Kasang Tukang AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN RÉOG CENGAL DI KACAMATAN JAPARA KABUPATÉN KUNINGAN PIKEUN BAHAN MACA BAHASAN MACA DI SMP KELAS IX.

1 Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Koentjaraningrat 2009, kc. 165 nétélakeun yén kabudayaan téh sacara universal ngawengku tujuh unsur budaya, nya éta: 1 basa, 2 sistem pangaweruh, 3 organisasi kamasarakatan, 4 sistem téknologi, 5 sistem pakasaban, 6 sistem kapercayaan, jeung 7 sistem kasenian. Kabudayaan téh teu bisa leupas tina tujuh unsur. Ku kituna antara kasenian jeung kabudayaan raket patalina. Koentjaraningrat 2009, kc. 166 nétélakeun yén kasenian mangrupa ciptaan tina sagala pikiran jeung paripolah manusa nu fungsional, éstétis, jeung éndah, nepi ka bisa dirasakeun ku panca indera. Kasenian bagian tina kabudayaan nu aya patalina jeung unsur kaéndahan. Sabagian manusa boga pikiran yén kasenian téh mangrupa éksprési hasrat nu bisa dirasakeun, di antarana: seni sora, seni rupa, jeung seni drama. Seni drama nya éta seni nu ngawadahan sakabéh unsur seni nu sipatna tradisonal Koentjaraningrat 2009, kc. 299. Seni nu sifatna tradisional di tatar Sunda di antarana kasenian Réog Cengal. Réog Cengal nya éta salasahiji kasenian tradisional nu aya di Kuningan. Istilah réog nu aya di Jawa Barat hususna di wewengkon Kuningan, teu sarua jeung istilah réog nu aya di Jawa Timur. Réog nu aya di Jawa Barat nya éta jenis kasenian tradisional anu ngagunakeun dog-dog minangka waditra utamana, nu ditabeuh dibarengan ku gerakan tari nu pikaseurieun Disparbud Jabar, 2013, kc. 3. Dina kasenian Réog Cengal ngandung ajén éstétika. Éstétika dina harti heureut nya éta filsafat anu niténan atawa anu aya hubunganana jeung sagala hal ngeunaan kaéndahan alam jeung seni Kartika, 2004, kc. 9. Kasenian Réog Cengal kaasup kana kaéndahan seni, kaéndahan seni anu nyampak dina ieu kasenian di antarana katitén dina waditra, kostum pamaén, jeung gerakan. Nurutkeun Ébro 70 taun, salasahiji tokoh Réog Cengal, istilah réog asal kecapna tina riyag-riyeg basa wewengkon Kuningan, nu hartina gerakan alon nu Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ngagambarkeun jelema nu keur dzikir. Gerakan riyag-riyeg aya dina adegan babadayan, nya éta adegan maju mundur nu museur kana damar jodogoncorajugpagawangan. Dina babadayan, palaku mintonkeun gerakan ritmis nu ampir sarua jeung gerakan tari, di antarana, gerakan anu nukangan pamilon, galéong ngangkat suku dina puteran kahiji, gerakan maju mundur nu museur kana pagawangan sabari godeg, géndéng éngkég gigir runduk suku, jeung keber nya éta gerakan maju mundur puteran kadua, nu dibarengan ku leungeun katuhu diangkat ka luhur. Ayana kasenian Réog Cengal teu lepas tina maksud jeung tujuan diciptakeunna. Jaman baheula ieu kasenian téh ngajak ka sakumna masarakat sangkan ngagem agama Islam Ébro, 27022013. Kiwari kasenian réog Cengal mangrupa media hiburan atawa pintonan rahayat pikeun ngaraketkeun deui solidaritas dina hiji masarakat. Kasenian Réog Cengal bisa leungit mun masarakatna geus teu maliré deui kana kabeungaharan budaya lokal nu aya di sabudeureunana. Kasenian Réog Cengal geus ampir 24 taun teu dipintonkeun deui. Ku sabab aya sababaraha faktor nu ngabalukarkeun kasenian Réog Cengal teu pati dipikawanoh ku masarakat, di antarana faktor intrinsik jeung faktor ékstrinsik. Faktor intrinsik, misalna waditra anu ruksak atawa palakuna anu geus kolot jeung aya anu maot. Ari faktor ékstrinsikna, misalna ayana pangaruh kamekaran téknologi jeung média informasi, nu balukarna bisa ngarobah sikep jeung kamandang palaku budaya di kalangan masarakat, hususna di kalangan kaum rumaja. Pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun kasenian tradisional, kaum rumaja salaku generasi anyar perlu mikawanoh ieu kasenian. Ku cara diwulangkeun dina pangajaran sakola. Salian ti éta tarékah séjénna bisa ngaliwatan budaya pariwisata. Pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola ngabogaan tujuan pikeun ngajénan jeung nimbulkeun rasa kareueus kana basa jeung sastra Sunda. Hal éta saluyu jeung bahan pangajaran maca nu aya dina kompeténsi inti jeung kompeténsi dasar KIKD, nya éta ngeunaan maca bahasan budaya. Ieu panalungtikan budaya diluyukeun kana KIKD, salaku bahan pangajaran nu aya di SMP. Éta hal kaunggel dina pangajaran kaparigelan maca pikeun kelas Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu IX. Kompeténsi Inti KI 9.2 , nya éta “menghargai dan menghayati perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, peduli toleransi gotong royong, percaya diri, dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan soialnya dan alam dalam jangkauan pergaulan dan keberadaannya. Kompeténsi Dasar KD 9.2.2, nya éta “menunjukan perilaku jujur, tanggung jawab, percaya diri, peduli, proaktif dan santun dalam menggunakan bahasa Sunda untuk memahami berita ilmu pengetahuan dan budaya sarta bahasan teknologi dan seni” Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 27. Saméméhna geus kungsi aya panalungtikan dina wangun skripsi ku mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, UPI Bandung, di antarana: 1 Dini Novianti Cahyati 2009 “Unsur Celempungan “Sinata Grup” anu aya di Désa Cibeusi Kacamatan Ciater Kabupatén Subang”. 2 Eka Purwanti 2011 “Ajén Éstétis dina Kasenian Sisingaan di Kabupatén Subang”. 3 Marlina Efendi 2013 “Ajén Éstétika dina Seni Raja Dogar di Kacamatan Cibatu Kabupatén Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. 4 Tiya Komalasari 2013 “Ajén Éstétika dina Kasenian Penca Silat Cakar Kamuning Kencana di Kampung Nyingkur Désa Cihideung Kacamatan Parongpong Kabupatén Bandung Barat pikeun Bahan Pangajaran Maca Kelas XII”. 5 Sandi Masri Putri 2013 “Ajén Éstétika dina Kasenian Tradisi Parebut Sééng di Désa Kutajaya Kacamatan Cicurug Kabupatén Sukabumi Garut pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan Kelas XII”. Tétéla can aya anu ngaguar perkara kasenian Réog Cengal dina wangun skripsi. Sangkan masarakat wanoh kana ieu kasenian, ku kituna panalungtikan nu judulna ”Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal di Kacamatan Japara kabupatén Kuningan pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX ” perlu dilaksanakeun. Lili Aliyanti, 2014 Ajén Éstétika dina Kasenian Réog Cengal Kacamatan Japara Kabupatén Kuningan Pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMP Kelas IX Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah