KASALAHAN MORFOLOGIS DINA TÉKS BIANTARA SISWA KELAS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015.
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA TÉKS BIANTARA
SISWA KELAS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
Baity Nurmuslimah NIM 1102766
DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2015
(2)
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA TÉKS BIANTARA
SISWA KELAS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Oleh
Baity Nurmuslimah
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
© Baity Nurmuslimah 2015 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2015
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.
(3)
LEMBAR PENGESAHAN
Baity Nurmuslimah
KASALAHAN MORFOLOGIS DINA TÉKS BIANTARA
SISWA KELAS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG TAUN AJARAN 2014/2015
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum NIP. 196302101987031001
Pangaping II,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001
Kauninga ku
Pupuhu Departemen Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP. 196408221989031001
(4)
DAPTAR EUSI
PERNYATAAN ··· i
PANGJAJAP ··· ii
TAWIS NUHUN ··· iii
ABSTRAK ··· vi
DAPTAR EUSI ··· ix
DAPTAR SINGGETAN ··· xi
DAPTAR TABÉL ··· xii
DAPTAR BAGAN ··· xiii
DAPTAR LAMPIRAN ··· xiv
BAB 1 BUBUKA ··· 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ··· 1
1.2 Rumusan Masalah ··· 3
1.3 Tujuan Panalungtikan ··· 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ··· 4
1.4.1 Mangpaat Tioritis ··· 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ··· 5
1.5 Sistematika Tulisan ··· 5
BAB II ULIKAN PUSTAKA ··· 7
2.1 Ulikan Tiori ··· 7
2.1.1 Kasalahan Basa ··· 7
2.1.1.1 Wangenan Kasalahan Basa ··· 7
2.1.1.2 Wanda Kasalahan Basa ··· 9
2.1.1.3 Taksonomi Kasalahan Basa ··· 9
2.1.2 Kasalahan Morfologis ··· 11
2.1.2.1 Wangenan kasalahan Morfologis ··· 11
2.1.2.2 Wangun Kasalahan Morfologis ··· 12
2.1.2.3 Unsur Morfologi ··· 17
2.1.3 Téks Biantara ··· 19
2.1.3.1 Wangenan Téks Biantara ··· 19
2.1.3.2 Wanda Biantara ··· 20
2.1.3.3 Tatahar Biantara ··· 21
2.1.3.4 Rangkay Biantara ··· 21
2.2 Panalungtikan Saméméhna ··· 22
2.3 Kalungguhan Tioritis Panalungtikan ··· 23
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ··· 24
3.1 Desain Panalungtikan ··· 24
(5)
Baity Nurmuslimah, 2015
3.3 Ngumpulkeun Data ··· 26
3.3.1 Instrumén Panalungtikan ··· 26
3.1.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ··· 27
3.4 Analisis Data ··· 27
BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN ··· 28
4.1 Hasil Panalungtikan ··· 28
4.1.1 Kasalahan Morfologis dina Téks Biantara 4.1.2Kasalahan Ngalarapkeun Wangun kecap Rundayan ··· 32
4.1.2.1 Kasalahan Ngalarapkeun Rarangkén Hareup ··· 33
4.1.2.2 Kasalahan Ngalarapkeun Rarangkén Tengah ··· 38
4.1.2.3 Kasalahan Ngalarapkeun Rarangkén Tukang··· 39
4.1.2.4 Kasalahan Ngalarapkeun Rarangkén Barung ··· 45
4.1.2.5 Kasalahan Ngalarapkeun Rarangkén Gabung ··· 46
4.1.2.6 Kasalahan Interférénsi Morfologis ··· 48
4.1.2.7 Kasalahan Analogi Morfologis ··· 54
4.1.2 Kasalahan Ngalarapkeun Wangun Kecap Rajékan ··· 56
4.1.2.1 Kasalahan Ngalarapkeun Wangun Kecap Rajékan Dwimurni ··· 57
4.1.2.2 Kasalahan Ngalarapkeun Wangun Kecap Rajékan Dwipurwa ··· 60
4.1.3 Kasalahan Ngalarapkeun Wangun Kecap Kantétan ··· 63
4.2 Pedaran ··· 63
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ··· 68
5.1 Kacindekan ··· 68
5.2 Rékoméndasi ··· 69
DAFTAR PUSTAKA ··· 71
LAMPIRAN-LAMPIRAN ··· 73
(6)
KESALAHAN MORFOLOGIS DALAM TEKS PIDATO
SISWA KELAS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG TAHUN AJARAN 2014/20151
Baity Nurmuslimah2
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya kesalahan morfologis yang dilakukan oleh siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung tahun ajaran 2014/2015 dalam menulis teks pidato. Terutama kesalahan dalam menggunakan afiks, kata ulang dan kata majemuk. Oleh karena itu, diadakan penelitian yang bertujuan untuk menganalisis dan mendeskripsikan kesalahan morfologis dalam teks pidato siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung tahun ajaran 2014/2015. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif. Untuk mengumpulkan data, tehnik yang digunakan yaitu tehnik tes dan dokumentasi, sedangkan untuk menganalisis data digunakan tehnik analisis kesalahan berbahasa. Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini yaitu soal tes dan kartu data. Data dalam penelitian ini berupa kesalahan morfologis. Sedangkan sumber data dalam penelitian ini adalah karangan téks biantara siswa. Berdasarkan hasil penelitian, dari 107 teks pidato siswa ditemukan 201 kata yang mengalami kesalahan morfologis. Dari 201 kata tersebut, 182 kata (90.55%) merupakan kesalahan dalam menggunakan afiks, 18 kata (8.95%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata ulang, dan satu kata (0.50%) merupakan kesalahan dalam menggunakan kata majemuk. Kesalahan yang terjadi tidak hanya diperoleh dari kesalahan yang murni merupakan kata dari basa Sunda, melainkan kesalahan yang paling banyak terjadi adalah kesalahan pembentukan kata akibat dari adanya interferensi bahasa Indonesia. Dari tiga kesalahan tersebut diurutkan dari yang paling dominan adalah kesalahan dalam pembubuhan afiks, kesalahan menggunakan bentuk kata ulang, dan kesalahan menggunakan kata majemuk. Kesimpulan dari penelitian ini bahwa siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung masih banyak (90.55%) melakukan kesalahan dalam menggunakan kaidah morfologis.
Kata kunci: kesalahan morfologis, teks pidato
1 Skripsi dibawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. 2 Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI
(7)
Baity Nurmuslimah, 2015
MORPHOLOGICAL ERROR IN THE SPEECH TEXT
STUDENT CLASS IX SMP PASUNDAN 4 BANDUNG ACADEMIC YEAR 2014/20151
Baity Nurmuslimah2
ABSTRACT
This research was triggered by the presence of morphological errors made by the ninth grade students of SMP Pasundan 4 Bandung academic year 2014/2015 while writing speech text. Therefore, this research was conducted with the intention to analyze and describe the morphological errors in the student speech text of class IX SMP Pasundan 4 Bandung academic year 2014/2015. The method used in this research is descriptive method. To collect the data, the test and documentation technique was used, while to analyze the data the researcher uses language error analysis techniques. The instrument used in this research are the written test and data card. Data in this research is the words that have a morphological errors in speech text written by the ninth grade students of SMP Pasundan 4 Bandung academic year 2014/2015. Data’s source in this research is speech
text written by the students class IX-A, IX-C and IX-D of SMP Pasundan 4 Bandung academic year 2014/2015. Based on the result of the analysis, from 107 of the speech texts written by the students the researcher found 201 sentences encounter morphological error. From those 201 sentences 182 words (90.55%) were the misuses of affix, 18 words (8.95%) were the misuses of re-form word, and a word (0.50%) was the misuse of compound word. The errors that occur are not only the pure error of the basic sundanese word, but also in the formation of words, as a result of the interference of Bahasa Indonesia. The conclusion of this research is that the students of class IX SMP Pasundan 4 Bandung are still encouter a lot (90.55%) of mistakes in using proper morphological rules.
Keywords: Morphological error, speech text
1 Counselors scientific paper Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. and Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. 2 Student of Local Language Education Departement FPBS UPI
(8)
BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang Masalah
Hakékatna, manusa téh mangrupa mahluk individu jeung mahluk sosial. Manusa disebut mahluk individu sabab antara hiji manusa jeung manusa séjén miboga ciri jeung karakteristik anu béda. Sedengkeun disebut mahluk sosial, sabab dina kahirupanana manusa moal bisa leupas ti manusa séjénna. Dina hirup kumbuhna, manusa perlu ngayakeun komunikasi pikeun interaksi jeung manusa séjénna. Pakakas anu dipaké pikeun komunikasi éta sorangan nya éta basa. Saluyu jeung pedaran Sudaryat (2004, kc. 6), basa téh nya éta lambang omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvensional) antar anggota pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.
Kasalahan makéna basa raket patalina jeung manusa nalika maké basa. Kasalahan makéna basa nya éta kasalahan anu dilantarankeun ku kabiasaan ngagunakeun basa anu méngpar tina kaédah-kaédah katatabasaan. Dulay dina Tarigan jeung Tarigan (2011, kc. 126) nandeskeun yén kasalahan basa mangrupa
konversi atawa komposisi anu méngpar tina kaédah-kaédah anu geus ditangtukeun. Maluruh jeung diajar basa penting pisan, sangkan basa anu hirup di masarakat téh teu tumpur. Linguistik umum atawa élmuning basa nya éta élmu anu maluruh jeung medar perkara basa. Sacara singget, ambahan tata basa téh kawangun ku opat komponén, nya éta fonologi (ucapan), sintaksis jeung morfologi (tata basa; gramatika), semantik jeung leksikon (ma’na jeung kandaga kecap) sarta wacana (gaya). Éta komponén-komponén téh mekar jadi cabang élmu séwang-séwangan.
Morfologi mangrupa salah sahiji cabang élmu basa anu maluruh jeung medar perkara morfém. Morfém mangrupa wangun basa pangleutikna anu ngandung harti (Sudaryat, spk, 2011, kc. 50). Morfologi ogé bisa disebut cabang élmu basa anu ngulik perkara ngawangun kecap sarta parobahan-parobahanana. Prosés morfologis mangrupa prosés ngawangun kecap atawa tata wangun kecap.
(9)
2
Baity Nurmuslimah, 2015
Dina basa Sunda aya 3 prosés morfologis nya éta: (1) ngararangkénan, (2) ngantétkeun, (3) ngarajék.
Pangajaran basa Sunda ditangtayungan ku payung hukum anu ngajénggélék dina Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat No. 5 Tahun 2003 ngeunaan ngamumulé basa, sastra jeung aksara daérah. Pangajaran basa sunda téh nyoko kana hakékat pangajaran basa jeung sastra sunda. Diajar basa nya éta diajar kumaha carana komunikasi. Aya opat kaparigelan basa anu kudu dicangking jeung dihontal ku peserta didik dina pangajaran basa, nya éta kaparigelan maca, kaparigelan nyarita, kaparigelan nulis, jeung kaparigelan ngaregepkeun (Tarigan, 2008, kc. 2). Unggal kaparigelan téh sifatna silih pangaruhan kana kaparigelan basa nu séjénna.
Salah sahiji kaparigelan anu diwanohkeun dina pangajaran basa nya éta kaparigelan nulis. Nulis jeung nyarita raket pisan patalina, sabab duanana sarua nya éta kagiatan komunikasi pikeun méré informasi sarta ngebrehkeun pikiran, rarasaan jeung kahayang. Bédana ari nulis mah kagiatan komunikasi sacara teu langsung (tulisan). Ari nyarita mah nyangking informasi sacara langsung (lisan). Dina Standar Kompetensi SMP kelas IX Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) pangajaran basa sunda, salah sahijina aya kompetensi nulis. Aspek anu kudu dihontalna nya éta peserta didik mampuh nulis surat, berita, téks biantara, hasil wawancara, jeung bahasan.
Pedaran di luhur saluyu jeung nu dijéntrékeun dina Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda anu di susun ku Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2012, kc. 98), yén standar kompetensi kelas IX dina kaparigelan nulis nya éta, “Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam bentuk surat, berita,téks pidato, hasil wawancara,
dan bahasan”.
Katitén yén salah sahiji matéri pangajaranana nya éta nulis téks pidato (biantara). Biantara mangrupa salah sahiji kagiatan lisan anu dilakukeun di hareupeun balaréa anu miboga tujuan nu tangtu saluyu jeung kahayang panyatur. Biasana, dina biantara basa tinulis sok mangaruhan kana basa lisan. Sabab, mayoritas budak sakola mah biantara téh diapalkeun. Ku kituna, saméméh siswa prakték biantara, leuwih hadé siswa nulis heula téks biantara.
(10)
3
Kurang makéna basa tangtuna bakal mangaruhan kana ngawasa atawa henteuna siswa dina kaparigelan nulis hususna dina paélmuan morfologisna. Sedengkeun téks biantara mangrupa hiji tulisan anu disadiakeun atawa ditataharkeun pikeun biantara dihareupeun balaréa. Sangkan tujuan biantara anu geus ditangtukeun bisa kahontal, siswa diperedih kudu bisa ngagunakeun basa anu hadé kalawan puguh éntép seureuhna. Kasalahan morfologis kungsi ditalungtik ku Indah Kartika D (2009) nu judulna “Kasalahan Morfologis dina Karangan Deskripsi Siswa SMP Percontohan Lab School UPI”. Tuluy ku Restylawati
Mustika taun 2011 anu judulna “Kasalahan Morfologis dina Karangan Éséy
Siswa Kelas XII SMA KARTIKA SILIWANGI 2 BANDUNG Taun Ajaran 2010/2011.” Sarta ditalungtik ku Dini Novianti Sutrisna taun 2013 “Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa kelas IX SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013”.
Dumasar kana pedaran di luhur, kasalahan morfologis dina téks biantara can aya nu nalungtik. Ku kituna panalungtikan ngeunaan kasalahan morfologis dina téks biantara perlu diayakeun pikeun pangdeudeul pangajaran basa Sunda umumna pikeun kapentingan pendidikan hususna pikeun pangaweruh morfologisna. Panyusun bakal nyieun panalungtikan anu dijudulan “Kasalahan Morfologis dina Téks Biantara Siswa Kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung Tahun
Ajaran 2014/2015”.
1.2 Rumusan Masalah
Kasalahan dina makéna basa téh bisa aya dina rupa-rupa tataran saperti tataran fonologi/grafologi, tataran gramatikal (morfologi jeung sintaksis), sarta kasalahan dina tataran leksikosemantis.
Éta tataran kasalahan basa téh bisa kapanggih dina rupa-rupa ragam wacana, boh wacana lisan, boh wacana tulis. Salah sahiji wacana tulis téh ngwujud dina wangun téks biantara saperti nu disusun ku para siswa di sakola.
Ku lantaran kasalahan basa dina wacana téh kaitung lega, tangtuna perlu diwatesanan. Watesan nu kahiji, kasalahan basa nu bakal dianalisis téh nya éta kasalahan morfologis. Watesan nu kadua, ragam basa nu dianalisis nya éta ragam basa tulis dina wujud téks biantara. Watesan nu katilu, sumber data kasalahan dina
(11)
4
Baity Nurmuslimah, 2015
téks biantara nya éta siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Satuluyna, kasalahan morfologis nu baris ditalungtik nyoko kana, (1) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan, (2) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap kantétan, (3) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan.
Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Kumaha kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung?
2) Kumaha kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung?
3) Kumaha kasalahan ngalarapkeun wangun kecap kantétan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung?
1.3 Tujuan Panalungtikan
Luyu jeung rumusan masalah di luhur, nu jadi tujuan dina ieu panalungtikan téh ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus.
Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Ari sacara husus, ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun unsur-unsur kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung nu ngawengku:
1) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung;
2) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung; sarta
3) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap kantétan dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat, anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
(12)
5
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngeuyeuban élmu pangaweruh dina widang morfologis, ngeunaan rupa-rupa prosés dina ngawangun kecap.
1.4.2 Mangpaat Praktis
1) Pikeun guru, nya éta dijadikeun bahan acuan dina pangajaran, hususna dina pangajaran nulis téks biantara.
2) Pikeun peserta didik, nya éta méré pangaweruh ngeunaan proses dina ngawangun hiji kecap, boh ngaliwatan prosés ngararangkénan, ngantétkeun, jeung ngarajék.
3) Pikeun panalungtik, panalungtikan ieu bisa méré pangaweruh sarta pangalaman anu kacida gedéna hususna dina nganalisis kasalahan morfologis. 1.5 Sistematika Panulisan
Di handap ieu diébréhkeun hasil tina ieu panalungtikan anu disusun dina lima bab.
Bab I mangrupa bubuka, anu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika panulisan.
Bab II mangrupa kajian pustaka atawa landasan tiori kana masalah anu keur ditalungtik. Eusina nya éta medar ngeunaan tiori-tiori kasalahan basa, morfologi jeung téks biantara. Tuluy dipedar ogé ngeunaan panalungtikan saméméhna ngeunaan kasalahan morfologis. Sarta, kalunggguhan tiori panalungtikan nu dipaké ku panyusun dina ieu panalungtikan.
Bab III mangrupa métode panalungtikan, anu ngawengku desain panalungtikan, data jeung sumber data, ngumpulkeun data, jeung analisis data.
Bab IV mangrupa temuan jeung pedaran anu eusina medar ngeunaan kasalahan morfologis nu kapanggih dina téks biantara nu ditulis siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015. Kasalahan morfologis anu ditalungtikna ngawengku kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap rundayan, kecap kantétan, jeung kecap rajékan.
(13)
6
Baity Nurmuslimah, 2015
Bab V mangrupa kacindekan, jeung rékomendasi. Eusina medar kacindekan tina hasil panalungtikan sarta rékoméndasi sangkan bisa méré mangpaat pikeun ka hareupna.
(14)
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan mangrupa naon-naon anu dipaké pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Desain ieu panalungtikan nyoko kana panalungtikan kualitatif maké metode déskriptif. penelitian kualitatif nya éta penelitian anu ngagunakeun analisis jeung sifatna désktiptif.
Patali jeung pamarekan kualitatif, dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif. Métode déskriptif mangrupa métode anu ngajelaskeun, ngadéskripsikeun, sarta nganalilis hiji pasualan. Dina ieu kasus anu bakal didéskripsikeun jeung dianalisis nya éta kasalahan morfologis anu ngawengku kasalahan ngalarapkeun kecap rundayan, kasalahan ngalarapkeun kecap kantétan,jeung kasalahan ngalarapkeun kecap rajékan dina pangajaran nulis téks biantara siswa IX SMP Pasundan 4 Bandung.
Saluyu jeung pamarekan kualitatif katut métode déskritif, galur panalungtikan ngawéngku léngkah-léngkah: (a) ngarumuskeun masalah anu patali jeung kasalahan morfologis, (b) ngumpulkeun data maké instrumén, (c) ngolah data kucara nganalisis kasalahan morfologis nu aya dina téks biantara, (d) déskripsi data, jeung (e) nyieun kacindekan. Sangkan leuwih jéntré titénan bagan 3.1 ngeunaan desain ieu panalungtikan.
Dina tahap kahiji, panalungtik ngarumuskeun heula masalah nu rék ditalugtik nya éta kasalahan morfologis anu ngawengku, kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap rundayan, wangun kecap kantétan jeung wangun kecap rajékan. Tuluy, dina tahap kadua panalungtik nangtukeun sumber data. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Tahap satuluyna nya éta ngumpulkeun data. Dina tahap ieu, panalungtik maké instrumén soal tés jeung kartu data pikeun ngumpulkeun data. Data nu dikumpulkeun nya éta téks biantara hasil nulis siswa. Tahap satuluyna nya éta analisis jeung déskripsi data. Dina tahap ieu panalungtik nganalisis data nu geus diasupkeun dina kartu data, tuluy éta data téh didéskripsikeun lebah mana
(15)
25
Baity Nurmuslimah, 2015
kasalahanana, jeung dipasing-pasing dumasar warna kasalahanana. Tahap pamungkas panalungtik nyieun kacindekan tina hasil panalungtikanana.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.2 Data jeung Sumber Data
Data dina ieu panalungtikan nya éta kecap nu ngalaman kasalahan morfologis dina karangan téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015. Ari sumber data dina ieu panalungtikan nya éta karangan téks biantara siswa kelas IX-A, IX-C, IX-D SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015. Nurutkeun Arikunto (2013, kc. 172) sumber data dina panalungtikan nya éta subjék timana data bisa dikumpulkeun. Tilu kelas éta téh tuluy dités nulis téks biantara. Tepi ka kumpulkeun 107 karangan téks biantara.
Instrumén:
- Soal tés - Kartu data
Ulikan Tiori
Ngolah Data: -Téhnik dokuméntasi
-Téhnik analisis kasalahan makéna basa Ngumpulkeun Data:
Téhnik tés
Déskripsi Data
Kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015
Masalah Panalungtikan:
Kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015
Kacindekan
(16)
26
3.2 Ngumpulkeun data
3.3.1 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan nya éta alat atawa fasilitas anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan panalungtikan leuwih gampang jeung hasilna leuwih hadé, dina harti leuwih lengkep jeung sistematis nepi ka gampang diolah (Arikunto, 2013, kc. 203).
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta soal tés jeung kartu data. Instrumen soal tés dipaké pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa téks biantara, sedengkeun kartu data dipaké pikeun ngasupkeun data kasalahan morfologis nu kapanggih dina téks biantara hasil nulis siswa IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajar 2014/2015.
Tés atawa pancén anu dibikeun ka siswa contona bisa dititénan ieu dihandap.
Dina ngumpulkeun data kasalahan morfologis tina téks biantara digunakeun kartu data. Kartu data bisa dititénan di handap.
Data kasalahan morfologis anu kapanggih dina téks biantara diasupkeun kana kartu data. Kecap anu geus dicirian dibéré kode. Éta kode téh eusina nya éta (1) nomor karangan siswa, (2) alinéa tempat kasalahan, jeung (3) kalimah tempat kasalahan. Contona: (TB.11/2/3) anu hartina dina téks biantara nomor 11, alinéa 2 kalimah ka 3.
3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data KARTU DATA
Kode siswa :
Kalimahna : ………
Kecap nu teu luyu:………
Kuduna :………
Warna kasalahan:………. Pancén!
(17)
27
Baity Nurmuslimah, 2015
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung dokuméntasi. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Ari téhnik dokumentasi dipaké pikeun ngumpulkeun data kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Léngkah-léngkah nu dilakukeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data téh nya éta:
1) ménta idin ka guru kelas pikeun ngayakeun tés nulis téks biantara; 2) ngumpulkeun téks biantara ti siswa;
3) nyirian kasalahan morfologis nu aya dina téks biantara; jeung 4) nyalin kasalahan morfologis kana kartu data.
3.3 Analisis Data
Sanggeus data nu rék ditalungtik geus kakumpul, éta data téh diolah sangkan bisa dicindekeun. Aya sawatara léngkah dina nganalisis ieu data, nya éta:
1) maca deui data kasalahan nu geus disalin dina kartu data; 2) ngaruntuykeun kasalahan morfologis sacara alfabetis;
3) nyieun papasingan kasalahan morfologis, dumasar warna kasalahan (ngararangkénan, ngarajék, jeung ngantétkeun);
4) nganalisis jeung ngadéskripsikeun data kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana;
5) ngitung frékuénsi katut persentase kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana; jeung
(18)
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis, dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015. Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data, tina 107 karangan kapanggih aya 201 kecap anu ngalaman kasalahan morfologis.
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran, bisa di cindekkeun tilu hal anu patali jeung kasalahan morfologis dina téks biantara siswa. Éta tilu hal téh ngawengku: (1) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan, (2) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan, jeung (3) kasalahan ngawangun kecap kantétan .
Kahiji, kasalahan ngalarapkeun kecap rundayan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tengah, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tukang, kasalahan ngalarapkeun rarangkén barung, kasalahan ngalarapkeun rarangkén gabung, kasalahan interférénsi morfologis, jeung kasalahan analogi morfologis.
Kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup jeung tukang, ngawengku: (1) kaslahan dina milih rarangkén, (2) kasalahan maké rarangkén, jeung (3) kasalahan enteu maké rarangkén.
Sedengkeun kasalahan interférénsi morfologis, ngawengku (1) kasalahan maké rarangkén basa Indonesia dina kecap asal basa Sunda, (2) kasalahan maké rarangkén basa Sunda dina kecap asal basa Indonesia, jeung (3) kasalahan maké rarangkén jeung kecap asal tina basa indonésia.
Kadua, kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni, jeung kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwipurwa.
Kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni jeung dwipurna, ngawengku: (1) kasalahan milih wangun kecap rajékan, (2) kasalahan maké
(19)
69
Baity Nurmuslimah, 2015
wangun kecap rajékan interferensi tina basa indonésia, jeung (3) kasalahan ku sabab henteu dirajék.
Katilu, Kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap kantétan. Kaslahan dina ngalarapkeun wangun kecap kantétan kawilang pangsaeutikna. Tina 107 téks bianatara nu dianalisis ngan kapanggih sakecap.
Kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap rundayan mangrupa kasalahan anu panglobana dipilampah siswa. Masih loba kekecapan anu diwangun balukar intérférensi tina basa Indonesia. Loba siswa anu ngawangun kecap rékaan tina kecap injeman basa Indonesia jeung pacampurna rarangkén tina basa Indonesia. Ieu nuduhkeun yén siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015 can paham kana prosés morfologis utamana dina prosés ngararangkénan kecap.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015, ieu di handap baris diébréhkeun sababaraha rékoméndasi.
1) Pikeun Guru
Dina nulis téks biantara, siswa loba kénéh ngalakukeun kasalahan utamana dina prosés ngararangkénan jeung ngawangun kekecapan anu kapangaruhan ku basa Indonesia. Éta hal téh bisa jadi cecekelan pikeun guru sangkan leuwih jero deui dina ngajéntrékeun kaédah morfologis. Dina pangajaran nulis, hasil tulisan siswa lain ngan saukur dipeunteun wungkul, tapi kudu dipariksa tuluy dioméan nu salahna sarta dituliskeun catetanana keur siswa. Éta hasil mariksa téh tuluy bagikeun deui ka siswa, sangkan siswa nyaho yén dina tulisanana téh masih kénéh aya nu salah.
Pangajaran ngeunaan kaédah morfologis perlu diajarkeun sacara inténsif ka barudak sakola minangka salasahiji tarékah pikeu nyingkahan kasalahan makéna basa, utamana dina ngawangun kecap rékaan.
2) Pikeun Siswa
Siswa kudu leuwih merhatikeun dina prosés ngararangkénna, siswa kudu bisa ngabédakeun mana rarangkén dina basa Sunda, mana rarangkén dina basa Indonesia. Salian ti éta, siswa kudu leuwih ngeuyeuban deui kosa kecap basa
(20)
70
Sundana, ulah nepi ka nyampurkeun kekecapan basa Sunda jeung basa Indonesia. Kudu bisa milih wangun rarangkén, wangun rajékan jeung kantétan anu saluyu jeung kontéks kalimah.
3) Pikeun Panalungtik Satuluyna
Ieu panalungtikan téh museur kana kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajar 2014/2015. Ieu panalungtikan ngan saukur nganalisis kasalahan morfologis tina wacana tulisan wungkul. Data nu leuwih lengkep tangtu kudu aya sumber wacana lisan. Ku kituna, panalungtikan kasalahan morfologis téh masih bisa dituluykeun, pangpangna anu maké sumber data basa Sunda lisan.
(21)
71
Baity Nurmuslimah, 2015
Daptar Pustaka
Alwasilah, C. (2011). Linguistik Suatu Pengantar. Bandung: Angkasa.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Baried, S.B. spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.
Badudu & Herman. (2005). Morfosintaksis. Jakarta : PT. Rineka Cipta.
Chaer, A. (2008). Morfologi Bahasa Indonesia (Pendekatan proses). Jakarta: RinekaCipta.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2012). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: -. Fauziah, N.N. (2012). Kamampuh Ngalarapkeun Ejahan dina Naskah Biantara
Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Hernawan. (2009). Morfologi Basa Sunda Handout. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Keraf, G. (1989). Komposisi. Flores: Nusa Indah.
Mustika, R. (2011). Kasalahan Morfologis dina Karangan Éséy Siswa Kelas XII SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajar 2010/2011. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Parera, J.D. (1988). Morfologi. Jakarta: PT Gramedia
Rakhmat, J. (2012). Retorika Modern Pendekatan Praktis. Bandung: Rosda Ramlan, M. (1980). Morfologi Suatu Tinjauan Deskriptif. Yogyakarta: U.P
Karyono
Subagyo, J.P. (1991). Metode Penelitian dalam Teori dan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta
Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra
Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2011). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya
(22)
72
Sutrisna, D.N. (2013). Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung
Tarigan, H.G. (1985). Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa
Tarigan, H.G. (2008). Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan. Bandung: Angkasa Bandung
Tarigan, H.G., & Tarigan, D. (2011). Pengajaran Analisis Kesalahan Berbahasa.
Bandung: Angkasa
Tamsyah, B.R. (2010). Kamus Lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Cv Pustaka Setia.
Wirjosoedarmo, S. (1984). Tata Bahasa Indonesia (Edisi Lengkap). Surabaya: Sinar Wijaya
(1)
27
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés jeung dokuméntasi. Téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu mangrupa téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Ari téhnik dokumentasi dipaké pikeun ngumpulkeun data kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung. Léngkah-léngkah nu dilakukeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data téh nya éta:
1) ménta idin ka guru kelas pikeun ngayakeun tés nulis téks biantara; 2) ngumpulkeun téks biantara ti siswa;
3) nyirian kasalahan morfologis nu aya dina téks biantara; jeung 4) nyalin kasalahan morfologis kana kartu data.
3.3 Analisis Data
Sanggeus data nu rék ditalungtik geus kakumpul, éta data téh diolah sangkan bisa dicindekeun. Aya sawatara léngkah dina nganalisis ieu data, nya éta:
1) maca deui data kasalahan nu geus disalin dina kartu data; 2) ngaruntuykeun kasalahan morfologis sacara alfabetis;
3) nyieun papasingan kasalahan morfologis, dumasar warna kasalahan (ngararangkénan, ngarajék, jeung ngantétkeun);
4) nganalisis jeung ngadéskripsikeun data kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana;
5) ngitung frékuénsi katut persentase kasalahan morfologis dumasar warna kasalahanana; jeung
(2)
68 BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kasalahan morfologis, dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015. Dumasar kana hasil analisis jeung déskripsi data, tina 107 karangan kapanggih aya 201 kecap anu ngalaman kasalahan morfologis.
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pedaran, bisa di cindekkeun tilu hal anu patali jeung kasalahan morfologis dina téks biantara siswa. Éta tilu hal téh ngawengku: (1) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rundayan, (2) kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan, jeung (3) kasalahan ngawangun kecap kantétan .
Kahiji, kasalahan ngalarapkeun kecap rundayan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tengah, kasalahan ngalarapkeun rarangkén tukang, kasalahan ngalarapkeun rarangkén barung, kasalahan ngalarapkeun rarangkén gabung, kasalahan interférénsi morfologis, jeung kasalahan analogi morfologis.
Kasalahan ngalarapkeun rarangkén hareup jeung tukang, ngawengku: (1) kaslahan dina milih rarangkén, (2) kasalahan maké rarangkén, jeung (3) kasalahan enteu maké rarangkén.
Sedengkeun kasalahan interférénsi morfologis, ngawengku (1) kasalahan maké rarangkén basa Indonesia dina kecap asal basa Sunda, (2) kasalahan maké rarangkén basa Sunda dina kecap asal basa Indonesia, jeung (3) kasalahan maké rarangkén jeung kecap asal tina basa indonésia.
Kadua, kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan anu nyoko kana kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni, jeung kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwipurwa.
Kasalahan ngalarapkeun wangun kecap rajékan dwimurni jeung dwipurna, ngawengku: (1) kasalahan milih wangun kecap rajékan, (2) kasalahan maké
(3)
69
wangun kecap rajékan interferensi tina basa indonésia, jeung (3) kasalahan ku sabab henteu dirajék.
Katilu, Kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap kantétan. Kaslahan dina ngalarapkeun wangun kecap kantétan kawilang pangsaeutikna. Tina 107 téks bianatara nu dianalisis ngan kapanggih sakecap.
Kasalahan dina ngalarapkeun wangun kecap rundayan mangrupa kasalahan anu panglobana dipilampah siswa. Masih loba kekecapan anu diwangun balukar intérférensi tina basa Indonesia. Loba siswa anu ngawangun kecap rékaan tina kecap injeman basa Indonesia jeung pacampurna rarangkén tina basa Indonesia. Ieu nuduhkeun yén siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015 can paham kana prosés morfologis utamana dina prosés ngararangkénan kecap.
5.2 Rékoméndasi
Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajaran 2014/2015, ieu di handap baris diébréhkeun sababaraha rékoméndasi.
1) Pikeun Guru
Dina nulis téks biantara, siswa loba kénéh ngalakukeun kasalahan utamana dina prosés ngararangkénan jeung ngawangun kekecapan anu kapangaruhan ku basa Indonesia. Éta hal téh bisa jadi cecekelan pikeun guru sangkan leuwih jero deui dina ngajéntrékeun kaédah morfologis. Dina pangajaran nulis, hasil tulisan siswa lain ngan saukur dipeunteun wungkul, tapi kudu dipariksa tuluy dioméan nu salahna sarta dituliskeun catetanana keur siswa. Éta hasil mariksa téh tuluy bagikeun deui ka siswa, sangkan siswa nyaho yén dina tulisanana téh masih kénéh aya nu salah.
Pangajaran ngeunaan kaédah morfologis perlu diajarkeun sacara inténsif ka barudak sakola minangka salasahiji tarékah pikeu nyingkahan kasalahan makéna basa, utamana dina ngawangun kecap rékaan.
2) Pikeun Siswa
(4)
70
Sundana, ulah nepi ka nyampurkeun kekecapan basa Sunda jeung basa Indonesia. Kudu bisa milih wangun rarangkén, wangun rajékan jeung kantétan anu saluyu jeung kontéks kalimah.
3) Pikeun Panalungtik Satuluyna
Ieu panalungtikan téh museur kana kasalahan morfologis dina téks biantara siswa kelas IX SMP Pasundan 4 Bandung taun ajar 2014/2015. Ieu panalungtikan ngan saukur nganalisis kasalahan morfologis tina wacana tulisan wungkul. Data nu leuwih lengkep tangtu kudu aya sumber wacana lisan. Ku kituna, panalungtikan kasalahan morfologis téh masih bisa dituluykeun, pangpangna anu maké sumber data basa Sunda lisan.
(5)
Daptar Pustaka
Alwasilah, C. (2011). Linguistik Suatu Pengantar. Bandung: Angkasa.
Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Baried, S.B. spk. (1985). Pengantar Teori Filologi. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.
Badudu & Herman. (2005). Morfosintaksis. Jakarta : PT. Rineka Cipta.
Chaer, A. (2008). Morfologi Bahasa Indonesia (Pendekatan proses). Jakarta: RinekaCipta.
Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2012). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: -. Fauziah, N.N. (2012). Kamampuh Ngalarapkeun Ejahan dina Naskah Biantara
Siswa Kelas X SMA Pasundan 2 Bandung. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Hernawan. (2009). Morfologi Basa Sunda Handout. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
Keraf, G. (1989). Komposisi. Flores: Nusa Indah.
Mustika, R. (2011). Kasalahan Morfologis dina Karangan Éséy Siswa Kelas XII SMA Kartika Siliwangi 2 Bandung Taun Ajar 2010/2011. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung. Parera, J.D. (1988). Morfologi. Jakarta: PT Gramedia
Rakhmat, J. (2012). Retorika Modern Pendekatan Praktis. Bandung: Rosda Ramlan, M. (1980). Morfologi Suatu Tinjauan Deskriptif. Yogyakarta: U.P
Karyono
Subagyo, J.P. (1991). Metode Penelitian dalam Teori dan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta
Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra
Sudaryat, Y., Prawirasumantri, A., & Yudibrata, K. (2011). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya
(6)
72
Sutrisna, D.N. (2013). Kasalahan Morfologis dina Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013. Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung
Tarigan, H.G. (1985). Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa
Tarigan, H.G. (2008). Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan. Bandung: Angkasa Bandung
Tarigan, H.G., & Tarigan, D. (2011). Pengajaran Analisis Kesalahan Berbahasa. Bandung: Angkasa
Tamsyah, B.R. (2010). Kamus Lengkep Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-Sunda. Bandung: Cv Pustaka Setia.
Wirjosoedarmo, S. (1984). Tata Bahasa Indonesia (Edisi Lengkap). Surabaya: Sinar Wijaya