Desain Panalungtikan Métode Panalungtikan Wangenan Operasional Instrumén Panalungtikan

Mitha Hartati, 2013 Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2 Sumber Data

Jumlah penduduk nu aya di Kacamatan Kersamanah lobana 37.719 jiwa Dimana Lalaki 19.504 jiwa jeung penduduk awéwé 18.215 jiwa anu sumebar di 56 kampung. Anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, para sesepuh, aparat pamaréntah, sarta tokoh masarakat anu apal kana sajarah éta patempatan sarta nyaho asal-usul ngaran éta tempat, nya éta: Aki Omo Warga, Dadang SahmudinKetua Rt, Muh. Kosim Ketua LPM, Bapa Oneng Ketua Rt, Bapak Sudia Warga, Bapa Omo Warga, Fahrudin S.Pdi Anggota DKM, H. Ade Sutisna Sesepuhmantan kadés, Asep Saripudin warga, Sutama Ketua DKM, Ahmad Juhria Warga, Ahmad Saépudin Anggota DKM, Ai Tini Istri RtParaji, Ajat Hidayat Warga, Oyo Sunarya Warga, Aos Gaos Firdaos Ketua Rt, Ajang Warga, Utis Sekretaris Désa, Timi Warga.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta mangrupakeun rancangan ngeunaan cara ngumpulkeun jeung nganalisis data sangkan bisa dilakukeun sacara ekonomis sarta luyu jeung tujuan éta panalungtikann Nasution, 2009:23. Desain panalungtikan Bagan 3.1 Studi pustaka Obsérvasi Wawancara Dokumentasi Ngumpulkeun data Nyusun laporan Ngolah data Mitha Hartati, 2013 Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriftif. Métode déskriptif nya éta métode pikeun ngadéskriptifkeun atawa méré gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sifat- sifat populasi nu tangtu. Tujuan ngagunakeun métode deskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun aspék-aspék nu nyampak dina sistem méré ngaran di Kacamatan Kersamanah.

3.4 Wangenan Operasional

1 Toponimi Toponimi ditilik tina jihat étimologis asal tina kecap topo anu hartina tempat jeung nimi name anu hartina ngaran. Jadi sacara étimologis toponimi téh ngandung harti ngaran-ngaran patempatan. 2 Kacamatan Kersamanah Kacamatan Kersamanah nya éta salah sahiji tina 42 kacamatan anu aya di wilayah Kabupatén Garut. Kacamatan Kersamanah miboga lima désakalurahan nya éta Désa Kersamanah, Désa Nanjungjaya, Désa Sukamérang, Désa Girijaya, jeung Désa Sukamaju. 3 Kabupatén Garut Kabupatén Garut ayana di léngkob Gunung Guntur anu luhurna 2249 m, di belah kidul-wétaneun Kota Bandung. Kabupatén Garut miboga 42 kacamatan, jeung 403 désa.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa pasilitas anu digunakeun ku anu nalungtik nalika ngumpulkeun data, sangkan pagawéan leuwih gampang tur hasilna ogé leuwih hadé, dina harti leuwih gancang, lengkep jeung sistematis sangkan datana leuwih gampang diolah Arikunto, 2006:160. Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Alat tulis, Pikeun nyatet hal-hal penting nalika wawancara. Mitha Hartati, 2013 Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Alat ngarékam, digunakeun pikeun ngarekam nalika wawancara jeung narasumber. 3 Kaméra, digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung aspék-aspék nu mangaruhan kana sistem méré ngaran di Kacamatan Kersamanah. 4 Pedoman wawancara, digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prak- prakan wawancara jeung narasumber, sangkan obrolan museur kana tujuan nu baris dihontal. Anapon pedoman wawancara anu digunakeun nya éta: FORMAT WAWANCARA Ngumpulkeun Data Ngaran-ngaran Tempat di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut No Narasumber: 1 Data Narasumber a. Ngaran : b. Umur : c. Jenis Kelamin : d. Pakasaban : e. Atikan : f. Kalungguhan : g. Padumukan : 2 Daptar patalékan a. Naon harti ngaran ieu kampung? b. Kumaha asal-usul ngaran ieu kampung? c. Ti iraha ieu kampung dibéré éta ngaran? d. Ti saha kengéng ieu carita? e. Naha aya bukti atawa fakta sejarah anu ngarojong kana ngaran ieu kampung? Mitha Hartati, 2013 Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data