4
Ellis Helvina, 2013 WACANA DALAM DISPLAY PICTURE BLACKBERRY MESSENGER
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
c. Wanda kalimah wacana basa Sunda dina Display Picture Blackberry
Messenger.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun panalungtik, nu maca sarta masarakat sacara umum, boh mangpaat tioritis boh mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan paélmuan basa Sunda dina widang pragmatik, semantik,
jeung sintaksis.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Ieu panalungtikan miboga mangpaat anu sacara praktis, nya éta: a.
Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan boga mangpaat sangkan ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan basa.
b. Pikeun pangajaran, ieu panalungtikan boga mangpaat keur bahan ajar, boh
keur guru boh keur murid.
1.5 Struktur Organisasi Skripsi
Hasil tina ieu panalungtikan dipidangkeun dina lima BAB. Dina BAB I bubuka dipidangkeun kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah,
tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung struktur organisasi skripsi. Pikeun tatapakan nganalisis data, dina BAB II ulikan tiori, raraga mikir,
jeung anggapan dasar ditepikeun tiori-tiori nu dipaké landasan analisis nya éta perkara kalimah, unsur fungsional, pragmatik, wacana, sarta DP BBM.
Dina BAB III métode panalungtikan ditepikeun sumber data, metode jeung desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan,
téhnik ngumpulkeun data, sarta téhnik ngolah data.
5
Ellis Helvina, 2013 WACANA DALAM DISPLAY PICTURE BLACKBERRY MESSENGER
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB IV analisis panalungtikan anu dipidangkeun nya éta data kalimah dina display picture blackberry messenger, analisis data, jeung pedaran anu eusina
ngeunaan eusi rangkuman jeung bahasan. Sarta BAB V kacindekan jeung saran anu eusina miboga fungsi pikeun
nandeskeun eusi tina hasil panalungtikan.s
Ellis Helvina, 2013 WACANA DALAM DISPLAY PICTURE BLACKBERRY MESSENGER
Universitas Pendidikan Indonesia |
repository.upi.edu |
perpustakaan.upi.edu
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data
Sumber data dina panalungtikan mangrupa subjék data kapanggih Arikunto, 2010:172. Sumber data anu ditalungtik nya éta kalimah anu ditulis
ngagunakeun basa Sunda, anu dijadikeun wangun Display Picture DP, dina aplikasi Balckberry Messenger BBM, nya éta salah sahiji aplikasi dina hapé
Blackberry. Tina blackberry messenger BBM téh dijaring 110 data kalimah. Sakabéh
data dijadikeun sampel.
3.2 Desain Panalungtikan
Dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan saméméhna dijabarkeun heula ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan. Éta léngkah-léngkah panalungtikan
digambarkeun dina wangun bagan, tujuanna sangkan gampang ngajelaskeunana Arikunto, 2010:60.