Feni Ritasari, 2013 Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung
Taun Ajar 20122013
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
treatment model writing workshop. Ku lantaran kitu, hasil tina treatment bakal
leuwih akurat sabab bisa ngabandingkeun hasil saméméh jeung sabada ngagunakeun treatment.
Sangkan leuwih jéntré désain panalungtikan pre-experimental nu digunakeun dina ieu panalungtikan, digambarkeun dina tabél ieu di handap:
Tabél 3.2 Desain Panalungtikan
O
1
X O
2
Sugiyono, 2011:111 Katerangan :
O
1
: Nilai Prétés O
2
: Nilai Postés X : Treatment
3.3 Métode Panalungtikan
Métode panalungtikan nya éta hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu valid kalayan tujuan bisa mekarkeun jeung ngabuktikeun hiji pangaweruh nu
ahirna bisa digunakeun pikeun pamahaman jeung ngantisipasi masalah dina widang atikan, Sugiyono, 2011:6.
Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nu miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis
karangan éksposisi saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Writing Workshop
.
3.4 Wangenan Operasional
Dina ieu panalungtikan ditétélakeun wangenan operasional tina ieu variabel :
Feni Ritasari, 2013 Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung
Taun Ajar 20122013
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
1 Modél Writing Workshop nya éta salasahiji modél pikeun pangajaran nulis nu
dijadikeun treatment pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung taun ajar 20122013
2 Kamampuh Nulis Karangan nya éta tolak ukur tina kaparigelan siswa dina hiji
kagiatan ngébréhkeun ide kana wangun tulisan nu dilaksanakeun ku siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung dina nulis karangan éksposisi saméméh jeung
sabada ngagunakeun modél Writing Workshop. 3
Karangan Éksposisi nya éta karangan nu dijieun ku siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung, eusina ngajéntrékeun tur medar hiji obyék atawa prosés nu
tujuanana pikeun mekarkeun pangaweruh hiji jalma.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Dumasar prinsipna panalungtikan nya éta ngalakukeun pangukuran, kusabab kitu kudu aya alat ukur nu hadé. Alat ukur dina panalungtikan biasana
disebut instrumén panalungtikan. Jadi instrumén panalungtikan nya éta hiji alat nu digunakeun pikeun ngukur fenomena alam atawa sosial nu keur ditalungtik.
Sacara spesifik sakabéh fenomena disebut variabel panalungtikan Sugiyono, 2011:148.
Instrumén dina ieu panalungtikan fungsina pikeun ngumpulkeun data ngeunaan modél writing workshop pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis
karangan éksposisi. Data nu dikumpulkeun dimimitian ku ngumpulkeun data prétés saméméh ngagunakeun modél writing workshop jeung dipungkas ku
ngumpulkeun data postés sabada ngagunakeun modél writing workshop. Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés. Dina prak-
prakanana panalungtikan baris dilaksanakeun tés awal jeung tés ahir nu fungsina pikeun ngukur kamampuh siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung , saméméh jeung
sabada ngagunakeun modél writing workshop.
Feni Ritasari, 2013 Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung
Taun Ajar 20122013
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
Tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés subjéktif nu umumna bentuk éséy pamaparan. Tés ieu dipilih lantaran dianggap saluyu
pikeun ngébréhkeun kamampuh hasil diajar ngajar nulis karangan éksposisi kalayan obyéktif. Téma nu disodorkeun dina tés nya éta élmu pangaweruh
ngeunaan tata cara nyieun kadaharan. Instrumén nu bakal digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu
dihandap :
1 Instrumén Prétés
Kadaharan mangrupa hiji unsur peunting pikeun awak urang sabab loba pisan mangpaatna, dina kahirupan sapopoé urang tangtu waé manggihan
kadaharan nu béda-béda saperti tina cara ngasakanana aya nu digoréng, ditumis, dikulub, diseupan, dibeuleum, jrrd. Tina rupa-rupa cara masakna éta,
bisa jadi rupa-rupa kadaharan saperti : beuleum lauk, goréng cau, kulub sampeu, pépés hayam jrrd.
Dumasar pedaran diluhur, pék ayeuna jieun hiji karangan éksposisi kalayan téma tata cara nyieun kadaharan
Katangtuan karangan : Loba karangan minimal sakaca, atawa 3 paragaraf
2 Intrumén Postés
Kadaharan mangrupa hiji unsur peunting pikeun awak urang sabab loba pisan mangpaatna, dina kahirupan sapopoé urang tangtu waé manggihan
kadaharan nu béda-béda saperti tina cara ngasakanana aya nu digoréng, ditumis, dikulub, diseupan, dibeuleum, jrrd. Tina rupa-rupa cara masakna éta,
bisa jadi rupa-rupa kadaharan saperti : beuleum lauk, goréng cau, kulub
sampeu, pépés hayam jrrd.
Feni Ritasari, 2013 Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung
Taun Ajar 20122013
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
a Pék jieun hiji karangan éksposisi kalayan téma tata cara nyieun kadaharan
b Léngkah-léngkah nulis karangan
a. Téangan judul dumasar téma nu geus ditangtukeun di luhur
b. Jieun raraga karanganna.
Paragraf I …………………………………………………………….
Paragraf II ………………………………………………………………
Paragraf III ………………………………………………………………
c Mekarkeun raraga karangan nu geus ditangtukeun di luhur jadi hiji
karangan éksposisi kayalan ngagunakeun basa nu sopan.
3 Format Lembar Jawaban
Wasta :
Kelas :
No absen :
Judul karangan : …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
………………………………………………………………………………… …………………………………………………………………………………
Feni Ritasari, 2013 Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun
Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung
Taun Ajar 20122013
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
3.6 Téknik Ngolah Data