2 Struktur Naratif Vladimir Proppjeung A.J. Greimas ... 17

2.3 Semiotik ... 23

2.4 Kapamingpinan ... 26

2.4.1 Téori Lahirna Pamingpin ... 28

2.4.2 Sarat-sarat Pamingpin Idéal ... 29

2.4.3 Tipe-tipe Kapamingpinan ... 31


(2)

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Pamarekan, Métode, Téhnik jeung Desain Panalungtikan... 33

3.1.1 Pamarekan Panalungtikan ... 33

3.1.2 Métode Panalungtikan ... 34

3.1.3 Téhnik Panalungtikan... 34

3.1.4 Desain Panalungtikian ... 35

3.2 Wangenan Operasional ... 36

3.3 Prosedur Ngumpulkeun Data. ... 38

3.4 Prosedur Analisis Data ... 40

BAB IV KARAKTERISTIK KAPAMINGPINAN DINA CARITA PANTUN BADAK PAMALANG (Ulikan Struktural jeung Semiotik) 4.1 Ringkesan Carita Pantun Badak Pamalang ... 42

4.2 Analisis Struktur Carita Pantun Badak Pamalang ... 49

4.2.1 Struktur Fungsional Carita Pantun Badak Pamalang Nurutkeun Téori Vladimir Propp ... 50

4.2.1.1 Munding Sanggawati Miang ti Karajaan Pajajaran pikeun Ngumbara 56 4.2.1.2 Munding Sanggawati Meunang Rereged di Pangumbaraan ... 60

4.2.1.3 Lahirna nu Tutulung nya éta Badak pamalang ... 66

4.2.1.4 Munding Sanggawati Jadi Raja di Nusa Bali ... 80

4.2.2 Struktur Carita Pantun Badak Pamalang Nurutkeun Téori Aktansial jeung Fungsional A.J Greimas ... 81

4.3 Analisis Semiotik Carita Pantun Badak Pamalang ... 87

4.3.1 Indéks Ruang ... 87

4.3.2 Indéks Témporal ... 93

4.3.3 Indéks Personal ... 99

4.4 Idéntifikasi Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak Pamalang ... 99


(3)

4.4.2 Carita Pantun Badak Pamalang Ngagambarkeun Démokrasi ... 107

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 109

5.2 Saran ... 111

5.2.1 Pikeun Dunya Atikan ... 112

5.2.3 Pikeun Masarakat Umum ... 112

DAPTAR PUSTAKA ... 113


(4)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Budaya mangrupa eunteungna hiji bangsa. Ajén budaya bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu patali jeung kahirupan manusa. Pikeun maluruh ajén budaya hiji bangsa, bisa ditingali tina rupa-rupa hasil budayana, salah sahijina nya éta sastra. Sastra nu gumelar di hiji daérah bisa ngagambarkeun kahirupan hiji bangsa dina mangsa harita. Sok sanajan teu ngawakilan sakabeh kajadian dina mangsana, tapi kajadian-kajadian dina hiji mangsa boga pangaruh gedé kana carita-carita fiksi nu lahir di sabudeureunana.

Sastra mangrupa hasil rinéka manusa ngagunakeun basa nu éndah pikeun ngedalkeun hiji hal boh pangalaman, ungkapan, pamikiran, atawa rasa. Dina kamekaranana, sastra hususna di Tatar Sunda sumebar ngaliwatan media lisan jeung tinulis. Lamun ningali media pikeun nyebarkeunana, sastra lisan tangtu gumelar leuwih ti heula batan sastra tinulis. Rupa-rupa sastra lisan di antarana baé carita pantun jeung dongéng, sedengkeun rupa-rupa sastra tinulis di antarana wawacan, sajak, carita pondok jeung novel.

Lamun urang bandingkeun umur antara karya sastra lisan nu kasebut di luhur, nyatana carita pantun anu umurna leuwih kolot batan sajak, wawacan, carita pondok jeung novel. Hal ieu bisa dibuktikeun bebeneranana nya éta ku disebutna carita pantun dina naskah Sanghyang Siksakanda ng Karesian (taun 1440 Saka atawa 1518 Maséhi) nu unina saperti kieu: “... hayang nyaho di pantun


(5)

ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya”.

Hartina, “Lamun hayang nyaho ngeunaan pantun, saperti: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi: tanyakeun ka juru pantun.”

Salian ti umurna nu kawilang kolot, carita pantun ogé ngan saukur aya di tatar Sunda. Saperti nu disebutkeun ku Jacob Sumardjo (2009: 58), “... tidak ada

pantun di kebudayaan-kebudayaan lain di Indonesia ini. Ibaratnya pantun adalah cermin budaya Sunda di masa lalunya. Pantun adalah model yang digali dari khazanah budaya masyarakatnya.” Jadi témbong pisan yén carita pantun téh mangrupa gambaran tina budaya urang Sunda. Ku lantaran kitu, lamun hayang apal kana kaayaan mangsa bihari, salah sahijina bisa dipaluruh tina carita pantun.

Pikeun mikaharti ajén budaya nu aya dina carita pantun, tangtu henteu gampang sabab sakapeung aya sawatara basa nu arang langka dipaké dina kahirupan sapopoé. Padahal, loba pisan ajén budaya nu bisa dicangking pikeun conto dina kahirupan urang mangsa kiwari. Misalna waé perkara adab-adaban sapopoé, sistem kapamaréntahan, perjuangan pikeun ngahontal udagan hirup atawa karakter-karakter manusa nu hadé jeung goréng.

Carita Pantun téh nya éta carita anu dilalakonkeun dina pantun (Rosidi, 1983:32). Dina cara nyebarkeunana, juru pantun nyaritakeun sacara langsung lalakon pantun ka muridna (teu ngagunakeun media tulis) tur pikeun ngapalkeunana ogé ngan saukur ngandelkeun ingétan. Matak teu héran lamun aya rupa-rupa vérsi dina hiji judul carita pantun. Padahal carita pantun miboga harti nu jero pikeun kahirupan urang Sunda. Sakumaha nu diébréhkeun ku Rosidi


(6)

(1983: 43) yén lalakon pantun anu mangrupa maniféstasi jiwa Sunda buhun némbongkeun jiwa jeung kapercayaan pakumbuhan anu ngahasilkeunana. Malah lian ti éta dina carita pantun kagambar kajembaran jiwa Sunda nu bébas merdika, saméméh dijajah deungeun.

Jejer dina carita pantun nya éta nyaritakeun ngeunaan tokoh-tokoh budaya Sunda nu bihari. Paripolah jeung carita hirup tokoh éta mangrupa eunteung sosial pikeun masarakat. Biasana, nu jadi tokoh utama téh nya éta ménak karajaan Pajajaran, ménak karajaan Galuh atawa bisa ogé pahlawan-pahlawan nu dianggap boga jasa dina mangsa éta.

Clifford Geertz dina Sumardjo (2009: 57), nyebutkeun yén mitos téh nya éta étos sosial. Salian ti éta, Greetz ogé nyebutkeun yén budaya mah miboga makna ganda, nya éta model pikeun jeung model ti. Dina hal ieu, pantun nya éta modél budaya pikeun masarakat Sunda, jeung sabalikna pantun ogé mangrupa modél nu datangna ti urang Sunda.

Dina sawatara carita pantun, nyaritakeun ngeunaan lalampahan anak raja nu rék jadi raja. Biasana digambarkeun prosés nu karandapan ku calon raja nyanghareupan heula rupa-rupaning ujian saencan jumeneng jadi raja. Lain ukur dipeuseuk sacara lahir, calon raja ogé dipeuseuk batinna. Malah aya di sababaraha carita anu nyaritakeun yén calon raja téh tiwas dina ngajalankeun misina tuluy dihirupkeun deui pikeun nganggeuskeun misina. Ujian-ujian nu disanghareupan ku calon raja éta miboga udagan sangkan calon raja bisa ngabogaan sikep nalika


(7)

nyanghareupan masalah anu karandapan atawa bisa nyieun kaputusan sacara adil nalika masa pamaréntahanna.

Tina guaran di luhur, katitén yén urang Sunda miboga kritéria pamingpin nu dipikahayang tur digambarkeun dina carita pantun. Gambaran pamingpin dina carita pantun anu kudu ngaliwatan rupa-rupaning ujian dina kahirupan saencan jumeneng, jauh pisan lamun dibandingkeun jeung prosés jenengna pamingpin di alam ayeuna.

Mangsa kiwari mah, teu kudu ngarasaan ngumbara tur ngarasaan susahna kahirupan jadi rahayat heula pikeun jadi pamingpin téh. Cukup wé ku babandingan sora nu leuwih loba dina pemilihan umum. Hal ieu tangtu ngajadikeun ayana bébédaan motif dina prosés jeung udagan jadi pamingpin. Ahirna loba pamingpin anu teu bisa ngokolakeun kakawasaanna sacara bener. Ningali bébédaan éta, otomatis istilah-istilah dina kapamingpinan gé béda harti. Démokratis di mangsa bihari tangtu béda jeung démokratis di mangsa kiwari. Pon kitu deui otokratik di jaman harita, béda jeung otokratik di jaman kiwari.

Di jaman bihari, démokratis téh bener-bener ngagunakeun sistem ti rahayat, ku rahayat, jeung pikeun rahayat. Sok sanajan arang ditémbongkeun langsung yén kakawasaan raja téh digerakkeunna ku rahayat tapi sok disebutkeun yén raja téh miboga patih (pikeun méré tinimbangan dina nyieun kaputusan) jeung panglima perang (nu ngatur pertahanan nagara). Di dieu, katémbong yén nu jadi raja téh kudu iceus kana poténsi nu dipiboga ku rahayatna sangkan nagara tentrem. Dina nyieun kaputusan, disebutkeun yén raja téh sok musawarah heula.


(8)

Tapi aya ogé bagian raja kudu ngaluarkeun hak otoritasna nya éta dina situasi anu kasedek.

Di mangsa kiwari mah, perangkat negara kaitung loba tur digembar-gembor yén sistem kapamaréntahan nagri téh démokrasi. Tapi dina enas-enasna mah sistem ieu teu lumangsung. Para pamingpin ngagunakeun pinuh otoritasna nepi ka kawijakan ti hiji instansi jeung instansi lianna sakapeung sok béntrok. Hal ieu didasaran ku kapentingan séwang-séwangan. Musawarah mupakat sakapeung geus teu bisa dijadikeun solusi dina nyieun kaputusan. Aspirasi rahayat gé ngan saukur ditampung bari euweuh lajuning lakuna.

Béda jeung pamingpin anu dituliskeun dina carita pantun. Calon raja kudu ngalaman ngumbara tur dipeuseuk lahir batin heula saencan jadi raja. Dina pangumbaraanna, calon raja bisa ngarasakeun kumaha rasana jadi rahayat. Sacara teu langsung, raja bakal méré kawijakan anu leuwih adil pikeun rahayatna.

Kaayaan pamingpin anu saperti di luhur, ngabalukarkeun masarakat Indonésia umumna cangcaya kana kawijakan-kawijakan nu dikaluarkeun ku pamingpin. Masarakat kiwari loba teu percaya ka nu mingpinna. Teu saeutik masarakat nu ngarasa kuciwa sabab boga rasa dipingpin ku pamingpin nu teu bisa nyepengan amanah sarta sering jalir kana jangjina. Matak teu heran lamun kiwari loba masarakat nu geus embung nurut kana aturan nu ditetepkeun ku pamarentah.

Di saban poé, loba pisan warta-warta anu ngadadarkeun kalicikan-kalicikan pamingpin di nagri urang. Ampir di unggal média, masarakat sering nyebutkeun harepanna pikeun dipingpin ku jalma anu hadé ahlakna. Masarakat


(9)

nganti-nganti pisan pamingpin anu bisa ngatur nagara sacara wijaksana sangkan nagara bisa leuwih tingtrim. Ku kituna, kudu aya kriteria nu jelas pikeun nangtukeun pamingpin.

Sabada dibaca kalawan gemet, pantun Sunda méré informasi ngeunaan harepan pikeun dipingpin ku pamingpin nu luyu jeung kritériana. Sakabéh gambaran kritéria kapamingpinan dina carita pantun, bisa jadi tatapakan para calon pamingpin sangkan bisa ngokolakeun kakawasaanna sacara bener ku cara ngamangpaatkeun ajén-inajén kaluhungan pamingpin nu aya dina carita pantun.

Salila ieu mémang geus loba panalungtikan perkara carita pantun di antarana saperti nu disebutkeun di handap.

a) “Struktur Carita Pantun” ku Iskandarwassid (1977);

b) Struktur Carita Pantun Sunda (Alur) ku Tini Kartini, Spk. (1984);

c) Transformasi Sastra Analisis atas Cerita Rakyat “Lutung Kasarung” ku Pudentia M.P.S.S. (1992);

d) Analisis Motif dan Leitmotif Cerita Pantun Sunda ku Idat Abdulwahid

saparakanca (1998);

e) Transformasi Sanghyang Jagatrasa: Transformasi antara Kelisanan dan Keberaksaraan (Analisis Struktur, Semiotik dan Edisi Teks) nu mangrupa

disertasi Dedi Koswara (2007);

f) Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda Tafsir-tafsir pantun Sunda ku Jacob


(10)

g) “Cerita Pantun Mundinglaya Dikusumah: Analisis Struktur Naratif Vladimir Propp” ku Retty Isnéndés (2010).

Sok sanajan loba panalungtikan ngeunaan carita pantun, tapi can aya panalungtikan anu husus nalungtik ngeunaan karakteristik kapamingpinan dina carita pantun.

Dumasar kana kasang tukang di luhur panalungtikan ngeunaan “Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak Pamalang (Ulikan Struktural jeung Semiotik)” penting pikeun dilaksanakeun.

1.2 Identifikasi Masalah

Sakumaha anu karandapan kiwari, arang langka pamingpin anu teu rumasa gumedé jeung ngiblat kana rupa-rupa hal nu sipatna duniawi. Nepi ka loba pamingpin nu ngarasa sagala hal bisa dibeuli ku kakawasaan. Hal ieu ngajadikeun lobana masarakat Indonesia nu hayang jadi pamingpin tur daék ngagunakeun jalan naon waé ogé pikeun ngahontal udaganana. Boh jalan nu hadé, boh jalan nu teu hadé.

Fénoména ieu ngamunculkeun asumsi négatif ti masarakat nepi ka ahirna kapercayaan masarakat ka pamingpin téh luntur. Lain ukur kitu, rasa ngajénan tur bakti masarakat gé teu pati témbong kiwari mah. Lain pédah parobahan jaman wungkul, tapi ogé karakter pamingpin nu teu luyu jeung harepan masarakat.


(11)

1.2.1 Watesan Masalah

Kalawan nekenkeun kana pasualan sakumaha idéntifikasi di luhur, ieu panalungtikan téh baris diwatesanan ku ulikan struktur naratif Propp jeung ulikan aktansial Greimas nu ngabaladah fungsi carita sarta pergerakan carita dina carita pantun sangkan katingali bagian-bagian carita anu nuduhkeun paripolah calon pamingpin salila ngumbara jeung semiotik Pierce (indéks dina carita pantun) nu ngabaladah paripolah jeung gejala-gejala kajadian dina carita pantun nu némbongkeun karakter kapamingpinan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Pasualan nu rék ditalungtik dirumuskeun sakumaha di handap ieu.

1) Kajadian-kajadian naon waé anu karandapan ku palaku utama pikeun ngahontal udagan sangkan jadi pamingpin?

2) Tanda semiotik naon baé anu bisa disurahan tina kajadian atawa peristiwa nu karandapan ku tokoh?

3) Kumaha karakter palaku utama sabada ngarandapan rupa-rupa kajadian nurutkeun téori kapamingpinan?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan téh miboga udagan pikeun ngaidéntifikasi ma’na kajadian dina lalampahan jalma pikeun ngahontal jadi pamingpin tur niténan hasil tina rupa-rupa kajadian éta anu nyimbolkeun karakter


(12)

dina dirina. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun:

1) kajadian-kajadian dina lalampahan palaku utama Carita Pantun;

2) tanda –tanda anu sacara semiotik kaungkab tina kajadian atawa fénoména nu karandapan ku tokohna;

3) karakteristik kapamingpinan dumasar kana tindakan nu dipilampah ku palaku utama.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun ngungkab karateristik pamingpin anu digambarkeun dina carita pantun. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di handap.

1) pikeun sakumna masarakat, bisa jadi référénsi pikeun mikawanoh kritéria kapamingpinan Sunda mangsa bihari tur bisa ngamalkeun karakter nu dianggap positif tur masih luyu jeung kaayaan jaman;

2) pikeun dunya politik, bisa dijadikeun babandingan jeung kaayaan kiwari tur bisa mawa bagéan-bagéan nu perlu jadi eunteung nalika mingpin rahayat; 3) pikeun dunya atikan, bisa dijadikeun tatapakan boh ku guru, boh ku siswa


(13)

1.5 Struktur Organisasi Panalungtikan

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan sistematika saperti di handap.

BAB I Bubuka, mertélakeun perkara kasang tukang, idéntifikasi masalah, watesan jeung rumusan pasualan, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi panalungtikan.

BAB II Tatapakan téori, ngadadarkeun sajumlahing konsép poko anu dijadikeun tatapakan pikeun analisis pasualan anu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung téori. Sawangan anu didadarkeun ngawengku téori perkara carita pantun sarta pamarekan struktural jeung sémiotik.

BAB III Métodologi Panalungtikan, mertélakeun perkara métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, definisi operasional, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, prosédur analisis data.

BAB IV Karakteristik Kapamingpinan Sunda dina Carita Pantun Badak Pamalang (Ulikan Struktural jeung Semiotik), ngadadarkeun hasil analisis data anu dijadikeun sampel dina ieu panalungtikan jeung pedaranana dumasar kana pamarekan struktural jeung sémiotik.

BAB V Kasimpulan jeung Saran, mertélakeun kacindekan tina hasil analisis anu dipedar dina bab saméméhna, jeung sawatara saran anu dianggap penting pikeun panalungtikan lianna.


(14)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Pamarekan, Métode, Téhnik Panalungtikan jeung Désain Panalungtikan

3.1.1 Pamarekan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan anu nga-gunakeun pamarekan kualitatif.

Panalungtikan kualitatif boga maksud pikeun maham fénomena (kajadian) nu kaalaman ku subjek panalungtikan misalna sipat, sikep, ajén-inajén, jsb. Dina hal ieu, panalungtikan kualitatif leuwih mentingkeun prosésna batan hasilna. Sabab dina prak-prakanna, panalungtik kualitatif kudu nilik hiji permasalahan kalawan gemet sangkan hasil dina éta panalungtikan bisa leuwih maseuk kana tujuan jeung watesan panalungtikan.

Jack R. Fraenkel jeung Norman E. Wallen (2007: 422) nétélakeun:

“Research studies that investigate the quality of relationships, activities, situations, or materials are frequently referred to as qualitative research. This type of research differs from the methodologies discussed in earlier chapters in that there is a greater emphasis on holistic description-that is, on describing in detail all of what goes on in a particular activity or situation rather than on comparing the effects of a particular treatment (as in experimental research), say, or on describing the attitudes or behaviors

of people (as in survey research).”

Salian ti Jack R. Fraenkel jeung Norman E. Wallen, Sugiyono (2009:9), nyebutkeun yén métode kualitatif teh nya éta métode panalungtikan nu dumasar kana filsafat postpositivisme, dipaké pikeun nalungtik kondisi objék nu alamiah. Panalungtik mangrupa instruménna. Téhnik ngumpulkeun datana sacara


(15)

triangulasi, analisisna boga sipat induktif jeung métode kualitatif dipaké pikeun meunangkeun data anu miboga makna jero.

Dumasar kana pamarekan di luhur, sarta pikeun meunangkeun karasteristik kapamingpinan Sunda, puseur ieu panalungtikan nekenkeun kana perkara struktur carita, makna, sarta idéntifikasi karakteristik pamingpin dina carita pantun.

3.1.2 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), métode déskriptif mangrupa métode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan, patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna. Tangtu waé carita pantun bakal leuwih kaguar ajén-inajénna ku ngagunakeun métode ieu sabab carita pantun miboga wangun naratif nu bisa dibaladah tur dipaparkeun sacara déskriptif.

3.1.3 Téhnik Panalungtikan

Sedengkeun téhnik panalungtikan anu digunakeun ngawengku talaah pustaka, jeung analisis wacana. Téhnik talaah pustaka jeung analisis wacana digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya patalina jeung pasualan nu ditalungtik. Ku ngagunakeun téhnis analisis wacana, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis sarta diteuleuman eusina nepi kapanggih hubungan jeung jejer pasualan anu ditalungtik. Karakteristik kapamingpinan Sunda dina carita pantun téh dianalisis dumasar pamarekan Struktural jeung


(16)

semiotik. Tuluy dilenyepan, ditafsirkeun, sarta ahirna dima’naan kalawan dipatalikeun jeung aspek motif sarta aspek sosial budaya.

3.1.4 Désain Panalungtikan

Karakteristik kapamingpinan Sunda museurkeun panalungtikan kana carita pantun kalawan wéngkuan saperti di handap.

Gb. 2 Bagan Raraga panalungtikan

Tina gambar 1 di luhur, katitén yén dina ieu panalungtikan téh, budaya nu jadi dasar pamianganana. Hasil kabudayaan téh nya éta carita pantun. Dina jero carita pantun aya palaku tur kajadian/fénomena. Palaku dianalisis ngagunakeun pamarekan struktural naratif Vladimir Propp jeung aktansial Greimas sedengkeun fénoména-fénoména dianalisis ngagunakeun pamarekan semiotik Pierce nepi ka kaungkab karakteristik kapamingpinan nu kagambar dina carita pantun.

KABUDAYAAN

CARITA PANTUN

Kajadian/ Fenomena Palaku utama

jeung udaganna

Struktural Vladimir Propp jeung Greimas

Semiotika Pierce

KARAKTERISTIK KAPAMINGPINAN


(17)

3.2 Wangenan Operasiolnal

Sangkan leuwih maham sarta nyindekel kana tujuan panalungtikan, perlu ayana wangenan operasional anu patalina jeung judul panalungtikan saperti dihandap.

1. Karakteristik Kapamingpinan Sunda

Karakteristik asal kecapna tina karakter atawa dina basa Inggris character nu hartina watek, peran, huruf (Echols dan Shadily, 1982:107). Karakteristik sacara husus mangrupa gambaran tina watek hiji hal.

Kapamingpinan éta jalma anu bisa mawa pangaruh sarta boga kakuatan pikeun ngatur, ngararancang, jeung nunjukeun jalan pikeun ngahontal udagan dina hiji kelompok.

Sunda, nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, Lembaga Basa jeung sastra Sunda (LBSS) nya éta,

a) Ngaran salah sahiji daerah di basisir Malabar (India);

b) Ngaran salah sahiji sélér bangsa Indonesia nu nyicingan daérah Jawa Barat.

Jadi panalungtikan ieu miboga tujuan pikeun medar watek pamingpin nu aya di tatar Sunda. Sok sanajan teu témbong sacara gembleng, tapi bisa diidéntifikasikeun ngaliwatan paripolah manusa nu digambarkeun dina sastra.


(18)

2. Carita Pantun

Carita pantun nya éta carita nu biasa dilalakonkeun ku juru pantun dina pargelaran ritual nu disebut mantun. Nurutkeun kabisaaan mah pagelaran mantun téh lumangsungna méh sapeuting jeput, ti mimiti ba’da Isya nepi ka subuh.

Nurutkeun Sumardjo, pantun teu bisa dicaritakeun sagawayahna. Pantun dicaritakeun dina hiji situasi ritual, tempat ritual, waktu ritual, jeung tema ritual. Tema ritual nu biasa dicaritakeun nya éta para pahlawan Sunda di jaman baheula (2009:50). Paripolah jeung kahirupanana mangrupa conto pikeun kahirupan masarakat Sunda kiwari.

Dina jero pantun kagambar harepan-harepan urang Sunda pikeun kahirupannana. Tokoh-tokoh pantun mangrupa gambaran idéal pikeun masarakat. Ku kituna pantun bisa dijadikeun tatapakan pikeun mikawanoh harepan jeung pamikiran idéal di mangsa harita.

3. Struktural

Struktural asal kecapna tina struktur. Struktur nya eta susunan unsur-unsur inti tina hiji barang. Struktur tina carita hartina susunan unsur anu ngawangun hiji carita. Nurutkeun strukturalis, sastra téh nya éta téks nu diwangun ku bagian-bagian intrinsik nu boga gantar kakaitan.

Struktural dipaké pikeun ngajujut unsur nu ngawengku dina carita pantun, sangkan katémbong bagian-bagian nu ngawangun carita pantun.


(19)

4. Semiotik

Semiotik nya éta studi ngeunaan tanda, jeung sagala rupa nu aya patalina jeung hal tadi: cara fungsina, hubunganna jeung tanda-tanda lian, pangirimna, jeung nu narimana.

Nurutkeun Peirce, makna tanda nu sabenerna nya éta ngungkabkeun hiji hal (representmen). Naon anu diungkabkeun ku tanda, naon anu diacuna, nu ditunjukeunana, disebut objék (1996: 7).

Dina prinsipna, aya tilu hubungan antara tanda jeung acuan. (1) Hubungan tanda jeung acuan bisa mangrupa kamiripan; tanda nu siga kitu disebutna ikon. (2) Hubungan nu timbul sabab ayana éksisténsi tur disebut indéks. (3) Hubungan anu geus konvénsional anu disebut simbol.

Téori sémiotika digunakeun pikeun ngagambarkeun karakter tina tokoh-tokoh nu aya dina carita pantun kalawan écés.

3.3 Prosedur Ngumpulkeun Data

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta carita pantun anu geus ditranskripsi ku Ajip Rosidi ti sababaraha wewengkon (Proyék Penelitian Pantun & Foklore Sunda) anu medal dina taun1973.

Hasil transkripsi ieu sakabéhna aya 16 judul. Sedengkeun jumlah carita pantun hasil transkripsi nu kapanggih lobana aya 10 judul, nya éta 1) Badak

Pamalang (Cisolok, Sukabumi), 2) Budak Mandjor (Situraja, Sumedang), 3) Bujang Pangalasan (Tegal datar Pabuaran Sukabumi), 4) Buyut Orenyéng


(20)

Panyarikan (lebakwangi, Kuningan), 7) Lutung Leutik (Lebakwangi, Kuningan),

8) Munding Kawati (Banggala, Subang), 9) Radén Tandjung (Cisolok, Sukabumi), 10) Sri Sadana atawa Sulandjana (Situraja, Sumedang).

Tina 10 judul carita pantun nu kapanggih, dipilih hiji sampel anu luyu jeung kriteria panalungtikan sarta bisa diinterprétasikeun kana carita lianna. Sumardjo (2009: 60), nétélakeun yén pantun-pantun Cisolok jeung Priangan mangrupa pantun nu paling éndah jeung hadé dina cara nangtukeun strukturna.

Sabada maca sababaraha judul carita pantun, kagambar motif-motif palaku utama nalika rék ngumbara. Aya motif anu lalobana dipaké dina carita pantun nya éta miangna palaku pikeun néangan pipamajikaneun nu ahirna palaku utama tetep-tumetep di karajaan istrina. Tapi aya hal nu béda dina carita pantun Badak

Pamalang. Motif keberangkatan palaku utama ti Pajajaran disebutkeun hayang

tulus jadi ratu hayang waluya jadi ménak. Sok sanajan dina enas-enasna mah Munding Sanggawati (palaku utama dina carita pantun Badak Pamalang) bakal manggihan jodo tur jadi raja di Nusa Bali, tapi teu kungsi disebutkeun sakali ogé yén Munding Sanggawati miang alatan rék néang jodo. Jadi unsur pinanggih jeung pijodoeunna téh mangrupa unsur tambahan tina tujuan palaku anu hayang jadi pamingpin.

Salian ti éta aya sababaraha hal ogé anu ngajadikeun carita pantun ieu ngirut pikeun ditalungtik nya éta:

1) latar tempat dina carita pantun ieu téh béda jeung carita pantun lianna nya éta nyaritakeun lalampahan tokoh utama di laut;


(21)

2) Badak Pamalang mangrupa carita pantun nu pangpanjangna nepi ka teu tamat sapeuting dicaritakeunana. Dina normalna mah ieu carita téh bisa tamat tilu peuting tapi kusabab pikeun panalungtikan diringkes jadi dua peuting;

3) kusabab panjang, aya bagian-bagian anu teu dicaritakeun. Tapi nurutkeun juru pantunna, bagian ieu téh teu penting;

4) motif ngumbara palaku utama téh disebutkeun hayang jadi raja (pamingpin).

Dumasar kana hal nu geus dijéntrékeun di luhur, carita pantun anu baris ditalungtik téh nya éta carita pantun Badak Pamalang seri ka-9 ti Cisolok Sukabumi.

3.4 Prosédur Analisis Data

Nurutkeun Miles jeung Huberman dina Sugiyono (2009:337), nyebutkeun yén aktipitas dina analisis data kualitatif dipilampah sacara interaktip sarta lumangsung tuluy-tumuluy nepi ka tuntas.

Carita pantun kaasup kana carita buhun anu sipatna naratif. Ku kituna, pikeun maluruh karakterisasi kapamingpinan dina carita pantun dipuseurkeun kana panalungtikan struktural jeung semiotik. Pikeun ngalarapkeunana eta tiori, data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.


(22)

Bagan 3 Léngkah panalungtikan

Léngkah munggaran dina ieu panalungtikan téh nya éta ngumpulkeun jeung maca carita pantun, terus nangtukeun carita pantun nu rék dianalisis, satuluyna nganalisis ngagunakeun pamarekan struktural jeung semiotik. Sabada kapanggih karakter kapamingpinana, tuluy dicindekkeun.

Carita Pantun

Karakteristik

kapamingpinan

Milih Data

Ngumpulkeun Jeung

maca data

Kacindekan & Saran Tokoh jeung

Lalampahanna

Nganalisis data


(23)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kabudayaan miboga sipat anu dinamis. Tiap waktu, kabudayaan ngalaman parobahan. Parobahan éta aya nu jadi leuwih punjul batan saencanna, aya ogé anu ngalaman kamunduran (leuwih goréng batan saencanna). Pikeun mikanyaho posisi urang ngalaman kamajuan atawa kamunduran, tangtuna kudu diayakeun babandingan jeung mangsa nu leuwih ti heula.

Teu gampang néangan babandingan antara alam kiwari jeung alam bihari. Tapi lamun ditengetan, aya salah sahiji jalan pikeun ngabukbak kahéngkéran éta nya ku jalan naliti karya sastra. Karya sastra mémang mangrupa wangun fiksi (imajinér). Tapi wangun jeung eusi sastra pasti kapangaruhan ku situasi jeung kondisi di mangsa harita. Jadi saeutik badagna, tina sastra urang bisa ngobét fénoména di mangsa bihari.

Salah sahiji hasil karya sastra anu umurna kawilang kolot nya éta carita pantun. Carita pantun mangrupa karya sastra lisan anu dipagelarkeun sapeuting jeput ku ki juru pantun. Carita pantun umumna nyaritakeun lalampahan anak raja Pajajaran anu ngumbara. Tina carita pantun bisa kagambar kaayaan mangsa Pajajaran. Ti mimiti ilustrasi latar, ilustrasi personal, ilustrasi watek, jsb. Dina carita pantun ogé ngagambarkeun karakteristik pamingpin mangsa harita, Kumaha babagian pancén gawé ménak-ménak Pajajaran, kumaha lajuna pamaréntahan


(24)

Lamun nyaritakeun ngeunaan karakter kapamingpinan, tangtu waé sakabéh masarakat boga sawangan jeung harepan anu moal bisa dibéjérbéaskeun sakabéhna. Komo di alam ayeuna. Masarakat geus teu percaya ka pamingpinna. Hal ieu disababkeun calon pamingpin téh teu wanoh kana kritéria jeung cara mingpin nu dilaksanakeun ku luluhurna.

Ku kituna, dina ieu panalungtikan diguar perkara karakter kapamingpinan dina carita pantun anu bisa ngagambarkeun kaayaan pamingpin dina mangsa harita. Pikeun leuwih nyoko kana perkara kapamingpinan, carita nu dipaké objék panalungtikan téh nya éta carita pantun Badak Pamalang sabab dicaturkeun niat miangna palaku utama téh pikeun jadi pamingpin nu hadé.

Sabada diulik kalawan gemet tur dijujut sacara struktural nurutkeun Vladimir Propp, kapanggih 37 fungsi carita anu dibagi jadi 4 bagian nya éta: (1) Munding Sanggawati miang ti karajaan Pajajaran pikeun nguncang ngumbara, (2) Munding Sanggawati meunang ujian di pangumbaraan, (3) datangna nu tutulung nya éta Badak Pamalang, jeung (4) Munding Sanggawati jadi Raja di Nusa bali. Tina jujutan struktural di luhur, carita pantun Badak Pamalang dianalisis deui ku téori aktansial Greimas nu némbongkeun galur palaku utama dina lalampahanna. Disebutkeun yén anu ngagerakeun carita téh nya éta motivasi Munding Sanggawati pikeun jadi pamingpin, anu jadi méré tutulung dina ieu carita nya éta Ua Eudeum Jaya, Si Colat Emas, Badak Pamalang jeung Si Kentri Haji, sedengkeun nu ngahalangan Munding Sanggawati dina ngahontal udaganana nya éta Naga Bali, Munding Rarangin jeung Badak Rarangin.


(25)

Tina ulikan struktur éta, kapanggih indéks semiotik nurutkeun téori Pierce. Indéks ruangna ngawengku Pajajaran, Cirebon Girang jeung Nusa Bali, indéks témporalna na ngawengku poé jumaah tengah poé jeung indéks pesonalna ngawengku Munding Sanggawati, Badak Badak Pamalang, Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung.

Tina analisis struktural jeung semiotik katangén yén Munding Sanggawati miboga sikep pamingpin saperti asak pikir, kuat fisik, sadar tur tumarima kana kasalan nu geus dilakukeun sarta boga tékad kuat pikeun ngahontal udagan.

Salian ti kapanggih karakter nu kawengku dina diri Munding Sanggawati, carita pantun Badak Pamalang ogé negeskeun yén pamingpin di Sunda jaman harita geus ngagunakeun sistem demokratis. Sok sanajan raja boga kakuasaan nu gedé pikeun maréntah, tapi raja nyieun babagian pancén gawé pikeun jalma-jalma nu boga poténsi di widangna. Demokrasi mangsa ieu méré gambaran yén pagawéan nu dilakukeun babarengan luyu jeung tugasna bakal leuwih hadé hasilna.

5.2 Saran

Sabada nalungtik “Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak

Pamalang (Ulikan Struktural jeung Semiotik)”, panalungtik miharep ayana

kamangpaatan tina ieu panalungtikan. Salian ti éta, panalungtik nyarankeun saperti di handap.


(26)

5.2.1 Pikeun Dunya Atikan

Tina hasil ieu panalungtikan, panalungtik miharep:

a) hasil panalungtikan ieu bisa dijadikeun salah sahiji alternatif rujukan dina pangajaran kapamingpinan;

b) pikeun juru atik, panalungtikan ieu bisa jadi cecekel pikeun maham cara masing-masing episode dina carita pantun;

c) panalungtikan ieu bisa jadi conto pikeun maham carita pantun tur panglarapan ajén-inajénna kapamingpinan dina widang atikan.

5.2.2 Pikeun Masarakat Umum

Pikeun masarakat umum panalungtik miharep:

a) ieu panalungtikan bisa jadi sumber pamahaman masarakat ngeunaan karakteristik kapamingpinan Sunda nu idéal tur masih bisa dilarapkeun di jaman kiwari;

b) ieu panalungtikan bisa jadi référénsi pikeun panalungtik sastra lianna nu rék ngaguar masalah carita pantun boh strukturna, semiotikna, atawa ajén-inajénna;

c) Aya panalungtikan lianna anu kataji kana carita pantun tur ngayakeun panalungtikan anu leuwih lega.


(27)

DAFTAR PUSTAKA

Abdulwahid, Idat dkk. 1998. Analisis Motif dan Leitmotif Cerita Pantun Sunda. Jakarta: Depdikbud.

Adiwijaya. 1966. Kasoesastraaan Soenda II. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, Suharsimi. 1996. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Barnes, Tony. 1998. Kaizen Strategies for Successful Leadership. Batam: Interaksara.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danasasmita, saleh dkk. 1987. Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang

Karesian, Amanat Galunggung Transkripsi dan Terjemahan. Bandung:

Sundanologi.

Danesi, Marcel. 2012. Pesan, Tanda, dan Makna. Yogyakarta: Jalasutra.

Danim, Sudarwan. 2004. Motivasi Kepemingpinan dan Efektifitas Kelompok. Jakarta: Rineka Cipta.

Eagleton, Terry. 2007.Teori Sastra Sebuah Pengantar Komprehensif. Yogyakarta: Jalasutra.

Ekadjati, S. Edi. 1995. Kebudayaan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra

Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

J. Starratt, Robert. 2011. Menghadirkan Pemimpin Visioner. Yogyakarta: Kanisius.


(28)

Kartini, Tini. 1984. Struktur Carita Pantun Sunda: Alur. Jakarta: Depdikbud. Koentjaraningrat. 1992. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT.

Gramedia.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Koswara, Dedi. 2007. Carita Pantun Sanghyang Jagatrasa: Transformasi Antara

Kelisanan dan Keberaksaraan (Analisis Struktur, Semiotik dan Edisi teks).

Disertasi Doktor pada Program Pasca Sarjana UNPAD: tidak diterbitkan. LBSS. 1976. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Lubis, Muchtar. 2008. Manusia Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. Lubis, Nina H. 1998. Kehidupan Kaum Menak Priangan 1800-1942.

Makalah.Bandung: Pusat Informasi Kebudayaan Sunda.

Minderoup, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Mustafa, Abdullah ed. 1979. Kuring Jadi Pengarang jeung Sawatara Ceramah

Lianna. Bandung: PPSS.

Pudentia. 1998. Transformasi Sastra Analisis Carita Lutung Kasarung. Jakarta: Balai Pustaka.

Pudentia ed, 2008. Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan.

Rosidi, Ajip. 1971. Badak Pamalang. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.


(29)

Rosidi, Ajip. 1971. Budak Manjor. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Budjang Pangalasan. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Buyut Orenyeng. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Gantangan Wangi. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Kembang Panyarikan. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Lutung Leutik. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. M. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Sri Sadana atau Sulandjana. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1966. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Rosidi, Ajip. 1971. Raden Tandjung. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda

dan Foklore Sunda.

Ruhaliah. 2010. Sajarah Sunda Samemeh Taun 1945. Bandung: JPBD FPBS UPI. Rusyana, Rus dkk. 1997. Ensiklopedi Sastra Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan

Pengembangan Bahasa.


(30)

Rusyana, Rus. 1996. Tuturan Tentang Pencak Silat dalam Tradisi Lisan. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Bandung: Ganaco.

Sukmadinata, Prof. Dr. Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono, Prof. Dr. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif,

Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumardjo, Jakob. 2009. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda tafsir-tafsir pantun

sunda. Bandung: Kelir.

Sumardjo, Jakob. 2011. Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Teeuw, A. 1991. Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. Tisnawati Sule, Ernie . 2010. Animal Leadership. Jakarta: Aksara.

Van, Aart Zoest jeung Panuti Sudjiman. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pusaka Utama.

Van Luxemburg, Jan dkk. 1992. Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia. ---. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press:

Jurusan Pendidikan bahasa Daeraah FPBS UPI


(1)

Tina ulikan struktur éta, kapanggih indéks semiotik nurutkeun téori Pierce. Indéks ruangna ngawengku Pajajaran, Cirebon Girang jeung Nusa Bali, indéks témporalna na ngawengku poé jumaah tengah poé jeung indéks pesonalna ngawengku Munding Sanggawati, Badak Badak Pamalang, Gelap Nyawang jeung Kidang Pananjung.

Tina analisis struktural jeung semiotik katangén yén Munding Sanggawati miboga sikep pamingpin saperti asak pikir, kuat fisik, sadar tur tumarima kana kasalan nu geus dilakukeun sarta boga tékad kuat pikeun ngahontal udagan.

Salian ti kapanggih karakter nu kawengku dina diri Munding Sanggawati, carita pantun Badak Pamalang ogé negeskeun yén pamingpin di Sunda jaman harita geus ngagunakeun sistem demokratis. Sok sanajan raja boga kakuasaan nu gedé pikeun maréntah, tapi raja nyieun babagian pancén gawé pikeun jalma-jalma nu boga poténsi di widangna. Demokrasi mangsa ieu méré gambaran yén pagawéan nu dilakukeun babarengan luyu jeung tugasna bakal leuwih hadé hasilna.

5.2 Saran

Sabada nalungtik “Karakteristik Kapamingpinan dina Carita Pantun Badak

Pamalang (Ulikan Struktural jeung Semiotik)”, panalungtik miharep ayana

kamangpaatan tina ieu panalungtikan. Salian ti éta, panalungtik nyarankeun saperti di handap.


(2)

5.2.1 Pikeun Dunya Atikan

Tina hasil ieu panalungtikan, panalungtik miharep:

a) hasil panalungtikan ieu bisa dijadikeun salah sahiji alternatif rujukan dina pangajaran kapamingpinan;

b) pikeun juru atik, panalungtikan ieu bisa jadi cecekel pikeun maham cara masing-masing episode dina carita pantun;

c) panalungtikan ieu bisa jadi conto pikeun maham carita pantun tur panglarapan ajén-inajénna kapamingpinan dina widang atikan.

5.2.2 Pikeun Masarakat Umum

Pikeun masarakat umum panalungtik miharep:

a) ieu panalungtikan bisa jadi sumber pamahaman masarakat ngeunaan karakteristik kapamingpinan Sunda nu idéal tur masih bisa dilarapkeun di jaman kiwari;

b) ieu panalungtikan bisa jadi référénsi pikeun panalungtik sastra lianna nu rék ngaguar masalah carita pantun boh strukturna, semiotikna, atawa ajén-inajénna;

c) Aya panalungtikan lianna anu kataji kana carita pantun tur ngayakeun panalungtikan anu leuwih lega.


(3)

DAFTAR PUSTAKA

Abdulwahid, Idat dkk. 1998. Analisis Motif dan Leitmotif Cerita Pantun Sunda. Jakarta: Depdikbud.

Adiwijaya. 1966. Kasoesastraaan Soenda II. Jakarta: Balai Pustaka.

Arikunto, Suharsimi. 1996. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta.

Barnes, Tony. 1998. Kaizen Strategies for Successful Leadership. Batam: Interaksara.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Danasasmita, saleh dkk. 1987. Sewaka Darma, Sanghyang Siksa Kandang Karesian, Amanat Galunggung Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Sundanologi.

Danesi, Marcel. 2012. Pesan, Tanda, dan Makna. Yogyakarta: Jalasutra.

Danim, Sudarwan. 2004. Motivasi Kepemingpinan dan Efektifitas Kelompok. Jakarta: Rineka Cipta.

Eagleton, Terry. 2007.Teori Sastra Sebuah Pengantar Komprehensif. Yogyakarta: Jalasutra.

Ekadjati, S. Edi. 1995. Kebudayaan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya.

Iskandarwassid. 2003. Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnéndés, Rétty. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.


(4)

Kartini, Tini. 1984. Struktur Carita Pantun Sunda: Alur. Jakarta: Depdikbud. Koentjaraningrat. 1992. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT.

Gramedia.

Koentjaraningrat. 2004. Manusia dan Kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Koswara, Dedi. 2007. Carita Pantun Sanghyang Jagatrasa: Transformasi Antara Kelisanan dan Keberaksaraan (Analisis Struktur, Semiotik dan Edisi teks). Disertasi Doktor pada Program Pasca Sarjana UNPAD: tidak diterbitkan. LBSS. 1976. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.

Lubis, Muchtar. 2008. Manusia Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. Lubis, Nina H. 1998. Kehidupan Kaum Menak Priangan 1800-1942.

Makalah.Bandung: Pusat Informasi Kebudayaan Sunda.

Minderoup, Albertine. 2005. Metode Karakterisasi Telaah Fiksi. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Mustafa, Abdullah ed. 1979. Kuring Jadi Pengarang jeung Sawatara Ceramah Lianna. Bandung: PPSS.

Pudentia. 1998. Transformasi Sastra Analisis Carita Lutung Kasarung. Jakarta: Balai Pustaka.

Pudentia ed, 2008. Metodologi Kajian Tradisi Lisan. Jakarta: Asosiasi Tradisi Lisan.

Rosidi, Ajip. 1971. Badak Pamalang. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.


(5)

Rosidi, Ajip. 1971. Budak Manjor. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Budjang Pangalasan. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Buyut Orenyeng. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Gantangan Wangi. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Kembang Panyarikan. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Lutung Leutik. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. M. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1971. Sri Sadana atau Sulandjana. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda dan Foklore Sunda.

Rosidi, Ajip. 1966. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Bandung: Pustaka Jaya. Rosidi, Ajip. 1971. Raden Tandjung. Bandung: Proyek Penelitian Pantun Sunda

dan Foklore Sunda.

Ruhaliah. 2010. Sajarah Sunda Samemeh Taun 1945. Bandung: JPBD FPBS UPI. Rusyana, Rus dkk. 1997. Ensiklopedi Sastra Sunda. Jakarta: Pusat Pembinaan dan


(6)

Rusyana, Rus. 1996. Tuturan Tentang Pencak Silat dalam Tradisi Lisan. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Salmun, M.A. 1958. Kandaga Kasusastraan. Bandung: Ganaco.

Sukmadinata, Prof. Dr. Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono, Prof. Dr. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sumardjo, Jakob. 2009. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda tafsir-tafsir pantun sunda. Bandung: Kelir.

Sumardjo, Jakob. 2011. Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Sumarsono, Tatang. 1986. Pedaran Sastra Sunda. Bandung: Medal Agung. Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Teeuw, A. 1991. Membaca dan Menilai Sastra. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. Tisnawati Sule, Ernie . 2010. Animal Leadership. Jakarta: Aksara.

Van, Aart Zoest jeung Panuti Sudjiman. 1996. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia Pusaka Utama.

Van Luxemburg, Jan dkk. 1992. Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia. ---. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press:

Jurusan Pendidikan bahasa Daeraah FPBS UPI