KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH KACAMATAN KERSAMANAH KABUPATÉN GARUT DUMASAR KANA CARITA RAYAT.

(1)

KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH

KACAMATAN KERSAMANAH KABUPATÉN GARUT DUMASAR KANA CARITA RAYAT

SKRIPSI

Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daérah

ku Mitha Hartati NIM 0906371

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAÉRAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

Mitha Hartati, 2013

KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH

KACAMATAN KERSAMANAH KABUPATÉN GARUT DUMASAR KANA CARITA RAYAT

Oleh Mitha Hartati

0906371

Skripsi yang Diajukan Untuk Memenuhi Salah Satu Syarat

Memperoleh Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah Pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

©Mitha Hartati 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH KACAMATAN KERSAMANAH KABUPATÉN GARUT DUMASAR KANA CARITA RAYAT

Disaluyukeun jeung disahkeun ku: Pangaping 1,

Drs. Dede Kosasih, M.Si. NIP 196307261990011001

Pangaping II,

Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

(4)

Mitha Hartati, 2013

KAJIAN TOPONIMI DI WILAYAH KACAMATAN KERSAMANAH

KABUPATÉN GARUT DUMASAR KANA CARITA RAYAT1)

MITHA HARTATI 2) ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Kajian Toponimi di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar kana Carita Rayat”. Dilatarbelakangi oleh banyaknya tempat yang namaya diganti tanpa megindahkan nama sebelumnya. bertujuan untuk mendeskripsikan bagaimana latar belakang pemberian nama kampung yang ada di Kecamatan Kersamanah serta bermanfaat untuk inventarisasi sejarah nama-nama kampung yang ada di daerah Kersamanah.. Metodologi yang digunakan adalah metode deskriptif, sedangkan teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah kajian pustaka, wawancara, dan observasi. Kecamatan Kersamanah terbagi menjadi lima desa yaitu: Desa Kersamanah, Desa Nanjungjaya, Desa Girijaya, Desa Sukamaju dan Desa Sukamerang. Dalam penelitian ini ditemukan 46 cerita rakyat, dari 54 kampung yang terdapat di Kecamatan Kersamanah. Dari hasil analisis ditemukan ada 25 kampung yang menggunakan pola barung dan 21 nama kampung yang menggunakan pola linier. Sedangkan berdasarka aspék yang mempengaruhinya ada 20% nama tempat yang didasarkan pada aspék fisikal unsur hidrologis, 4.2% nama tempat yang didasarkan pada aspék fisikal unsur géomorfologis, 18.2% nama tempat yang didasarkan pada aspék fisikal unsur biologis (flora), 2.8% nama tempat yang didasarkan pada aspék fisikal unsur bilogis (fauna), 27,4% nama tempat yang didasarkan pada aspek sosial, serta 27,4% nama tempat yang didasarkan pada aspék kultural. Hal ini membuktikan bahwa masarakat di Kecamatan Kersamanah lebih banyak dipengaruhi oleh aspek non fisikal dan menggunakan pola barung.

1) Skripsi ini di bawah bimbingan Drs. Dede Kosasih, M.Si., dan Agus Suherman, S.Pd., M.Hum. 2) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Angkatan 2009.

(5)

STUDIES OF TOPONIMI IN KERSAMANAH SUBDISTRICT GARUT

REGENCY BE BASED ON CITIZENRY STORY1)

Mitha Hartati2) ABSTRACT

This research entitled is “Studies Of Toponimi In Kersamanah Subdistrict Garut

Regency Be Based On Citizenry Story” have a background by much place which

there name was change without heed the name previously. And have purpose to describe how the background name extanding of the village in Kersamanah subdistrict and use for inventory of names village in Kersamanah. Methodology which used in this research is deskristive methode, meanwile the technique which used is book studies, interview, and observatory. Kersamanah subdistrict devided become five village that is Village Kersamanah, Village Nanjungjaya, Village Girijaya, Village Sukamaju and Village Sukamerang. In this research finded 46 story from 54 village which be vound in Kersamanah Subdistrict. From the result of analysis ba found 25 village which used bundle system and 21name of village whice used linier system meanwhile based on aspectwhich influence have 20% name of village which based on physical aspect hydrology substant, 4.2% name of village which based on physical aspect geomorfology subtant, 18.2% % name of village which based on physical aspect biology subtant (flora), 2.8% name of village which based on physical aspect biology subtant (fauna), 27,4% name of village which based on social aspect, and 27,4% name of village which based on culture aspect. This matter manifest that people in Kersamanah subdistrict much influence by non physical and used bundle aspect.

(6)

Mitha Hartati, 2013

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABEL ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 5

BAB II DASAR TEORI 2.1 Kabudayaan ... 7

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 7

2.1.2 Ciri-ciri Kabudayaan ... 8

2.1.3 Wujud jeung Unsur Kabudayaan ... 10

2.2 Folklor ... 11

2.2.1 Wangenan Folklor ... 11

2.2.2 Ciri-ciri Folklor ... 11

2.2.3 Mangpaat Folklor ... 12

2.2.4 Papasingan Folklor ... 12

2.3 Toponimi ... 13

2.3.1 Wangenan Toponimi ... 13

(7)

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data ... 17

3.2 Desain Panalungtikan ... 21

3.3 Métode Panalungtikan ... 22

3.4 Wangenan Operasional ... 22

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 22

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data ... 24

3.7 Analisis Data ... 24

BAB IV ANALISIS TOPONIMI DI WILAYAH KACAMATAN KERSAMANAH KABUPATÉN GARUT 4.1 Déskripsi Kacamatan Kersamanah ... 25

4.2 Déskripsi Kasang Tukang Ngaran-ngaran Kampung Dumasar kana Carita Rayat ... 27

4.3 Analisis Sistem Méré Ngaran Kampung di Kacamatan Kersamanah ... 47

4.3.1Analisis Dumasar kana Pola anu Dipakéna ... 47

4.3.2 Analisis Dumasar kana Aspék-aspék nu Mangaruhanna ... 56

BAB VI PANUTUP 5.1 Kacindekan ... 59

5.2 Saran ... 59

DAPTAR PUSTAKA ... 61

LAMPIRAN ... 62

(8)

Mitha Hartati, 2013

BAB 1 BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Ngaran mangrupa hal anu kacida penting pikeun dipimilik ku sakumna hal anu aya di alam dunya. Sakumaha anu dijéntrékeun ku Rais dina bukuna anu dijudulan Toponimi Indonesia (2008:1) “Nalika manusa gumelar ka alam dunya aya dua atribut anu nyantél dina dirina, nya éta ngaran diri (antroponim) jeung

tempat gumelar (toponim)”. Éta atribut bakal terus napel dina diri manusa saumur

hirupna, malah nepi ka liang kubur gé ngaran jeung tempat gumelar manusa bakal ditulis dina padungna.

Nurutkeun Kadmon (Rais, 2008:1) “Hiji jalma bisa kaleungitan harta

bandana tapi moal bisa kaleungitan ngaranna”. Komo upama éta jalma miboga jasa pikeun nagara jeung bangsana atawa miboga jasa keur umat manusa atawa élmu pangaweruh jeung kabudayaan, ngaranna bisa dicatet kana sajarah jeung diinget salawasna. Malah aya jalma anu miboga jasa, ngaranna dijadikeun ngaran jalan, wangunan, atawa ngaran hiji hal, pikeun pangéling-éling kana jasa-jasana, saperti Jalan Wastu Kancana, Jalan Muh.Toha, Jalan Ir. H. Juanda.

Manusa salawasna méré ngaran kana rupa-rupa hal anu aya di sabudeureunana, kayaning sato, tutuwuhan, wangunan, jalan, tempat, jeung hal lianna boh nu katingali boh nu teu katingali. Dina prosés méré ngaran pasti aya ékspéktasi atawa harepan tina ngaran anu dibikeun, saperti; ngaran Sukamaju, Nanjungjaya. Tapi aya ogé anu méré ngaran téh teu asup akal malah ahéng kadéngéna saperti; Sukamérang, Basari, Waluran. Lian ti éta pasti aya hal-hal anu mangaruhan kana prosés méré ngaran, boh dumasar kana topografi sajarah boh dumasar kapercayaan atawa budaya.

Sacara paélmuan nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Upama ditilik tina jihat étimologis toponimi asal kecapna nya éta tina

topo anu hartina tempat jeung kecap nimi anu hartina ngaran. Jadi sacara

étimologis toponimi téh ngandung harti panataan ngaran-ngaran patempatan (Kosasih, 2010:10).

(9)

Kosasih ogé nétélakeun yén numutkeun kajian folklor, toponimi téh séké sélérna tina élmu onomastika anu ulikanna ngawengku, di antarana waé; méré ngaran jalan, ngaran jalma, ngaran kadaharan, kaasup ngaran hiji tempat dumasar kana sajarah ngajanggélékna (Ngaguar Toponimi Masarakat Sunda, Agustus 2010). Toponimi ngawengku sababaraha aspék nya éta; aspék fisikal, aspék sosial, jeung aspék kultural. Toponimi téh raket patalina jeung sajarah asal-usul ngaran tempat atawa folklor (kabudayaan). Saperti ngaran Garut anu asalna tina kecap kakarut ngan diturutan ku utusan ti Éropa jadi gagarut, anu antukna dijadikeun ngaran éta lembur (Supriatna, 2009:131).

Umumna sajarah ngaran-ngaran patempatan sumebar sacara lisan, sedengkeun pikeun meunangkeun data gumantung pisan ka narasumber, éta hal jadi bangbaluh utama nalika nalungtik ngeunaan toponimi. Sabab teu unggal masarakat di hiji daérah apal ngeunaan asal-usul ngaran daérahna, atawa dina aya nu apal gé pasti aya sababaraha data anu robah atawa leungit. Toponimi téh kaasup kana kajian folklor dimana salah sahiji cirina sumebar sacara lisan éta hal ngabalukarkeun data anu sumebar di masarakat nambahan atawa ngurangan.

Upamana waé asal-usul ngaran daérah Kurnia nu aya di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut, numutkeun Kamus Basa Sunda karya Danadibrata (2006:378) kecap Kurnia téh asalna tina bahasa Sansakerta anu miboga harti

ganjaran, atawa sok disebut karunia. Tapi dumasar kana data ti masarakat, aya

dua pamadegan anu béda ngeunaan asal-usul ngaran Kurnia, nu hiji ngajéntrékeun yén Kurnia téh mangrupa singgetan tina „Kuring niat amal‟, sedengkeun nu hiji deui ngajéntrékeun yén Kurnia téh singgetan tina „Kuring rayat niat aman‟. Ku kituna perlu aya panalungtikan anu leuwih jero sabab upama teu buru-buru ditalungtik bisi engkéna masarakat atawa para nonoman bakal poékeun atawa pareumeun obor.

Kacamatan Kersamanah mangrupa salah sahiji tina 42 kacamatan anu aya di wilayah Garut. Kacamatan Kersamanah miboga 5 désa/kelurahan, nya éta: Désa Kersamanah, Désa Girijaya, Désa Nanjungjaya, Désa Sukamaju, jeung Désa Sukamérang.

(10)

3

Mitha Hartati, 2013

Ieu data-data hasil panalungtikan miboga mangpaat pikeun nambahan khasanah kabudayaan, utamana pikeun inventarisasi sabab upama teu buru-buru ditalungtik bisi kaburu leungit.

Geus loba panalungtikan anu medar ngeunaan toponimi di sababaraha daérah, boh anu nilik kana aspék fisikal, aspék sosial, aspék kultural boh sacara adegan kecapna. Aya anu nalungtik sacara kabudayaan murni, aya ogé anu dipatalikeun jeung bahan pangajaran. Panalungtikan ngeunaan toponimi dina wangun skripsi di antarana:

1. Susi Sunarti (2006) Adegan Kecap Dina Toponimi Kampung di Kecamatan

Cihurip Kabupatén Garut Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP

2. Agung Priyaguna (2008) Sistem Méré Ngaran Tempat (Toponimi) di Kota

Sukabumi.

3. Hidayat Kusdinar (2011) Istilah Patempatan Dumasar Toponimi di Kecamatan

Parongpong Kabupatén Bandung Barat.

4. M.Fahmi Adi Nugraha (2012) Toponimi Wilayah Kecamatan Darangdan Kabupatén Purwakarta Dumasar Aspék Mitologi pikeun Bahan Ajar

Ngaregepkeun Dongéng di Kelas XII SMA.

5. Sigit Mughni Prasetya (2012) Ngaran-Ngaran Patempatan (Toponimi) di

Kecamatan Cileunyi Kabupatén Bandung pikeun Bahan Pangajaran Ngadongéng di SMA

Dina ieu skripsi dipedar ngeunaan ngaran-ngaran patempatan dumasar kana carita rayat, sarta dipedar ogé hartina sacara léksikal. Sabab loba ngaran-ngaran anu geus dipedar hartina sacara léksikal tapi sanggeus ditanyakeun ka narasumber hartina béda jeung anu dimaksud. Ku kituna panataan ngaran-ngaran patémpatan dumasar kana carita nu aya di masarakat daérah Kacamatan Kersamanah kudu buru-buru ditalungtik, sabab data-data nu aya di masarakat bisi kaburu leungit, anu antukna para nonoman bakal pareumeun obor.

Panalungtikan ngeunaan kajian toponimi di daérah Garut anu didasarkeun kana carita rakyat kaitung masih kurang, hususna di daérah Kersamanah can aya nu nalungtik. Ku kituna perlu diayakeun panalungtikan dina wangun skripsi sangkan kapanggih aspék-aspék nu mangaruhan kana toponimi di daérah

(11)

Kacamatan Kersamanah. Dumasar kana pedaran di luhur, ieu panalungtikan téh dijudulan “Kajian Toponimi di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar kana Carita Rayat.”

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana, ku kituna masalah

anu dipedar museur dina sabudeureun folklor ngaran patempatan (toponimi) di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Kumaha asal-usul ngaran kampung nu aya di sabudeureun Kacamatan Kersamanah?

2) Aya sabaraha carita rayat anu kapanggih di Kacamatan Kersamanah?

3) Kumaha pola anu dipaké dina sistem méré ngaran kampung di Kacamatan Kersamanah?

4) Aspék-aspék naon waé anu mangaruhan kana sistem méré ngaran kampung di Kacamatan Kersamanah

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun medar toponimi ngaran-ngaran kampung anu aya di Kacamatan Kersamanah.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Asal-usul ngaran kampung nu aya di sabudeureun Kacamatan Kersamanah. 2) Carita rayat anu kapanggih di Kacamatan Kersamanah.

(12)

5

Mitha Hartati, 2013

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban kabudayaan, hususna budaya lisan ngeunaan ngaran-ngaran tempat (toponimi) nu aya di Kacamatan Kersamanah.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, dipiharep ieu panalungtikan bisa nambahan pangaweruh ngeunaan ngaran-ngaran tempat (toponimi) lamun disawang tina aspék legénda jeung aspék topografi sarta kapercayaan. Sarta bisa méré gambaran hususna ka masarakat satempat di Kacamatan Kersamanah.

1.5 Raraga Tulisan

Sistematika pikeun skripsi anu judulna “Kajian Toponimi di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar kana Carita Rayat.” ngawengku lima bab.

1) Bab I Bubuka

Dina bab kahiji masalah anu dipedar nya éta ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

2) Bab II Dasar Téori

Dina bab kadua ngabahas ngeunaan kabudayaan, folklor, jeung toponimi 3) Bab III Métode Panalungtikan

Bab anu katilu ngabahas ngeunaan métode anu dipaké dina ieu panalungtikan, nu ngawengku lokasi jeung sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data jeung analisis data.

4) Bab IV Toponimi di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dina bab kaopat eusina ngadéskripsikeun data jeung hasil analisis dumasar kana aspék-aspék jeung pola toponimi.

(13)

5) Bab V Panutup

Anu pamungkas bab lima nya éta panutup anu ngawengku kacindekan jeung saran anu mangrupa panutup skripsi.

(14)

Mitha Hartati, 2013

BAB III

METODE PENELITIAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data 3.1.1Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut, anu mangrupa pemekaran ti Kacamatan Cibatu, dina tanggal 27 Januari 2001, Kacamatan Kersamanah kabagi jadi lima désa nya éta Désa Kersamanah, Désa Nanjungjaya, Désa Sukamérang, Désa Girijaya, jeung Désa Sukamaju. Sarta aya 54 kampung.

1) Kaayaan Géografis Kacamatan Kersamanah

Posisi Kacamatan Kersamanah ayana di belah kiduleun wilayah pamaréntahan Kacamatan Garut, anu mana kaayaan géografisna mangrupa tanah darat sarta posisina aya di jalan raya anu ngahubungkeun antara Kabupatén Tasikmalaya jeung Kabupatén Bandung. anapon wates wilayah Kacamatan Kersamanah nya éta:

kidul: Kacamatan Limbangan wétan: Kacamatan Malangbong

kalér: Kacamatan Selaawi jeung Kacamatan Sukawening kulon: Kacamatan Cibatu

Kacamatan Kersamanah legana 1.843.627 ha, di mana 1.186.997 ha mangrupa tanah darat sarta sésana 656.630 ha mangrupa tanah pasawahan. Anapon luhurna wilayah Kacamatan Kersamanah ti permukaan laut nya éta 612 mdl, sedengkeun suhurata-rata di Kacamatan Kersamanah antara 22o C-24o C.

2) Kayaan Demografis Kacamatan Kersamanah

Pamaréntahan Kacamatan Kersamanah miboga jumlah penduduk anu lobana 37.719 jiwa, anu mana jumlah penduduk lalaki 19.504 jiwa jeung penduduk awéwé lobana 18.215 jiwa.

(15)

Tabél 3.1

Persebaran Penduduk di Kacamatan Kersamanah

Desa Penduduk Jumlah

Lalaki Awéwé

Kersamanah 3.808 3.282 7.090 Nanjungjaya 3.985 3.674 7.659 Girijaya 4.018 3.872 7.890 Sukamerang 3.358 3.276 6.634 Sukamaju 4.335 4.111 8.446 Jumlah 19.504 18.215 37.719

3) Kaayaan Sosial Budaya Masarakat di Kacamatan Kersamanah

Kayaan idéologi, politik, ékonomi, sosial, jeung budaya masarakat di wilayah Kacamatan Kersamanah sakumaha anu baris dipedar ieu di handap. a. Pakait jeung ayana idéologi warga masarakat Kacamatan Kersamanah,

100% masih ngaku yén Pancasila téh salaku idéologi bangsa jeung nagara, sarta sakumna masarakat Kacamatan Kersamanah 100% ngagem agama islam, anu mana sok lumangsung kagiatan pembinaan ku camat di antarana: a) Pangajian nguriling ka unggal dusun anu dilakukeun sacara rutin.

b) Pangajian para pagawé anu dilaksanakeun sacara rutin unggal poé senén sanggeus ngalaksanakeun apél gabungan di kantor kacamatan.

c) Riungan husus anu dilaksanakeun unggal poé salasa minggu katilu nya

éta riungnan majelis mutola’ah jeung majelis ta’lim unggal poé juma’ah,

sarta ngalaksanakeun “jum’atan keliling” sacara acak ka 67 DKM anu

aya di wilayah Kacamatan Kersamanah.

d) Undangan husus boh mangrupa sukuran-sukuran, kapapaténan, boh panganténan.

e) Di wilayah Kacamatan Kersamanah aya aliran kapercayaan Ahmadiyah anu dianut ku 33 urang (7 KK), dimana éta organisasi Ahmadiyah

(16)

19

Mitha Hartati, 2013

dipingpin ku Bapa Iri Sadja anu lokasina di Kp. Cibarugbug, Rt04/Rw06 Désa Girijaya.

b. Kayaan politik di wilayah Kacamatan Kersamanah salila taun 2012 lumangsung luyu jeung anu dipiharep. Di wilayah Kacamatan Kersamanah aya 15 partai politik. Kahirupan partai aya dina kaayaan anu stabil teu aya masalah anu teu bisa diréngsékeun.

c. Pakasaban masarakat

Sacara umum masarakat di wilayah Kacamatan Kersamanah 65% pakasaban wargana nya éta tatanén, jeung buruh tani, sésana aya nu jadi tukang dagang, wirausaha, PNS, TNI jeung POLRI. Sedengkeun lembaga-lembaga ékonomina aya dua unit bank nya éta BRI jeung BPR, hiji pasar désa, dua minimarkét (Alfamart jeung Indomart), hiji pabrik sumpit, lima pabrik tahu, hiji pabrik témpé, genep peternakan hayam, lima kelompok ternak sapi, genep showroom motor, 32 héleran, 50 toko, dalapan tukang ngaput kantong, jeung genep pabrik kiripik.

d. Basa

Masarakat di Kacamatan Kersamanah rata-rata pituin Sunda. Sanajan aya ogé anu bubuara ti luar pulo saperti Jawa jeung Kalimantan. Kukituna bahasa sapopoé anu dipaké ku masarakat di Kacamatan Kersamanah nya éta basa Sunda. Bahasa Malayu wungkul dipaké upama ngobrol jeung jalma anu can pati paham kana basa Sunda.

e. Kayaan sosial budaya masarakat Kacamatan Kersamanah bisa katitén tina jumlah sakola anu aya, di antarana:

a. TK/PAUD aya dalapan, kalayan jumlah murid 540 urang. b. SD/MI aya 30, kalayan jumlah murid 4.396 urang.

c. SMP/MTS aya genep, kalayan jumlah murid 3.737 urang. d. SMA/MA aya opat, kalayan jumlah murid 1.050 urang.

(17)

Tabél 3.3

Jumlah Penduduk Dumasar kana Tingkat Pendidikan Pendidikan

Désa

jml Kersamanah Nanjungjaya Girijaya Sukamérang Sukamaju

Can sakola 723 798 523 889 985 3.918

Sakola 2.292 2.450 1.335 1.012 2.634 9.723

Teu pernah

sakola 7 9 12 9 18 55

Tamat SD/

sederajat 1.402 1678 1.890 1.015 2540 8.525 Tamat

SMP/sederajat 700 679 972 758 954 4.063

Tamat

SMA/sederajat 1.711 1.767 2.976 2.726 1.107 10.052

D1-D3 85 102 40 70 50 582

S1 160 162 131 145 142 740

S2 5 5 2 3 1 16

S3 - - - -

Teu tamat SD/SMP/SMA/

sederajat

5 9 9 7 15 45

Jumlah 7.090 7.659 7.890 6.634 8.446 37.719

Kagiatan sosial budaya warga masarakat Kacamatan Kersamanah bisa katitén tina ayana kagiatan-kagiatan kasenian tradisional, nya éta:

a. Pencak silat, anu lobana genep perguruan di tilu désa nya éta Désa Sukamaju, Désa Girijaya, jeung Désa Nanjungjaya.

b. Kasenian Debus dua kelompok anu ayana di Désa Sukamaju.

c. Kasenian Rabbana/Qasidahan, anu lobana 67 grup anu sumebar di sakabéh désa di wilayah Kacamatan Kersamanah.

(18)

21

Mitha Hartati, 2013 3.1.2 Sumber Data

Jumlah penduduk nu aya di Kacamatan Kersamanah lobana 37.719 jiwa Dimana Lalaki 19.504 jiwa jeung penduduk awéwé 18.215 jiwa anu sumebar di 56 kampung.

Anu dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, para sesepuh, aparat pamaréntah, sarta tokoh masarakat anu apal kana sajarah éta patempatan sarta nyaho asal-usul ngaran éta tempat, nya éta: Aki Omo (Warga), Dadang Sahmudin(Ketua Rt), Muh. Kosim (Ketua LPM), Bapa Oneng (Ketua Rt), Bapak Sudia (Warga), Bapa Omo (Warga), Fahrudin S.Pdi (Anggota DKM), H. Ade Sutisna (Sesepuh/mantan kadés), Asep Saripudin (warga), Sutama (Ketua DKM), Ahmad Juhria (Warga), Ahmad Saépudin (Anggota DKM), Ai Tini (Istri Rt/Paraji), Ajat Hidayat (Warga), Oyo Sunarya (Warga), Aos Gaos Firdaos (Ketua Rt), Ajang (Warga), Utis (Sekretaris Désa), Timi (Warga).

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta mangrupakeun rancangan ngeunaan cara ngumpulkeun jeung nganalisis data sangkan bisa dilakukeun sacara ekonomis sarta luyu jeung tujuan éta panalungtikann (Nasution, 2009:23).

Desain panalungtikan Bagan 3.1

Studi pustaka Obsérvasi Wawancara &

Dokumentasi

Ngumpulkeun data Nyusun laporan Ngolah data

(19)

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriftif. Métode déskriptif nya éta métode pikeun ngadéskriptifkeun atawa méré gambaran sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sifat-sifat populasi nu tangtu.

Tujuan ngagunakeun métode deskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun aspék-aspék nu nyampak dina sistem méré ngaran di Kacamatan Kersamanah.

3.4 Wangenan Operasional

1) Toponimi

Toponimi ditilik tina jihat étimologis asal tina kecap topo anu hartina tempat jeung nimi (name) anu hartina ngaran. Jadi sacara étimologis toponimi téh ngandung harti ngaran-ngaran patempatan.

2) Kacamatan Kersamanah

Kacamatan Kersamanah nya éta salah sahiji tina 42 kacamatan anu aya di wilayah Kabupatén Garut. Kacamatan Kersamanah miboga lima désa/kalurahan nya éta Désa Kersamanah, Désa Nanjungjaya, Désa Sukamérang, Désa Girijaya, jeung Désa Sukamaju.

3) Kabupatén Garut

Kabupatén Garut ayana di léngkob Gunung Guntur anu luhurna 2249 m, di belah kidul-wétaneun Kota Bandung. Kabupatén Garut miboga 42 kacamatan, jeung 403 désa.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta pakakas atawa pasilitas anu digunakeun ku anu nalungtik nalika ngumpulkeun data, sangkan pagawéan leuwih gampang tur hasilna ogé leuwih hadé, dina harti leuwih gancang, lengkep jeung sistematis sangkan datana leuwih gampang diolah (Arikunto, 2006:160).

Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Alat tulis, Pikeun nyatet hal-hal penting nalika wawancara.

(20)

23

Mitha Hartati, 2013

2) Alat ngarékam, digunakeun pikeun ngarekam nalika wawancara jeung narasumber.

3) Kaméra, digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung aspék-aspék nu mangaruhan kana sistem méré ngaran di Kacamatan Kersamanah.

4) Pedoman wawancara, digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prak-prakan wawancara jeung narasumber, sangkan obrolan museur kana tujuan nu baris dihontal.

Anapon pedoman wawancara anu digunakeun nya éta:

FORMAT WAWANCARA

Ngumpulkeun Data Ngaran-ngaran Tempat di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut

No Narasumber: 1) Data Narasumber

a. Ngaran :

b. Umur :

c. Jenis Kelamin : d. Pakasaban : e. Atikan : f. Kalungguhan : g. Padumukan :

2) Daptar patalékan

a. Naon harti ngaran ieu kampung?

b. Kumaha asal-usul ngaran ieu kampung? c. Ti iraha ieu kampung dibéré éta ngaran? d. Ti saha kengéng ieu carita?

e. Naha aya bukti atawa fakta sejarah anu ngarojong kana ngaran ieu kampung?

(21)

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik ngumpulkeun data mangrupa léngkah anu dianggap paling penting nalika ngalakukeun panalungtikan, sabab tujuan tina hiji panalungtikan téh nya éta pikeun meunangkeun data. Ku kituna téknik ngumpulkeun data kudu duluyukeun jeung data anu baris dicangking. Numutkeun Sugiyono (2010:63) aya opat rupa téknik pikeun ngumpulkeun data, nya éta obsérvasi, wawancara, dokuméntasi jeung gabungan.

Téknik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Talaah pustaka

2) Observasi,

3) Téknik wawancara semi terstruktur. Téknik wawancara digunakeun upama panalungtik hayang mikanyaho hal-hal anu leuwih nyosok jero ti réspondén. Sedengkeun téknik wawancara semi terstruktur nya éta dimana panalungtik geus nyaho kana informasi naon anu baris dicangking. Kukituna panalungtik geus nyadiakeun instrumén panalungtikan anu mangrupa daptar patalékan, dimana unggal réspondén dibéré patalékan anu sarua.

4) Dokuméntasi, dokuméntasi dipaké pikeun nguatkeun data-data anu keur ditalungtik, sabab hasil dokuméntasi bisa jadi bukti yén panalungtikan téh bener-bener dipigawé.

3.7 Analisis Data

Analisis data nya éta kagiatan nganalisis data-data anu geus kakumpul tina hasil obsérvasi, jeung wawancara jeung dokuméntasi anu patali jeung toponimi nu aya di wilayah Kacamatan Kersamanah. Anapon data anu kakumpul dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah:

1) Nyusun data-data, data-data anu geus 2) Nganalisis data

(22)

25

(23)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Unggal patempatan tinangtu miboga kasang tukang carita séwang-séwangan dina prosés méré ngaranna. Loba aspék-aspék anu mangaruhan kayaning aspék fisikal, aspék sosial, jeung aspék kultural. Kalolobaan asal-usul ngaran-ngaran kampung nu aya di daérah Kacamatan Kersamanah didasarkeun kana aspék non fisikal, nya éta dumasar kana aspék sosial jeung kultural. Sanajan aya sababaraha ngaran kampung anu didasarkeun kana aspék fisikal. Sedengkeun pola anu dipakéna loba nu ngagabungkeun fénoména alam anu kajadian atawa ngagunakeun pola barung.

Sabada ngayakeun wawancara ka narasumber, tina 54 kampung nu aya di Kacamata Kersamanah, aya 46 ngaran kampung anu kasusud asal-usul caritana.

Tina hasil analisis, ngaran kampung nu aya di Kacamatan Kersamanah dumasar kana pola anu dipakéna aya 25 ngaran kampung anu ngagunakeun pola barung, jeung nu maké pola liniér aya 21 ngaran kampung. Sedengkeun dumasar kana aspék anu mangaruhanna aya 20% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur hidrologis, 4.2% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur géomorfologis, 18.2% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur biologis (flora), 2.8% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur bologis (fauna), 27,4% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspek sosial, sarta 27,4% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspek kultural.

5.2 Saran

1) Pikeun Masarakat

Pikeun masarakat utamana generasi ngora, kudu reueus kana kabeungharan budaya anu aya di wewengkon sabudeureunana, pangpangna mah kana budaya lisan anu sipatna robah-robah. Sabab upama teu dijaga éta

(24)

60

Mitha Hartati, 2013

budaya téh bisa leungit, malah mah bakal kadéséh ku budaya séjén tur generasi saterusna baris pereumeun obor.

2) Pikeun Guru

Para guru anu nyekel pangajaran basa Sunda kudu néangan bahan pangajaran alternatif, ulah wungkul ngandelkeun kana buku sumber. Leuwih hadé upama para guru miboga pangaweruh ngeunaan budaya atawa sastra anu aya di masarakat sabudeureunana sangkan matéri anu ditepikeun leuwih mekar sarta siswa apal kana budaya nu aya di lingkungan sabudeureunana.

3) Pikeun Pamaréntah

Pamaréntah kudu leuwih towéksa kana budaya anu sumebar di masarakat, utamana budaya lisan anu teu kadokuméntasikeun. Sabab bisa waé leungit. Ku kituna ngaran atawa kaayaan hiji tempat kudu dipikawanoh ku réngréngan, hadéna mah ti RT nepi ka kadés komo upama nepi ka luluhurna mah. Ku kituna kepala désa jeung aparatna kudu bisa ngainvéntarisasi budaya jeung kabeungharan tradisi lianna anu aya di wilayahna.

(25)

DAPTAR PUSTAKA

 Buku

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta

Basrowi dan Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta : Rineka Cipta

Danaibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung;Kiblat Danandjaja. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta:pustaka utama grafiti Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunen

Koentjaraningrat. (1992). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama

Kosasih, Dédé. (2010). Ngaguar Toponimi Masarakat Sunda. Bandung: Majalah Cahara Bumi Siliwangi.

LBSS, (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten

Maran, Rafael Raga. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu

Budaya Dasar. Jakarta :Rineka Cipta

Nasution. S (2009). Metode research (penelitian ilmiah). Jakarta; PT Bumi

Aksara

Rais, Jacub. (2008). ToponimiIndonesia.Jakarta:PT Kresna Prima Persada

Widaghdo, Djoko. (2010). Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Bumi Aksara

Online

Fitrin, Imam. (2011). Ciri-ciri Kabudayaan

http://atterkesy.blogspot.com/2011/09/kebudayaan-memiliki-ciri-ciri-adaptif.html

[25 Februari 2013]

(1)

23

2) Alat ngarékam, digunakeun pikeun ngarekam nalika wawancara jeung narasumber.

3) Kaméra, digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun hal-hal anu aya patalina jeung aspék-aspék nu mangaruhan kana sistem méré ngaran di Kacamatan Kersamanah.

4) Pedoman wawancara, digunakeun pikeun nungtun panalungtik dina prak-prakan wawancara jeung narasumber, sangkan obrolan museur kana tujuan nu baris dihontal.

Anapon pedoman wawancara anu digunakeun nya éta:

FORMAT WAWANCARA

Ngumpulkeun Data Ngaran-ngaran Tempat di Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut

No Narasumber: 1) Data Narasumber

a. Ngaran :

b. Umur :

c. Jenis Kelamin : d. Pakasaban : e. Atikan : f. Kalungguhan : g. Padumukan :

2) Daptar patalékan

a. Naon harti ngaran ieu kampung?

b. Kumaha asal-usul ngaran ieu kampung? c. Ti iraha ieu kampung dibéré éta ngaran? d. Ti saha kengéng ieu carita?

e. Naha aya bukti atawa fakta sejarah anu ngarojong kana ngaran ieu kampung?

(2)

Mitha Hartati, 2013

Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Téknik ngumpulkeun data mangrupa léngkah anu dianggap paling penting nalika ngalakukeun panalungtikan, sabab tujuan tina hiji panalungtikan téh nya éta pikeun meunangkeun data. Ku kituna téknik ngumpulkeun data kudu duluyukeun jeung data anu baris dicangking. Numutkeun Sugiyono (2010:63) aya opat rupa téknik pikeun ngumpulkeun data, nya éta obsérvasi, wawancara, dokuméntasi jeung gabungan.

Téknik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Talaah pustaka

2) Observasi,

3) Téknik wawancara semi terstruktur. Téknik wawancara digunakeun upama panalungtik hayang mikanyaho hal-hal anu leuwih nyosok jero ti réspondén. Sedengkeun téknik wawancara semi terstruktur nya éta dimana panalungtik geus nyaho kana informasi naon anu baris dicangking. Kukituna panalungtik geus nyadiakeun instrumén panalungtikan anu mangrupa daptar patalékan, dimana unggal réspondén dibéré patalékan anu sarua.

4) Dokuméntasi, dokuméntasi dipaké pikeun nguatkeun data-data anu keur ditalungtik, sabab hasil dokuméntasi bisa jadi bukti yén panalungtikan téh bener-bener dipigawé.

3.7 Analisis Data

Analisis data nya éta kagiatan nganalisis data-data anu geus kakumpul tina hasil obsérvasi, jeung wawancara jeung dokuméntasi anu patali jeung toponimi nu aya di wilayah Kacamatan Kersamanah. Anapon data anu kakumpul dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah:

1) Nyusun data-data, data-data anu geus 2) Nganalisis data

(3)

(4)

Mitha Hartati, 2013

Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Unggal patempatan tinangtu miboga kasang tukang carita séwang-séwangan dina prosés méré ngaranna. Loba aspék-aspék anu mangaruhan kayaning aspék fisikal, aspék sosial, jeung aspék kultural. Kalolobaan asal-usul ngaran-ngaran kampung nu aya di daérah Kacamatan Kersamanah didasarkeun kana aspék non fisikal, nya éta dumasar kana aspék sosial jeung kultural. Sanajan aya sababaraha ngaran kampung anu didasarkeun kana aspék fisikal. Sedengkeun pola anu dipakéna loba nu ngagabungkeun fénoména alam anu kajadian atawa ngagunakeun pola barung.

Sabada ngayakeun wawancara ka narasumber, tina 54 kampung nu aya di Kacamata Kersamanah, aya 46 ngaran kampung anu kasusud asal-usul caritana.

Tina hasil analisis, ngaran kampung nu aya di Kacamatan Kersamanah dumasar kana pola anu dipakéna aya 25 ngaran kampung anu ngagunakeun pola barung, jeung nu maké pola liniér aya 21 ngaran kampung. Sedengkeun dumasar kana aspék anu mangaruhanna aya 20% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur hidrologis, 4.2% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur géomorfologis, 18.2% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur biologis (flora), 2.8% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspék fisikal unsur bologis (fauna), 27,4% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspek sosial, sarta 27,4% ngaran tempat anu didasarkeun kana aspek kultural.

5.2 Saran

1) Pikeun Masarakat

Pikeun masarakat utamana generasi ngora, kudu reueus kana kabeungharan budaya anu aya di wewengkon sabudeureunana, pangpangna mah kana budaya lisan anu sipatna robah-robah. Sabab upama teu dijaga éta

(5)

60

budaya téh bisa leungit, malah mah bakal kadéséh ku budaya séjén tur generasi saterusna baris pereumeun obor.

2) Pikeun Guru

Para guru anu nyekel pangajaran basa Sunda kudu néangan bahan pangajaran alternatif, ulah wungkul ngandelkeun kana buku sumber. Leuwih hadé upama para guru miboga pangaweruh ngeunaan budaya atawa sastra anu aya di masarakat sabudeureunana sangkan matéri anu ditepikeun leuwih mekar sarta siswa apal kana budaya nu aya di lingkungan sabudeureunana.

3) Pikeun Pamaréntah

Pamaréntah kudu leuwih towéksa kana budaya anu sumebar di masarakat, utamana budaya lisan anu teu kadokuméntasikeun. Sabab bisa waé leungit. Ku kituna ngaran atawa kaayaan hiji tempat kudu dipikawanoh ku réngréngan, hadéna mah ti RT nepi ka kadés komo upama nepi ka luluhurna mah. Ku kituna kepala désa jeung aparatna kudu bisa ngainvéntarisasi budaya jeung kabeungharan tradisi lianna anu aya di wilayahna.

(6)

Mitha Hartati, 2013

Kajian Toponimi Di Wilayah Kacamatan Kersamanah Kabupatén Garut Dumasar Kana Carita Rayat Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

 Buku

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur penelitian suatu pendekatan praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta

Basrowi dan Suwandi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta : Rineka Cipta

Danaibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung;Kiblat Danandjaja. (2007). Folklor Indonesia. Jakarta:pustaka utama grafiti Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunen

Koentjaraningrat. (1992). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama

Kosasih, Dédé. (2010). Ngaguar Toponimi Masarakat Sunda. Bandung: Majalah Cahara Bumi Siliwangi.

LBSS, (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten

Maran, Rafael Raga. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu

Budaya Dasar. Jakarta :Rineka Cipta

Nasution. S (2009). Metode research (penelitian ilmiah). Jakarta; PT Bumi

Aksara

Rais, Jacub. (2008). Toponimi

Indonesia.Jakarta:PT Kresna Prima Persada