Rangkay Skripsi Métode Panalungtikan Téhnik Ngumplkeun Data

Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.3.2 Tujuan Husus

Ieu panalungtikan miboga tujuan husus nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1 sajarah kasenian Réog Cengal; 2 prak-prakan pagelaran kasenian Réog Cengal; 3 ajén éstétika anu nyampak dina kasenian Réog Cengal; jeung 4 bahan pangajaran maca bahasan di SMP Kelas IX. 1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis Sacara téoritis ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan, boh pikeun bahan pangajaran, boh pikeun aprésiasi budaya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat sanggeus panalungtikan nu dipiharep bisa: 1 nambahan wawasan sarta pangaweruh ngeunaan kesenian Réog Cengal hususna pikeun dunya pangaweruh atawa atikan; 2 di dunya pangajaran, bisa dijadikeun salasahiji sumber pikeun bahan pangajaran di sakola; 3 di masarakat, sangkan ulah mopohokeun kana tradisi atawa kabudayaan di Jawa Barat. Masarakat kudu bisa ngarojong jeung ngamumulé tradisi anu aya di Jawa Barat. 4 panalungtik, bisa ngamangpaatkeun ieu panalungtikan salaku média pikeun nambahan pangaweruh dina widang kabudayaan.

1.5 Rangkay Skripsi

BAB I : Bubuka ngabahas ngeunaan kasang tukang masalah, rumusan masalah, watesan masalah, tujuan jeung panalungtikan, jeung rangkay skripsi.

BAB II : Kajian tiori

Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III: Métodologi panalungtikan medar ngeunaan métode jeung téhnik panalungtikan, instrumén panalungtikan, désain panalungtikan, sumber data, jeung wangenan operasional. BAB IV : Analisis data jeung pembahasan hasil panalungtikan. BAB V : Kacindekan jeung saran 24 Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta cara nu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikanana Arikunto, 2010, kc. 203. Sacara jembar metodé panalungtikan nya éta cara ilmiah pikeun nyangking data dumasar kana tujuan nu hayang dihontal. Métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif, hal ieu saluyu jeung Moleong: “penelitian yang bermaksud untuk memahami fenomena tentang apa yang dialami oleh subjek penelitian misalnya perilaku, persepsi, motivasi, tindakan, dll. Efendi, 2013, kc. 6. Métode dina ieu panalungtikan digunakeun pikeun ngadéskripsikeun sajarah, prak-prakan, ajén éstétika nu aya dina kasenian Réog Cengal, sarta matalikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara pikeun bahan pangajaran maca di kelas IX.

3.2 Téhnik Ngumplkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta analisis data hasil obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Data hasil obsérvasi tuluy dikumpulkeun sarta didéskripsikeun, tuluy diolah dumasar kana pamarekan éstétika. Nu dipaluruh nya éta ngeunaan sajarah kasenian Réog Cengal, prak- prakan kasenian Réog Cengal, ajén éstéika nu aya dina kasenia Réog Cengal, sarta ngadéskripsikeun bahan pangajaran maca bahasan budaya ngeunaan kasenian, pikeun mikanyaho luyu henteu dijadikeun alternatif bahan pangajaran.

3.3 Téhnik Ngolah Panalungtikan