MODÉL QUANTUM TEACHING PIKEUN PANGAJARAN NULIS RARAKITAN.

(1)

MODÉL QUANTUM TEACHING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS RARAKITAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-12 SMP 9

Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Disusun pikeun Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Basa Daérah

ku

Ema Rahmawati NIM 0900465

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG


(2)

MODÉL QUANTUM TEACHING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS RARAKITAN

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-12 SMP 9

Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Oleh Ema Rahmawati

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ema Rahmawati 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.


(3)

EMA RAHMAWATI NIM 0900465

MODÉL QUANTUM TEACHING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS RARAKITAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-12 SMPN 9 Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd NIP 195704011984121001

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M.Hum NIP 196411101989032002

Kauninga ku

Ketua Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001


(4)

MODÉL QUANTUM TEACHING

PIKEUN PANGAJARAN NULIS RARAKITAN (Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VIII-12 SMP 9

Kota Bandung Taun Ajaran 2012-2013) 1)

Oleh

Ema Rahmawati2) ABSTRAK

Penelitian yang berjudul Modél Quantum Teaching pikeun Pangajaran Nulis Rarakitan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013) bertujuan untuk menguji efektivitas modél

Quantum Teaching dalam meningkatkan kemampuan menulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung. Penelitian ini menggunakan metode kuasi eksperimen yang mencakup desain pre-test and post-test group. Sumber data dalam penelitian ini sebanyak 40 siswa yang diambil dari satu kelas, yaitu kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung. Dari hasi analisis, model Quantum Teaching dapat digunakan dalam pembelajaran menulis rarakitan. Hasil kemampuan dalam tes awal, siswa yang sudah mampu menulis rarakitan sebanyak 6 siswa atau 15% dan yang belum mampuh menulis rarakitan sebanyak 34 siswa atau 85%, uji normalitas dengan taraf 99% menghasilkan data normal dengan perhitungan x2itung < x2tabel yaitu 6,47 < 11,3. Dan hasil kemampuan dalam tes ahir,

siswa yang sudah mampu menulis rarakitan sebanyak 34 siswa atau 85% dan yang belum mampuh menulis rarakitan sebanyak 6 siswa atau 15%. Uji normalitas dengan taraf 99% menghasilkan data normal dengan perhitungan x2itung < x2tabel

yaitu 5,34 < 11,3. Uji homogenitas antara variansi data pre-test dan pos-test

termasuk homogen dengan perhitungan Fitung < Ftabel yaitu 1,66 < 3,99. Dalam taraf

kepercayaan 99% Ha (Hipotesis kerja) diterima dalam menulis rarakitan dengan menggunakan modél Quantum Teaching dengan perhitungan titung > ttabél yaitu 10,5

> 2,45. Dengan demikian penelitian ini membuktikan bahwa modél Quantum Teaching efektif dalam pembelajaran menulis rarakitan di kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

1)Skripsi ini dibawah bimbingan Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd dan Dr. Ruhaliah, M.Hum. 2)


(5)

Abstrack Research entitled Model Quantum Teaching pikeun Pangajaran Nulis Rarakitan (Studi Kuasi Ékspérimén Ka Siswa Kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013) aims to test the effectiveness of the model Quantum Teaching in improving writing skill rarakitan class VIII-12 Junior High School 9 Bandung. This research used a quasi-experimental designs include pre-test and post-test group. Sources of data in this research were 40 students drawn from one class, the class VIII-12 SMP 9 Bandung. From result of analysis Quantum Teaching models can be used in study write of rarakitan. The result of initial the capabilities, student are able to write rarakitan as 6 student or 15% and that has not been written rarakitan as much 34 student or 85%, test for normality with level 99% result of normal data with calculation x2count < x2table that is 6,47 < 11,3. And

the ability of the test result, students who are able to write rarakitan as much 34 student or 85% and which not able write of esai as much 6 student 15%. Normality test with level 99% result a normal data with calculation x2count < x2table

that is 5,34 < 11,3. Data Normality test of posttest with level 99% result data normal with. Test of homogeneity of variance between pretest and postest calculations including homogeneous with calculation Fcount < Ftable that is 1,66 <

3,99. In belief level 99% Ha (Hypothesis of work) is accepted in writing rarakitan using model Quantum Teaching with calculation tcount > ttable that is 10,5 > 2,45.

There by this research prove that the model is effective in Quantum Teaching in study write of rarakitan in class VIII-12 SMP 9 Bandung.


(6)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK ……….. PANGJAJAP………... TAWIS NUHUN ………...…………..………... DAPTAR EUSI ………... DAPTAR TABÉL ………... DAPTAR GRAFIK ……….…... DAPTAR SINGGETAN………..……... DAPTAR LAMPIRAN ………..

BAB I BUBUKA……….…….

1.1 Kasang Tukang Masalah………

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah……….

1.2.1 Watesan Masalah………..

1.2.2 Rumusan Masalah ………

1.3 Tujuan Panalungtikan………

1.3.1 Tujuan Umum ………..

1.3.2 Tujuan Husus ………...

1.4 Mangpaat Panalungtikan………...

1.4.1 Mangpaat Tioritis ……….

1.4.2 Mangpaat Praktis …….………

1.5 Sistematika Penulisan ….………..…………...

BAB II TIORI NULIS RARAKITAN JEUNG MODÉL QUANTUM

TEACHING………......

2.1 Nulis ………...

2.1.1 Wangenan Nulis ………...……….. 2.1.2 Fungsi Nulis ………...

2.1.3 Gunana Nulis ………..

2.1.4 Tujuan Nulis ………...

i ii iii v viii ix x xi 1 1 3 3 3 3 4 4 4 4 5 6 7 7 7 7 8 9


(7)

2.1.5 Rupa-rupa Tulisan ………..……

2.2 Rarakitan ………..

2.2.1 Wangenan Rarakitan …….………. 2.2.2 Papasingan Rarakitan ……… 2.2.3 Téhnik-téhnik Nulis Rarakitan …...……….. 2.3 Hakékat Modél Pangajaran ……...…………..……….. 2.4 Modél Quantum Teaching……….……….………….. 2.4.1 Wangenan Quantum Teaching……… 2.4.2 Unsur-unsur Quantum Teaching………. 2.4.3 Asas dina Quantum Teaching………. 2.4.4 Tujuan Quantum Teaching………. 2.4.5 Léngkah-léngkah Modél Quantum Teaching ………. 2.5 Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan ………….... 2.5.1 Prinsip-prinsip Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis

Rarakitan ……….. 2.5.2 Léngkah-léngkah Modél Quantum Teachingdina Nulis Rarakitan … 2.6 Hipotésis ….………...………

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN……….

3.1Sumber Data Panalungtikan……….

3.2 Desain Panalungtikan ….……….…….

3.3 Métode Panalungtikan ……….…. 3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ………

3.4.1 Variabel ……….……….

3.4.2 Wangenan Operasional ……….. 3.5 Instrumén Panalungtikan ……….. 3.6 Téhnik Panalungtikan ………... 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ……… 3.6.2 Téhnik Ngolah Data ………...

10 11 11 12 13 16 17 17 18 18 19 19 20 20 21 22 23 23 23 24 24 24 25 26 26 26 27


(8)

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN

……….. 4.1 Kamampuh Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota

Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Modél Quantum

Teaching………

4.1.1 Uji Sipat Data ………

4.1.1.1 Uji Normalitas Data Pre-test……….. 4.1.1.2 Uji Normalitas Data Post-test……….. 4.1.1.3 Uji Homogénitas ……….. 4.2 Béda Anu Signifikan Antara Kamampuh Nulis Rarakitan Siswa Kelas

VIII-12 SMP Negeri 9 Bandung Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun

Modél Quantum Teaching ………

4.2.1 Éféktivitas Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Bandung……….

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI ………..

5.1 Kacindekan………

5.2 Rékoméndasi .………

DAPTAR PUSTAKA……….. LAMPIRAN-LAMPIRAN………. RIWAYAT HIRUP ……….………...………

34

34 52 52 55 58

60 63p

65 65 66

67 69 104


(9)

1

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah

Prosés diajar basa Sunda di jaman kiwari kurang minatna, ku sabab siswa nganggap yén pangajaran basa Sunda téh ngabosenkeun. Ieu fakta ngabalukarkeun kurangna minat siswa dina pangajaran basa Sunda nu nganggap yén pangajaran basa Sunda taya mangpaatna.

Basa nya éta alat nu dipaké ku manusa pikeun ngedalkeun eusi haténa, diwangun ku réntétan sora nu geus ditangtukeun éntép seureuhna ku masarakat nu maké éta basa (Wirakusumah & Djajawiguna, 1969:5 dina Sudaryat, 2004: 5).

Ilaharna prosés pangajaran basa Sunda sok maksa siswa pikeun resep kana basa Sunda. Aktivitas diajar saperti ieu tangtuna moal bisa ngaronjatkeun pangaweruh siswa kana basa Sunda sacara optimal. Cara ngungkulan éta masalah salah sahijina ngagunakeun métode atawa strategi pangajaran nu bisa dijadikeun prosés nu dipikaresep ku siswa, sangkan siswa bisa ngamekarkeun poténsi nu aya dina dirina.

Kaparigelan nulis mangrupa salah sahiji kaparigelan basa, lian ti kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, jeung maca. Éta opat kaparigelan basa téh salawasna silih pangaruhan sarta raket patalina jeung prosés-prosés nu jadi dadasar ngagunakeun basa.

Nurutkeun Tarigan (2008:1), kaparigelan makéna basa ngawengku opat komponén nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Éta komponén kaparigelan basa téh mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun antara kaparigelan nu hiji jeung kaparigelan nu sejenna. Lantaran kaparigelan basa mah mangrupa kaparigelan catur tunggal.

Nilik kana éta hal, nulis tangtuna miboga kalungguhan nu penting dina kahirupan, lantaran sipatna anu méré informasi jeung mangaruhan (Tarigan, 2008:4). Ku kituna, nulis téh mikabutuh kaahlian jeung kaparigelan, sangkan nu maca bisa meunang informasi, bisa nyangkem jeung bisa kapangaruhan ku hasil tulisan.


(10)

2

Dina pangajaran basa Sunda di SMP aya pangajaran nulis nu diajarkeun di kelas VIII. Ayana pangajaran nulis sisindiran (wawangsalan, rarakitan, paparikan) geus katitén dina KTSP jeung SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda. Pangajaran nulis rarakitan mangrupa salah sahiji pangajaran nu merlukeun kaparigelan jeung kréativitas siswa. Kréativitas kudu bisa dirojong ku kaayaan lingkungan kelas jeung lingkungan sakola anu kondusif.

Digunakeunana métode pangajaran nu saluyu dipiharep bisa ngaronjatkeun motivasi jeung pamahaman siswa kana matéri. Modél Quantum Teaching mangrupa salah sahiji solusi nu bisa digunakeun pikeun numuwuhkeun motivasi siswa dina proses diajar. Modél Quantum Teaching bisa nyieun suasana diajar nu pikaresepeun.

Modél Quantum Teaching téh geus kauji di Amerika salaku métode anu alus dina ngaronjatkeun prestasi siswana, sabab métode Quantum Teaching mangrupa métode pengajaran atawa pelatihan nu ngagunakeun metodologi dumasar kana tiori-tiori pendidikan Accelerated Learning (Lozanov), Multiple Intelligences (Gardner), Neuro Linguistic Programming atau NLP (Grinder & Bandler), Experential Learning (Hahn), Socratic Inquiry, Cooperative Learning (Johnson & Johnson) jeung Elements of Effective Instruction (Hunter) nu jadi hiji paket

multisensory, uteuk gé mampuh ngaronjatkeun kamampuh dina prosés diajar.

Pikeun ngungkulan masalah anu aya dina proses diajar alamiah bisa ngaliwatan merenahna lingkungan sabudeureun, nyusun bahan pangajaran nu saluyu jeung SKKD, cara éféktif penyajian matéri, jeung ayana kaaktifan siswa dina diajar di sakola. Dipiharep siswa jadi mikaresep jeung bisa ngaronjatkeun prestasi siswa dina pangajaran nulis rarakitan basa Sunda.

Panalungtikan ngeunaan modél Quantum Teaching jeung rarakitan lain nu munggaran. Saméméhna kungsi aya nu geus nalungtik dina wangun skripsi, di

antarana: “Éfektivitas Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Guguritan

(Yanti, 2011)” jeung “Éfektivitas Modél Pangajaran Tematik dina Pangajaran Nulis


(11)

3

panalungtikan nya éta modél pangajaran Quantum Teaching dipaké pikeun pangajaran rarakitan.

Dumasar kana pedaran di luhur, perlu dilakukeun panalungtikan ngeunaan pasualan-pasualan nu aya. Salah sahijina, ku cara guru kudu bisa nyieun suasana diajar nu leuwih kréatif jeung inovatif. Utamana ngarobah modél pangajaran nu modérn sangkan siswa leuwih aktif. Ku kituna judul ieu panalungtikan nya éta

“Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung”.

1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah panalungtikan dipedar modél

Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan di SMP Negeri 9 Bandung kelas VIII-12. Aspék-aspék anu dititénan dina karangan siswa nya éta kualitas karanganana dina nyieun rarakitan. Lobana masalah dina nulis rarakitan di kelas VIII di antarana nya éta kabahasaanna anu dianggap hésé ku murid. Masalah anu ditalungtik ngawengku: 1) pilihan kecap, 2) karapihan tulisan, 3) éjahan, 4) guru wilangan dina unggal pada, jeung 5) hubungan antar pada & antar padalisan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang panalungtikan, masalah nu jadi udagan dina ieu panalungtikan nya éta dirumuskeun dina kalimah ieu di handap.

1) Kumaha kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching?

2) Naha aya bédana kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching?


(12)

4

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan umum

Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji Modél Pangajaran Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.3.2 Tujuan Khusus

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadeskripsikeun sababaraha hal ieu di handap.

1) Kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran

Quantum Teaching.

2) Bédana kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung taun ajar 2012-2013 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan dipiharep bisa méré mangpaat, hususna pikeun nu nyusun, umumna pikeun masarakat, lembaga, sarta pihak-pihak séjén nu boga kapentigan kana ieu hasil panalungtikan. Mangpaat nu dipiharep nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Ieu panalungtikan téh miboga mangpaat pikeun nambahan jeung ngeuyeuban tiori modél-modél pangajaran, jeung méré informasi ngeunaan éféktivitas anu digunakeun dina prosés nulis rarakitan pangajaran basa Sunda ngaliwatan modél Quantum Teaching. Salian ti éta dipiharep hasil ieu panalungtikan bisa jadi référénsi pikeun pendidik dina ngaronjatkeun kualitas pendidikan.


(13)

5

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:

a. Pikeun guru nepikeun matéri pangajaran basa Sunda nu dipikaresep ku siswa lantaran ngajarna teu matak bosen. Bisa maluruh alternatif modél pangajaran khususna métode Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan. Nambahan élmu pangaweruh dina ngajarkeun matéri anu resep pikeun siswa. Sarta nambahan élmu pangaweruh, strategi, modél, jeung métode pangajaran.

b. Pikeun siswa dipiharep bisa ngaronjatkeun prestasina dina pangajaran nulis rarakitan basa Sunda, numuwuhkeun kréatifitas jeung motivasi dina diajar basa Sunda. Siswa dipiharep leuwih daria tur leuwih maham kana matéri pangajaran. Siswa ogé bisa nambahan élmu pangaweruh jeung kaparigelan dina pangajaran rarakitan.

1.5Raraga Tulisan

Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, wangenan operasional, anggapan dasar, métode jeung téknik panalungtikan, sistematika nyusun skripsi, jeung jadwal kagiatan.

Bab II eusina medar ngeunaan modél pangajaran Quantum Teaching, nulis laporan, asumsi, jeung hipotesis. Pedaran ngeunaan modél pangajaran dimimitian ku hakékat modél pangajaran, rumpun sarta komponen modél pangajaran, modél pangajaran Quantum Teaching, hakékat nulis, nulis laporan, sarta léngkah-léngkah dina nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. Salian ti éta, dina ieu bab dipedar ngeunaan asumsi jeung hipotesis panalungtikan.


(14)

6

sumber data, métode panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional.

Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan, sarta ngadeskripsikeun kaéféktifan modél pangajaran Quantum Teaching dina nulis rarakitan siswa SMP.

BAB V mangrupa kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.


(15)

24

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Sumber Data Panalungtikan

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 9 Kota Bandung kelas VIII-12 kalawan jumlahna aya 40 urang, anu ngawengku 18 urang siswa lalaki, jeung 22 urang siswa awéwé.

3.2Desain Panalungtikan

Arikunto (2006:22-23) nétélakeun yén desain panalungtikan mangrupa prosés anu dirarancang pikeun ngajawab atawa ngajéntrékeun masalah-masalah panalungtikan. Désain panalungtikan aya tilu rupa, nya éta (1) one shot study, (2)

pretest-postest, jeung (3) statict group comparison.

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimen. Sugiyono (2009:107) nétélakeun yén “Metode Eksperimen adalah

metode penelitian yang digunakan untuk mencari pengaruh perlakuan tertentu terhadap yang lain dalam kondisi yang terkendalikan”.

Metode kuasi ékspérimén anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku désain pre-test and post-test group, nya éta panalungtikan anu ditujukeun ka hiji kelompok tanpa ayana kelompok pangbanding. Desain ékspérimen tujuanana pikeun maluruh kamungkinan ayana sebab akibat, ku cara méré treatment kahiji kelompok ékspérimén. Sangkan leuwih jéntré titénan dina tabél di handap:


(16)

25

Tabél 3.1 Desain Panalungtikan

Pre-test Perlakuan Post-test

O1 X O2

(Arikunto, 2006:78)

Katerangan:

OΌ = Pre-tést (Hasil observasi saméméh perlakuan)

X = Treatment (Perlakuan/pangajaran ngagunakeun modél Quantum Teaching) O΍ = Post-tést (Hasil observasi sanggeus perlakuan)

3.3Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimen. Sugiyono (2009:107) nétélakeun yén “Metode Eksperimen adalah

metode penelitian yang digunakan untuk mencari pengaruh perlakuan tertentu

terhadap yang lain dalam kondisi yang terkendalikan”.

Bisa dicindekeun yén métode kuasi ékspérimén nya éta métode anu digunakeun ku cara ngayakeun kagiatan percobaan pikeun ningali kalungguhan hubungan kausal antara variabel-variabel anu ditalungtik. Ieu métode digunakeun pikeun ngukur éféktivitas modél pangajaran Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan ka siswa kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung.

Ieu métode kaasup dina bagian métode kuantitatif. Ieu métode mangrupa gambaran babandingan antara pre-tést, treatment jeung post-tést.


(17)

26

3.4Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel

Hact jeung Farhady (1981) dina Sugiyono (2007:60) nétélakeun yén

“Variabel penelitian adalah atribut seseorang atau objek yang mempunyai variasi antara satu orang dengan yang lain atau satu objek dengan objek lain.”

Dina ieu panalungtikan aya dua variabel, nya éta variabel bébas jeung variabel kauger. Variabel bébas nya éta variabel anu mangaruhan kana variabel lianna, sedengkeun variabel kauger mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel bébas. Anu jadi variabel bébas dina ieu panalungtikan nya éta modél Quantum Teaching

salaku faktor anu mangaruhan, sedengkeun anu jadi variabel kaugerna nya éta kamampuh siswa kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Bandung dina nulis rarakitan.

Sangkan leuwih babari dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, leuwih tiheula diterangkeun sacara operasional istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap.

3.4.2 Wangenan Operasional

1)Modél Quantum Teaching

Modél dina ieu panalungtikan nya éta modél pangajaran anu digunakeun pikeun numbuhkeun kamampuh, kaparigelan sarta karesep nulis sisindiran khususna rarakitan ku cara siswa dibawa onjoy dina pangajaran, kreatif, sarta ngaliwatan adu manis unsur seni dina pangajaran rarakitan. Penerapan modél Quantum Teaching ditingali dina lingkungan sabudereun kelas, makéna alat bantu (media) pikeun ngabantu pangajaran. Lokasi bangku di ruangan kelas miboga peran anu penting pikeun konsentrasi siswa dina prosés pangajaran. Dina lumangsungna modél pangajaran Quantum Teaching aya léngkah-léngkah pangajaranna anu sok disebut TANDUR (Tumbuhkan, Alami, Namai, Demonstrasikan, Ulang, dan Rayakan).


(18)

27

2) Pangajaran Nulis Rarakitan

Pangajaran nulis rarakitan aya dina SKKD kelas VIII. Pangajaran nulis rarakitan mangrupa hiji cara pikeun ngarojong siswa sangkan maham kumaha carana ngaéksprésikeun diri kana wangun tinulis ku cara nyiptakeun situasi anu merenah pikeun ngahasilkeun karya tulis. Rarakitan téh cabang tina sisindiran, nu ilahar wangunna opat jajar (padalisan), dua cangkangna, dua eusina. Saban padalisan engang-engangna dalapan-dalapan. Nulis rarakitan ogé ngajarkeun siswa pikeun mikawanoh karya sastra urang Sunda. Pikeun ngukur kaberhasilan pangajaran rarakitan, perlu dilakukeun ngajénan hasil diajar nu mangrupa kamampuh siswa nulis rarakitan anu diukur ku: 1) pilihan kecap, 2) karapihan tulisan, 3) éjahan, 4) guru wilangan dina unggal pada, jeung 5) hubungan antar pada & antar padalisan.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Sugiono (2009:148) nétélakeun yén “Instrumen penelitian adalah suatu alat yang digunakan untuk mengukur fenomena alam maupun sosial secara diamati”.

Lian ti éta Arikunto (1996:150) yén instrumén panalungtikan mangrupa alat anu digunakeun ku panalungtik pikeun ngumpulkeun data sangkan gampang diolah.

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés tinulis. Arikunto (2002:53) nétélakeun yén tés mangrupa saruntuyan patalékan atawa latihan nu dipaké pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat anu dipibanda ku pribadi atawa kelompok. Tés tinulis anu digunakeun nya éta tés aplikatif (penerapan) anu dipiharep ayana kamampuh nerapkeun pangaweruh tioritis siswa kana kagiatan praktis tur kongkrit. Kamampuh aplikatif di dieu nya éta kamampuh nulis rarakitan ku makéna suasana anu nyaman jeung panataan bangku anu geus di rancang ku modél Quantum Teaching.


(19)

28

Upama dumasar kana téknisna, ieu panalungtikan ngagunakeun observasi langsung, nya éta observasi anu dilakukeun sacara langsung kana objék anu ditalungtik. Ieu tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching.

3.6Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Arikunto (1998:139) nétélakeun yén tés mangrupa saruntuyan patalékan atawa latihan nu dipaké pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, kamampuh atawa bakat anu dipibanda ku pribadiatawa kelompok.

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta observasi partisipatif jeung tés. observasi partisipatif nya éta observasi anu ngalibetkeun siswa jeung panalungtik sacara langsung pikeun nganalisis éféktivitas panalungtikan, nya éta ngagunakeun éféktifivas modél pangajaran Quantum Teaching pikeun pangajaran nulis rarakitan ka siswa kelas VIII-12 SMPN Negeri 9 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

Dina ngalaksanakeun observasi, panalungtik ngagunakeun tés pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis rarakitan. Tés ieu ngawengku pre-tést jeung post-tést. Pre-tést mibanda tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. Sedengkeun post-tést

mibanda tujuan pikeun ngukur kamampuh siswa dina nulis rarakitan sabada ngagunakeun modél pangajaran Quantum Teaching. Lian ti éta post-tést ogé mibanda tujuan pikeun mikanyaho éféktif henteuna modél pangajaran Quantum Teaching dina pangajaran nulis rarakitan.


(20)

29

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data anu geus dikumpulkeun. Kagiatan ngolah data ngawengku sababaraha kagiatan saperti di handap.

1) Mariksa hasil karangan siswa tina tés awal jeung tés ahir, sarta nyirian anu salahna.

2) Méré peunteun kana karangan siswa hasil tés awal jeung tés ahir, kalawan ngagunakeun rumus:

Katerangan:

P = Peunteun

ΣB = Peunteun anu kahontal

ΣKT = peunteun maksimal

Kategori = peunteun > 70, siswa dianggap mampuh nulis rarakitan, peunteun < 70, siswa dianggap can mampuh nulis rarakitan.

3) Ngasupkeun data nu mangrupa peunteun tés awal jeung tés ahir kana tabél ieu di handap.

Tabél 3.2 Tabél Peunteun Siswa

No Ngaran Siswa Peunteun Tés Awal Peunteun Tés Ahir 1

2


(21)

30

4) Data tuluy dianalisis pikeun nguji hipotésis, carana saperti di handap. a. Uji Normalitas Data

(1) Nangtukeun peunteun siswa anu pangleutikna jeung panggedéna. (2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus di handap.

(3) Nangtukeun jumlah kelas (k).

(4) Nangtukeun panjang kelas (P).

(5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.3

Tabél Frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir

No Kelas Interval 1

2 3

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna


(22)

31

(6) Ngitung mean (rata-rata) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap.

Katerangan:

X = rata-rata (mean)

Σ = jumlah (sigma) F1 = jumlah data

X1 = nilai tengah

(Sudjana, 1992:93-95) (7) Ngitung standar déviasi (sd) kalayan maké rumus di handap.

Katerangan:

Sd = standar deviasi

Σfx2 = jumlah frékuénsi nilai

(Σfx)2 = jumlah frékuénsi nilai X kuadrat

N = jumlah subjék panalungtikan

(Sudjana, 1992:93-95)

(8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi éspéktasi (perkiraan). (a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi éspéktasi (perkiraan).


(23)

32

Tabél 3.4

Tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi éspéktasi

Kelas Interval

Oi BK

Handap Luhur Zitung Ztabel L Ei

X2

(b) Nangtukeun Oi (frékuénsi observasi). (c) Nangtukeun batas kelas (bk).

(d) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas).

(e) Nangtukeun Ztabél.

(f) Ngitung legana unggal kelas interval (L). (g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi (Ei).

(h) Nangtukeun nilai X2 (Chi Kuadrat).

(Sudjana, 1992:273) (i) Nangtukeun derajat kabébasan (dk).


(24)

33

(j) Nangtukeun hatga X2 tabel.

(k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria di handap. (a) Lamun X2 itung < X2 tabel, hartina data distribusina normal.

(b) Lamun X2 itung > X2 tabél, hartina data distribusina teu normal.

(Arikunto, 2006: 320) b. Uji Homogénitas peunteun pre-test jeung post-test

1) Ngitung variasi (S2) unggal kelompok.

Variasi tés awal Variasi tés ahir

(Sudjana, 1992:95) 2) Ngitung harga variasi (F).

3) Ngitung derajat kabébasan.

4) Nangtukeun harga Ftabél.

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. a. Lamun Fitung < F tabel, hartina variasi sampel homogén.

b. Lamun Fitung > F tabel, hartina variasi sampel teu homogén.

(Sudjana, 1992:250)

dk = k - 3


(25)

34

c. Uji Gain (d)

Uji gain mibanda tujuan pikeun nangtukeun naha aya bédana antara hasil tés awal jeung tés ahir. Ngaliwatan uji gain bakal meunangkeun gambaran ngeunaan pangaruh digunakeunna modél Quantum Teaching kana kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP Negeri Kota 9 Bandung. Pikeun nguji gain digunakeun tabel di handap.

Tabél 3.5 Tabél Uji Gain Siswa

No Ngaran Siswa Peunteun tés awal Peunteun tés ahir d d2 1

2

Σ

d. Uji Hipotésis

1) Ngitung rata-rata (méan) tina béda antara peunteun tés awal jeung tés ahir.

2) Ngitung derajat kebébasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi.

4) Ngitung t.


(26)

35

Katerangan:

T = tés signifikasi

Md = rata-rata (méan) tina bédana antara peunteun tés awal jeung tés ahir

Σx2d = jumlah kuadrat déviasi téhnik ngolah data mangrupa kagiatan ngolah

data anu geus kakumpul. Data nu bakal diolah jeung dianalisis ngawengku data hasil kamampuh awal (pre-tést) jeung kamampuh akhir (post-tést)

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis kana kritéria di handap.

(1) Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima. Jadi modél Quantum

Teaching mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung.

(2) Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditolak. Jadi modél Quantum Teaching

teu mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung.


(27)

74

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI

Dina ieu bab dipedar sababaraha kacindekan tina hasil panalungtikan. Dumasar kana kacindekan-kacindekan kasebut ditepikeun sababaraha rékoméndasi anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

5.1Kacindekan

Dumasar hasil analisis data nu aya dina bab IV, bisa dijéntrékeun data ngeunaan pangajaran nulis rarakitan kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh (pre-test) jeung sabada (post-test) ngagunakeun modél

Quantum Teaching bisa ngaronjat jeung bisa ngahontal kana skor maksimal. Katitén tina skor rata-rata skor pre-test jeung post-test dina nulis rarakitan. Dina pre-test rata-ratana 320, sedengkeun dina post-test rata-ratana 368. Bisa dicindekkeun yén aya peningkatan skor rata-rata tina 320 ka 368, kalawan béda 48.

Tina jumlah siswa anu jadi objék panalungtikan 40 siswa. Kamampuh nulis rarakitan kelas VIII-12 saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék pilihan kecap 61, sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék pilihan kecap jadi 73. Rata-rata kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina aspék karapihan tulisan 64, sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék karapihan tulisan jadi 71. Rata-rata kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina aspék éjahan 64, sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék éjahan jadi 74. Rata-rata kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél


(28)

75

Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék guru wilangan jadi 80. Rata-rata kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina aspék hubungan antar pada jeung padalisan 66, sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék hubungan antar pada jeung padalisan jadi 73.

Uji normalitas data pre-test dina taraf 99% ngahasilkeun data nu normal anu hasilna x2itung < x2tabel yaitu 6,47 < 11,3. Sedengken uji normalitas dara post-test dina

taraf 99% ngahasilkeun data nu normal nu hasilna x2itung < x2tabel yaitu 5,34< 11,3. Uji

homogenitas antara variansi data pre-test dan post-test kaasup homogen Fitung < Ftabel

yaitu 1,66 < 3,99. Dina taraf 99% Ha (Hipotesis kerja) diterima jeung hipotésis nol (HO) titung > ttabél yaitu 10,5 > 2,45. Hal éta ngabuktikeun yén modél Quantum

Teaching éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung.

5.2Rékoméndasi

Éjahan basa Sunda téh penting dina kagiatan nulis. Kitu deui undak-usuk basa Sunda dipiharep dipaké dina kagiatan salian nulis, contona dina kagiatan komunikasi di sakola kalayan silih ajénan. Bakal leuwih hadé upamana undak usuk basa Sunda sok remen dipaké sapopoé di lingkungan sabudeureun sakola.

Sabada ngalaksanakeun ieu panalungtikan ngeunaan Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung aya rékoméndasi anu aya patalina jeung ieu panalungtikan nya éta éjahan basa Sunda nu kudu ditepikeun deui ka para siswa di antarana patalina maké aksara, nulis aksara, nulis kecap, tanda baca, kitu deui diksi jeung undak-usuk basa Sunda.


(29)

DAPTAR PUSTAKA

A’la, Miftahul. 2011. Quantum Teaching. Jogjakarta: Diva Press.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Depdiknas. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

De Potter, Bobbi. 2010. Quantum Teaching. Bandung: Kaifa.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat. Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

dan Universitas Padjajaran.

Faturohman, Taufik. 1983, Ulikan Sastra, Bandung: CV.Djatnika

Hadi,KS Ahmad. 2009, Saripati Basa Sunda, Bandung: PT Imperial Bhakti Utama

Hidayat, Rahmat Taufiq, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Nazir, Moh. 1985. Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia. Nurjanah, Nunuy. 2007. Diktat Téori Nulis JPBD UPI.

Rahman, 2009. Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Sumedang: Alqaprint Jatinangor.

Semi, Atar. 2007. Dasar-dasar keterampilan menulis. Bandung: Angkasa. Sudaryat, Yayat. 2000. Élmuning Basa. Walantra: Bandung.


(30)

Sudjana. 1992. Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sumarsono, Tatang. 2008. Gapura Basa VIII Pangajaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menulis Sebagai Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Yanti, Yuli. 2007. Éféktivitan Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Guguritan. FPBS: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Saryono, Djoko. KUANTUM SEBAGAI MODEL PEMBELAJARAN YANG MENYENANGKAN. Online. Tersedia: http://lubisgrafura.wordpress.com Pantar, Ferdy H. MODEL PEMBELAJARAN QUANTUM TEACHING. Online.

Tersedia: http://sarkomkar.blogspot.com/2009/02/model-pembelajaran-quantum-teaching.html


(1)

c. Uji Gain (d)

Uji gain mibanda tujuan pikeun nangtukeun naha aya bédana antara hasil tés awal jeung tés ahir. Ngaliwatan uji gain bakal meunangkeun gambaran ngeunaan

pangaruh digunakeunna modél Quantum Teaching kana kamampuh nulis rarakitan

siswa kelas VIII-12 SMP Negeri Kota 9 Bandung. Pikeun nguji gain digunakeun tabel di handap.

Tabél 3.5 Tabél Uji Gain Siswa

No Ngaran Siswa Peunteun tés awal Peunteun tés ahir d d2

1 2 Σ

d. Uji Hipotésis

1) Ngitung rata-rata (méan) tina béda antara peunteun tés awal jeung tés ahir.

2) Ngitung derajat kebébasan (dk).

3) Ngitung jumlah kuadrat deviasi.

4) Ngitung t.


(2)

35

Katerangan:

T = tés signifikasi

Md = rata-rata (méan) tina bédana antara peunteun tés awal jeung tés ahir

Σx2d = jumlah kuadrat déviasi téhnik ngolah data mangrupa kagiatan ngolah

data anu geus kakumpul. Data nu bakal diolah jeung dianalisis

ngawengku data hasil kamampuh awal (pre-tést) jeung kamampuh

akhir (post-tést)

5) Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis kana kritéria di handap.

(1) Lamun titung > ttabél, hartina hipotésis ditarima. Jadi modél Quantum Teaching mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung.

(2) Lamun titung < ttabél, hartina hipotésis ditolak. Jadi modél Quantum Teaching

teu mampuh ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan siswa kelas VIII-12 SMP 9 Kota Bandung.


(3)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI

Dina ieu bab dipedar sababaraha kacindekan tina hasil panalungtikan. Dumasar kana kacindekan-kacindekan kasebut ditepikeun sababaraha rékoméndasi anu aya patalina jeung judul panalungtikan.

5.1Kacindekan

Dumasar hasil analisis data nu aya dina bab IV, bisa dijéntrékeun data ngeunaan pangajaran nulis rarakitan kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh (pre-test) jeung sabada (post-test) ngagunakeun modél

Quantum Teaching bisa ngaronjat jeung bisa ngahontal kana skor maksimal. Katitén tina skor rata-rata skor pre-test jeung post-test dina nulis rarakitan. Dina pre-test rata-ratana 320, sedengkeun dina post-test rata-ratana 368. Bisa dicindekkeun yén aya peningkatan skor rata-rata tina 320 ka 368, kalawan béda 48.

Tina jumlah siswa anu jadi objék panalungtikan 40 siswa. Kamampuh nulis

rarakitan kelas VIII-12 saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata

kamampuh nulis dina aspék pilihan kecap 61, sabada ngagunakeun modél Quantum

Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék pilihan kecap jadi 73. Rata-rata

kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina

aspék karapihan tulisan 64, sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata

kamampuh nulis dina aspék karapihan tulisan jadi 71. Rata-rata kamampuh nulis

rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina aspék éjahan 64,

sabada ngagunakeun modél Quantum Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék


(4)

75

Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék guru wilangan jadi 80. Rata-rata

kamampuh nulis rarakitan saméméh ngagunakeun modél Quantum Teaching dina

aspék hubungan antar pada jeung padalisan 66, sabada ngagunakeun modél Quantum

Teaching rata-rata kamampuh nulis dina aspék hubungan antar pada jeung padalisan jadi 73.

Uji normalitas data pre-test dina taraf 99% ngahasilkeun data nu normal anu

hasilna x2itung < x2tabel yaitu 6,47 < 11,3. Sedengken uji normalitas dara post-test dina

taraf 99% ngahasilkeun data nu normal nu hasilna x2itung < x2tabel yaitu 5,34< 11,3. Uji

homogenitas antara variansi data pre-test dan post-test kaasup homogen Fitung < Ftabel

yaitu 1,66 < 3,99. Dina taraf 99% Ha (Hipotesis kerja) diterima jeung hipotésis nol (HO) titung > ttabél yaitu 10,5 > 2,45. Hal éta ngabuktikeun yén modél Quantum Teaching éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis rarakitan kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung.

5.2Rékoméndasi

Éjahan basa Sunda téh penting dina kagiatan nulis. Kitu deui undak-usuk basa Sunda dipiharep dipaké dina kagiatan salian nulis, contona dina kagiatan komunikasi di sakola kalayan silih ajénan. Bakal leuwih hadé upamana undak usuk basa Sunda sok remen dipaké sapopoé di lingkungan sabudeureun sakola.

Sabada ngalaksanakeun ieu panalungtikan ngeunaan Modél Quantum

Teaching dina Pangajaran Nulis Rarakitan Siswa Kelas VIII-12 SMP Negeri 9 Kota Bandung aya rékoméndasi anu aya patalina jeung ieu panalungtikan nya éta éjahan

basa Sunda nu kudu ditepikeun deui ka para siswa di antarana patalina maké aksara,


(5)

DAPTAR PUSTAKA

A’la, Miftahul. 2011. Quantum Teaching. Jogjakarta: Diva Press.

Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Depdiknas. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas

Pendidikan Indonesia.

De Potter, Bobbi. 2010. Quantum Teaching. Bandung: Kaifa.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar

Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

dan Universitas Padjajaran.

Faturohman, Taufik. 1983, Ulikan Sastra, Bandung: CV.Djatnika

Hadi,KS Ahmad. 2009, Saripati Basa Sunda, Bandung: PT Imperial Bhakti

Utama

Hidayat, Rahmat Taufiq, spk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Nazir, Moh. 1985. Metode Penelitian. Jakarta: Ghalia Indonesia. Nurjanah, Nunuy. 2007. Diktat Téori Nulis JPBD UPI.

Rahman, 2009. Model Mengajar dan Bahan Pembelajaran. Sumedang: Alqaprint

Jatinangor.


(6)

Sudjana. 1992. Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sumarsono, Tatang. 2008. Gapura Basa VIII Pangajaran Basa Sunda. Bandung:

Geger Sunten.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menulis Sebagai Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

Yanti, Yuli. 2007. Éféktivitan Modél Quantum Teaching dina Pangajaran Nulis Guguritan. FPBS: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Saryono, Djoko. KUANTUM SEBAGAI MODEL PEMBELAJARAN YANG MENYENANGKAN. Online. Tersedia: http://lubisgrafura.wordpress.com Pantar, Ferdy H. MODEL PEMBELAJARAN QUANTUM TEACHING. Online.

Tersedia: