Data jeung Sumber Data Analisis Data

Baity Nurmuslimah, 2015 Kasalahan Morfologis Dina Téks Biantara Siswa Kelas Ix Smp Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 20142015 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu kasalahanana, jeung dipasing-pasing dumasar warna kasalahanana. Tahap pamungkas panalungtik nyieun kacindekan tina hasil panalungtikanana. Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nya éta kecap nu ngalaman kasalahan morfologis dina karangan téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 20142015. Ari sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan téks biantara siswa kelas IX-A, IX-C, IX-D SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 20142015. Nurutkeun Arikunto 2013, kc. 172 sumber data dina panalungtikan nya éta subjék timana data bisa dikumpulkeun. Tilu kelas éta téh tuluy dités nulis téks biantara. Tepi ka kumpulkeun 107 karangan téks biantara. Instrumén: - Soal tés - Kartu data Ulikan Tiori Ngolah Data: - Téhnik dokuméntasi - Téhnik analisis kasalahan makéna basa Ngumpulkeun Data: Téhnik tés Déskripsi Data Kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 20142015 Masalah Panalungtikan: Kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 20142015 Kacindekan Disusun dumasar kana hasil panalungtikan Baity Nurmuslimah, 2015 Kasalahan Morfologis Dina Téks Biantara Siswa Kelas Ix Smp Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 20142015 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

3.2 Ngumpulkeun data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah Arikunto, 2013, kc. 203. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta soal tés jeung kartu data. Instrumen soal tés dipaké pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa téks biantara, sedengkeun kartu data dipaké pikeun ngasupkeun data kasalahan morfologis nu kapanggih dina téks biantara hasil nulis siswa IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajar 20142015. Tés atawa pancén anu dibikeun ka siswa contona bisa dititénan ieu dihandap. Dina ngumpulkeun data kasalahan morfologis tina téks biantara digunakeun kartu data. Kartu data bisa dititénan di handap. Data kasalahan morfologis anu kapanggih dina téks biantara diasupkeun kana kartu data. Kecap anu geus dicirian dibéré kode. Éta kode téh eusina nya éta 1 nomor karangan siswa, 2 alinéa tempat kasalahan, jeung 3 kalimah tempat kasalahan. Contona: TB.1123 anu hartina dina téks biantara nomor 11, alinéa 2 kalimah ka 3.

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data KARTU DATA

Kode siswa : Kalimahna : ……………………………………………………………… Kecap nu teu luyu:…………………………………………………………… Kuduna :……………………………………………………………… Warna kasalahan:……………………………………………………………. Pancén Pék jieun téks biantara, témana bébas Baity Nurmuslimah, 2015 Kasalahan Morfologis Dina Téks Biantara Siswa Kelas Ix Smp Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 20142015 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung dokuméntasi. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Ari téhnik dokumentasi dipaké pikeun ngumpulkeun data kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Léngkah-léngkah nu dilakukeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data téh nya éta: 1 ménta idin ka guru kelas pikeun ngayakeun tés nulis téks biantara; 2 ngumpulkeun téks biantara ti siswa; 3 nyirian kasalahan morfologis nu aya dina téks biantara; jeung 4 nyalin kasalahan morfologis kana kartu data.

3.3 Analisis Data

Sanggeus data nu rék ditalungtik geus kakumpul, éta data téh diolah sangkan bisa dicindekeun. Aya sawatara léngkah dina nganalisis ieu data, nya éta: 1 maca deui data kasalahan nu geus disalin dina kartu data; 2 ngaruntuykeun kasalahan morfologis sacara alfabetis; 3 nyieun papasingan kasalahan morfologis, dumasar warna kasalahan ngararangkénan, ngarajék, jeung ngantétkeun; 4 nganalisis jeung ngadéskripsikeun data kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana; 5 ngitung frékuénsi katut persentase kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana; jeung 6 nyieun kacindekan tina data kasalahan morfologis. 68 Baity Nurmuslimah, 2015 Kasalahan Morfologis Dina Téks Biantara Siswa Kelas Ix Smp Pasundan 4 Bandung Taun Ajaran 20142015 Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis, dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 20142015. Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data, tina 107 karangan kapanggih aya 201 kecap anu ngalaman kasalahan morfologis. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran, bisa di cindekkeun tilu hal anu patali jeung kasalahan morfologis dina téks biantara siswa. Éta tilu hal téh ngawengku: 1 kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan, 2 kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan, jeung 3 kasalahan ngawangun kecap kantétan . Kahiji, kasalahan ngalarapkeun kecap rundayan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tengah, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tukang, kasalahan ngalarapkeun rarangkén barung, kasalahan ngalarapkeun rarangkén gabung, kasalahan interférénsi morfologis, jeung kasalahan analogi morfologis. Kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup jeung tukang, ngawengku: 1 kaslahan dina milih rarangkén, 2 kasalahan maké rarangkén, jeung 3 kasalahan enteu maké rarangkén. Sedengkeun kasalahan interférénsi morfologis, ngawengku 1 kasalahan maké rarangkén basa Indonesia dina kecap asal basa Sunda, 2 kasalahan maké rarangkén basa Sunda dina kecap asal basa Indonesia, jeung 3 kasalahan maké rarangkén jeung kecap asal tina basa indonésia. Kadua, kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni, jeung kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwipurwa. Kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni jeung dwipurna, ngawengku: 1 kasalahan milih wangun kecap rajékan, 2 kasalahan maké

Dokumen yang terkait

FAKTOR-FAKTOR PENURUNAN MINAT BELAJAR SISWA KELAS IX D SMP MUHAMMADIYAH 1 JEMBER DALAM MENERIMA PELAJARAN BAHASA INGGRIS TAHUN AJARAN 2010/2011

0 2 12

FAKTOR-FAKTOR PENURUNAN MINAT BELAJAR SISWA KELAS IX D SMP MUHAMMADIYAH 1 JEMBER DALAM MENERIMA PELAJARAN BAHASA INGGRIS TAHUN AJARAN 2010/2011

0 9 75

FAKTOR-FAKTOR PENURUNAN MINAT BELAJAR SISWA KELAS IX D SMP MUHAMMADIYAH 1 JEMBER DALAM MENERIMA PELAJARAN BAHASA INGGRIS TAHUN AJARAN 2010/2011

0 5 12

PENGARUH KEMANDIRIAN BELAJAR MELALUI KREATIVITAS BELAJAR TERHADAP PRESTASI BELAJAR IPS TERPADU SISWA KELAS IX SMP NEGERI 4 GEDONGTATAAN TAHUN PELAJARAN 2011/2012

0 25 119

PENGARUH LATIHAN SENAM AYO BERSATU TERHADAP PENINGKATAN KEBUGARAN JASMANI SISWA KELAS VIII DI SMP NEGERI 4 BANDAR LAMPUNG TAHUN AJARAN 2013/2014

6 38 69

INCREASING OF WRITING ABILITY THROUGH PROBLEM BASED LEARNING MODEL OF CLASS IX A SMP N 4 METRO ACADEMIC YEAR 2013/2014 PENINGKATAN KEMAMPUAN MENULIS MELALUI MODEL PEMBELAJARAN PROBLEM BASED LEARNING PADA SISWA KELAS IX A SMP NEGERI 4 METRO TAHUN PELAJARAN

0 8 81

PENGARUH LAYANAN BIMBINGAN KELOMPOK DENGAN TEKNIK SOSIODRAMA TERHADAP PERILAKU ASERTIF SISWA KELAS IX SMP NEGERI 25 SEMARANG TAHUN AJARAN 20152016

8 49 216

MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS BERITA SISWA KELAS IX SMP JALAN JAWA MELALUI PEMBELAJARAN “KOMEDO”

0 0 8

PENINGKATAN KEMAMPUAN BERBICARA DENGAN MENGGUNAKAN METODE TALKING STICK PADA SISWA KELAS VIII 6 SMP NEGERI 4 DENPASAR TAHUN AJARAN 2015/2016

1 2 9

SMP KELAS IX ILMU PENGETAHUAN ALAM

0 0 19