Dewi Kaniawati , 2013 Ajen estetika dina arsitektur imah adat kampung naga . desa neglasarari , kacamatan
salawu , kabupaten tasikmalaya pikeun bahan ajar maca artikel budaya kelas XII Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Kahirupan manusa di masarakat mangrupa bagbagan tina sosial kabudayaan anu di jerona ngajanggélék ajén palsapah anu mangaruhan
kahirupan sapopoé. Ajén palsapah anu ngajanggélék dina kahirupan manusa miboga peran anu kacida pentingna sabab palsapah mangrupa salah sahiji
widang élmu ngeunaan cara nyanghareupan pasualan dina kahirupan sacara adil jeung wijaksana.
Étika, éstetika, jeung sawangan hirup mangrupa bagbagan tina palsapah. Étika mangrupa élmu ngeunaan paripolah manusa dina nyanghareupan
kahirupan maké aturan sarta adat-istiadat. Nurutkeun Bertens 2008:27 étika nya éta ajén-inajén atawa norma anu jadi payung pikeun hiji jelema atawa
kelompok dina ngatur tingkah laku. Éstétika mangrupa élmu anu nyawang hiji perkara maké rasa jeung kaéndahan. Boh seni, sastra, sosial, kabudayaan, boh
atikan. Nurutkeun Herimanto 2008:30 éstétika mangrupa teori ngeunaan kaéndahan atawa seni. Éstétika raket pisan patalina jeung ajén éndah atawa
goréng teu éndah. Ajén éstetik hartina ajén ngeunaan kaéndahan. Sedengkeun sawangan hirup mangrupa élmu anu jadi dasar pikeun manusa dina ngalakukeun
paripolah nurutkeun kodratna masing-masing. “Jika estetika dibandingkan dengan etika, maka etika berkaitan dengan
nilai tentang baik buruk, sedangkan estetika berkaitan dengan hal yang indah atau jelek Herimanto dan Winar
no, 2008:30.” Hasil kabudayaan dina wujud fisik anu bisa disawang ajén palsapahna
diantarana nya éta wangun imah. Imah mangrupa hiji tempat anu jadi pangabutuh poko pikeun manusa dina kahirupan, sabab imah méré wates privasi
antara hiji kulawarga jeung kulawarga séjénna. Imah ogé mangrupa tempat pikeun silih asah, silih asih, jeung silih asuh.
Salasahiji titinggal budaya tina unggal sélér anu aya di Indonesia nyampak dina wangun arsitéktur tradisionalna saperti imah adat Sunda, Minang,
2
Bugis, Bali, jeung Sumatera. Unggal imah adat miboga fungsi pikeun pangiuhan sarta minangka tempat anu dikaramatkeun.
Kiwari imah adat anu masih kénéh alami tur teu kapangaruhan ku kahirupan modéren geus rada langka. Teu kabéh daérah bisa mertahankeun imah
adatna sabab ayana kamajuan jaman jeung téknologi. Wujud imah adat biasana masih unik kénéh béda jeung imah modéren anu geus nyaluyukeun jeung
kamekaran jaman. Imah adat biasana maké tatapakan, boh batu boh cadas, jangkungna
antara 40-50 cm. Fungsina supaya aya jarak antara imah jeung taneuh, sangkan tihang anu dijadikeun pondasi teu babari ruksak Suganda, 2006:48 .
Babagian imah adat tangtu miboga ajén-inajén anu husus anu jadi cicirén éta tempat. Sanajan kiwari mah imah adat téh geus rada langka sabab
manusa terus milu kana kamekaran jaman tapi imah adat Sunda masih kénéh aya anu panceg teu kapangaruhan ku budaya modéren.
Wangun imah adat di Jawa Barat téh loba pisan, ku kituna penting pisan pikeun nonoman Sunda mikawanoh kana adat-istiadat anu ngajanggélék
dina wangun fisik imah adat. Cara anu bisa dilakukeun ku nonoman Sunda pikeun mertahankeun ajén-inajén kasundaan nya éta ku cara ngamumulé
budayana tur ngamekarkeun kamampuhna dina widang kasundaan. Salasahiji imah adat anu aya di Jawa Barat nya éta imah adat Kampung
Naga anu pernahna di Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Legana ieu kampung téh kurang leuwih 10,5 héktar. Kampung
Naga aya di hiji lengkob anu miboga ukuran rata-rata 500 meter di luhureun permukaan
laut. Wangunna mirip jeung mangkok. Ngajugjug ka Kampung Naga kudu ngaliwatan 335 tangga sabab lokasi
Kampung Naga anu aya di lengkob téa. Warga Kampung Naga ngagem kapercayaan Islam katitén tina wangunan masjid anu aya di kampung adat.
Kampung Naga mangrupa kampung adat anu masih kénéh mertahankeun ajén kabudayaan Sunda nepi ka kiwari. Kampung Naga miboga
tradisi anu loba pisan, ogé miboga babagian tempat anu masih kénéh suci.
3
Imah di Kampung Naga wangunna masih kénéh sarua ti baheula nepi ka kiwari. Babagianana euweuh anu robah sanajan aya karuksakan-karuksakan
anu baris dioméan tapi hal éta teu ngarobah wangun jeung polana. Jumlah imah di Kampung Naga teu ngurangan jeung teu nambahan. Ti mimiti ngadeg éta
kampung nepi ka kiwari jumlah imahna angger kénéh. Jumlah warga Kampung Naga sanajan nambahan atawa ngurangan teu
ngarobah jumlah imah. Éta hal saluyu jeung adat-istiadat anu aya di Kampung Naga. Loba pisan karagaman anu aya di Kampung Naga utamana bentuk
arsitéktur imahna anu masih kénéh nganggem adat-istiadat anu kuat. Ajén éstétika dina arsitéktur imah adat Kampung Naga bisa dijadikeun
bahan ajar maca artikel budaya kelas XII. Bahan ajar mangrupa media pikeun guru dina nepikeun pangajaran ka
siswa sangkan bisa ngahontal standar kompetensi anu geus ditangtukeun. Salian ti éta bahan ajar penting pisan dina prosés pangajaran sabab bahan ajar
mangrupa komponén penting nu teu bisa dileungitkeun. Dina nepikeun bahan ajar guru bisa maké modél pangajaran sangkan ngirut minat karep siswa dina
prosés pangajaran. Modél pangajaran anu dipaké tangtuna kudu disaluyukeun jeung bahan ajar anu rék ditepikeun. Fungsi bahan ajar nya éta pedoman pikeun
guru jeung siswa anu bakal ngarahkeun dina prosés pangajaran sarta pikeun alat évaluasi. Peranan bahan ajar penting pisan sabab bahan ajar euyeub ku bahan-
bahan anu disusun kalawan rapih sarta sistematik ti mimiti kosa kecapna, kalimahna, carita, sarta gambar anu ngarojong kana bahan pangajaranna.
“Bahan ajar atau materi pembelajaran instructional materials secara garis besar terdiri dari pengetahuan, keterampilan, dan sikap yang
harus dipelajari siswa dalam rangka mencapai standar kompetensi yang telah ditentukan. Secara terperinci, jenis-jenis materi pembelajaran
terdiri dari pengetahuan fakta, konsep, prinsip, prosedur, keterampilan,
dan sikap
atau nilai
http:mgmpips.wordpress.com20070302pengertian-bahan-ajar- materi-pembelajaranabdul-majid
Panalungtikan ngeunaan arsitéktur imah adat geus kungsi ditalungtik ku sababaraha panalungtik di antarana panalungtikan ngeunaan Ajén Kabudayaan
dina Arsitéktur Imah Adat Cikondang Désa Lamajang Kacamatan Pangaléngan
4
Kabupatén Bandung Luckyta Anjar Destari: 2010 jeung Ajén Palsapah Dina
Arsitéktur Imah Adat Kampung Kuta Désa Karangpaningal Kacamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis
Citra Agusti Mayaharryani: 2012. Éta hal jadi salasahiji tatapakan panalungtik pikeun medar ajén éstétika dina arsitéktur
Imah adat Kampung Naga anu dijadikeun alternatif bahan ajar kosa kecap di
SMA. Panalungtik séjén saukur nalungtik ngeunaan kampung adatna wungkul sedengkeun dina ieu panalungtikan mah miboga tujuan sangkan hasil
panalungtikan ieu bisa dijadikeun alternatif bahan ajar sangkan mangpaatna leuwih jembar. Ku kituna kacida payus tur merenah upama dilaksanakeun
panalungtikan kana éta hal . Ieu panalungtikan téh dijudulan “Ajén Éstétika dina
Arsitéktur Imah Adat Kampung Naga Désa Neglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Ajar
Maca Artikel Budaya Kelas XII”.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah