Wangenan Operasional Instrumén Panalungtikan

28 Bagan 3.1 Désain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salasahiji cara anu digunakeun pikeun ngahontal tujuan. Métode nya éta seperangkat wawasan filosofis pikeun ngahontal tujuan panalungtikan Maryaéni, 2005: 23. Ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif. Bogdan jeung Tylor dina Muhammad, 2011: 19 nétélakeun yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu hasilna mangrupa data deskriptif winangun kekecapan tinulis, atawa tingkah polah ti masarakat nu ditalungtik. Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif. Éta hal luyu jeung pamadegan Suyatna 2002: 14 anu nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu nyalusur ma’na implikasi. Dina ma’na anu leuwih lega, ieu métode téh remen digunakeun panalungtikan survey. Ieu métode déskriptif téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ngeunaan ajén falsafah dina kasenian wayang golék ruatan, garapanna museur kana runtuyan prak- prakan, pakakas property, simbol-simbol dina prak-prakan, jeung pakakas anu digunakeun. Anu satuluyna dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMA.

3.4 Wangenan Operasional

Judul ieu panalu ngtikan nya éta “Ajén Falsafah dina Kasenian Wayang Golék Ruatan p ikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun kelas XI”. Sangkan aya gambaran, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, nya éta: 29 Gun Gun Cahya Gumilar, 2013 AJÉN FALSAFAH DINA KASENIAN WAYANG GOLÉK RUATAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN DI KELAS XI Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Ajén falsafah, nya éta nilai, harga atawa pangaji anu dihasilkeun tina pamikiran anu ditéangan bebeneranana pikeun ngungkab hiji pasualan penting dina éta kasenian wayang golék ruatan; 2 Kasenian wayang golék, nya éta hiji kasenian tradisional anu tumuwuh di masyarakat Sunda. Kasenian wayang golék biasana dipaké pikeun ruatan jeung hiburan; 3 Ruatan nya éta kecap pagawéan kariaan nyalametkeun barang anyar atawa jelema supaya awét kapakéna, genah dipibandana, panjang umurna, tur supaya salamet dunya jeung ahérat Danadibrata, 2006: 587; 4 Bahan pangajaran, nya éta sakabéh bahankomponen pangajaran anu rék ditepikeun dina kagiatan ngajar, mangrupa élmu pangaweruh anu kudu dikawasa ku guru jeung murid; jeung 5 Pangajaran ngaregepkeun, nya éta salasahiji pangajaran anu aya dina SKKD basa Sunda.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumen panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara anu digunakeun dina ieu panalungtikan. Pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, instrumen anu digunakeun nya éta, kaméra digital, handphone, jeung pedoman wawancara. 1 Kaméra Digital Kaméra digital dipaké pikeun ngadokuméntasikeun foto dina prak-prakan kasenian wayang golék ruatan; 2 Handphone Handphone digunakeun pikeun ngarékam prosés ngumpulkeun data dina téhnik wawancara ka informan, ngeunaan wayang golék ruatan; 3 Pedoman Wawancara 30 Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara para seniman kasenian wayang golék ruatan. Wawancara dilakukeun kalayan ngagunakeun patokan anu geus disadiakeun dina lambaran wawancara mangrupa kisi-kisi daftar pertanyaan anu patali jeung kabutuhan panalungtik atawa masalah anu rék ditalungtik. Anapon pertanyaan-pertanyaan dina wawancara nya éta: 1. Saha jenengan Bapa téh sareng kalungguhan dina grup kasenian wayang golék ieu salaku naon? 2. Kumaha sajarah kasenian wayang golék ruatan? 3. Kumaha prak-prakan kasenian wayang golék ruatan di grup Bapa téh? 4. Naha aya ritual husus saacan prakna ieu kasenian? 5. Kasenian wayang golék ruatan téh alusna dipintonkeun di jero atawa di luar ruangan? 6. Jejer naon anu dipake dina ieu kasenian wayang golék ruatan? 7. Naha aya sarat-sarat husus pikeun ilubiung dina ieu upacara ruatan téh? 8. Naon waé pakakas atawa properti anu digunakeun dina kasenian wayang golék ruatan ieu? 9. Saha waé seniman anu ilubiung dina ieu kasenian wayang golék ruatan? 10. Simbol-simbol naon waé nu aya dina pakakas atawa properti kasenian wayang golék ruatan ieu? 11. Ajén falsafah naon waé nu aya dina kasenian wayang golék ruatan? 12. Ti iraha Bapa tiasa kana kasenian wayang golék ruatan? Naha turunan ti sepuh atanapi tiasa nyalira? 13. Kumaha prosés pewarisan ieu kasenian kanggo ka payunna?

3.6 Tehnik Ngumpulkeun Data