Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

1 27 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 étapananya. Ieu hal pikeun ngabiasakeun siswa sangkan merhatikeun kagiatan prosés diskusi tur teu miceunan waktu.Kadua, ngajawab pananya sorangan, lantaran ieu hal baris ngabalukarkeun siswa teu aktif sabab geus apal akhirna guru baris ngajawab sorangan. Méré tanggapan ka siswa mangrupa hiji hal anu nangtukeun éféktivitas pangajaran.Katilu, motong jawaban siswa. Guru teu meunang motong jawaban siswa, sok sanajan éta jawaban téh salah. Guru kudu méré kasempetan ka siswa pikeun ngaréngsékeun jawaban. Lamun guru motong jawaban siswa anu tacan réngsé baris ngabalukarkeun siswa hanjelu, sedih, tur ngarasa teu dihargaan. Kaopat, malikan jawaban siswa. Ieu hal baris ngabalukarkeun siswa anu séjénna teu merhatikeun jawaban babaturannana, atawa ngabiasakeun siswa ngajawab lalaunan, teu béntés.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék luyukeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Tahap Pangabisa = Jumlah Jawaban anu bener × 100 5 Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = sae pisan 80 - 89 = sae 70 - 79 = cukup ˂ 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkembahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui materi dina Kagiatan Diajar 1, 28 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 pangpangna matérinu tacan kacangkemkalawan daria, disiplin, tur tanggung jawab 2 29 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 K AGIATAN DIAJAR 2 STRATÉGI KOMUNIKASI KONPÉNSATORIS: ALIH KODE JEUNG KAULINAN PIKEUN NGARONJATKEUN KAPARIGELAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 2 ngawengku ieu di handap. 1. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun kasang tukang munculna alih kode kalawan percaya diri. 2. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuhngajéntrékeun wangenan alih kode kalawan percaya diri jeung kreatif. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuhngaidéntifikasi ciri-ciri alih kode kalawan taliti tur tanggung jawab. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuhméré conto wanda alih kode kalawan taliti tur tanggung jawab. 5. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuhngaidéntifikasi tiori modern ngeunaan kaulinan basa kalawan percaya diri. 6. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi karakteristik jeung tahapan mekarna kaulinan kalawan percaya diri tur kreatif. 7. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuhngaidéntifikasimangpaat kaulinan pikeun manusa kalawan percaya diri tur kreatif. 8. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh méré conto prinsip-prinsip kaulinan basa kalawan percaya diri.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi