Desain Panalungtikan S BD 1200506 Chapter3

Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

Dina ngalaksanakeun panalungtikan, perlu pisan ayana métodeu salaku léngkah-léngkah gawé panalungtikan. Lantaran éta métode bisa ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan sarta bisa nyingkahan ayana salah paham, salian ti éta éta métodeu ogé bisa méréskeun masalah. Métodeu panalungtikan nya éta kumpulan aturan, kagiatan, sarta prosedur nu dipaké nalika panalungtikan. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif kalayan métodeu déskriptif. Nurutkeun Gunawan 2013, kc. 80 panalungtikan kuantitatif nya éta sebuah metode penelitian yang digunakan dalam mengungkapkan permasalahan dalam kehidupan kerja organisasi pemerintah, swasta, kemasyarakatan, kepemudaan, perempuan, seni dan budaya, sehingga dijadikan suatu kebijakan untuk dilaksanakan demi kesejahteraan bersama ” . Ari nurutkeun Sugiyono dina Gunawan, 2013, kc. 81 panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu digunakeun pikeun nalungtik kondisi objék alamiah. Dina ieu hal panalungtik mangrupa instrumén konci. Tujuan utama panalungtikan kualitatif nya éta sangkan pakta babari dipikapaham jeung mun bisa mah ngahasilkeun hipotésis anyar. Nilik kana wangenan di luhur bisa di cindekkeun yén panalungtikan kualitatif nya éta panalungtikan anu miboga tujuan pikeun menangkeun pamahaman anu leuwih jero ngenaan masalah-masalah manusa jeung sosial, sarta panalungtikan dilakukeun dina latar anu alamiah lain hasil manipulasi variabel. . Métodeu déskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun jeung méré intérprétasi kana objék saayana, kalawan henteu migawé kontrol jeung manipulasi variabel. Saluyu jeung pamadegan Azwar 2012, kc 7 yén métodeu deskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun sacara sistematik, jeung akurat. Ieu métodeu ogé ngainterpretasikeun objék saayana. Nurutkeun Masyhuri jeung Zainudin 2008, kc. 35 Métodeu déskripsif nya éta métodeu panalungtikan nu miboga maksud penyandraan sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngenaan fakta-fakta sarta sifat-sifat populasi nu tangtu. 32 Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Panalungtikan deskripsi ogé sok disebut panalungtikan survei sarta miboga ciri- ciri: 1 méré gambaran kana fenomena, 2 ngajéntrékeun hubungan korelasi, 3 nguji hipotésis anu diajukeun, 4 nyieun prédiksi kajadian, 5 méré harti atawa ma’na kana hiji masalah anu ditalungtik. Jadi panalungtikan deskripsi miboga cakupan anu leuwih jembar. Dumasar kana éta pamadegan, bisa dicindekkeun yén metodé déskriptif nya éta métodeu panalungtikan anu ngagambarkeun jeung méré interprétasi kana objék saayana, sacara sistematis, faktual, jeung akurat kalawan henteu migawé control jeung manipulasi variabel. Jadi, tujuan dipakéna métodeu deskripsif dina ieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun gambaran ngenaan basa Sunda dialék Cibiuk Ragam basa Ciak anu aya di Kacamatan Cibiuk sacara ngéntép seureuh, faktual, jeung akurat. Desain panalungtikan nya éta padoman atawa prosedur sarta téhnik dina perencanaan panalungtikan, gunana salaku panduan pikeun ngawangun strategi anu ngahasilkeun model panalungtikan. Dumasar kana pamarekan kualitatif kalawan métodeu deskriptif, desain panalungtikan nu digunakeun nyoko kana galur saperti ieu di handap. 33 Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bagan 3.1 Desain Panalungtikan Nangtukeun Rumusan Masalah: - Asal-usul ragam basa Sunda Ciak di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut - Kandaga kecap ragam basa Sunda Ciak - Adegan kecap ragam basa Sunda Ciak - Pola parobahan kecap ragam basa Sunda Ciak Ngumpulkeun Data - Téhnik wawancara, - Téhnik Obsérvasi, - Téhnik Angkét - Téhnik dokuméntasi Instrumen: - wawancara - Kartu Data - Observasi - Kaméra Analisis jeung Deskripsi data - Ngadéskripsikeun asal-usul ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk - Kandaga kecap lulugu di pasing-pasing dumasar kelompok istilah - Ngadéskripsikeun ragam basa Ciak dumasar kana pamarekan morfologi - Ngadéskripsikeun ragam basa Sunda Ciak Nyieun Kacindekan 34 Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan