Kasang Tukang Modul G PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL G 3

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Salah sahiji Tujuan Strategis Kemdikbud 2015-2019 nyaéta Peningkatan Mutu dan Relevansi Pembelajaran yang Berorientasi pada Pembentukan Karakter. Pikeun ngarojong éta Tujuan Strategis Kemdikbud, Ditjen Guru dan Tenaga Kependidikan ngayakeun Program Gerakan Ngukuhan Atikan Karakter ‘Gerakan Penguatan Pendidikan Karakter PPK’. PPK di sakola pikeun mageuhan karakter siswa ngaliwatan harmonisasi olah hati étik, olah rasa éstétik, olah pikir literasi, jeung olah raga kinéstétik. Ieu hal dirojong ku ulubiungna masarakat jeung babarengan antara pihak sakola, kulawarga, katut masyarakat nu mangrupa bagian tina Gerakan Nasional Revolusi Mental GRMN. Larapna éta PPK téh bisa berbasis kelas, berbasis budaya sakola, berbasis masarakat kulawarga jeung komunitas. Dina raraga ngarojong kawijakan Gerakan PPK, ieu modul gumulung jeung lima ajén utama PPK nyaéta, religius, nasionalis, mandiri, gorong royong, jeung integrasi. Ieu hal kacida pentingna, pikeun mekelan siswa dina raraga nyanghareupan dégradasi moral, étika, jeung budi pekerti. Profési guru jeung tenaga kependidikan kudu dihargaan jeung dimekarkeun salaku profési anu mibanda martabatsakumaha anu diamanahkeun dina Undang-Undang Nomor 14 Tahun 2015 ngeunaan Guru jeung Dosen. Ieu hal lantaran guru jeung tenaga kependididkan téh mangrupa tenaga profésional anu miboga fungsi, peran, jeung kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal visi pendidikan 2025, nyaéta “ Menghasilkan Insan Indonesia Cerdas dan kompetitif Insan KamilInsan Paripurna .” Anu dimaksud insan Indonesia anu cerdas nyaéta insan anu cerdas sagemblengna sacara komprehénsif anu ngawengku: cerdas spiritual, cerdas émosional, cerdas sosial, cerdas inteléktual, jeung cerdas kinéstétik. Patali jeung ieu hal, aya lima nilai utama karakter, nyaéta: religuis, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. Program Pembinaan Karir Guru nyaéta tarékah mekarkeunkompeténsi guru jeung tenaga kependidikan anu luyu jeung pangabutuh, mayeng tahap demi tahappikeunngaronjatkeun profésionalitasna. Program Pembinaan Karir Guru 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 mangrupa salah sahiji stratégi pembinaan guru jeung tenaga kependidikan anu dipiharep mampuh ngajamin guru jeung tenaga kepedidikanpikeun miara, ngaronjatkeun, jeung mekarkeun kompeténsi luyu jeung standar anu geus ditetepkeun. Program Pembinaan Karir Guru baris ngurangan ayana ganjor antara kompeténsi anu dipiboga ku guru sarta tenaga kependidikan jeung tuntutan profésional anu geus tangtukeun. Program Pembinaan Karir Guru Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. merlukeun modul pikeun salah sahiji sumber diajar pamilon kagiatan. Modul basa Sunda mangrupa bahan ajar anu dirarancang sangkan pamilon kagiatan mampuh diajar kalawan mandiri. Modul Program Pembinaan Karir GuruMata Pelajaran Basa Sunda Kelompok Kompeténsi G ngawengku dua kompeténsi pédagogik jeung profésional, ngawengku 4 matéri pokok, nyaéta: 1 Stratégi Komunikasi dina Pangajaran Basa Sunda jeung Téhnik Nanya dina Pangajaran Basa Sunda, 2Stratégi Komunikasi Kompénsatoris: Alih Kode, jeung Kaulinan pikeun Ngaronjatkeun Kaparigelan Basa Sunda, 3 Basa jeung Kabudayaan, jeung Makéna Basa Sunda, 4 Pakeman Basa. Kompeténsi pédagogik jeung kaprofésional dina ieu modul, diaworkeun jeung konsép PPK anu ngawengku lima ajén-inajén dasar, nyaéta réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas. 1 Ajén religius bisa katingali tina pengkuh dina ngalaksanakeun ibadah, taat kana ajaran agama nu dicepengna, toleransi ngajénan agama nu séjénna, pengkuh pamadegan, percaya diri, sosobatan, ihlas, teu maksakeun kahayang sorangan, tur ngariksa kana sakumna ciptaan Mantenna. 2 Ajén nasionalis katitén tina cara mikir jeung paripolah anu satia, peduli, tur ngajén kana bédana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ekonomi, sarta pulitik. Cindekna, kapentingan balaréa jadi hal anu kudu diheulakeun. 3 Ajén mandiri bisa katitén tina sikep: ngahargaanngaapresiasi budaya sorangan, ngariksa budaya sorangan, pinunjul tur miboga préstasi, nyaah ka lemah cai, ngajaga lingkungan sabudeureunana, disiplin, jeung ngajénan rupaning budaya, suku, jeung agama. 4 Ajén gotong royong ébréh tina paripolah : silih hargaan, daék gawé bareng, inklusif, miboga komitmen kana hasil rembugan saréréa, musawarah 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 mupakat, silih tulungan, anti diskriminatif, rempug jukung sauyunan dina nyanghareupan pasualan, sarta resep nyarita jeung teu kurung batok. 5 Ajén integritas ébréh tina paripolah: jujur, satia, miboga komitmen moral, anti korupsi, adil, tanggung jawab, suri toladan, jeung silih hargaan. Lima ajén-inajén di luhur ébréh dina ieu modul, boh dina tujuan, matéri, latihan, atawa lumangsungna prosés pangajaran. Sanggeus medar ieu modul, guru dipiharep mampuh ngaronjat kompeténsina boh kompeténsi pedagogik boh profésional tur ngalarapkeun ajén-inajén PPK dina hirup kumbuh sapopoé, boh keur dirina sorangan boh keur siswana.

B. Tujuan