neda: Abdi mah peurih beuteung, hoyong neda heula. Pot kembang ka-candak ku Kang Romli. Bilih Bapa palay tuang mah, mangga wé ti payun. Dupi tuang rama aya di bumi? Saha wasta tuang putra nu bungsu téh? Mang Kosim mah katawisna kagungan artos. Bapa nu nya

b nu diajk balik Satuju: “Enya, meuning ayeuna bisi kapegat hujan.” Nolak: “Ah, engké wé, sina turun heula hujanna.” 2. Mihapé kantong ka babaturan nu teu milu olahraga Conto Pokpokanana: a nu mihapé “Mihapé kantong nya, saya rék ka cai heula” “Tiasa abdi nitip kantong, abdi badé ka pengker heula” b nu dipihapéan Satuju: Enya, simpen wé di dinya. Jung, keun ku saya dijingjing heula Nolak: “Puguh kuring rék balik. Pihapékeun wé ka batur.” “Punten, abdi badé wangsul, ka nu sanés wé.” 3. Nanyakeun barang nu leungit ka babaturan Pokpokanana: a nu nanyakeun “Manggihan arloji urang di cai?” “Manawi mendakan arloji abdi di jamban?” b nu katanyaan Manggih: “Ieu, ku urang tadi diampihan.” “Ieu, ati-ati, ulah di mana waé nyimpen téh” Teu manggihan: “Duka atuh, teu manggihan.” “Dua nya, abdi mah teu mendakan.” 4. Ménta dipangmeulikeun baso ka babaturan lan-taran teu boga duit Pokpokanana: a nu ménta “Pangmayarkeun heula nya, urang teu boga duit” “Punten bayar heula nya, abdi teu gaduh artos” “Hayang baso euy, ngan teu boga duit” b nu dipéntaan “So wé, keun ku urang dibayarna” “Wios, keun wé ku abdi dibayar” “Sok wé nyandak heula, wios di abdi artosna”

E. Latihan I. Nyusun kalimah

1. neda: Abdi mah peurih beuteung, hoyong neda heula.

2. tuang: Bilih Bapa badé tuang mah mangga waé ti payun. 3. saré: Kuring mah tunduh, hayang saré heula. 4. kulem: Ulah rebut waé, Bapa nuju kulem. 5. nyarita: Pok-pok rék nyarita mah, ulah asa-asa. 6. nyarios: Punten, teu kénging tarik teuing nyariosna 7. baheula: Zaman baheula ka kampung mah can asup listrik. 8. kapungkur: Ti kapungkur ogé bumina tos diical ka rentenir. 9. udur: Pun adi mah teu sakola margi udur. 10. teu damang: Sanaos teu damang, anjeunna ngersakeun sumping. 2 Maluruh ragam hormatna jeung nyusun kalimahna 2. cokot = bantun, candak kalimahna: 1. Abdi nu nga-bantun pot kembang mah.

2. Pot kembang ka-candak ku Kang Romli.

3. saré = mondok, kulem kalimahna: 1. Abdi mah asa capé pisan, hoyong mondok. 2. Bilih Bapa badé kulem mah, mangga di kamar payun. 4. dahar= neda, tuang kalimahna: 1. Punten abdi neda ti payun, tos teu kiat lapar pisan.

2. Bilih Bapa palay tuang mah, mangga wé ti payun.

5. bapa = pun bapa, rama kalimahna: 1. Jenengan pun bapa mah H. Mis’an. 2. Dupi tuang rama aya di bumi? 6. anak = pun anak, tuang putra kalimahna: 1. Pun anak nu bungsu mah kuliahna di ITB. 2. Saha wasta tuang putra nu bungsu téh? 7. boga = gaduh, kagungan kalimahna: 1. Abdi mah teu gaduh artos, aya ogé béas..

2. Mang Kosim mah katawisna kagungan artos.

8. mawa = ngabantun, nyandak kalimahna: 1. Abdi dipiwaranag ngabantun kantong ku bapa.

2. Bapa nu nyandak kantong mah.

9. nyarita = nyanggem, nyarios kalimahna: 1. Ari teu wantun mah, wios abdi nu nyanggem ka bapa.

2. Ulah ribut waé ari bapa nuju nyarios téh.

10. ngaran = wasta, jenengan kalimahna: 1. Wasta abdi mah Mirza Ahmad Maulana.

2. Pun biang mah jenenganana Siti Halimah.

PANDUAN PANGAJARAN 4 A. Maham Eusi Wawancara 1. Lantaran carita wayang kudu luyu jeung kamajuan jaman. Ku cara koran bakal nampa informasi anyar nu penting pikeun nambah wawasan keur bahan carita wayang. 2. Lamun dina pagelaran wayang teu aya inovasi, tangtu monoton jeung ditinggalkeun ku nu lalajona 3. “Rahwana Gugur”, “Kalabaka Pejah” jeung “Kumbara Gugur” 4. Ngarobah beungeut wayang siga jelema. Ngadeukeutkeun kahirupan wayang jeung kahirupan jelama 5. Kahirupan kiwari leuwih terbukatransparan 6. Ahli dina ngagambar jeung nyieun wayang. 7. Wayang-wayang anu aya dina lalakon Mahabrata jeung Ramayana, nyaéta nu disebut wayang purwa. 8. Sabab Semar, Cépot jeung Dawala mah asli wayang ti urang Sunda. 9. Keur nambah wawasan, sabab unggal dalang pasti aya kaunggulan jeung kalemahanana. 10. Tetekon dina wayang ulah angger waé. Nu kira-kira geus teu luyu jeung kamajuan jaman mah leuwih hadé dikembangkeun inovasi. Pancén Cing benerkeun kecap-kecap dina basa Indonésia nu ditulis déngdék ieu di handap kana basa Sunda anu merenah 1. dituntut beradaptasi dengan aprésiasi. Kuduna : diperedih bisa adaptasi jeung daék ngaprésiasi. 2. untuk menyampaikan apa saja yang masyarakat belum tahu atau aspirasi atau penyampai program pamaréntah kepada masyarakat. kuduna : nepikeun sagala rupa hal hal masarakat, atawa nepikeun program pamaréntah ka masarakat. 3. ngadalang kedah tiada hari tanpa inovasi. kuduna : Dina ngadalang mah taya poé nu kaliwat pikeun inovasi. 4. mendakan hiji kejenuhan. kuduna : mendakan kabosen 5. Apalagi kalau wayang golék kuduna Komo deui lamun wayang golék 6. wayang golék mah beberapa diménsi. Kuduna: Wayang golék mah ngabogaan sababaraha diménsi 7. sampai dimana anda tahu tentang pakem atau tetekon wayang? Kuduna: Nepi ka mana sadérék apal kana pakem atatwa tetekon wayang. 8. tidak akan hilang. Kuduna: moal bakal leungit 9. Di unggal dalang aya kelebihan jeung aya kelemahan. Kuduna: kaunggulan jeung aya kahéngkéran kakurangan 10. Pagelaran téh bisa baé dipadatkan jadi tilu jam upamana. Kuduna: disinggetdipondokkeun 11. latar belakang kuduna: kasang tukang

D. Latihan