Téhnik Obsérvasi Téhnik Wawancara

Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Lingkungan hirup manusa nyoko kana lingkungan fisik jeung lingkungan budaya. Ku sabab kitu, manusa bisa ditingali salaku mahluk biososiobudaya Adimiharja, dina Sudaryat:2014. Dina ieu hal, pangaweruh manusa bisa digunakeun pikeun maham, ngamumule, jeung mere harti lingkungan sarta pangalaman anu bakal nguatan kana paripolah pikeun hirup babarengan. Dina kahirupan manusa, basa patalina jeung sababaraha aspek, kaasup kana lingkungan. Eta kabeh dipaluruh maké jihat environment. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma anu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopat santun makéna basa, ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes hormat jeung ragam basa kasar loma, atawa teu hormat anu dipaluruh tina jihat diversity keberagaman basa jeung lingkungan.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun data

Téhnik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data nyaéta, téhnik obsérvasi, jeung wawancara. Obsérvasi didieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun ngumpulkeun data kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga . Dina téhnik ieu ogé digunakeun alat nu bisa ngarojong prosés panalungtikan, nya eta kaméra, jeung Hp. Wawancara dimaksudkeun pikeun meunangkeun data kandaga kecap pakakas tradisional ditilik tina jihat interalationship,environment jeung diversity langsung ti informan atawa tokoh masarakat nu langsung mikawanoh data-data anu baris dikumpulkeun.

3.3.2.1 Téhnik Obsérvasi

Marshall dina Sugiyono 2010:316 nétélakeun yén tina obsérvasi, anu nalungti k bakal diajar ngeunaan paripolah, jeung ma’na tina éta paripolah. Obsérvasi mangrupa hiji proses anu kompléks, anu kasusun ku sababaraha proses biologis jeung psikologis. Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Obsérvasi dilakukeun ku cara niténan langsung hiji objék data pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga.anu bakal ditalungtik. Dina ieu kagiatan panalungtikan, obsérvasi dilakukeun ku cara rekaman gambar. Pikeun ngarojong proses panalungtikan tangtuna ngagunakeun média atawa alat saperti kaméra, handphone, jste. Obsérvasi dilaksanakeun sangkan meunang gambaran anu nyata ngeunaan kabudayaan Sunda, hususna pakakas tradisional. Léngkah-léngkah anu dilaksanakeun dina téhnik obsérvasi, nya éta: 1 nyieun pedoman obsérvasi, 2 ngalaksanakeun observasi ka lapangan 3 niténan langsung kaayaan masarakat Kampung Naga 4 Kaayaan masarakat diasupkeun kana naon-naon anu aya dina pedoman obsérvasi.

3.3.2.2 Téhnik Wawancara

Esterberg dina sugiyono, 2010:317 nétélakeun yén wawancara mangrupa patemon dua jalma pikeun nukeur informasi jeung idé ku cara tanya jawab nepi k a bisa meunang ma’na dina hiji topik. Wawancara mangrupa téhnik anu dilakukeun ngaliwatan komunikasi langsung atawa Tanya jawab jeung Kuncén, masarakat Kampung Naga, wawakil ti kulawarga, patani, jeung tukang nyieun imah. Léngkah-léngkah dina ngalaksanakeun téhnik wawancara, di antarana nya éta: 1 nyieun pedoman wawancara; 2 yusun daptar patalékan jeung tujuan panalungtikan; 3 néang narasumber pikeun meunangkeun informasi ku cara wawancara; tuluy 4 nulis jawaban anu dipibeunang ku narasumber

3.3.3 Instrumen Panalungtikan