MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013.

(1)

Feni Ritasari, 2013

MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

SKRIPSI

Disusun pikeun nyumponan salasahiji sarat Ujian Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

ku Feni Ritasari

0903883

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI


(2)

Feni Ritasari, 2013

BANDUNG 2013

MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Oleh Feni Ritasari

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Feni Ritasari 2013 Universitas Pendidikan Indonesia


(3)

Feni Ritasari, 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI FENI RITASARI

0903883

MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd NIP 197607312001121001


(4)

Feni Ritasari, 2013

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001


(5)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun

MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN EKSPOSISI

(Studi Kuasi Eksperimen Ka Siswa Kelas VII A SMPN 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Feni Ritasari

Regional Language Education Faculty of Education Languages and Arts

Indonesia University Of Education Email: feniritasari@yahoo.com

ABSTRACT

In learning to write essays in particular exposition essay, students are required to systematically and using the correct spell and can be understood by others. But in reality there are many students who do not understand the systematic essay, lack of ideas and the wrong use spells when writing essays so poorly fabricated. One way to improve students' skills in writing exposition essay by using appropriate learning models in particular model of learning to write. for that study did entitled “Model Writing Workshop pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Eksposisi” that aims to measure the ability of students to write an essay exposition after and before using the writing workshop model lesson. The method used in this study is quasi-experimental methods. The technique used in this study is a technical written test. Sources of data in this study were students of class VII A SMP 14 Bandung, amounting to 30 people. Test of normality shows that the normal distribution of data based x2itung <x2tabel is 4.88 <11.34, the data showed homogeneity test was homogeneous, with fitung <F table is 2.42<4.18. Gain test showed a significant difference in the effects of writing workshop models of 4.3 to 17.9 pre-test results and post-test results of 22.2. While the hypothesis test using a 95% confidence level titung> Ttable ie 9.9> 2.7 because of the significant difference between the pretest to posttest then Ha (working hypothesis) is accepted that there are significant differences in the ability to write essays exposition class VII A SMP 14 Bandung before and after using the model of writing workshops. Thus the model of writing workshops can be improve ability to write essays exposition students' of class VIIA SMP 14 Bandung.


(6)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun

Keywords: Writing Workshop Models and Exposition Essay

MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN EKSPOSISI

(Studi Kuasi Eksperimen Ka Siswa Kelas VII A SMPN 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Feni Ritasari

Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia Email: feniritasari@yahoo.com

ABSTRAK

Dalam pembelajaran menulis karangan khususnya karangan eksposisi siswa dituntut untuk membuat karangan secara sistematis dan menggunakan ejahan yang benar serta dapat dimengerti oleh orang lain. akan tetapi pada kenyataannya masih banyak siswa yang tidak mengerti dengan sistematis karangan, kurangnya ide serta salahnya menggunakan ejahan ketika menulis karangan sehingga hasil karangan kurang baik. Salah satu cara untuk meningkatkan kemampuan siswa dalam menulis karangan eksposisi yaitu dengan menggunakan model pembelajaran yang tepat khususnya model pembelajaran untuk menulis. untuk itu dilaksanakanlah penelitian yang berjudul Model Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Eksposisi yang bertujuan untuk mengukur kemampuan siswa pada menulis karangan eksposisi setelah dan sebelum menggunakan model pembelajaran writing workshop. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknis tes tulis. Sumber data dalam penelitian ini adalah siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung yang berjumlah 30 orang. Uji normalitas menunjukan bahwa distribusi datanya normal berdasarkan x2itung < x2tabel yaitu 4,88 < 11,34, uji homogenitas


(7)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun

menunjukan data masih homogen, dengan fitung < ftabel yaitu 2,42 < 4,18. Uji gain

menunjukan adanya perbedaan signifikan yang pengaruh dari model writing workshopnya sebesar 4,3 dengan hasil prates 17,9 dan hasil postes sebesar 22,2. Sedangkan uji hipotesis dengan menggunakan taraf kepercayaan 95% titung > ttabel yaitu 9,9 > 2,7 karena adanya perbedaan yang signifikan antara hasil pretes dengan postes maka Ha (hipotesis kerja) diterima yaitu adanya perbedaan yang signifikan pada kemampuan menulis karangan eksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung sebelum dan sesudah menggunakan model writing workshop. Maka dari itu model writing workshop mampu meningkatkan kemampuan menulis karangan eksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung.


(8)

Feni Ritasari, 2013

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP………..i

TAWIS NUHUN………ii

ABSTRAK….………iv

DAPTAR EUSI………..v

DAPTAR TABÉL………....ix

DAPTAR GRAFIK………..x

DAPTAR LAMPIRAN………...xi

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah………...………....1

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah.………4

1.2.2 Rumusan Masalah………4

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum………..4

1.3.2 Tujuan Husus………...5

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis……….…5

1.4.2 Mangpaat Praktis………..5


(9)

Feni Ritasari, 2013

BAB II NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN WRITING WORKSHOP, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS PANALUNGTIKAN

2.1Bagbagan Nulis

2.1.1 Harti Nulis………....7

2.1.2 Fungsi Nulis………...8

2.1.3 Tujuan Nulis……….8

2.1.4 Mangpaat Nulis………....9

2.1.5 Rupa-rupa Wacana Tulisan……….………10

2.1.5.1 Dumasar tina média nu dipakéna………..10

2.1.5.2 Dumasar tina cara ngedalkeunana……….10

2.1.5.3 Dumasara tina pamarekanana………10

2.1.5.4 Dumasar tina wangunna……….11

2.1.6 Ciri-ciri Tulisan Hadé………..12

2.2Karangan Éksposisi 2.2.1 Wangenan Karangan Éksposisi………..14

2.2.2 Ciri-ciri Karangan Éksposisi………..15

2.2.3 Sarat Nulis Karangan Éksposisi……….15

2.2.4 Léngkah-Léngkah Nulis Karangan Éksposisi………....16

2.2.5 Métode- Métode Karangan Éksposisi………16

2.3Modél Pangajaran Writing Workshop 2.3.1 Wangenan Modél Pangajaran………18 2.3.2 Modél Writing Workshop………...19

2.3.3 Prinsip-Prinsip Modél Writing Workshop………..20


(10)

Feni Ritasari, 2013

2.3.5 Prak-Prakan Nulis Karangan Éksposisi ngagunakeun Modél Writing

Workshop………...22

2.4Anggapan Dasar jeung Hipotésis Panalungtikan 2.4.1 Anggapan Dasar……….………...24

2.4.2 Hipotésis………24

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data……….25

3.2 Désain Panalungtikan………...25

3.3 Métode Panalungtikan………..26

3.4 Wangenan Operasional………....26

3.5 Instrumén Panalungtikan……….….27

3.6 Téknik Ngolah Data……….30

3.7 Téknik Ngumpulkeun Data………..34

3.8 Analisis Data 3.8.1Uji Normalitas………..35

3.8.2Uji Homogénitas………..37

3.8.3Uji Gain………...38

3.8.4Uji Hipotésis………39

BAB IV MODÉL WRITING WORKSHOP PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS KARANGAN ÉKSPOSISI SISWA KELAS VII SMPN 14 BANDUNG 4.1Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VIIA Saméméh Ngagunakeun Modél Writing Workshop………..41


(11)

Feni Ritasari, 2013

4.2Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VIIA Sabada

Ngagunakeun Modél Writing Workshop………..………45

4.3Ngaronjatna Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VIIA Tina Hasil Uji Gain………..49

4.4Analisis Data 4.4.1Uji Sipat Data………...54

4.4.1.1 Uji Normalitas………...54

4.4.1.2 Uji Homogénitas…………...……….63

4.4.2Uji Hipotésis……….66

4.5 Kacindekan Analisis Data………...…...70

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan………..……...………..71

5.2 Rékoméndasi……...………..74

DAPTAR PUSTAKA…...………75

LAMPIRAN-LAMPIRAN………..77


(12)

Feni Ritasari, 2013

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kaparigelan nu kudu diajarkeun dina pangajaran Basa sunda salah sahijina nya éta kaparigelan nulis. Kaparigelan nulis téh mangrupa komponen tina opat kaparigelan basa nya éta kaparigelan ngaregepkeun (listening skill), kaparigelan nyarita (speaking skill), kaparigelan maca (reading skills), jeung kaparigelan nulis (writing skill). Éta opat komponen téh raket patalina ti mimiti ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Opat kaparigelan ieu enas-enasna mangrupa hiji beungkeutan anu gembleng, ku kituna éta opat kaparigelan basa téh disebut ogé catur tunggal.

Nulis mangrupa hiji cara pikeun ngayakeun komunikasi teu langsung, sabab unggal manusa ngabogaan ide/gagasan jeung kahayang anu kudu diwujudkeun sacara nyata. Cara ngawujudkeunana tangtu kudu merenah ngarah kaharti atawa kanyahoan ku baléréa lamun make hiji pakakas nya éta basa. Basa anu puguh entep seureuh jeung alurna tur écés pamaksudanana ilharna aya dina wangun tinulis.

Prosés nulis hartina prosés ngébréhkeun ide/gagasan sacara nyata dina wangun tulisan atawa komunikasi teu langsung. Dina komunikasi teu langsung basa nu kudu digunakeun kudu leuwih jelas tibatan basa anu digunakeun dina komunikasi langsung. Kalimah-kalimah dina basa tinulis kudu mampuh ngajelaskeun maksud jeung tujuanmasalah nu keur dibahas sacara gemet, lantaran teu diwuwuh ku gerak, pasemon, jeung intonasi. Kusabab kitu, basa nu dipaké ku nu nulis (nu ngarang) kudu hadé jeung gampil dicangking pamaksadanana. Sok sanajan kitu, dina kagiatan nulis teu sakabeh jalma mampu ngébréhkeun ide,


(13)

Feni Ritasari, 2013

gagasan jeung pamaksadan dina wangun tinulis kalawan hadé. Jalma-jalma nu tangtu wungkul nu mampu ngébréhkeun eusining haténa ngaliwatan basa tinulis kalawan hadé. Lantaran kaparigelan nulis atawa ngarang téh teu bisa datang kitu

wae, tapi kudu ngaliwatan prosés latihan jeung prakték nu sering jeung teratur (Tarigan, 2008:4).

Pangajaran nulis téh kaasup kana kagiatan makéna basa, nu salasahiji fungsina nya éta pikeun ngajarkeun kamampuh ngébréhkeun gagasan, pamadegan sarta pangalaman ngaliwatan basa tinulis. Luyu jeung tujuan utamana nya éta méré kesempatan ka siswa pikeun meunangkeun pangaweruh jeung pangalaman nulis sangkan mampuh ngébréhkeun gagasan, penghayatan, perasaan sarta pangalamanna ka jalma lian. Pangaweruh jeung pangalaman nulis mangrupa daya pikeun nguatkeun kamampuh siswa kana hasil diajar nulis, hususna mata pelajaran Basa Sunda. Daya éta dina kagiatan pangajaran diarahkeun pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa kalayan ngagunakeun perasaan, penalaran, daya khayal, numuwuhkeun kapekaan ka masarakat, budaya jeung lingkungan pikeun dikomunikasikeun ka jalma lian.

Dumasar pedaran di luhur, leuwih hadé balik deui ka pamikiran yén siswa bakal diajar leuwih alus saupama lingkungan anu diciptakeun alamiah. Diajar bakal leuwih miboga ma’na saupama siswa ngalaman naon anu rék diajarkeun lain saukur mikaweruh. Pangajaran anu orientasina kana pangawasaan matéri mémang kabukti suksés dina kompetisi daya inget jangka péndék tapi gagal dina mekelan siswa neangan solusi dina pasualan kahirupan jangka panjang. Numutkeun Zainurrahman (2011:206) masalah atawa problématika dina nulis dibagi jadi dua nya éta masalah umum jeung masalah husus. Nu kaasup masalah umum nya éta kurangna matéri nu rék dipedar, bangbaluh dina ngamimitian jeung nutup eusi karangan atawa tulisan, kasulitan dina strukturasi jeung nyalaraskeun eusi sarta kasulitan dina milih topik tulisan. Sedengkeun nu


(14)

Feni Ritasari, 2013

kaasup masalah husus nya éta leungitna mood nulis, nu disababkeun ku kurangna ide, kasibukan, jeung writer block.

Ku kituna, masalah atawa problematika dina pangajaran nulis di sakola, hususna pangajaran nulis karangan éksposisi di SMP 14 Bandung teu jauh béda saperti nu diébréhkeun ku Zainurrahman, nya éta mayoritas siswa hésé néangan ide atawa imajinasi dina waktu nulis hiji karangan éksposisi. Kurangna imajinasi siswa nalika nulis karangan éksposisi nya éta kurang parigelna siswa dina ngawasa basa Sunda jeung kurangna kabeungharan kecap basa Sunda, kurang parigelna siswa dina ngabuka jeung nutup karangan éksposisi, sarta modél pangajaran atawa cara ngajar guru pikeun ngarangsang ide siswa teu menarik, jeung variatif.

Guru kudu bisa nyiptakeun suasana diajar nulis jadi matak resep, sangkan bisa ngirut haté siswa pikeun ngaréspon kana naon nu ditingali, didéngé sarta nu dirasakeun ku siswa sarta suasana nu mantak bisa ngarangsang ide siswa nalika nulis.

Dina sawatara modél pangajaran nu bisa nyiptakeun suasana nu matak pikaresepeun, katitén salah sahijina nya éta modél pangajaran Writing Workshop. Modél pangajaran Writing Workshop atawa modél Menulis Terbimbing saméméhna pernah digunakeun dina panalungtikan basa, di antarana: basa Indonésia, basa Inggris, basa Prancis jeung basa Sunda nya éta “Peningkatan Keterampilan Menulis Karangan Deskripsi Melalui Teknik Menulis Terbimbing” ku Syarif Amir , “Upaya Meningkatkan Kemampuan Menulis Puisi Melalui Prosedur Menulis Terbimbing” ku Dwi Hastari, “Penerapan Model Writing Workshop untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Bahasa Inggris” ku Isye Mulyani, “Model Pembelajaran Menulis Terbimbing Bahasa Prancis Berbasis Media Internet Melalui Mailing dan Blog” ku Tri Indri Handini jeung “Éféktifitas Modél Writing Workshop Dina Pangajaran Kamampuh Nulis Surat Resmi” ku Resti Tandiani Utami.


(15)

Feni Ritasari, 2013

Nilik kana hal éta, modél pangajaran Writing Workshop dianggap paling cocog pikeun pangajaran nulis karangan éksposisi sarta tina sababaraha panalungtikan nu geus aya ieu modél Writing Workshop téh acan diujicobakeun dina pangajaran nulis karangan éksposisi di SMP. Ku kituna, dilaksanakeun panalungtikan anu judulna Modél Writing Workshop pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi (study kuasi ékspérimén ka siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah nu diébréhkeun di luhur, aya sababaraha masalah anu muncul nya éta, kurang mampuhna siswa dina nulis karangan, siswa teu parigel dina ngagunakeun basa sunda, siswa teu bisa ngébréhkeun ide, siswa kurang minat dina pangajaran nulis, monotonna sistem pangajaran nulis jrrd. Tapi pikeun teu ngajembaran masalah nu di talungtik, panalungtik museurkeun panalungtikan kana modél pangajaran Writing Workshop pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung taun ajar 2012/2013.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang panalungtikan, aya sababaraha masalah anu perlu ditalungtik, saperti anu diébréhkeun ieu di handap:

1) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh ngagunakeun modél Writing Workshop ?

2) Kumaha kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung sabada ngagunakeun modél Writing Workshop ?


(16)

Feni Ritasari, 2013

3) Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Dumasar anu geus disebutkeun di luhur, sacara umum tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngukur atawa nguji kamampuh nulis karangan éksposisi ka siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun: 1) kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung

saacan ngagunakeun modél Writing Workshop;

2) kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung sabada ngagunakeun modél Writing Workshop; jeung

3) bédana kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun model Writing Workshop 1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, mangpaat ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho ngeunaan modél pangajaran anu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi, ngamekarkeun modél-modél pangajaran sangkan bisa


(17)

Feni Ritasari, 2013

ngaronjatkeun kamampuh nulis, utamana nulis karangan éksposisi sarta mikanyaho tata cara nulis karangan éksposisi anu bener jeung hadé.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti miboga mangpaat tioritis, ieu panalungtikan téh miboga ogé mangpaat praktis pikeun guru jeung siswa. Pikeun guru mangpaatna nya éta ngagampangkeun prosés ngajar nulis karangan éksposisi tur hasilna ogé nyugemakeun, sedengkeun pikeun siswa mangpaatna nya éta pikeun numuwuhkeun sikep positif kana pangajaran nulis tur ngagampangkeun prosés diajar nulis hususna nulis karangan éksposisi.

1.5 Raraga Tulisan

BAB 1 : BUBUKA, nu ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan.

BAB II : LANDASAN TIORI, nu ngawengku harti nulis, fungsi nulis, mangpaat nulis, tujuan nulis, rupa-rupa wacana tulisan, ciri-ciri tulisan hadé, wangenan karangan éksposisi, ciri-ciri karangan éksposisi, sarat nulis karangan éksposisi, léngkah-léngkah nulis karangan éksposisi, wangenan model pangajaran, model Writing workshop, lengkah-lengkah model Writing workshop, prinsip-prinsip model writing workshop, prak-prakkan nulis karangan eksposisi ngagunakeun model writing workshop, sarta anggapan dasar jeung hipotesis panalungtikan.


(18)

Feni Ritasari, 2013

BAB III : METODOLOGI PANALUNGTIKAN, nu ngawengku metode panalungtikan, instrumen panalungtikan, sumber data panalungtikan, wangenan operasional, teknik ngumpulkeun data, teknik ngolah data jeung analisis data. BAB IV : DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL DATA, nu ngawengku kamampuh nulis karangan éksposisi saméméh jeung sabada ngagunakeun model writing workshop, uji sipat data nu ngawengku uji normalitas jeung uji homogenitas, uji gain, uji hipotésis jeung kacindekan analisis data.


(19)

Feni Ritasari, 2013

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data mangrupa sakabéh obyék nu ditalungtik, kaasup aspék-aspék anu dipaluruh sarta ditalungtik salila prosés panalungtikan. Dina ieu panalungtikan obyék datana langsung ditangtukeun lantaran metode nu digunakeun kuasi ékpérimén ka hiji kelas.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta kelas VII A SMPN 14 Bandung taun ajar 2012/2013 anu jumlah siswana 35 siswa. Ieu kelas dipilih lantaran siswa kelas VII A loba nu teu mampuh nulis karangan éksposisi . sangkan leuwih jéntré ngeunaan kaayaan murid kelas VIIA di SMPN 14 Bandung, bisa katitén dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.1 Sumber Data

Kelas Siswa Jumlah

Awéwé lalaki

VII A 13 17 30

3.2 Désain Panalungtikan

Sugiyono (2011: 109) nyebutkeun yén dina métode pre-experimental aya tilu rupa desain, nya éta One-Shot Case Studi, One Group Prétést-Posttest jeung Intec-Group Comparison.

Ku kituna, désain panalungtikan nu digunakeun di kelas VII A nya éta One Group Prétést-Postest. Prétés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh awal siswa saméméh ngagunakeun treatment (modél writing workshop) sedengkeun postés dilakukeun pikeun mikanyaho kamampuh ahir siswa sabada ngagunakeun


(20)

Feni Ritasari, 2013

treatment (model writing workshop). Ku lantaran kitu, hasil tina treatment bakal leuwih akurat sabab bisa ngabandingkeun hasil saméméh jeung sabada ngagunakeun treatment.

Sangkan leuwih jéntré désain panalungtikan pre-experimental nu digunakeun dina ieu panalungtikan, digambarkeun dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.2 Desain Panalungtikan

O1 X O2

(Sugiyono, 2011:111) Katerangan :

O1 : Nilai Prétés O2 : Nilai Postés X : Treatment

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nya éta hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu valid kalayan tujuan bisa mekarkeun jeung ngabuktikeun hiji pangaweruh nu ahirna bisa digunakeun pikeun pamahaman jeung ngantisipasi masalah dina widang atikan, (Sugiyono, 2011:6).

Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén nu miboga tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Writing Workshop.

3.4 Wangenan Operasional


(21)

Feni Ritasari, 2013

1) Modél Writing Workshop nya éta salasahiji modél pikeun pangajaran nulis nu dijadikeun treatment pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung taun ajar 2012/2013

2) Kamampuh Nulis Karangan nya éta tolak ukur tina kaparigelan siswa dina hiji kagiatan ngébréhkeun ide kana wangun tulisan nu dilaksanakeun ku siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung dina nulis karangan éksposisi saméméh jeung sabada ngagunakeun modél Writing Workshop.

3) Karangan Éksposisi nya éta karangan nu dijieun ku siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung, eusina ngajéntrékeun tur medar hiji obyék atawa prosés nu tujuanana pikeun mekarkeun pangaweruh hiji jalma.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Dumasar prinsipna panalungtikan nya éta ngalakukeun pangukuran, kusabab kitu kudu aya alat ukur nu hadé. Alat ukur dina panalungtikan biasana disebut instrumén panalungtikan. Jadi instrumén panalungtikan nya éta hiji alat nu digunakeun pikeun ngukur fenomena alam atawa sosial nu keur ditalungtik. Sacara spesifik sakabéh fenomena disebut variabel panalungtikan (Sugiyono, 2011:148).

Instrumén dina ieu panalungtikan fungsina pikeun ngumpulkeun data ngeunaan modél writing workshop pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi. Data nu dikumpulkeun dimimitian ku ngumpulkeun data prétés saméméh ngagunakeun modél writing workshop jeung dipungkas ku ngumpulkeun data postés sabada ngagunakeun modél writing workshop.

Instrumén nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés. Dina prak-prakanana panalungtikan baris dilaksanakeun tés awal jeung tés ahir nu fungsina pikeun ngukur kamampuh siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung , saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop.


(22)

Feni Ritasari, 2013

Tés nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés subjéktif nu umumna bentuk éséy (pamaparan). Tés ieu dipilih lantaran dianggap saluyu pikeun ngébréhkeun kamampuh hasil diajar ngajar nulis karangan éksposisi kalayan obyéktif. Téma nu disodorkeun dina tés nya éta élmu pangaweruh ngeunaan tata cara nyieun kadaharan.

Instrumén nu bakal digunakeun dina ieu panalungtikan saperti ieu dihandap :

1) Instrumén Prétés

Kadaharan mangrupa hiji unsur peunting pikeun awak urang sabab loba pisan mangpaatna, dina kahirupan sapopoé urang tangtu waé manggihan kadaharan nu béda-béda saperti tina cara ngasakanana aya nu digoréng, ditumis, dikulub, diseupan, dibeuleum, jrrd. Tina rupa-rupa cara masakna éta, bisa jadi rupa-rupa kadaharan saperti : beuleum lauk, goréng cau, kulub sampeu, pépés hayam jrrd.

Dumasar pedaran diluhur, pék ayeuna jieun hiji karangan éksposisi kalayan téma tata cara nyieun kadaharan!

Katangtuan karangan :

 Loba karangan minimal sakaca, atawa 3 paragaraf 2) Intrumén Postés

Kadaharan mangrupa hiji unsur peunting pikeun awak urang sabab loba pisan mangpaatna, dina kahirupan sapopoé urang tangtu waé manggihan kadaharan nu béda-béda saperti tina cara ngasakanana aya nu digoréng, ditumis, dikulub, diseupan, dibeuleum, jrrd. Tina rupa-rupa cara masakna éta, bisa jadi rupa-rupa kadaharan saperti : beuleum lauk, goréng cau, kulub sampeu, pépés hayam jrrd.


(23)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung

a) Pék jieun hiji karangan éksposisi kalayan téma tata cara nyieun kadaharan! b) Léngkah-léngkah nulis karangan

a. Téangan judul dumasar téma nu geus ditangtukeun di luhur! b. Jieun raraga karanganna.

 Paragraf I

……….

 Paragraf II

………

 Paragraf III

………

c) Mekarkeun raraga karangan nu geus ditangtukeun di luhur jadi hiji karangan éksposisi kayalan ngagunakeun basa nu sopan.

3) Format Lembar Jawaban Wasta :

Kelas : No absen : Judul karangan :

……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ……… ………


(24)

Feni Ritasari, 2013

3.6 Téknik Ngolah Data

Kamampuh awal (prétés) jeung kamampuh ahir (postés) mangrupa instrumén panalungtikan nu digunakeun dina ngumpulkeun data pikeun dianalisis jeung nguji hipotésis.

Dumasar kana patokan meunteun nu geus dijieun éta data hasil prétés téh dianalisis. Saterusna data dikelompokeun dumasar kana perséntasena , ku cara napsirkeun dina wangun table. Kumaha kamampuh siswa dina nulis karangan éksposisi saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop.

Hasil prétés jeung postés dipariksa jeung dianalisis anu satuluyna ditabulasikeun sangkan mikanyaho peunteun rata-rata siswa, standar deviasi sarta varian tina unggal kelompok. Lian ti éta ogé, pikeun mikanyaho normalitas data bisa digunakeun uji normalitas. Sedengkeun pikeun mikanyaho homogén


(25)

Feni Ritasari, 2013

henteuna varian sampel, kudu ngaliwatan uji homogenitas. Nu ahirna ngagunakeun uji gain pikeun mikanyaho hasil pretes jeung postes.

Saméméh ngolah data nu diébréhkeun di luhur, hasil nulis siswa dianalisis jeung diajén. Analisis nu digunakeun nya éta :

1) Kualitas jeung lingkup eusi, nya éta mariksa gagasan dina tulisan nu disusun ku siswa

2) Organisasi jeung tampilan eusi, ngawengku runtuyan kalimah nu sinambung antara hiji kalimah jeung kalimah séjénna, antara paragraf kahiji jeung paragraf saterusna.

3) Gaya basa, milih gaya sarta tulisan anu merenah, katitén tina ngagunakeun kalimah anu éféktif sarta ngagunakeun basa anu bener.

4) Wangun gramatikal, tulisan ngawengku kalimah nu ditulis ku murid, fungsi kalimah anu ngawengku jejer, caritaan, salaku unsur wajib aya sarta udagan, panglengkep jeung katerangan mangrupa unsur nu teu wajib aya.

5) Éjaan, dipuseurkeun dina ngagunakeun huruf kapital, ngamimitian nulis, ngagunakeun rarangken hareup jeung tanda baca.

6) Karapihan tulisan, mangrupa tampilan sacara fisik. Tulisan hasil murid anu bisa dibaca kalayan ngagunakeun hurup nu jelas. Sangkan cara meunteunna leuwih babari, kalayan rinci aspék-aspék anu dipeunteun aya dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.3

Kriteria Meunteun Karangan Éksposisi No Aspék


(26)

Feni Ritasari, 2013 A Kualitas, jeung lingkup eusi 5 4 3 2 1

Ngarti pisan, pinuh ku gagasan, luyu jeung topik, jéntré pisan.

Ngarti, pinuh ku gagasan, luyu jeung topik, jéntré

Ngarti tapi kawates, gagasan ngawates, sarta jéntré ngawates

Kurang ngarti, kurang gagasan, kurang jéntré Teu ngarti, miskin gagasan, teu luyu jeung topik B Organisasi jeung tampilan eusi 5 4 3 2 1

Eusi lengkep pisan, rinci pisan, logis, kohési luhur pisan

Eusi lengkep, rinci, urutan logis, kohési kurang luhur

Eusi lengkep, kurang rinci, urutan logis, kohési kurang luhur

Eusi teu lengkep, kurang rinci, kurang logis,kohési teu luhur.

Eusi kurang pisan, teu rinci, urutan teu logis, teu aya kohési

C Gaya Basa

5 4

Merenah pisan, efektif pisan, ngawasa pisan milih kecap anu merenah

Merenah, efektif, milih kecap merenah saeutik salahna


(27)

Feni Ritasari, 2013

3 2 1

Merenah kalawan ngawates, milih kecap merenah aya kasalahan

Kurang merenah, kurang efektif, kurang ngawasa milih kecap, loba kasalahan Teu merenah, teu efektif, teu paham milih kecap, loba pisan kasalahan

D

Wangun Gramatikal

5 4 3 2 1

Nyusun kalimah komplek, ngawasa pisan tatabasa

Nyusun kalimah basajan, saeutik kasalahan

tatabasana, kurang ngandung ma’na

Nyusun kalimah basajan, loba kasalahan tatabasa

Hésé nyusun kalimah basajan, loba kasalahan

tatabasa, ngawurkeun ma’na

Teu ngawasa nyusun kalimah, teu komunikatif, teu cukup dipeunteun


(28)

Feni Ritasari, 2013 E Ejaan 5 4 3 2 1

Ngawasa pisan kaédah dina nulis kecap, teu aya kasalahan

Ngawasa kaédah dina nulis kecap, aya kasalahan

Ngawasa kaédah dina nulis kecap, teu loba kasalahan

Kurang ngawasa kana kaédah dina nulis kecap, loba pisan kasalahan

Teu ngawasa kana kaédah nulis, teu cukup pikeun dipeunteun F Karapihan Tulisan 5 4 3 2 1

Alus pisan, rapi, babari kabaca, beresih Rapih, kabaca, saeutik corétan

Kurang rapih, kabaca, loba corétan

Teu rapih, loba anu teu kabaca, loba corétan, kotor

Teu rapih, tulisan teu kabaca

Jumlah skor 6-30

Kacindekan Skor :

Hadé pisan : 27-30 Hadé : 23-26 Sedeng : 18-22 Kurang : 12-17 Kurang pisan : 6-11


(29)

Feni Ritasari, 2013

Dina kriteria pangajénan éta, panalungtik bisa nyaho kamampuh nulis karangan éksposisi siswa sabaraha nu kahontal kategorina hadé pisan, hadé, sedeng, kurang, jeung kurang pisan.

Léngkah-léngkah pikeun ngolah data sangkan bisa dianalisis saperti kieu : 1) Mariksa hasil nulis karangan éksposisi siswa hasil tés awal jeung tés ahir,

sarta nyirian tulisan karangan éksposisi anu salahna. 2) Menteun hasil nulis karangan éskposisi

Pikeun nangtukeun peunteun atawa skor nulis karangan éksposisi siswa digunakeun pedoman meunteun saperti pedoman nilai diluhur. Skor nu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir kalayan ngagunakeun rumus :

n = skor anu kahontal x 100 Skor ideal

Tabél 3.4

Kategori Kaparigelan Nulis Karangan Éksposisi No Kategori Skor

1 Mampuh >70 2 Can Mampuh <70

3) Ngasupkeun nilai tés awal jeung tés ahir kana tabél Tabél 3.5

Skor Kamampuh Prétés Jeung Kamampuh Postés


(30)

Feni Ritasari, 2013

3.7Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téknik tés pikeun préstasi diajar, tés nu dipilihna nya éta tés subjéktif. Tés subjéktif hakékatna tés dina wangun éséy nya éta jenis tés kamajuan diajar nu merlukeun jawaban nu sipatna bahasan atawa pamaparan (Arikunto, 2009:162)

Prétés dilaksanakeun pikeun meunangkeun data kamampuh awal dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A di SMPN 14 Bandung sarta pikeun mikanyaho tingkat kamajuan siswa anu aya hubunganana jeung prosés pangajaran nu bakal dilaksanakeun. Sedengkeun postés dilaksanakeun pikeun meunangkeun data kamampuh ahir siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung, ngeunaan kamampuh nulis karangan éksposisi sabada ngagunakeun modél writing workshop.

3.8 Analisis Data 3.8.1 Uji Normalitas

Uji normalitas dilaksanakeun pikeun ngayakinkeun kamampuh siswa miboga distribusi anu normal, salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh dua rata-rata. Pikeun nangtukeun yén data téh miboga sipat anu normal atawa henteu, nguji normalitas ngagunakeun rumus chi kuadrat (X2).

Léngkah-léngkahna nya éta saperti dihandap ieu : 1) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pretes jeung postés


(31)

Feni Ritasari, 2013

Frékuénsi peunteun pratés jeung postés

Skor (x) F f.x f.x2 1

2

Σ

2) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pretes jeung postés

M =

Σ

f x

Σ

f

3) Néangan standar deviasi (SD)

� = ��� −

(���) ( − )

Katerangan :

SD = Standar déviasi

N = Jumlah subyék panalungtikan

Σfx2 = Jumlah frékuénsi nilai x

fx)2 = Jumlah frékuénsi nilai x dikuadratkeun

4) Nangtukeun jumlah kelas (k)

k = +≤ atawa k = 1+3,33 Log n

5) Nyieun daftar frékuénsi obsérvasi jeung ékspétasi anu ngawengku; a) Nangtukeun rentang (r)


(32)

Feni Ritasari, 2013

b) Nangtukeun panjang kelas (p) p =

6) Nangtukeun kelas frékuensi obsérvasi (O1) 7) Nangtukeun batas kelas (bk)

8) Nangtukeun z ( transformasi normal standar bébas kelas) Z = (��−�̅)

� Katerangan :

Z = transformasi normal standar bébas kelas bk = batas kelas luhur atawa batas kelas handap x̅ = peunteun rata-rata skor

sd = nilai standar deviasi

9) Nangtukeun legana unggal kelas interval (L) L = Zs – Ztabél

10)Nangtukeun rumus-rumus frékuénsi ékspétasi (Ei)

Ei = N x L

11)Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat) X2 = ( �− �)

12)Nangtukeun derajat kebebasan (db) db = k-3

13) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.7


(33)

Feni Ritasari, 2013

Peunteun Pretés Jeung Postés Kelas 0i Bk

handap

Bk

luhur Z1 Z2 Z1 tabél Z2tabél L Ei X 2

14)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria :

Upama X2itung <�2 tabél hartina distribusi data normal, tapi

Upama X2itung > X2tabél hartina distribusi data teu normal.

(Arikunto, 2006: 317) 3.8.2 Uji Homogénitas

Fungsi uji homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogen henteuna variasi sumber data. Cara nguji homogénitas sarua jeung uji normalitas ngagunakeun rumus chi kuadrat kalayan léngkah-léngkahna saperti ieu di handap: 1) Ngitung variasi sewang-sewangan kelompok

S

2

=

.��� − (���)

( − )

2) Néangan nilai F

F =

� �


(34)

Feni Ritasari, 2013

Katerangan :

F = harga variasi nu rék ditéangan S2b = variasi nu leuwih gede S2k = variasi anu leuwih leutik 3) Ngitung db

db1 = n-1

4) Nangtukeun F tabél, dumasar kriteriana :

Fitung < Ftabel hartina distribusi data homogén, tapi Fitung >Ftabel hartina distribusi data teu homogén.

(Arikunto, 2006:321) 3.8.3 Uji Gain

Fungsi tina uji gain pikeun nangtukeun naha aya béda nu signifikan antara tés awal jeung tés ahir. Tina uji gain ieu, bisa meunang gambaran ngeunaan pangaruh digunakeunana strategi modél Writing Workshop pikeun ningkatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi kelas VII A SMPN 14 Bandung taun ajar 2012/2013. Pikeun nguji gain digunakeun tabél saperti ieu dihandap:

Tabél 3.8

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi Ngagunakeun Modél Writing Workshop

No Nama siswa Pretes Postés Σ D d2 1


(35)

Feni Ritasari, 2013

Σ

3.8.4 Uji Hipotésis

Uji hipotésis digunakeun pikeun néangan daya béda jeung standar deviasi dina ngabuktikeun hipotésis. Léngkah-léngkah pikeun nguji hipotésis saperti ieu dihandap:

1) Nyieun tabél uji jumlah rata-rata pretes jeung postés Tabél 3.9

Uji jumlah rata-rata pretes jeung postés

No Pretes Postés d d2 Xd (d-Md) 1

2

Σ

2) Néangan béda mean tina pretes jeung postés Md = ��

3) Ngitung derajat kabébasan (db) db = n-1

4) Ngitung t itung

�� �

=

�� −

(��) 5) Ngabuktikeun hipotésis


(36)

Feni Ritasari, 2013

=

�� �

( − )

Lamun titung > ttabel, hartina hipotésis ditarima yén aya béda nu signifikan antara hasil pratés jeung postes siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop

Lamun titung <ttabel, hartina hipotésis ditolak yén teu aya béda nu signifikan antara hasil pratés jeung postes siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop


(37)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar analisis nu dipedar di bab opat ngeunaan ngaronjatna antara hasil data prétés jeung postés dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop bisa dicindekkeun yén :

1) Kamampuh awal (prétés) siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung dina nulis karangan éksposisi saméméh ngagunakeun modél writing workshop asup kana katégori can mampuh sabab rata peunteun siswa nya éta 60 kalayan rata-rata skor 17,9 tina jumlah skor 538. Siswa nu skorna kurang aya 22 urang sedengkeun siswa nu skorna cukup ngan aya 8 urang, hartina dina ieu prétés siswa nu mampuh aya 26,6% sedengkeun siswa nu asup katégori can mampuh dina nulis karangan éksposisi aya 73,3%. Salian ti éta, dina prétés ogé aspék-aspék nu dipeunteun dina nulis karangan éksposisi aya opat aspék-aspék nu asup katégori kurang nu diantarana nya éta : (1) Organisasi jeung tampilan eusi kalayan skor rata-ratana 2,7 tina jumlah skor 83, (2) Gaya Basa kalayan skor rata-ratana nya éta 2,9 tina jumlah skor 87, (3) Wangun Gramatikal nu skor rata-ratana 2,9 tina jumlah skor 88 jeung (4) Éjaan kalayan skor rata-ratana nya éta 2,6 tina jumlah skor 78 sedengkeun dua aspék nu lianna nya éta aspék kualitas jeung lingkup eusi kalayan skor rata-ratana 3,0 tina jumlah skor 92 asup katégori sedeng sarta nu pamungkas nya éta aspék karapihan tulisan nu skor rata-ratana nya éta 3,6 tina jumlah skor 110 asup katégori hadé. Ku kituna, tina hasil prétés ieu bisa dicindekkeun yén siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung can mampuh dina nulis karangan éksposisi.


(38)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

2) Kamampuh ahir (postés) siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung dina nulis karangan éksposisi sabada ngagunakeun modél writing workshop nunjukeun katégori mampuh kalayan jumlah skor 666 nu skor rata-ratana 22,2 sarta peunteun rata-rata ti sakabéh siswa nya éta 74. Siswa nu mampuh dina nulis karangan éksposisi aya 27 urang sedengkeun nu masih kénéh can mampuh aya 3 urang saupama dipersentasekeun siswa nu mampuh aya 90% sedengkeun siswa nu can mampuh kénéh aya 10%. Salian ti éta, dina hasil postés ieu aspék-aspék nu dipeunteun dina nulis karangan éksposisi ogé nunjukkeun paningkatan. Saperti opat aspék nu nunjukkeun katégori hadé diantarana nya éta: (1) aspék kualitas jeung lingkup eusi kalayan skor rata-ratana 3,6 tina jumlah skor 109, (2) aspék wangun gramatikal kalayan skor rata-ratana 3,5 tina jumlah skor 105, (3) aspék éjaan kalayan skor rata-ratana 3,9 tina jumlah skor 119 jeung (4) aspék karapihan tulisan kalayan skor rata-ratana 4,3 tina jumlah skor 130 sedengkeun dua aspék lainna masih asup katégori sedeng diantarana nya éta aspék organisasi jeung tampilan kalayan jumlah skor 102 nu skor rata-ratana 3,4 jeung aspék gaya basa kalayan skor rata-ratana 3,2 tina jumlah skor 97. Ku kituna, tina hasil postés ieu bisa dicindekkeun yén kamampuh siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung sabada ngagunakeun modél writing workshop jadi mampuh dina nulis karangan éksposisi.

3) Uji gain tina ieu panalungtikan nétélakeun ngaronjatna hasil prétés jeung postés dina nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung. tina hasil uji gain éta katitén yén nalika prétés jumlah skor dina nulis karangan éksposisi nya éta 538 kalayan skor ratana nya éta 17,9 nu peunteun


(39)

rata-Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

ratana ngan 6,0 (60) asup kana katégori can mampuh sedengkeun dina postés jumlah skor siswa kelas VIIA ngaronjat jadi 666 kalayan skor rata-ratana jadi 22,2 nu peunteun rata-ratana jadi 7,4 (74) asup kana katégori mampuh. Hartina tina hasil prétés ka postés jumlah skorna ngaronjat 128 atawa rata-rata jumlah skor ngaronjat 4,26. Salian ti éta, tina uji gain ieu bisa katitén ogé ngaronjatna aspék-aspék nu dipeunteun dina nulis karangan éksposisi nu diantarana nya éta: (1) aspék kualitas jeung lingkup eusi ngaronjat 17 skor atawa skor rata-ratana ngaronjat 0,6, (2) aspék organisasi jeung tampilan eusi ngaronjat ngaronjat 19 skor atawa skor rata-rata aspék organisasi jeung tampilan eusi ngaronjat 0,7, (3) aspék gaya basa ngaronjat 10 skor atawa skor rata-ratana ngaronjat 0,3, (4) aspék wangun gramatikal ngaronjat 17 skor kalayan skor rata-ratana ngaronjat 0,6, (5) aspék éjaan ngaronjat 41 skor nu skor rata-ratana ngaronjat 1,3, (6) , aspék karapihan tulisan jumlah skorna ngaronjat 20 skor kalayan skor rata-ratana ngaronjat 0,7. Ku kituna, gedéna pangaruh modél writing workshop pikeun nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung nya éta 4,3 atawa 14,3 % hartina modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung.

4) Tina uji gain tétéla yén modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung. hal éta dirojong ogé ku ayana uji hipotésis nu nétélakeun titung > ttabel, nya éta 9,9 > 2,7 nu hartina hipotésis kerja (Ha) dina ieu panalungtikan ditarima yén aya béda nu signifikan antara hasil prétés jeung postés siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop. Ku kituna, modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung.


(40)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeunna panalungtikan di SMPN 14 Bandung anu judulna

“Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan

Éksposisi” aya sababaraha hal nu baris ditepikeun sangkan ieu panalungtikan bisa leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis, nu diantarana nya éta :

1) Modél writing workshop kabuktian bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina nulis karangan éksposisi, dipiharep bisa digunakeun ogé ku guru mata pelajaran pikeun leuwih ngaronjatkeun kompetensi pangajaran séjénna, saperti nulis éséi, déskripsi, narasi, sajak jeung sajabana nu masih patali jeung mata pelajaran bahasa.

2) Saupama rék ngajarkeun nulis karangan ngagunakeun modél writing workshop saéstuna siswa kudu dibéré stimulus heula pikiranana sangkan bisa meunangkeun ide saloba-lobana, lantaran sabada panalungtikan di kelas VIIA


(41)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

SMPN 14 Bandung lolobana siswa hésé meunangkeun ide pikeun nulis hiji karangan kalayan alesan bingung kudu nulis naon.

3) Dina prosés diajar ngajar ngeunaan nulis hiji karangan, guru kudu nungtun siswa dina nyieun hiji karangan sabab pangaweruh siswa masih keneh kawatesanan boh dina nangtukeun hal naon nu kudu ditulis, struktur karangan, jeung nu paling penting nya éta guru kudu nungtun siswa dina struktur éjahan nu bener lantaran sabada panalungtikan dikelas hususna VII A, rata-rata siswa teu paham kana struktur éjahan Basa Sunda.

4) Kusabab ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode kuasi ékspérimén nu sumber datana ngan sakelas nya éta kelas VIIA, dina panalungtikan nu saterusna dipiharep sangkan nu dijadikeun populasi panalungtikan leuwih lega wengkuanana sangkan hasil panalungtikan bisa leuwih digeneralisasikeun.


(42)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. C dan Suzana, S. (2005). Pokoknya Menulis: Cara Baru Menulis dengan Metode Kolaborasi. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Ambo Enre, F. (1988). Dasar-Dasar Keterampilan Menulis. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

AR, Syamsuddin dan Damaianti S. V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Rosdakarya

Arikunto, S. (2006). Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara Atwell, Nancie. (1987). In the Middle: Writing, Reading, and Learning with Adolescents. Portsmouth, NH: Heinemann

Calkins, L.M and Harwayne. S. (1987). The Writing Workshop : A World of Difference. Portmouth, NH: Heinemann.

Carino, Peter. (1991). Basic Writing: A First Course. New York: Harpercollins Dinas Pendidikan Jabar. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Goodman, Paul. S. (1986). Designing Effective Work Groups. San Fransisco: Jossey Bass

Keraf, Gorys. (1980). Komposisi. Flores: Nusa Indah


(43)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

Mulyani, Isye.(2008). Penerapan Model Writing Workshop untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Bahasa Inggris Siswa Kelas XII IPS SMAN 11 Bandung. (Online), 13 halaman. Tersedia: http://jurnal.upi.edu/penelitian- pendidikan/view/557/penerapan-model-writing-workshop-untukmeningkatkan-kemampuan-menulis-bahasa-inggrissiswa-kelas-xii-ips-sman-11-bandung.html

(diakses 23 November 2012)

Nurjanah, Nunuy. (2008). Handout Teori Nulis, Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daèrah

Nurjanah, Nunuy. (2005). Penerapan Model Belajar Kontruktivisme Dalam Pembelajaran Menulis Bahasa Indonesia. (Online), 37 halaman. Tersedia:

http://jurnal.upi.edu/penelitian-pendidikan/Penerapan-model-belajar-kontruktivisme-dalam-pembelajaran-menulis-bahasa-Indonesia.html (diakses 23

November 2012)

Pendekatan Lokakarya Penulis (The Writers Workshop Approach). (Online) tersedia : http://endonesa.wordpress.com/2008/09/08/pendekatan-lokakarya-penulis-the-writers-workshop-approach (diakses 23 November 2012)

Rahman. (2007). Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung : Alqaprint Jatinangor

Ruddel, R.B and Ruddel, M. P. (1995). Teaching Children to Read & Write: Becoming An Influential Teacher. Boston: Allyn and Bacon

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta


(44)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

Tarigan, Henry G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah , Bandung: UPI

Zainurrahman. (2011). Menulis: Dari Teori Hingga Pratik (Penawar Racun Plagiarisme). Bandung: Alfabeta


(1)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ratana ngan 6,0 (60) asup kana katégori can mampuh sedengkeun dina postés jumlah skor siswa kelas VIIA ngaronjat jadi 666 kalayan skor rata-ratana jadi 22,2 nu peunteun rata-ratana jadi 7,4 (74) asup kana katégori mampuh. Hartina tina hasil prétés ka postés jumlah skorna ngaronjat 128 atawa rata-rata jumlah skor ngaronjat 4,26. Salian ti éta, tina uji gain ieu bisa katitén ogé ngaronjatna aspék-aspék nu dipeunteun dina nulis karangan éksposisi nu diantarana nya éta: (1) aspék kualitas jeung lingkup eusi ngaronjat 17 skor atawa skor rata-ratana ngaronjat 0,6, (2) aspék organisasi jeung tampilan eusi ngaronjat ngaronjat 19 skor atawa skor rata-rata aspék organisasi jeung tampilan eusi ngaronjat 0,7, (3) aspék gaya basa ngaronjat 10 skor atawa skor rata-ratana ngaronjat 0,3, (4) aspék wangun gramatikal ngaronjat 17 skor kalayan skor rata-ratana ngaronjat 0,6, (5) aspék éjaan ngaronjat 41 skor nu skor rata-ratana ngaronjat 1,3, (6) , aspék karapihan tulisan jumlah skorna ngaronjat 20 skor kalayan skor rata-ratana ngaronjat 0,7. Ku kituna, gedéna pangaruh modél writing workshop pikeun nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung nya éta 4,3 atawa 14,3 % hartina modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung.

4) Tina uji gain tétéla yén modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung. hal éta dirojong ogé ku ayana uji hipotésis nu nétélakeun titung > ttabel, nya éta

9,9 > 2,7 nu hartina hipotésis kerja (Ha) dina ieu panalungtikan ditarima yén

aya béda nu signifikan antara hasil prétés jeung postés siswa kelas VII A SMPN 14 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél writing workshop. Ku kituna, modél writing workshop bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIIA SMPN 14 Bandung.


(2)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeunna panalungtikan di SMPN 14 Bandung anu judulna

“Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan

Éksposisi” aya sababaraha hal nu baris ditepikeun sangkan ieu panalungtikan bisa

leuwih ngaronjatkeun kamampuh siswa dina pangajaran nulis, nu diantarana nya éta :

1) Modél writing workshop kabuktian bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis siswa dina nulis karangan éksposisi, dipiharep bisa digunakeun ogé ku guru mata pelajaran pikeun leuwih ngaronjatkeun kompetensi pangajaran séjénna, saperti nulis éséi, déskripsi, narasi, sajak jeung sajabana nu masih patali jeung mata pelajaran bahasa.

2) Saupama rék ngajarkeun nulis karangan ngagunakeun modél writing workshop saéstuna siswa kudu dibéré stimulus heula pikiranana sangkan bisa meunangkeun ide saloba-lobana, lantaran sabada panalungtikan di kelas VIIA


(3)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

SMPN 14 Bandung lolobana siswa hésé meunangkeun ide pikeun nulis hiji karangan kalayan alesan bingung kudu nulis naon.

3) Dina prosés diajar ngajar ngeunaan nulis hiji karangan, guru kudu nungtun siswa dina nyieun hiji karangan sabab pangaweruh siswa masih keneh kawatesanan boh dina nangtukeun hal naon nu kudu ditulis, struktur karangan, jeung nu paling penting nya éta guru kudu nungtun siswa dina struktur éjahan nu bener lantaran sabada panalungtikan dikelas hususna VII A, rata-rata siswa teu paham kana struktur éjahan Basa Sunda.

4) Kusabab ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode kuasi ékspérimén nu sumber datana ngan sakelas nya éta kelas VIIA, dina panalungtikan nu saterusna dipiharep sangkan nu dijadikeun populasi panalungtikan leuwih lega wengkuanana sangkan hasil panalungtikan bisa leuwih digeneralisasikeun.


(4)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. C dan Suzana, S. (2005). Pokoknya Menulis: Cara Baru Menulis dengan Metode Kolaborasi. Bandung: PT Kiblat Buku Utama

Ambo Enre, F. (1988). Dasar-Dasar Keterampilan Menulis. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

AR, Syamsuddin dan Damaianti S. V. (2007). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Rosdakarya

Arikunto, S. (2006). Dasar-Dasar Evaluasi Pendidikan. Jakarta: Bumi Aksara Atwell, Nancie. (1987). In the Middle: Writing, Reading, and Learning with Adolescents. Portsmouth, NH: Heinemann

Calkins, L.M and Harwayne. S. (1987). The Writing Workshop : A World of Difference. Portmouth, NH: Heinemann.

Carino, Peter. (1991). Basic Writing: A First Course. New York: Harpercollins Dinas Pendidikan Jabar. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Goodman, Paul. S. (1986). Designing Effective Work Groups. San Fransisco: Jossey Bass

Keraf, Gorys. (1980). Komposisi. Flores: Nusa Indah


(5)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Mulyani, Isye.(2008). Penerapan Model Writing Workshop untuk Meningkatkan Kemampuan Menulis Bahasa Inggris Siswa Kelas XII IPS SMAN 11 Bandung. (Online), 13 halaman. Tersedia: http://jurnal.upi.edu/penelitian- pendidikan/view/557/penerapan-model-writing-workshop-untukmeningkatkan-kemampuan-menulis-bahasa-inggrissiswa-kelas-xii-ips-sman-11-bandung.html (diakses 23 November 2012)

Nurjanah, Nunuy. (2008). Handout Teori Nulis, Bandung: UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daèrah

Nurjanah, Nunuy. (2005). Penerapan Model Belajar Kontruktivisme Dalam Pembelajaran Menulis Bahasa Indonesia. (Online), 37 halaman. Tersedia:

http://jurnal.upi.edu/penelitian-pendidikan/Penerapan-model-belajar-kontruktivisme-dalam-pembelajaran-menulis-bahasa-Indonesia.html (diakses 23 November 2012)

Pendekatan Lokakarya Penulis (The Writers Workshop Approach). (Online) tersedia :http://endonesa.wordpress.com/2008/09/08/pendekatan-lokakarya-penulis-the-writers-workshop-approach (diakses 23 November 2012)

Rahman. (2007). Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Bandung : Alqaprint Jatinangor

Ruddel, R.B and Ruddel, M. P. (1995). Teaching Children to Read & Write: Becoming An Influential Teacher. Boston: Allyn and Bacon

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Pendidikan; Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta


(6)

Feni Ritasari, 2013

Modél Writing Workshop Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tarigan, Henry G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah , Bandung: UPI

Zainurrahman. (2011). Menulis: Dari Teori Hingga Pratik (Penawar Racun Plagiarisme). Bandung: Alfabeta