PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
88
- Ngadék sacékna, nilas saplasna 4 Conto paribasa ditilik tina gelarna
- Ngeunah Éon teu ngeunah Éhé 5 Conto paribasa tarjamahan tina basa asing
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok 6 Conto paribasa ditilik tina sumber babandinganana
Paribasa patali jeung tani: Bojo dénok sawah ledok Paribasa patali jeung ingon-ingon: Endog sasayang, peupeus hiji peupoeus
kabéh Paribasa patali jeung perikanan: Caina hérang laukna beunang
Paribasa patali jeung dagang: Dagang peda ka Cirebon Paribasa patali jeung ninun: Lamun urang ninun kanéeh
Paribasa patali jeung sistem kamasarakatan: Jeneng méméh pangkat Paribasa patali jeung élmu pangawéruh: Élmu tungtut dunya siar
Paribasa patali jeung basa: Hadé ku omomg goréng ku omong Paribasa patali jeung kapercayaan: Indung hukum, bapa darigama
c. Rakitan Lantip Rakitan lantip nya éta susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan maké
dadasar kalantipan. Contona:
- Cing pamiceunkeun tampolong Anu dipiceun téh eusina, lain tampolongna
- Emh, seungit nu ngagoréng bawang anu seungit téh lain nu ngagoréngna, tapi goréng bawangna.
d. Kecap Kiasan Kecap kiasan nyaéta kecap anu hartina dipapandekeun kana harti kecap
séjén, atawa ngandung harti konotatif. Contona:
- Ari geus maju mah maké wani nincak sagala manehna téh. - Ih, ulah sok ngahampas ari ka batur téh
e. Cacandran
89
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
Cacandran nyaéta
panataan kana
pasipatan tempat
anu dibalibirkeun.Contona:
- Sukapura ngadaun ngora - Cianjur katalanjuran
- Bandung heurin ku tangtung
Sumedang ngarangrangan
f. Uga Uga nyaéta tujuman anu aya patalina jeung parobahan penting babakuna
parobahan kaayaan nagara daérah. Uga bisa mibanda harti upama eusi anu dikandungna disurahan kalayan gemet. Lantaran uga euyeub ku palasifah
jeung piwuruk hirup anu dina enas-enasna pikeun ngahontal hirup jeung huripna.Sawatara uga nu kapanggih di masarakat Sunda sawaréh geus
dipikawanoh lantaran geus dipublikasikeun. Uga anu dimaksud ngawengku sawatara hal anu aya patalina jeung méntalitas, persepsi, sikep, perilaku,
étika, dan moral.Contona:
- Sunda nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung. - Sunda nanjung mun nu pundung ti Bandung ka Cikapundung
geus balik deui. - Pulo Jawa kaeréh ku kulit kuning lilana saumur jagong.
g. Caturangga
Caturangga nyaéta pakeman basa anu nuduhkeun tanda-tanda pikeun mikanyaho hadé goréngna watek kuda mun diingu. Contona:
1 Satria Tinayungan pinayungan, nyaéta watek kuda anu hadé, matak mulya ka nu ngingu; tandana kukulinciran dina tonggong handapeun
sela beulah katuhu. 2 Sekar panggung, nyaéta watek kuda anu hadé, mawa rahayu ka nu
ngingu; tandana bulu suku kuda ti handap nepi kana tuurna. Opatanana bodas.
3 Sumur Bandung, nyaéta watek kuda anu hadé, matak loba rizki; tandana aya kulinciran dina tarang kuda.
4 Wisnu murti, nyaéta watek kuda anu hadé, tandana bulu kuda hideung meles.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG
© 2017
90
5 Buaya ngangsar, nyaéta watek kuda goréng, dibawa meuntas dina parung sok depa dina leuwi sok palid; tandana kukulinciran dina
beuteung beulah tukang. 6 Tumpur ludes, nyaéta watek kuda anu goréng, matak sangsara ka
nu ngingu; tandana kukulinciran dina beuteung beulah hareup. Turub layuan, nyaéta watek kuda anu goréng, matak
pikasieuneun; tandana kukulinciran dina toggong kuda, handapeun séla beulah hareup.
h. Repok