33
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
Niténan Adat Kabiasaan
Dina  wacana  anu  tadi  urang  manggihan  sawatara tradisi atawa budaya Sunda anu nu masih kénéh hirup di
Sindangbarang, nyaéta:
1. Upacara Sérén Taun
Upacara  anu  diayakeun  minangka  tanda  sukur  ka Gusti  Nu  Maha  Suci,  ngeunaan  hasil  tatanén,  sarta
miharep  hasil  nu  leuwih  punjul  dina  taun  hareup. Salian  ti  di  Sindangbarang,  upacara  sérén  taun  téh
sok  diayakeun  ogé  di  wewengkon  séjénna,  upama baé di Baduy, Ciptagelar, Kampung Urug, Kampung
Naga, jeung sajabana. Runtuyan kagiatanana ilaharna nyaéta  ngadu’a,  murak  tumpeng,  jeung  pintonan
rupa-rupa kasenian tradisi.
2.    Salametan Maleman Opat Welas
Salian  ti  sérén  taun,  di  Sindangbarang  ogé  aya salametan nu diayakeun saban bulan dina maleman
opat welas purnama. Ieu salametan téh ngadu’akeun anu  geus  parupus  sarta  ménta  kasalametan  ka
Gusti Nu Maha Suci, sangkan rahayat salamet sarta raharja.
3.    Wangunan Imah jeung Palasipahna
Pikeun  urang  Sindangbarang,  imah  téh  diwangun ku tilu bagian sarta miboga harti sewang-séwangan.
Bagian tengah disebutna ‘buana panca tengah’ nyaéta tempat  cicingna  manusa.  Bagian  handap  atawa
kolong  imah,  disebutna  ‘buana  handap’,  tempat cicingna  bangsa  lelembut,  jurig  atawa  siluman. Ari
bagian  luhur  nyaéta  suhunan,  disebutna  ‘buana luhur’, tempat cicingna karuhun.
Di unduh dari : Bukupaket.com
34
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
4.    Upacara Melak Batu
Upacara melak batu téh ngaruntuy dina sawatara kagiatan, nyaéta: a.   Ngunduh  Watu,  néangan  atawa  milihan  batu  di  walungan
pikeun dijadikeun ungkal biang. b.   Ngunduh  Matur,  néangan  tatangkalan  anu  bakal  dipelak  di
sabudeureun batu. c.   Makukeun,  melakkeun  batu  di  hiji  tempat,  deukeut  imah
pupuhu kampung.
5.    Warogé
Warogé téh gambar atawa simbul tina jangjawokan Sunda baheula anu diukir dina kai. Dina warogé aya lima gambar kalawan miboga
ngaran masing-masing, nyaéta:
a. Haranghasuan  warogé  simbul  seuneu,  gunana  pikeun
ngalolongkeun  panon  lelembut  nu  niat  ngaganggu pakampungan atawa lahan tatanén.
b. Ratuning  Tutulak  warogé  simbul  taneuh,  pikeun  panulak
bala tina gangguan manusa atawa jin nu niat jahat. c.
Watu  Panggilang  warogé  simbul  batu,  panulak  bala  tina gangguan mahluk gaib nu aya dina batu.
d. Wangapah  warogé  simbul  cai,  panulak  bala  tina  gangguan
mahluk gaib nu aya di cai. e.
Wawayangan  warogé  simbul  angin,  panulak  bala  tina gangguan mahluk gaib nu aya di awang-awang.
6.    Kasenian Parebut Sééng