Téhnik Ngolah Data

29 Dewi Kaniawati , 2013 Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6.3 Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téknik anu dilaksanakeun ku cara komunikasi langsung jeung masarakat salaku informan. Téhnik wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat Kampung Naga anu patali jeung sajarah kana ngadegna Kampung Naga ogé hal-hal anu patali jeung Kampung Naga. Wawancara dilaksanakeun ka punduh adat Kampung Naga.

3.6.4 Téhnik Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngarojong informasi data ngeunaan Kampung Naga. Anapon data-data anu didokumentasikeun ku panalungtik salila prosés ngumpulkeun data nya éta: 1 Hasil panalungtikan langsung ka objék panalungtikan; 2 Foto wangunan imah di Kampung Naga; jeung 3 Hasil ngawawancara punduh adat Kampung Naga. Dumasar téhnik di luhur, ngumpulkeun data dilakukeun kalawan tahap- tahap saperti ieu di handap: 1 Nyusun rarancang panalungtikan; 2 Obsérvasi sarta ngumpulkeun data kalawan turun langsung ka lapangan; 3 Ngayakeun wawancara; jeung 4 Ngadokumentasikeun sarta ngainpentarisir data nu katimu.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus data dikumpulkeun tuluy diolah, kalawan tahapan-tahapanana saperti ieu di handap. 1 Mariksa sarta nitenan data nu geus dikumpulkeun; 2 Nganalisis data dumasar kana kaayaanana; 3 Ngadadarkeun kaayaan imah adat Kampung Naga; 4 Napsirkeun éstétika; jeung 5 Nyieun kacindekan ajén éstétika imah adat Kampung Naga. 30 Dewi Kaniawati , 2013 Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Dewi Kaniawati , 2013 Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar pedaran anu geus ditepikeun dina bab saméméhna, ieu panalungtikan ngahasilkeun kacindekan saperti ieu di handap: 1 Kampung Naga kaasup wilayah Désa Néglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Propinsi Jawa Barat. Sacara geografis, Kampung Naga perenahna di hiji léngkob anu kira-kira 500 meter luhureun beungeut laut, wangunna nyarupaan mangkok. Dikuriling ku leuweung larangan jeung sawah. Gigireun leuweung larangan aya walungan Ciwulan. Kampung Naga legana 10,5 héktar kalawan watesna: wates beulah kalér ngawates jeung Kampung Nangtang, Kacamatan Cigalontang, wates beulah kidul jalan raya anu ngahubungkeun antara Kabupatén Tasikmalaya jeung Kabupatén Garut, wates beulah kulon Bukit Naga anu sakaligus jadi pamisah antara Kampung Naga jeung Kampung Babakan, sarta wates beulah wétan walungan Ciwulan. 2 Warga Kampung Naga jumlahna aya 318 urang108 KK Kepala Kulawarga anu ngawengku 153 urang lalaki jeung 165 urang awéwé. Pakasaban poko warga Kampung Naga nya éta tatanén jeung nyieun karajinan tina awi, aya ogé anu jadi pemandu wisata guide pikeun turis anu datang ka Kampung Naga. 3 Wangunan imah di Kampung Naga jumlahna aya 113 wangunan. Pola imahna ngagunduk. Di Kampung Naga ogé aya wangunan masigit, balé patemon, sarta bumi ageung. Sakabéh wangunan mangrupa imah panggung anu aya kolongan. Pungsi kolong dumasar kapercayaan masarakat Kampung Naga nya éta pikeun jeda atawa jarak antara dunya luhur anu disebut imah jeung dunya handap anu disebut taneuh. 4 Wangunan imah di Kampung Naga kudu masagi, ukuranna rata-rata 5 x 6 meter, 5 x 7 meter, atawa 6 x 8 meter. Jangkungna biasana 2 nepi ka 2,5 méter tina beungeut taneuh. Kolongna teu pati jangkung kurang leuwih 50 cm. Kolong miboga pungsi pikeun nunda pakakas tatanén sarta tempat ingon-