AJÉN ATIKAN DINA CARITA WAYANG GOLÉK LALAKON DORNA GUGUR GIRIHARJA 3 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA.

(1)

AJÉN ATIKAN DINA CARITA WAYANG GOLÉK LALAKON DORNA GUGUR GIRIHARJA 3

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

TEDDY ABDILLAH NIM 1006584

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014

(2)

AJÉN ATIKAN DINA CARITA WAYANG GOLÉK

LALAKON

DORNA GUGUR

GIRIHARJA 3 PIKEUN

BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

Oleh Teddy Abdillah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Teddy Abdillah 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

Teddy Abdillah NIM 1005914

AJÉN ATIKAN DINA CARITA WAYANG GOLÉK LALAKON DORNA GUGUR GIRIHARJA 3

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI SMA

disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruswendi Permana, M. Hum. NIP 195901011986011001

Pangaping II,

Dian Hendrayana, S.S., M.Pd.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. Dingding Haerudin, M. Pd NIP 196408221989031001

(4)

(5)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NILAI PENDIDIKAN DALAM CERITA WAYANG GOLÉK

LAKON

DORNA GUGUR

GIRIHARJA 3 UNTUK

BAHAN PEMBELAJARAN MENYIMAK DI SMA

Teddy Abdillah

1,

Ruswendi Permana

2,

Dian Hendrayana

3

Email: ordinariy2nd@gmail.com, ruswendi.permana@upi.edu, dian.hendrayana@upi.edu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRAK

Latar belakang dalam penelitian ini adalah kurangnya pengetahuan masarakat mengenai wayang, dan kurangnya kasadaran masarakat dalam menginterpretasi nilai-nilai pendidikan yang ada dalam pagelaran wayang golék. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan nilai pendidikan yang terdapat dalam cerita wayang golék lakon Dorna Gugur Giriharja 3. Data dianalisis melalui metode deskriptif analitik, dengan menggunakan teknik studi pustaka dan analisis data. Video pagelaran cerita wayang lakon Dorna Gugur Giriharja 3 yang ditranslitrasi kemudian dianalisis struktur dan nilai pendidikannya melalui percakapan antara wayang tersebut. Struktur cerita yang dianalisis meliputi tema, tokoh, alur, latar, amanat. Analisis nilai pendidikan dalam cerita wayang meliputi nilai pendidikan moral, nilai pendidikan sosial, dan nilai pendidikan agama. Berdasarkan hasil analisis, diperoleh kesimpulan bahwa terdapat 12 nilai moral, yaitu: 1) istiqomah; 2) hormat ke guru; 3) amanah; 4) rajin belajar; 5) jangan pelit; 6) berani; 7) menjauhi penyakit hati; 8) jangan sombong, 9) sayang kepada anak; 10) jangan durhaka kepada orangtua; 11) jangan suka menuduh orang lain; dan 12) bijaksana. Dua nilai sosial, yaitu: 1) hak berpendapat; dan 2) saling mengingatkan antar sesama. Tiga unsur nilai agama, yaitu: 1) aqidah; 2) ahlak; dan 3) fiqih.

(6)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1Penulis Utama

2Penulis Pananggung Jawab 1 3Penulis Pananggung Jawab 2

EDUCATION VALUE IN STORY WAYANG GOLEK

PLAYER DORNA GUGUR GIRIHARJA 3 FOR

LISTENING LEARNING MATERIALS IN HIGH SHCOOL

Teddy Abdillah

1

, Ruswendi Permana

2

, Dian Hendrayana

3

Email: ordinariy2nd@gmail.com, ruswendi.permana@upi.edu, dian.hendrayana@upi.edu

Regional Language Education Department, Faculty of Language and Arts Education, Indonesia University of Education

ABSTRACT

The background of this research is the lack of community knowledge about their wayang, and the lack of community awareness in interpreting the values that exist in the educational wayang golek show performances. This study aimed to describe the educational value contained in the story of the play wayang golek Dorna Gugur Giriharja 3. Data were analyzed through descriptive analytic methods, using techniques and data analysis literature. Video performances of wayang player Dorna Autumn Giriharja 3 translate then analyzed the structure and value of education through a conversation between the wayang. Story structures analyzed include theme, character, plot, setting, mandate. Analysis of educational value in story of wayang include moral education value, social value of education, and the value of religious education. Based on the analysis, we concluded that there were 12 moral values, namely: 1) istiqomah; 2) respect for teachers; 3) mandate; 4) study hard; 5) Do not be stingy; 6) bold; 7) away from heart disease; 8) do not be arrogant, 9) dear to the child; 10) Do not disobedient to parents; 11) do not like to accuse anyone else; and 12) wise. Two social values, namely: 1) the right of the opinion; and 2) remind each other between the members. Three elements of religious values, namely: 1) aqidah; 2) ahlak; and 3) fiqh.

(7)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1

Author

2Co-Author 1 3Co-Author 2

(8)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

vi

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABEL ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR SINGGETAN. ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ...xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Nulis ... 5

BAB II WAYANG GOLÉK, AJÉN ATIKAN, STRUKTURALISME, JEUNG GIRIHARJA 2.1 Pagelaran Wayang Golék ... 7

(9)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

vii

2.1.2 Wangenan Wayang Golék ... 7

2.1.3 Asal Wayang ... 8

2.1.4 Sajarah Wayang Golék ... 9

2.1.5 Carita dina Pawayangan ...13

2.1.6 Unsur-Unsur dina Pagelaran Wayang Golék ...18

2.1.6.1 Dalang ...18

2.1.6.2 Wayang ...20

2.1.6.3 Sindén jeung Nayaga ...21

2.1.7 Falsapah dina Pagelaran Wayang Golék ...22

2.2 Ajén Atikan ...24

2.2.1 Ajén Moral ...25

2.2.2 Ajén Sosial ...27

2.2.3 Ajén Agama ...28

2.3 Strukturalisme ...29

2.3.1 Tema ...30

2.3.2 Palaku ...30

2.3.3 Galur ...31

2.3.4 Latar ...32

2.3.5 Amanat ...32

2.4 SKKD Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ...32

2.4.1 Fungsi Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar ...33

2.4.2 Tujuan Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar ...34

2.5 Bahan Pangajaran ...34

2.5.1 Wangenan Bahan Pangajaran ...34

2.5.2 Kriteria Milih Bahan Pangajaran ...35

2.5.3 Prinsip-prinsip Pangajaran ...36

2.6 Raraga Mikir ...39

(10)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

viii

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data ...41

3.2 Desain Panalungtikan ...41

3.3 Métode Panalungtikan ...42

3.4 Wangenan Operasional ...42

3.5 Instrumén Panalungtikan ...43

3.6 Téhnik Panalungtikan...43

3.6.1 Téhnik Pengumpulan Data ...44

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ...44

BAB IV ANALISIS AJÉN ATIKAN CARITA WAYANG LALAKON DORNA GUGUR GIRIHARJA 3 4.1 Deskripsi Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ... 45

4.2 Analisis Struktur Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ... 47

4.2.1 Téma ... 47

4.2.2 Galur ... 50

4.2.3 Palaku ... 52

4.2.4 Latar ... 57

4.2.5 Amanat ... 58

4.3 Analisis Ajén Atikan dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ... 58

4.3.1 Ajén Moral dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 .... 58

4.3.2 Ajén Sosial dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 .... 65

4.3.3 Ajén Agama dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 .. 67

4.4 Nyusun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Carita Wayang ... 70

4.4.1 Evaluasi Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Carita Wayang ... 73

(11)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ix

5.1 Kacindekan ...75

5.2 Rékoméndasi ...76

DAPTAR PUSTAKA ...77

(12)

1 Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Salah sahiji hal anu teu bisa leupas tina kahirupan manusa salaku mahluk individu jeung sosial nya éta basa. Basa mangrupa média pikeun komunikasi papada manusa dina ngébréhkeun rupaning rasa, eusi haté, kahayang, ide, pikiran, ogé gagasan-gagasanna. Cindekna mah basa téh nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004 kc. 6). Salian ti bisa diébréhkeun dina wangun lisan jeung tulisan, basa ogé bisa diébréhkeun dina wangun basa tanda, isarat, jeung réa-réa deui. Basa Sunda salasahiji basa nu aya di dunya, mangrupa basa indung nu dijadikeun tatali marga pikeun masarakat Sunda.

Kasenian di Jawa Barat kacida lobana, kaasup wayang golék, mangrupa kasenian asli kabinangkitan urang Jawa Barat. Dina pagelaran wayang aya nu sok disebut carita wayang, mangrupa carita anu dilakonkeun dina hiji pagelaran wayang. Sumber carita wayang golék nya éta dina carita Mahabarata jeung

Ramayana. Pegelaran wayang geus aya ti baheula. Salian ti dijadikeun alat pikeun

hiburan pagelaran wayang ogé dijadikeun alat pikeun nyebarkeun agama ku para wali. Para wali anu nyebarkeun agama islam ngaliwatan pagelaran wayang nya éta Sunan Giri, Sunan Bonang, Sunan Kudus, jeung Sunan Kalijaga ku cara nepikeun amanat-amanat ngaliwatan paguneman-paguneman diantara lalakon wayang. Pagelaran wayang ogé miboga udagan pikeun nepikeun aspirasi masarakat leutik ka pamaréntah.

Pagelaran wayang téh miboga kalungguhan mangrupa wujud ide manusa enggoning hirup kumbuh ngawangun masarakat di alam dunya. Pagelaran wayang

(13)

2

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

golék ilaharna maké basa Sunda, tapi sok diwuwuhan ogé ku rupa-rupa basa séjén, contona ku basa Kawi lebah kakawén atawa lebah antawacana, malah sok dicampuran ku basa Indonésia atawa basa Inggris. Dina enggoning nyarita, nu maké basa salawasna kapangaruhan ku aspék-aspék psikis, upamana rasa anu patali jeung kasopanan, kaéndahan, kagandangan, jeung sajabana.

Dina pangajaran basa Sunda sok diajar ngeunaan rupa-rupa kasenian, kaasup wayang golék anu ngabogaan sababaraha unsur boh unsur seni musik dina pirigan gamelan, boh basa nu digunakeun ku dalang dina pagelaranana. Najan kitu, kiwari loba masarakat anu teu mikawanoh basa dina pagelaran carita wayang. Barudak jaman ayeuna loba nu teu apal kana pagelaran carita wayang, sarta teu mikaresep kana kasenian wayang golék. Basana anu rada buhun ngabalukarkeun kurang dipikairut ku masarakat, hususna budak ngora salaku generasi penerus kana pagelaran wayang. Anu jadi marga lantaranana geus ngiserna sikep positif, sikep nyaah kana basa indungna sorangan balukar situasi mekarna elmu pangaweruh jeung téknologi (IPTEK) anu hésé pisan dibendungna. Dina kaayaan kitu pagelaran wayang téh ngabogaan ajén atikan anu kawilang penting pikeun siswa anu diajar di sakola. Carita wayang loba pisan ajén-inajén anu mangrupa contoh pilampah masarakat naon-naon waé nu bisa dicokot jeung naon-naon waé anu dipahing pikeun manusa nyanghareupan kahirupan sapopoé.

Amir (1997, kc. 19) ngajéntrékeun yén lengkepna ajén-inajén anu aya dina wayang, bisa ditingali sakumaha hadéna atikan wayang ngeunaan manusa, alam, jeung Pangéran. Lamun nilik kana hirup kumbuhna kasenian wayang ti ratusan taun katukang, urang bisa ngabuktikeun yén atikan-atikan dina wayang geus dipaké ku manusa ti jaman ka jaman. Wayang bisa dijadikeun salaku metodé dina atikan, pagelaran wayang sorangan mangrupa alat pikeun ngadidik ngaliwatan metode anu ngirut. Atikan dina wayang teu ngan saukur sacara teoritis, tapi bisa ngatik sacara kongkret, ku cara nembongkeun kahirupan lalakonna salaku

(14)

3

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

tauladan anu alus. Wayang ogé teu ngajarkeun ngeunaan ajaran-ajaran sacara akademis jeung kaku, tapi ngatik jeung ngadidik nu lalajo ku cara némbongkeun adegan-adegan anu lucu teu matak pikaboseneun.

Hasil panalungtikan ngeunaan wayang kawilang loba. Contona

Karakteristik Tokoh Pandawa dina Carita Mahabarata pikeun Bahan Pangajaran di SMA ku Fajar Sukma Nur Alam (2008), Karakteristik Palaku dina Carita Pandawa-Kurawa Karya Hidayat Susanto ku Udin (2006), Analisis Pagelaran

Carita Wayang Golék Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ku Nano Sutrisno (2008) jeung réa-réa deui.

Panalungtikan ngeunaan wayang mikabutuh tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, kaasup ngungkab ajén atikan pagelaran carita wayang pikeun bahan ajar di sakola. Carita wayang anu rék ditalungtik nya éta lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang Golék Giriharja 3, ajén atikan anu rék ditalungtikna nyaéta ajén sosial, ajén moral, jeung agama.

Dumasar kasang tukang anu geus dipedar, panyusun boga karep nalungtik carita wayang anu miboga ajén-inajén anu kawilang loba. Widang anu ditalungtikna ngeunaan ajén atikan dina carita wayang, nu bisa dijadikeun salasahiji metode dina diajar ngeunaan kapribadian anu hadé. Ku lantaran kitu, panalungtikan Ajén Atikan dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 perlu dilaksanakeun.

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, idéntifikasi masalah dina ieu panalungtikan nya éta, kurangna pangaweruh masarakat ngeunaan wayang, tur kurangna kasadaran masarakat dina ngainterpretasi ajén-ajén anu nyangkaruk tina pagelaran wayang golék. Sangkan tujuanana leuwih museur, ieu panalungtikan

(15)

4

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

diwatesanan nya éta ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama.

1.2.2 Rumusan Masalah

Saluyu jeung watesan masalah nu geus dipedar, di handap ieu baris dirumuskeun masalah-masalah anu rék ditalungtik.

a. Kumaha deskripsi carita wayang golék lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3?

b. Kumaha struktur carita wayang golék lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3 ?

c. Kumaha ajén atikan nu nyangkaruk dina carita wayang golék lalakon Dorna

Gugur Giriharja 3?

d. Kumaha carita wayang Dorna Gugur Giriharja 3 pikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Dina ngalakukeun sagala hal pasti miboga tujuan, kitu deui ieu panalungtikan. Luyu jeung masalah-masalah nu geus dirumuskeun, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun ajén atikan nu nyangkaruk carita wayang lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang Golék Giriharja 3.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun:

a. déskripsi carita wayang lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3

(16)

5

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. struktur carita wayang lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3

c. ajén atikan nu nyangkaruk dina carita wayang lalakon Dorna Gugur Giriharja 3

d. carita wayang lalakon Dorna Gugur pikeun alternatif bahan pangajaran di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téoritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu macana, katut jadi salah sahiji référénsi pikeun kaperluan-kaperluan anu aya pakaitna jeung panalungtikan ngeunaan carita wayang. Kitu deui ngeunaan carita wayang nu ditalungtik, pikeun kapentingan akademik bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat: 1) Pikeun Siswa, Panalungtik, jeung Umum

Sangkan nambahan pangaweruh dina widang sastra jeung budaya, utamana ngeunaan ajén atikan nu nyangkaruk dina carita wayang lalakon Dorna

Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3.

2) Pikeun Guru

Pikeun guru ieu panalungtikan pikeun pangdeudeul dina bahan pangajaran basa Sunda hususna ngeunaan carita wayang.

1.5 Raraga Tulisan

Ieu tulisan téh dipidangkeun dina lima bab. BAB I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan

(17)

6

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

panalungtikan ngawengku tujuan husus jeung tujuan umum, mangpaat tina panalungtikan, jeung raraga nulis.

BAB II Ulikan Tiori, ngabahas ngeunaan tiori-tiori anu dipake pikeun panalungtikan museur kana wangenan pagelaran golék, wangenan ajén atikan, jeung ngabahas Giriharja 3.

BAB III Metode Panalungtikan, medar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, tihnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV Analisis Data jeung Pedaran Ajén Atikan dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur dina Pagelaran Wayang Golék Giriharja 3. Mangrupa hasil tina panalungtikan.

BAB V Kacindekan jeung Saran. Mangrupa bagian tina penutup ieu panalungtikan, ngajéntrékeun ngeunaan kacindekan jeung saran.

(18)

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

41 Ngumpulkeun

Data

Transliterasi Nganalisis

Nyieun Kacindekan Nangtukeun Ajén Atikan

Nyusun Laporan Nangtukeun Struktur

Carita Wayang

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan bisa mangrupa sumber pustaka. Saperti dokumén, buku atawa sumber tinulis séjén. Dina ieu panalungtikan sumber data nu baris ditalungtik nya éta video pagelaran wayang golek Giriharja 3 lalakon

Dorna Gugur. Sumber data ieu bisa ditalungtik ajén atikanna ku cara ditranslitrasi

kana naskah nu engké na bisa nuduhkeun kalimah-kalimah dina gunem caturna wayang nu bisa kasup kana ajén atikan éta sorangan.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain ieu panalungtikan ngawengku: 1) ngumpulkeun data; 2) transliterasi vidéo; 3) nangtukeun struktur carita wayang; 4) nangtukeun ajén atikan; 5) nganalisis; 6) nyieun kacindekan; jeung 7) nyusun laporan. Sangkan leuwih jéntre desain panalungtikan digambar dina bagan.

(19)

42

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 1998, kc. 151). Sapamadegan jeung Sugiyono (2013, kc. 2) métode panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun ngumpulkeun data miboga udagan nu tangtu. Ieu panalungtikan kaasup kana metode panalungtikan kualitatif sabab dina panalungtikanna teu ngagunakeun eksperimen. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode

deskriptif analitik.

Panalungtikan ngagunakeun métode deskriptif ieu miboga tujuan sangkan ngadeskripsikeun ajén atikan dina carita wayang lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3 sangkan meunangkeun gambaran yén dina carita wayang éta miboga ajén atikan anu alus.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan sarta udaganna, ogé teu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran, di handap baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan.

1) Analisis Ajén Atikan nya éta analisis ngeunaan ajén inajén hiji karya hususna dina carita wayang lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3;

2) Carita Wayang nya éta carita anu dilakonkeun dina hiji pagelaran wayang, lalakon dina carita wayang golék biasana nyadur dina carita Mahabarata jeung Ramayana;

3) Lalakon Dorna Gugur nya éta salasahiji carita wayang anu di gelarkeun ku dalang Asep Sunandar Sunarya Giriharja 3 mangrupa bagian tina carita

Mahabarata;

4) Giriharja mangrupa sanggar seni pawayangan nu aya di Jelekong, Balééndah, Kabupatén Bandung (Suryana, 2002, kc. 79). Dalang Giriharja 1 nya éta

(20)

43

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abah Sunarya, dalang Giriharja 2 nya éta Dédé Amung (Lanceukna Asép Sunandar Sunarya), sedengkeun dalang Giriharja 3 nya éta Asép Sunandar Sunarya;

3.5 Instrumen Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi data anu geus ditarima. Instumén panalungtikan dina panalungtikan kualitatif mangrupa alat pikeun ngolah data anu geus dipiboga. Anapon instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tabél penggolongan ajén atikan anu geus dianalisis.

Tabél 3.1

Format Penggolongan Ajén Atikan dina Carita Wayang Lalakon Dorna Gugur Giriharja 3

No. Ajén Atikan

Indikator Jenis Ajén

Atikan

Hubungan (H/V) Hadé (+) Goréng (-)

Katerangan :

+ : Sikep saluyu jeung norma/ hadé/ positif

- : Sikep nu teu saluyu jeung norma/ goréng/ negatif

H : Horizontal (hubungan jeung Gusti Alloh)

V : Vertikal (hubungan jeung papada mahluk)

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik asal kecapna tina basa Yunani tekhnikos nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta :

(21)

44

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu a. Téhnik Studi Pustaka

Téhnik studi pustaka nya éta téhnik nu digunakeun dina néangan sarta nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya hubunganna jeung bahan panalungtikan. Maksudna niténan atawa mutalaah kana sajumlahing sumber pustaka, hasil panalungtikan atawa buku-buku anu raket patalina jeung pangaweruh ngeunaan panalungtikan jeung hal-hal séjénna anu patali jeung ieu panalungtikan.

b. Téhnik Analisis Data

Téhnik analisis data nya éta téhnik ngolah data hasil tina proses panalungtikan pikeun ngajawab rumusan masalah atawa nguji hipotesis anu geus dirumuskeun dina proposal (Sugiyono, 2013 kc. 243). Nganalisis bahan atawa data anu geus dikumpulkeun, sarta diteuleuman nepi ka kapanggih kumaha déskripsi, eusi, jeung ajén atikan nu nyangkaruk dina carita wayang lalakon

Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh, katitén saperti di handap.

1) Lalajo vidéo pagelaran wayang golék Giriharja 3 lalakon Dorna Gugur; 2) Nyieun transkripsi tina video pagelaran wayang golék Giriharja 3 lalakon

Dorna Gugur;

3) Maca literatur-literatur ngeunaan wayang, pagelaran wayang, jeung tiori pawayangan, pikeun meunangkeun dasar-dasar tiori nu aya hubunganana jeung panalungtikan.

3.6.2 Tehnik Ngolah Data

Data nu geus kapanggih (diketik), tuluy diolah dumasar kana téhnik-téhnik nu geus dipedar di luhur. Léngkah-léngkahna nya éta:

1) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

(22)

45

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Nganalisis struktur carita wayang golék lalakon Dorna Gugur dina pagelaran wayang golék Giriharja 3;

4) Nganalisis data nu nuduhkeun ajén moral nu nyangkaruk dina carita wayang; 5) Nganalisis data nu nuduhkeun ajén sosial nu nyangkaruk dina carita wayang; 6) Nganalisis data nu nuduhkeun ajén agama nu nyangkaruk dina carita wayang.

(23)

75 BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén atikan dina carita wayang lalakon Dorna Gugur Giriharja 3. Carita wayang anu dianalisis ku cara nyieun transliterasi vidéo pagelaran wayang golék lalakon

Dorna Gugur Giriharja 3, satuluyna dipasing kana tilu unsur ajén atikan nya éta

ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama.

Tina hasil analisis panalungtikan, dihasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta saperti di handap.

1) Struktur carita wayang lalakon Dorna Gugur Giriharja 3 ngawengku : 1) Tema anu kapanggih dina éta carita wayang nya éta tema kawajiban nu jadi satria; 2) Galur anu kapanggih dina éta carita wayang nya éta galur melere anu runtuyanana kabagi jadi pengenalan, komplikasi, konflik, klimaks, peleraian, jeung penyelesaiaan; 3) Palaku dina éta carita wayang aya 12 nya éta Kresna, Arjuna, Semar, Cepot, Satiaki Padmanegara, Bima, Dawala, Dorna, Krepa, Yudistira anu kaasup kana tokoh protagonis jeung Buriswara jeung Prabu Pramea anu kaasup kana tokoh antagonis; 4) latar tempat anu kapanggih dina éta carita nya éta di Tegal Kurusetra, jeung latar waktu anu kapanggih dina éta carita nya éta isuk-isuk jeung waktu dimana perang geus dimimitian poé éta; 5) amanat anu nyangkaruk dina éta carita nya éta kawajiban nu geus dipiboga ku hiji jalma kudu ditedunan, jeung amanat-amanat séjén anu kagambar ku watek dina tokoh-tokohna.

2) Ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama anu dianalisis diantarana nya éta: 1) Ajén moral anu kapanggih aya 12 ajén, nya éta kudu istiqomah, hormat ka guru, amanah, daék diajar, ulah kumed, teu sieunan, ngajauhan panyakit haté, ulah agul, nyaah ka anak, ulah campelak

(24)

76

kanu jadi kolot, ulah tutuduh ka batur, wijaksana; 2) Ajén sosial anu kapanggih aya dua ajén nya éta hak nyarita jeung silih elingan papada manusa; 3) Ajén agama anu kapanggih tina unsur nya éta aqidah, ahlak, jeung fiqih.

5.2Rekoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu ditepikeun pikeun kamekaran panalungtikan ka hareupna, nya éta saperti di handap.

1) Pikeun Guru Basa Sunda

Nilik kaayaan kiwari, balukar tina kamekaran jaman jeung gaya hirup anu geus kapangaruhan ku budaya luar, teu saeutik anu henteu wawuh kana pagelaran wayang golék. Antukna budaya anu geus aya ti ratusan taun katukang téh teu dipikacinta deui ku sawaréh masarakat. Ogé ajén-inajén anu aya dina pagelaran wayang golék loba anu teu katepikeun ka generasi saterusna. Ku kituna salaku guru kudu leuwih jero deui nilik kana budaya Sunda hususna wayang golék anu ngabogaan ajén-inajén anu alus pikeun ditepikeun ka siswa-siswana disakola, sabab lian ti urang nepikeun ajén-inajén anu alus ogé ngawanohkeun deui budaya Sunda salaku ciri masarakat Sunda.

2) Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan carita wayang dumasar kana ajén atikanana. Tangtu garapan carita wayang téh masih kéneh lega. Nilik kana carita wayang salaku budaya Sunda anu buhun jeung ngabogaan ajén-inajén anu kawilang loba, panalungtikan ieu masih kawilang heureut. Ku kituna, perlu diayakeun deui panalungtikan-panalungtikan séjén ngeunaan wayang golék anu leuwih jero deui. Lian ti mangpaatna pikeun urang leuwih maham kana budaya sorangan, ogé ngajorong deui batur sangkan mikacinta budaya Sunda.

(25)

67

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Amir, H. (1997). Nilai-nilai Etis dalam Wayang. Jakarta: pustaka Sinar Harapan. Anwar, S. (2009). Islam Tuntunan dan Pedoman Hidup. Bandung: Value Press Arikunto, S. (1998). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Bertens, K. (2011). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Depdiknas. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa Edisi ke-4. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Iskandarwasid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Isnendes, C.R. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing.

Koentjaraningrat. (1990). Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Kosasih, D. (2010). Santika Basa. Bandung: Kingqilaban.

Koswara, D. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Latifah, T. (2009). Ajén Kaagamaan dina Novel Masyitoh Karangan Ajip Rosidi pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA. (Skripsi). Sarjana Pendidikan

(26)

68

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LBBS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Lengkanawati, N.S., dkk. (2007). Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: BASEN PRESS.

MKDP Landasan Pendidikan. (2010). Landasan Pendidikan. Bandung: MKDP UPI.

Mulyono, S. (1982). Wayang. Jakarta: PT Inti Indayu Press.

Nurmilasari, H. (2013). Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kacamatan

Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian Daerah di SMP Kelas VIII. (Skripsi). Sarjana Pendidikan

Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Pasha, L. (2011). Buku Pintar Wayang. Yogyakarta: IN AzNa Books.

Pranowo, L.P.A. (2011). Atlas Tokoh-tokoh Wayang dari Riwayat sampai

Silsilahnya. Jakarta: PT. Buku Seru.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Salmun, M.A. (1942). Padalangan di Pasundan. Jakarta.

Salmun, M.A. (1986). Padalangan I. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:

Alfabeta

(27)

69

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Suryana, J. (2002). Wayang Golék Sunda. Bandung: Kiblat.

Syamsuddin, A.M. (2012). Psikologi Kependidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

LBBS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Lengkanawati, N.S., dkk. (2007). Apresiasi Bahasa dan Seni. Bandung: BASEN PRESS.

MKDP Landasan Pendidikan. (2010). Landasan Pendidikan. Bandung: MKDP UPI.

Mulyono, S. (1982). Wayang. Jakarta: PT Inti Indayu Press.

Nurmilasari, H. (2013). Ajén Sosial dina Kasenian Jentréng di Kacamatan

Rancakalong pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Pedaran Wanda Kasenian Daerah di SMP Kelas VIII. (Skripsi). Sarjana Pendidikan

Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Pasha, L. (2011). Buku Pintar Wayang. Yogyakarta: IN AzNa Books.

Pranowo, L.P.A. (2011). Atlas Tokoh-tokoh Wayang dari Riwayat sampai

Silsilahnya. Jakarta: PT. Buku Seru.

Ruhaliah. (2002). Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Salmun, M.A. (1942). Padalangan di Pasundan. Jakarta.

Salmun, M.A. (1986). Padalangan I. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Stanton, R. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. Sugiyono. (2013). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung:

Alfabeta

(6)

69

Teddy Abdillah, 2014

Ajén atikan dina carita wayang golék lalakon dorna gugur giriharja 3 pikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Suryana, J. (2002). Wayang Golék Sunda. Bandung: Kiblat.

Syamsuddin, A.M. (2012). Psikologi Kependidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.