Desain Panalungtikan T PBBS 1302804 Chapter3

Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun pamarekan kualitatif. Numutkeun Sugiyono 2009:15 panalungtikan kualitatif hiji panalungtikan dumasar filsafat postpositivisme, anu gunana pikeun nalungtik kondisi objek alamiah,anu cirina panalungtik salaku instrument konci, sumber data dilakukeun sacara purposive, téhnik pangumpulan data ku cara triangulasi, analisis data sifatna induktifkualitatif, jeung hasil panalungtikan kualitatif leuwih nandeskeun ma’na tibatan generalisasi. Panalungtikan kualitatif dumasar kana kasang tukang alamiah sacara holistik, ngagunakeun jalma salaku alat panalungtikan, nganalisis data sacara induktif, leuwih mentingkeun proses tibatan hasil sarta hasil panalungtikan dilakukeun dumasar kasepakatan panalungtik jeung subjek panalungtikan. Nurutkeun Sugiyono 2010:283, métode panalungtikan mangrupa cara ilmiah pikeun meunangkeun data anu miboga tujuan jeung mangpaat. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif. Métode déskriptif nya éta panalungtikan nu miboga tujuan pikeun nalungtik kaayaan atawa kondisi hiji hal nu digambarkeun dina wangun laporan panalungtikan, Arikunto, 2010: 3. Ieu métode digunakeun lantaran data anu ditalungtik leuwih nyoko kana bahan anu bisa dianalis ku cara déskriptif. Dina masalahna méré gambaran sacara sistématis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, jeung sipat-sipat populasi. Panalungtikan déskriptif disebut ogé panalungtikan basajan dibandingkeun panalungtikan-panalungtikan anu séjénna. Ku sabab, ieu panalungtik teu ngarobah, nambahan, atawa ngamanipulasi data kana objék nu ditalungtik. Digambarkeun sacara lugas, sakumaha ayana. Luyu jeung pamanggih Suyatna 2002:14 nu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dina cara Ai Herlina, 2015 KANDAGA KECAP PAKAKAS TRADISIONAL DI KAMPUNG NAGA DESA NEGLASARI KECAMATAN SALAWU KABUPATEN TASIKMALAYA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngagambarkeun hungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi. Anu jadi dadasar panalungtik ngagunakeun ieu métode, nya éta pikeun ngungkab sacara jero kaarifan lokal kahirupan masarakat Kampung Naga, minangka tradisi nu diwariskeun ku karuhunna. Analisis kualitatif dilakukeun pikeun maluruh fenomena sosial kandaga kecap pakakas tradisional anu aya di Kampung Naga ditilik jihat interrelationships , environment , jeung tina jihat diversity . meunangkeun informasi ti sudut pandang palakuna. Ngumpulkeun data ngaran-ngaran pakakas tradisional anu aya patalina jeung kaayaan lingkungan biotik jeung fisik ku cara wawancara anu inténs jeung kuncén atawa warga kampung adat anu maham pisan jeung bisa méré informasi sajelas- jelasna. Hal éta dilakukeun pikeun ngaguar sabab jeung prosés kajadianana hiji peristiwa kaarifan budaya lokal, utamana kana rupa-rupa ngaran pakakas tradisional nu aya di Kampung Naga. Dina ieu panalungtikan, maké desain panalungtikann kualitatif hususna leksikografi. Desain ieu panalungtikan ngawengku 1 ngarumuskeun masalah, 2 nyiapkeun instrumén panalungtikan, 3 ngumpulkeun data ku cara obsérvasi, 4 transliterasi rekaman, nganalisis, jeung 5 nyieun kacindekan. Desain ieu panalungtikan bisa dititénan dina bagan ieu di handap:

3.1 Desain Panalungtikan