62
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
S
abada  ngayakeun  hiji  kagiatan,  urang  kudu  bisa nuliskeun  laporan  tina  éta  kagiatan.  Wanda
tulisanana  ngaharib-harib  karya  ilmiah,  resmi,
henteu  kawas  nulis  karangan  iksi.  Naon-naon  anu kasaksén  dina  hiji  kagiatan  kudu  dituliskeun  kalawan
jéntré.  Ari  maksudna,  ngarah  hiji  kagiatan  téh  bisa  jadi catetan atawa dokuméntasi sarta bisa kabaca ku nu lian.
Ku sabab kitu merenah pisan upama dina pangajaran basa Sunda, urang diajar nulis laporan tina hiji kagiatan.
A.   Maca Laporan Kagiatan
Baca ieu conto laporan kagiatan di handap
Laporan Kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Mahmud
1. Kasang Tukang
Ku pangaruh modérenisasi jeung kamajuan jaman, kiwari beuki loba budaya urang anu kalindih ku budaya deungeun. Para rumaja loba anu
henteu  apal  kana  adat  kabiasaan  urang  Sunda  anu  ngandung  ajén-ajén atikan nu luhung. Éta sababna kudu aya kagiatan anu bisa ngawanohkeun
para rumaja atawa para siswa di sakola kana budaya Sunda nu aya di tatar Sunda. Dumasar kana kasang tukang pamikiran éta, SMP Sunda Mekar
ngayakeun kagiatan Wisata Budaya ka Kampung Mahmud.
Sumber: dokumen pribadi
Di unduh dari : Bukupaket.com
63
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
2. Tujuan
Ieu wisata budaya diayakeun kalawan tujuan: 1 sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Mamud, 2 sangkan para siswa
bisa ngajénan kana budaya nu hirup di éta wewengkon, 3 sangkan para siswa boga tekad jeung sumanget pikeun miara banda budaya titinggal
karuhun.
3. Waktu jeung Tempat Tujuan
Wisata budaya lumangsung dina tanggal 15 Novémber 2013, kalawan tujuan  Kampung Mahmud  di Désa Mekarrahayu, Kacamatan Margaasih,
Kabupatén Bandung.
4. Pamilon
Jumlah  pamilon  255  urang  250  urang  siswa  jeung  5  urang  guru pangaping.
5. Waragad
Waragad  ieu  kagiatan  téh  tina  iuran  para  siswa  anu  gedéna  Rp 50.000urang jeung dana batuan ti sakola. Éta waragad téh digunakeun
pikeun transportasi ongkos beus, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi di perjalanan.
5. Kagiatan
Di Kampung Mahmud para siswa ningalian kaayaan lembur, niténan wangunan imah panggung sarta nanyakeun adat kabiasaan urang dinya
ku  cara  ngawawancara  sababaraha  tokoh  masarakat.  Para  siswa  ogé jarah ka makam Eyang Abdul Manaf, anu mimiti ngadegkeun Kampung
Mahmud.
Hasil tina niténan kaayaan di Kampung Mahmud, bisa dicindekkeun sawatara perkara ieu di handap:
a.   Kampung Mahmud téh perenahna di Désa Mekar rahayu, Kacamatan Margaasih,  Kabupatén  Bandung.  Kaasup  kampung  anu  masih
kénéh tukuh nyekel adat-istiadat titinggal karuhun. Dina kahirupan sapopoé aya pantrangan anu teu meunang dirempak ku masarakat
di éta wewengkon.
Di unduh dari : Bukupaket.com
64
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
b.   Nurutkeun sajarahna, Kampung Mahmud téh diadegkeun ku Éyang Abdul Manaf. Dina jaman Walanda anjeunna ngamukim di Mekah.
Saméméh  mulang  ka  lemahcai,  kungsi  ngadu’a  sarta  munajat  ka Alloh  di  kubah  Mahmud  nu  aya  di  wewengkon  Masjidil  Harom.
Anjeunna  ménta  pituduh  di  mana  tempat  pamulangan  anu  bakal moal  katincak  ku  Walanda.  Nya  meunang  ilapat,  yén  tempat  anu
kudu  dijugjug  téh  nyaéta  wewengkon  ranca.  Éta  sababna  Éyang Abdul  Manaf  tuluy  ngajugjug  ka  tanah  ranca  nu  aya  di  deukeut
walungan  Citarum,  di  pasisian  Bandung.  Kitu  sasakalana  naon sababna ieu lembur dingaranan Kampung Mahmud.
c.   Di  Kampung  Mahmud  loba  kénéh  wangunan  imah  panggung. Sawaréhna  deui  imah  gedong.  Baheula  mah  imah  téh  kabéh  ogé
panggung  cenah,  sabab  kitu  wasiat  ti  Éyang  Abdul  Manaf,  teu meunang  nyieun  imah  permanén  ku  témbok.  Di  hiji  tempat  aya
makam  tempat  pangjarahan.  Dina  gapurana  aya  tulisan  “Makom Mahmud”. Anu dikuburkeun di dinya téh Éyang Abdul Manaf jeung
karuhun Kampung Mahmud séjénna. Ieu makam sok haneuteun baé ku anu ngadon jarah ti mana-mana, boh ti Bandung boh ti daérah
séjén.
d.   Aya sababaraha pantrangan di Kampung Mahmud téh, nyaéta: 1   Teu meunang nyieun imah tina bahan témbok permanén.
2   Teu meunang nyieun imah ngagunakeun kaca. 3   Teu meunang nabeuh goong.
4
Teu meunang nyieun sumur. 5
Teu meunang ngingu soang. Éta  pantrangan-pantrangan  téh  aya  pakaitna  jeung  gentingna
kaayaan dina jaman Walanda harita. Ku sabab Éyang Abdul Manaf hayang  ulah  kanyahoan  ku  penjajah,  nya  lingkungan  lembur  ogé
kudu simpé. Ulah aya sora goong atawa soang, sabab bakal babari kapanggihna ku Walanda. Kitu deui imah ogé ulah maké kaca ngarah
nu ngeusina teu katénjo saha-sahana. Ayeuna mah éta pantrangan téh geus loba anu dirempak. Ari sababna éta pantrangan téh geus
teu saluyu jeung kaayaan jaman.
Di unduh dari : Bukupaket.com
65
Pamekar Diajar
B A S A   S U N D A
Pikeun Murid SMPMTs Kelas IX
6. Panutup