Lokasi Panalungtikan Sumber Data Panalungtikan

34 Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.2 Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan

3.2.1 Lokasi Panalungtikan

Kacamatan Cibiuk nu mangrupa salah sahiji ti 42 kacamatan nu aya di Kabupatén Garut. Ieu kacamatan mangrupa pamekaran ti Kacamatan Kadungora. Masarakat Cibiuk mayoritas nganut agama Islam, sarta miboga pakasaban tani, dagang, PNS, TNI, Polri jeung Swasta. Wilayah nu aya di Kacamatan Cibiuk diwangun ku 5 désa anu miboga basa nu mandiri sarta has nu digunakeun pikeun komunikasi antar masarakatna. Lima desa anu aya di Cibiuk nya éta Desa Cipareuan, Desa Cibiuk Kidul, Desa Cibiuk Kaler, Desa Majasari jeung Desa Lingkung Pasir. Kacamatan Cibiuk téh miboga wates wilayah nya éta: Beula wétan : Kacamatan Cibatu Beula kalér : Kacamatan Balubur limbangan Beulah kidul : Kacamatan leuwigoong Beulah kulon : Kacamatan Kadungora Sacara géografisna, Kacamatan Cibiuk miboga luas wilayah ±2.078 Ha. Anu ngawengku 655 Ha wilayahna mangrupa sawah, 914 Ha mangrupa tegal kebon, 10 Ha mangrupa huma, 19 Ha mangrupa balong, 16 Ha mangrupa lahan tani, 241 Ha bangunan sarta 101 Ha mangrupa leuweung. Jumlah masarakatna dumasar kana hasil ngadata taun 2015 aya 33.361 jiwa, ngawengku 17.282 urang lalaki jeung 16.085 urang awéwé. Sedengkeun jumlah KK nya éta 8.328 KK. Ieu lokasi téh dijadikeun tempat panalungtikan. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat panalungtikan lantaran di Kacamatan Cibiuk aya basa anu has atawa husus dipaké ku masarakatna dina kahirupan sapopoé di jaman penjajahan, éta basa téh sok disebut basa Ciak.

3.2.2 Sumber Data Panalungtikan

Sumber data panalungtikan mangrupa subjek data anu rék ditalungtik. Arikunto, 2006, kc. 129. Sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma person , tempat place , jeung kertas atawa dokumén paper . 1 Jalma person , nya éta sumber data anu bisa méré data mangrupa jawaban lisan ngalewatan wawancara atawa jawaban tinulis tina angka. 35 Tanti Nurkomalasari, 2016 RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2 Tempat place , nya éta sumber data anu mangrupa tampilan dina kaayaan cicing atawa gerak. Kaayaan cicing atawa gerak mangrupa objék pikeun métodeu obsérvasi. 3 Kertas atawa dokumén paper , nya éta sumber data anu mangrupa tanda- tanda, angka, gambar, atawa simbol-simbol séjénna. Dokumén mangrupa objek nu dipaké pikeun métodeu dokuméntasi. Dumasar kana pedaran di luhur, sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta: 1 Sumber data anu mangrupa jalma person nya éta masarakat di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut. 2 Sumber data anu mangrupa tempat place , nya éta Kacamatan Cibiuk nu ngawengku lima désa. 3 Sumber data anu mangrupa kertas atawa dokumén paper , nya éta dokumén- dokumén nu mangrupa catetan jeung rekaman ragam basa Sunda Ciak. Tina éta sumber data, kecap-kecap nu dipaké téh aya dina kahirupan sapopoé masarakatna. Kandaga kecap dikumpulkeun dumasar kana a istilah pancakaki, b istilah gaganti jeung sesebutan, c istilah kahirupan jeung masarakat, d istilah babagian awak, e istilah imah jeung babagianna, f istilah pakakas, g istilah kadaharan jeung inuman, h istilah panyakit, i istilah pakasaban, j istilah pakéan, k istilah tutuwuhan jeung bungbuahan, l istilah sasatoan, m istilah kaayaan jeung usum, n istilah budi parangi, o istilah kaulinan, p istilah pagawéan, q kecap pananya, panyambung, panambah jeung panganteb, r istilah bilangan. Éta istilah nu dijadikeun bahan ulikan atawa sampel tina panalungtikan lantaran réa dipaké dina kahirupan sapopoé.

3.3 Ngumpulkeun Data