Kasang Tukang Panalungtikan UNSUR LINGKUNGAN DALAM BABASAN DAN PARIBASA SUNDA UNTUK BAHAN PENGAJARAN PAKEMAN BASA DI KELAS XI SMA.

Hernisa Agustiani Nugraha, 2015 UNSUR LINGKUNGAN DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN PAKEMAN BASA DI KELAS XI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa téh hiji hal anu unik, anu dipaké pakakas komunikasi ku manusa. Sanajan basa téh sipatna arbitrer atawa manasuka, tapi éta basa dipakéna henteu sambarangan, sabab nyoko kana karageman atawa konvensional Chaer jeung Agustina, 2010, kc. 13. Contona hiji hal moal disebut suku saupama masarakat anu ngagunakeun éta basa teu sapuk yén anu aya dina bagian handap awak manusa nu pungsina pikeun leumpang atawa pindah ti hiji tempat ka tempat séjénna disebut suku. Kitu ogé karuhun urang Sunda baheula dina ngagunakeun basa téh teu asal pok baé, tapi didadasaran ku akal atawa logika Sudaryat, 2003, kc. 97. Saupama dilenyepan deui mah, kolot urang baheula bisa disebut romantis atawa deuheus pisan jeung lingkunganana, utamana dina nyiptakeun basa. Ieu hal bisa dibuktikeun ku kabeungharan kecap anu dipibanda ku basa Sunda. Salah sahiji titinggal karuhun urang Sunda baheula téh di antarana nya éta babasan jeung paribasa. Babasan jeung paribasa Sunda téh salah sahiji wanda tina pakeman basa atawa sok disebut ogé idiom. Dina babasan jeung paribasa Sunda bisa kagambar rupa-rupa informasi, salah sahijina nya éta informasi ngeunaan unsur lingkungan. Saenyana mah babasan jeung paribasa téh sarua baé, ngan Nurutkeun Prawirasumantri dina Hidayat, spk., 2007, kc. 197 mah bédana babasan jeung paribasa téh nya éta babasan mah geus ngawangun hiji kecap kantétan, sedengkeun paribasa mah méh mirupa kalimah. Sudaryat ogé nétélakeun yén bédana babasan jeung paribasa téh lebah hartina, ari babasan mah ngandung harti injeuman, sedengkeun paribasa mah ngandung harti babandingan Sudaryat, 2003, kc. 118. Urang Sunda biasana tara ngungkarakeun hiji hal sacéréwélna, tapi sok dibalibirkeun heula sangkan maksud omonganana katepi jeung teu matak nyentug kana haté. Babasan jeung paribasa jadi salah sahiji cara urang Sunda dina nepikeun pamaksudanana. Kekecapan anu dipaké dina nyusun babasan jeung paribasa ogé teu jauh tina naon anu katingali, kadéngé, kaambeu, karasa, jeung naon anu kapikir. Sacara umum urang sunda méré ngaran hiji hal téh biasana Hernisa Agustiani Nugraha, 2015 UNSUR LINGKUNGAN DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN PAKEMAN BASA DI KELAS XI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu nurutkeun sorana, sasaruanana, bahanna, tempat asalana, nu nyieunna, nu nimuna, sipatna, atawa sabagian anggapanana Sudaryat, 2003, kc. 93. Generasi ngora ayeuna geus ngésér jauh tina sipat nyaah ka lingkunganana. Éta hal ditandaan ku loba teu apalna kana kekecapan nu ngagambarkeun unsur lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan, jeung kaayaan alam. Pikeun ngungkulan éta pasualan, penting di dieu numuwuhkeun deui sipat nyaah ka lingkungan, nu salah sahiji carana nya éta ku ngawanohkeun deui babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan. Ngawanohkeun deui babasan jeung paribasa Sunda, bisa ngaliwatan kurikulum nu aya di sakola, sabab nurutkeun Vigotksy dina Yusuf jeung Sugandhi, 2011, kc. 83, sakola téh mangrupa salah sahiji agén budaya anu milu nangtukeun kamekaran pola pikir rumaja, dina ieu hal, nya éta pikeun ngarahkeun pola pikir rumaja kana kasadaran mikanyaah lingkunganana ngaliwatan babasan jeung paribasa Sunda. Salian ti éta ogé, babasan jeung paribasa Sunda téh kaasup kana salah sahiji ambahan bahan kabasaan pangajaran bahasa Sunda di sakola Haerudin jeung Kardana, 2013, kc. 84-89. Pakait jeung éta hal, dina KI-KD pangajaran bahasa Sunda kelas XI SMA, aya salah sahijina pangajaran pakeman basa. Pangajaran pakeman basa téh eusina nya éta bahasan ngeunaan pakeman basa, anu salah sahiji eusina nya éta medar babasan jeung paribasa Sunda. Ningali éta hal, teu salah saupama pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA dideudeulan ku pedaran babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung unsur lingkungan, saperti unsur manusa, sato, tutuwuhan jeung kaayaan alam. Salian ti bisa numuwuhkeun deui rasa nyaah ka lingkunganana, ogé ieu panalungtikan bisa jadi alternatif bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Saacanna ogé kungsi aya sababaraha mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah anu nalungtik babasan jeung paribasa Sunda, tapi dina ulikan anu béda-béda. Dina taun 2004 aya tiluan nu nalungtik ngeunaan babasan jeung paribasa nya éta Sudesti Permata Sari dina skripsi anu judulna Unsur Gaya Basa dina 700 Paribasa Sunda Karangan R. Maskar Ganda Sudirdja Pikeun Bahan Pangajaran di SMA, jeung skripsi Demaswati anu judulna Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonesia Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana, ogé Erni Kurniawati anu Hernisa Agustiani Nugraha, 2015 UNSUR LINGKUNGAN DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN PAKEMAN BASA DI KELAS XI SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngajudulan skripsina Unsur Purwakanti dina Babasan jeung Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran di SLTP. Satuluyna dina taun 2012 Nining Novianti ngaréngsékeun skripsi anu judulna Babasan jeung Paribasa Tilikan Linguistik Antropologis. Ari dina taun 2013 mah, Siska Pertiwi nyusun skripsi anu judulna Aspék Psikolinguistik Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda. Sedengkeun nu anyar-anyar ieu aya skripsi anu judulna Gaya Basa Métafora dina Babasan jeung Paribasa Sunda Tilikan Stilistika jeung Semantik ku Anita Nurul Fauziah. Sanajan babasan jeung paribasa Sunda geus réa nu nalungtik, tapi aya bédana jeung ieu panalungtikan. Dina ieu panalungtikan mah nu diulik téh perkara aspék lingkungan dina babasan jeung paribasa. Jaba ti éta, hasil tina ieu panalungtikan bisa diajangkeun pikeun bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Ku sabab éta, perlu ayana panalungtikan babasan jeung paribasa Sunda anu ngulik tina jihat unsur lingkunganana sarta hasilna jadi bahan pangajaran pakeman basa di kelas XI SMA. Dumasar kana pedaran saacanna, ieu panalungtikan dibéré judul “Unsur Lingkungan dina Babasan jeung Paribasa Sunda pikeun Bahan Pangajaran Pakeman Basa di Kelas XI SMA ”.

1.2 Rumusan Masalah