Gun Gun Cahya Gumilar, 2013 AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Panalungtikan
Kabudayaan nya éta kabiasaan manusa anu ngawengku pangaweruh, kapercayaan, seni, hukum, moral, adat, jeung sakumna kabiasaan anu aya di
masarakat. Kabudayaan mangrupa hasil prosés mikir nu jero tur waktu nu panjang. Unggal wewengkon boga ciri has budayana séwang-séwangan. Koentjaraningrat
1990: 205 nétélakeun, yén kabudayaan ngawengku tujuh unsur budaya sacara universal, nya éta; 1 sistem kapercayaan atawa réligi, 2 sistem jeung organisasi
masarakat, 3 organisasi pangaweruh, 4 sistem basa, 5 sistem kasenian, 6 sistem pakasaban, jeung 7 sistem téhnologi.
Wujud kabudayaan téh aya tilu rupa nya éta sistem budaya ideas, sistem sosial activities jeung unsur kabudayaan fisik artefak. Sistem kapercayaan miboga
kayakinan atawa kapercayaan ka nu nyiptakeunana. Salian ti éta, sistem kayakinan jeung kapercayaan ngajanggélék dina upacara atawa ritual, boh nu sok dipintonkeun
boh nu jarang dipintonkeun. Lian ti éta, sistem kapercayaan ogé ngajanggélék dina wangun barang barang anu dipaké salaku pakakas nu dianggap suci atawa karamat.
Kasenian mangrupa subsistem tina unsur kabudayaan anu teu bisa leupas tina kecap éstétika salaku faktor anu ngeuyeuban kasenian. Sabab, kasenian mangrupa
sarana pikeun nepikeun ajén éstétika antara nu nyiptakeun seni ka masarakat luar salaku konsuménna. Ku kituna, seni gumantung pisan ka masarakatna salaku
konsumén anu ngarojongna. Alatan kapangaruhan ku mekarna jaman, kasenian Sunda baheula geus jarang
dipintonkeun. Ku kituna, perlu diayakeun tarékah pikeun ngungkulanana, nya éta ku cara ngadokuméntasikeun sangkan kabudayaan Sunda teu kaeréh ku kabudayaan
modéren. Salasahijina nya éta kasenian wayang golék.
2
Gun Gun Cahya Gumilar, 2013 AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Wayang asal kecapna tina bayang Kosasih, 2010: 102. Carita wayang di Indonesia, hususna di pulo Jawa dibawa ku nu dagang ti India ka Indonésia, nya éta
Ramayana, Arjuna Sastrabahu, jeung Mahabarata, tapi ari ngawayangna mah pituin kabinangkitan pulo Jawa Salmun, 1942: 1.
Carita wayang dibagi kana sababaraha bagian, nya éta murwa, nyandra, kakawén, jeung antawacana Soepandi, 1984: 14. Kakawén nya éta tembang dalang
dina pagelaran wayang golék, ngagunakeun basa Kawi. Eusina mangrupa déskripsi kaayaan adegan nu keur dicaritakeun. Istilah kakawén téh aya ogé nu nyebutkeun
suluk élmu tasaup, siloka perlambang nu sok dikawihkeun. Piriganana maké laras saléndro jeung pélog Kosasih, 2010: 103.
Murwa nya éta kekecapan bubuka dalang, umumna sok ngagunakeun basa Kawi. Tapi dalang wayang golék loba anu ngagunakeun basa Sunda, diucapkeun bari
dipirig ku gamelan anu hawar-hawar. Nyandra nya éta prolog nu dicaritakeun ku dalang sabada murwa, ngagambarkeun kaayaan karajaan, kagagahan jeung
kaagungan raja, kautamaan sipat jeung dangdananana bari dipirig ku gamelan nu hawar-hawar. Antawacana nya éta paguneman atawa dialog antar tokoh wayang dina
pagelaran wayang Kosasih, 2010: 103. Ayana kasenian wayang golék teu leupas tina maksud jeung tujuan
diciptakeunana. Ieu kasenian miboga ajén falsafah anu luhur. Jaman baheula, kasenian wayang golék téh dipaké pikeun nyebarkeun agama Islam. Tapi ka
ayeunakeun, kasenian wayang golék diadu-maniskeun jeung banyolan anu ngajanggélék jadi hiji hiburan anu matak ngirut kana ati nu nongtonna. Tapi di
sagigireun éta, wayang golék ogé masih dipaké pikeun upacara ritual, ruatan, jrrd. Ruat atawa ruatan nya éta hiji kecap pagawéan kariaan pikeun nyalametkeun
barang anyar atawa jelema supaya awét kapakéna, genah dipibandana, panjang umurna, péndékna supaya salamet dunya-ahérat Danadibrata, 2006 : 587.
3
Gun Gun Cahya Gumilar, 2013 AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN
NGAREGEPKEUN DI KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia
| repository.upi.edu
| perpustakaan.upi.edu
Bab ngaruat atawa disebut rosa lantaran patalina jeung nyawa, cumantél kana paéh hirupna jalma Salmun, 1986 : 65. Lamun ditilik deui, kasenian wayang golék
miboga ajén filosofis simbol jeung ajén mitos nu dipercaya ku masarakat urang salila ieu, tur can kapaluruh sagemblengna. Naon anu nyampak dina kasenian wayang
golék miboga kasang tukang maksud jeung tujuan anu disilokakeun ngaliwatan simbol-simbol.
Dina kasenian wayang golék tangtuna aya simbol lambang anu tangtu. Modél dedegan wayang, papakéan wayang, gerak, jeung paguneman salaku hal utama
pikeun transformasi pangaweruh ka masarakat sangkan ku masarakat diteuleuman jeung diaprésiasi. Ku kituna, perlu ayana transformasi pangaweruh ka para nonoman
sangkan wanoh kana kasenian wayang golék. Hasil panalungtikan ngeunaan wayang kawilang loba. Diantarana
Karakteristik Palaku dina Carita Pandawa-Kurawa Karya Hidayat Susanto ku Udin 2006. Karakteristik Tokoh Pandawa dina Carita Mahabarata pikeun Bahan
Pangajaran di SMA ku Fajar Sukma Nur Alam 2008, Analisis Carita Wayang Golék Lakon Dorna Gugur Giriharja 3 ku Nano Sutrisno 2008,jrrd.
Luyu jeung hal di luhur, panalungtik miboga karep pikeun ngawanohkeun kasenian wayang golék jeung nganalisis ajén falsafah dina kasenian wayang golék
ruatan pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA. Ku lantaran can aya panalungtikan nu ngaguar ngeunaan ajén falsafah sarta diimplikasikeun pikeun bahan
pangajaran, ku kituna perlu ngayakeun panalungtikan anu judulna “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang golék Ruatan pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di
kelas XI ”.
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah