MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) DINA PANGAJARAN NULIS LAPORAN.
DAPTAR EUSI
PANGJAJAP ... i
CATUR PANUHUN ... ii
ABSTRAK ... iv
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR LAMPIRAN ... x
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Watesan Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Téorétis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5
BAB II MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW), NULIS LAPORAN, ASUMSI JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Modél Pangajaran ... 7
2.1.1 Rumpun Modél Pangajaran ... 7
2.1.2 Komponen Modél Pangajaran ... 9
2.2 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW)... 10
2.2.1 Wangenan Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) ... 10
2.2.2 Prosédur Modél Pangajaran Think-Talk-Write... 10
(2)
2.3 Nulis ... 12
2.3.1 Wangenan Nulis ... 12
2.3.2 Fungsi Nulis ... 13
2.3.3 Tujuan Nulis ... 14
2.3.4 Mangpaat Nulis ... 16
2.3.5 Rupa-rupa Tulisan ... 16
2.3.6 Léngkah-léngkah Nulis ... 19
2.4 Nulis Laporan ... 25
2.4.1 Wangenan Laporan ... 25
2.4.2 Tujuan Nulis Laporan ... 26
2.4.3 Téhnik-téhnik Nulis Laporan ... 27
2.5 Rarancang Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan ... 27
2.5.1 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan ... 27
2.5.2 Silabus ... 28
2.5.3 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 30
2.6 Asumsi jeung Hipotésis ... 30
2.6.1 Asumsi ... 29
2.6.2 Hipotésis ... 31
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 32
3.2 Desain Panalungtikan ... 32
3.3 Métode Panalungtikan ... 32
3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 33
3.4.1 Variabel Panalungtikan ... 33
3.4.2 Wangenan Operasional ... 33
3.4.2.1 Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) ... 33
(3)
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34
3.7 Téhnik Nganalisis Data ... 35
BAB IV KAMAMPUH NULIS LAPORAN NGAGUNAKEUN MODÉL PANGAJARAN THINK-TALK-WRITE (TTW) DI KELAS VIII A SMP PASUNDAN 3 BANDUNG TAUN AJARAN 2012/2013 4.2 Kamampuh Siswa dina Nulis Laporan Ngagunakeun Modél Pangajatran Think-Talk-Write (TTW) ka siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung ... 45
4.1.1 Kamampuh Pretés Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung ... 45
4.1.2 Kamampuh Postés Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung ... 49
4.2 Uji Sipat Data ... 52
4.2.1 Uji Normalitas ... 53
4.2.1.1 Uji Normalitas Data Pretés ... 53
4.2.1.2 Uji Normalitas Data Postés ... 57
4.2.2 Uji Homogénitas ... 61
4.2.3 Uji Gain ... 63
4.2.4 Uji Hipotésis ... 64
4.3 Kaéféktifan Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 ... 66
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI 5.1 Kacindekan ... 68
5.2 Rékomendasi ... 69
DAPTAR PUSTAKA ... 70
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 72
(4)
DAPTAR TABÉL
Tabél 3.1 Format Peunteun Nulis Laporan Siswa ... 35
Tabél 3.2 Kriteria Meunteun Laporan ... 36
Tabél 3.3 Format Frékuensi Peunteun Pretés jeung Postés ... 38
Tabél 3.4 Format Frékuensi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés ... 39
Tabél 3.5 Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Laporan ... 42
Tabél 3.6 Uji Wilcoxon ... 44
Tabél 4.1 Kamampuh Awal Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Saméméh Ngagunakeun Modél Pangajaran Think-Talk-Write ... 46
Tabél 4.2 Kamampuh Ahir Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Sabada Ngagunakeun Modél Pangajaran Think-Talk-Write ... 49
Tabél 4.3 Distribusi Frékuénsi Hasil Pretés ... 53
Tabél 4.4 Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pretés ... 55
Tabél 4.5 Distribusi Frékuénsi Hasil Postés ... 58
Tabél 4.6 Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Postés ... 59
(5)
DAPTAR LAMPIRAN
Lampiran 1 SK Pengesahan Judul dan Penunjukan Dosen Pembimbing Skripsi .... 72
Lampiran 2 Surat Ijin Panalungtikan ... 74
Lampiran 3 Surat Keterangan Telah Melaksanakan Penelitian ... 75
Lampiran 4 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) ... 76
Lampiran 5 Foto Kagiatan Panalungtikan ... 80
Lampiran 6 Hasil Karangan Siswa ... 82
Lampiran 7 Tabél Chi Kuadrat ... 92
Lampiran 8 Tabél t ... 93
Lampiran 9 Ztabél ... 94
(6)
1
BAB I BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Basa mangrupa pakakas utama dina kahirupan manusa pikeun ngedalkeun pikiran jeung rasa. Aya opat aspek kaparigelan basa anu perlu dicangkem, éta opat aspek kaparigelan basa téh ngawengku (1) ngaregepkeun, (2) nyarita, (3) maca, jeung (4) nulis. Éta kaparigelan téh mangrupa kamahéran anu gumulung atawa gembleng, teu bisa dipilah-pilah deui. Hiji jalma dianggap ngabogaan kaparigelan basa lamun éta jalma téh parigel ngaregepkeun, maca, nulis jeung nyarita. Maca jeung ngaregepkeun kaasup kana aspek kaparigelan nu sipatna reseptif, sedengkeun nulis jeung nyarita kaasup aspek kaparigelan nu sipatna produktif. Nu jadi puseur dina ieu panalungtikan nya éta masalah kaparigelan nulis.
Nulis asalna tina kecap tulis maké rarangkén hareup N- (nasal) anu ngandung harti „ngalakukeun‟. Numutkeun LBSS (2007: 498) nulis téh nya éta nyieun aksara atawa angka dina kertas jsté ku parantina. Nulis nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma nepi ka jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi (Tarigan, 2008: 22). Nulis téh mangrupa hiji kaparigelan basa anu produktif. Nulis téh hiji proses nyusun lambang grafis. Nulis téh hiji proses komunikasi ku cara ngagunakeun lambang grafis.
Fungsi utama nulis nya éta jadi pakakas komunikasi anu henteu langsung. Nulis kacida pentingna pikeun dunya atikan sabab nulis bisa ngagampangkeun murid-murid dina prosés mikir. Tulisan bisa mantuan mikir kritis, bisa ngagampangkeun matalikeun hubungan-hubungan, bisa ngadatangkeun ayana persepsi nu jero, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, sarta bisa nyusun runtuyan pangalaman. Tulisan bisa ngajéntrékeun pamikiran-pamikiran anu aya dina diri nu nulis. Cindekna, bisa disebutkeun yén diajar nulis téh taya lian nya éta diajar mikir ngagunakeun cara nu tangtu (Tarigan, 2008: 23).
(7)
2
nulis nu perlu diajarkeun di SMP nya éta nulis laporan. Bahan pangajaran nulis laporan téh ayana di kelas VIII SMP.
Tina hasil panalungtikan jeung hasil wawancara ka guru, pangajaran nulis di SMP mangrupa hiji bahasan anu teu dipikaresep ku siswa, sabab dina nulis siswa kudu bisa neangan ide jeung kudu miboga kandaga kecap anu jembar pikeun nyusun kalimah-kalimah sangkan bisa jadi hiji paragrap. Salian ti éta siswa kudu miboga kamampuh pikeun ngagunakeun éjahan jeung tanda baca anu bénér. Tujuan pangajaran laporan bisa kahontal saupama guru bisa ngamekarkeun sagala pangaweruh jeung kaparigelanna dina nepikeun materi, sabab salasahiji faktor nu mangaruhan kahontal henteuna tujuan pangajaran ditangtukeun ku peran guru dina ngokolakeun diajar ngajar. Guru miboga peran nu penting sangakan bisa nyiptakeun kondisi diajar ngajar nu hirup, ngamotivasi siswa anu biasana pasif jadi aktif keur lumangsungna diajar ngajar. Guru kudu bisa méré bahan pangajaran nulis anu matak ngirut siswa sangkan teu boseneun. Ku ayana anggapan éta, pangajaran nulis kudu diajarkeun sacara kreatif, variatif, jeung matak pikaresepeun siswa ku cara ngagunakeun modél pangajaran anu luyu jeung matéri.
Dina prosés diajar ngajar, modél pangajaran mangrupa hal anu teu bisa dipisahkeun tina kagiatan diajar ngajar. Tujuanna sangkan bahan pangajaran bisa katarima kalawan bisa dipikaharti ku siswa. Ku ayana modél pangajaran bisa leuwih mantuan guru dina nepikeun bahan pangajaran. Ku kituna modél pangajaran mangrupa salasahiji kompeténsi anu kudu dikawasa ku sakabéh guru, lantaran mangrupa salasahiji indikasi anu bakal nangtukeun kana kahontalna tujuan pangajaran (Rahman, 2005: 53).
Pikeun ngungkulan masalah-masalah dina pangajaran nulis, ku kituna perlu digunakeun modél pangajaran anu luyu pikeun pangajaran nulis. Dina ieu panalungtikan, model pangajaran anu digunakeun nya éta modél pangajaran
Think-Talk Write (TTW). Modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) nya éta
modél pangajaran anu disusun tina tilu hal anu penting nya éta think (mikir), talk (nyarita) jeung write (nulis). Modél pangajaran ieu dimimitian ku ayana proses mikir sacara individu sanggeus prosés maca, satuluyna nyarita jeung silih
(8)
3
tukeuran ide jeung babaturanna saacan ditulis dina catetan leutik pikeun nganggeuskeun hiji masalah. Model pangajaran TTW leuwih éféktif saupama siswa dibagi kana sababaraha kelompok sacara heterogen antara 3-5 urang siswa. Dina ieu kelompok siswa diperedih maca, nyieun catetan leutik, ngajelaskeun, ngaregepkeun, sarta silih tukeran ide jeung babaturanna, anu satuluyna ngébréhkeun sakabeh ide dina wangun tulisan.
Modél TTW dipilih sabab miboga kaunggulan nya éta bisa meredih siswa sangkan ngalakukeun tilu hal anu penting. Mimiti siswa diperedih sangkan mikir nalika maca soal jeung nangtukeun hal naon anu kudu dipigawé mimiti. Satuluyna siswa diperedih sangkan nyarita ngaliwatan diskusi jeung babaturanna. Pamungkas tina hasil mikir jeung nyarita éta diébréhkeun ngaliwatan tulisan kalawan sistematis. Ku kituna modél TTW ieu dianggap modél anu luyu pikeun pangajaran nulis laporan.
Panalungtikan ngeunaan modél TTW pikeun kaparigelan nulis kungsi
dilaksanakeun, kalawan judul “Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina
pangajaran Nulis Téks Hasil Wawancara: Studi Kuasi Eksperimen ka Siswa Kelas IX SMP Negeri 1 Dayeuh Kolot” anu ditalungtik ku Kemala Drama Putri taun 2011. Sarta hasilna tétéla éféktif. Panalungtikan anu ayeuna moal bisa disebutkeun sarua atawa tuluyan tina panalungtikan anu dilaksanakeun ku Kemala Drama Putri. Panalungtikan nu ayeuna jeung nu saméméhna aya bédana nya éta leuwih kana sangkan siswa mampuh nulis laporan ngagunakeun modél TTW.
Dumasar kana masalah di luhur, panalungtikan nu judulna “Modél
Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina Pangajaran Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” perlu dilaksanakeun.
1.2Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah
Nu jadi kasang tukang masalah dina ieu panalungtikan téh diantarana kurangna minat siswa kana pangajaran nulis, pangajaran nulis mangrupa bahasan anu henteu dipikaresep ku siswa, guru masih ngagunakeun cara tradisional, sarta
(9)
4
guru kurang ngamekarkeun sagala pangaweruh jeung kaparigelanana dina nepikeun materi. Sangkan masalah dina ieu panalungtikan leuwih museur sarta jéntré, masalah dina ieu panalungtikan téh diwatesan ngan nalungtik kaéféktifan Modél Pangajaran Think-Talk Write (TTW) dina Pangajaran Nulis Laporan Siswa Kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah, panalungtikan ieu dirumuskeun dina wangun kalimah pananya saperti ieu di handap.
1) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun
ajaran 2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk Write (TTW)?
2) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun
ajaran 2012/2013 dina nulis laporan sanggeus ngagunakeun modél pangajaran
Think-Talk Write (TTW)?
3) Naha modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) éféktif bisa ningkatkeun
kamampuh nulis laporan?
1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nguji modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) dina pangajaran nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
1.3.2 Tujuan Husus
Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran
2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél pangajaran
Think-Talk Write (TTW).
2) Kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran
(10)
5
Think-Talk Write (TTW).
3) Modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) éféktif pikeun ningkatkeun
kamampuh nulis laporan.
1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Téorétis
Mangpaat téorétis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan élmu pangaweruh ngeunaan modél pangajaran anu hadé dina pangajaran nulis laporan. Salian ti éta, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun dijadikeun hiji bahan literatur pangajaran di sakola, anu tujuanana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa dina nulis laporan.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:
1) Pikeun dijadikeun alternatif modél pangajaran di kelas ku guru sangkan bisa
ngaronjatkeun minat siswa kana mata pelajaran basa Sunda hususna dina pangajaran nulis laporan.
2) Bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis laporan jeung bisa nambahan
pangaweruh siswa.
4) Bisa mikanyaho babandingan kamampuh siswa dina kagiatan nulis laporan
saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk Write (TTW).
1.5Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Bab I mangrupa bubuka anu ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan
Bab II mangrupa bab anu eusina medar ngeunaan modél pangajaran
Think-Talk-Write (TTW), nulis laporan, asumsi jeung hipotesis. Pedaran ngeunaan
modél pangajaran dimimitian ku hakékat modél pangajaran, rumpun sarta komponen modél pangajaran, modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW), hakékat nulis, nulis laporan, sarta léngkah-léngkah dina nulis laporan
(11)
6
ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Salian ti éta, dina ieu bab dipedar ngeunaan asumsi jeung hipotesis panalungtikan.
Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métodologi panalungtikan. Eusina ngawengku sumber data, métode panalungtikan, desain panalungtikan, téhnik panalungtikan, instrumen panalungtikan, sarta wangenan operasional.
Bab IV mangrupa bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan, anu ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa tina hasil panalungtikan, sarta ngadeskripsikeun kaéféktifan modél pangajaran
Think-Talk-Write (TTW) dina nulis laporan siswa SMP.
BAB V mangrupa kacindekan jeung rékomendasi kana panalungtikan anu geus dilaksanakeun.
(12)
32
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar nulis laporan kagiatan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 anu jumlahna aya 30 siswa, ngawengku 15 urang awéwé jeung 15 urang lalaki.
3.2Desain Panalungtikan
Numutkeun Arikunto (2010: 123) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa nya éta (1) one shot study, (2) Pretest-postes, jeung (3) static group comparison. Dina ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nya éta pretest-postest. Mékanisme panalungtikanna baris digambarkeun dina bagan di handap:
O1 X O2
Katerangan: O1: pretest O2: postest
X : treatment (diajar nulis laporan ngagunakeun model Think-Talk-Write (TTW).
3.3Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh perlakuan (pratés) jeung sanggeus perlakuan (postés).
Métode ékspérimén mangrupa hiji métode panalungtikan anu produktif sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun.
(13)
33
3.4Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010: 161) variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon-naon nu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan. Aya dua variabel dina panalungtikan nya éta variabel bébas (independent variabel) jeung variabel kauger (dependent variabel).
Dumasar kana babagian variabel anu ditétélakeun di lihur, Modél Pangajaran Think-Talk-Write (TTW) dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel bébas (variabel X), sabab mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel séjén (variabel Y). Sedengkeun nulis laporan dina ieu panalungtikan kaasup kana variabel kauger (variabel Y), sabab mangrupa variabel anu dipangaruhan ku variabel séjén atawa variabel bébas (variabel X).
3.4.2 Wangenan Operasional
Sangkan leuwih babari dina ngalaksanakeun ieu panalungtikan, leuwih tiheula baris diterangkeun sacara operasional istilah-istilah anu aya kaitanana jeung judul panalungtikan. Ieu wangenan baris dipedar ieu di handap.
3.4.2.1Modél PangajaranThink-Talk-Write (TTW)
Modél pangajaran Think-Talk-Write nya éta modél pangajaran anu disusun tina tilu hal anu penting nya éta think (mikir), talk (nyarita) jeung write (nulis).
3.4.2.2Nulis Laporan
Nulis nya éta hiji cara pikeun ngébréhkeun ide, gagasan jeung kahayang kalawan maké runtuyan kalimah pikeun ngawangun hiji komunikasi antara nu nulis jeung nu maca. Sedengkeun laporan nya éta hiji tulisan anu eusina ngalaporkeun hiji hal atawa hiji kagiatan anu geus dilaksanakeun. Jadi, nulis laporan nya éta hiji cara pikeun nepikeun hasil tina hiji kagiatan ngaliwatan tulisan anu mangrupa laporan pertanggungjawaban.
(14)
34
3.5Instrumén Panalungtikan
Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés sacara tinulis ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Tés dilakukeun dina wangun ésay anu mangrupa uraian pikeun nitah siswa nulis laporan. Tés dilakukeun dua kali nya éta saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write (TTW). Format tésna saperti ieu di handap.
3.6Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh saméméh boh sanggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar nulis laporan. Ieu tés dilakukeun kusabab data utama nu dibutuhkeun téh nya éta data ngeunaan kamampuh siswa dina nulis laporan. Ieu data bisa dibeunangkeun ngaliwatan hiji ukuran kalawan ngagunakeun téhnik tés.
Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan ieu di handap.
1) Siswa ngerjakeun pancén anu mangrupa pretés nulis laporan pikeun mikanyaho
pangaweruh awal siswa kana nulis laporan.
2) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis laporan ngaliwatan pretés anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun pakakas-pakakas anu digunakeun pikeun nerapkeun modél pangajaran Think-Talk-Write. Saperti nyiapkeun matéri pangajaran jeung modél pangajaran Think-Talk-Write.
3) Ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél pangajaran
Think-Talk-Write kana matéri nulis laporan.
4) Sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun modél pangajaran
Think-Talk-Write saterusna dilaksanakeun postés pikeun mikanyaho kamampuh siswa
sanggeus dibéré treatment naha ngaronjat atawa henteu. Pék jieun hiji laporan kagiatan Qurban!
(15)
35
3.7Téhnik Nganalisis Data
Data anu geus kakumpul tuluy diolah pikeun mikanyaho hasil tina pretés (tés awal) jeung postés (tés ahir) tina panalungtikan anu geus dilaksanakeun.
Data tina hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ditujukeun pikeun mikanyaho masalah-masalah di handap.
1) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun
ajaran 2012/2013 dina nulis laporan saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk Write (TTW)?
2) Kumaha kamampuh siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun
ajaran 2012/2013 dina nulis laporan sanggeus ngagunakeun modél pangajaran
Think-Talk Write (TTW)?
3) Naha modél pangajaran Think-Talk Write (TTW) éféktif pikeun ningkatkeun
kamampuh nulis laporan?
Pikeun maluruh masalah-masalah di luhur, aya sababaraha léngkah ngolah data dina ieu panalungtikan, nya éta:
1) Mariksa hasil pretés jeung postés
2) Meunteun hasil tés siswa dina nulis laporan ngagunakeun pedoman anu geus ditangtukeun saperti dina tabél 3.1. Dumasar kana éta pedoman, skor maksimal tina karangan siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa dirobah jadi skor ahir ngagunakeun rumus:
Skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap. Tabél 3.1
Format Peunteun Nulis Laporan Siswa
No A B C D ∑ P Katégori
P = ∑Skor siswa
(16)
36
Katerangan:
No : Nomer urut siswa
A : Eusi
B : Organisasi Eusi
C : Karapihan Tulisan
D : Éjahan
∑ : Jumlah (100)
P : Peunteun
Katégori:
Peunteun ≥ 75 siswa dianggap mampuh nulis laporan kalawan bener.
Peunteun ≤ 75 siswa dianggap can mampuh nulis laporan kalawan bener Tabél 3.2
Kriteria Meunteun Laporan
No Aspék nu dipeunteun Skala Peunteun
1 Eusi 1 2 3 4 5
2 Organisasi Eusi 1 2 3 4 5
3 Karapihan Tulisan 1 2 3 4 5
4 Éjahan 1 2 3 4 5
Jumlah Skor
Katerangan aspék nu diajén sarta skorna:
1. Eusi gagasan nu diébréhkeun
5 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu lengkep.
4 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu cukup, sarta bisa ngamekarkeun.
3 : Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi kurang lengkep sarta kurang
ngamekarkeun.
2 : Eusi luyu jeung téma tapi teu nepikeun informasi.
(17)
37
2. Organisasi eusi (mekarkeun karangan, hubungan antar paragraf)
5 : Eusi dimekarkeun sacara jelas, paragraf dimekarkeun, antar paragraf mibanda hubungan anu raket.
4 : Eusi dimekarkeun sacara jelas, luyu jeung rangkay karangan, paragraf kurang dimekarkeun, antar paragraf mibanda hubungan anu raket.
3 : Eusi kurang dimekarkeun, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar paragraf kurang
2 : Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar paragraf kurang.
1 : Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, teu aya
hubungan antar paragraf (teu nyambung).
3. Karapihan tulisan
5 : Tulisan rapih, kabaca jeung teu aya corétan 4 : Tulisan rapih, kabaca, aya sawatara corétan 3 : Tulisan kurang rapih, kabaca, aya corétan 2 : Tulisan teu rapih, kurang kabaca, loba corétan
1 : Tulisan teu puguh kabaca
4. Éjahan
5 : Henteu aya kasalahan dina nuliskeun éjahan. 4 : Aya kasalahan éjahan (1-5), tapi teu ngarobah harti. 3 : Aya kasalahan éjahan (5-15), tapi teu ngarobah harti. 2 : Aya kasalahan éjahan (15 leuwih), harti teu jelas.
1 : Teu maké aturan éjahan
(Sudjana, 1991: 77)
(18)
38
3.7.1 Uji Sipat Data
Pikeun nguji sipat data dilakukeun ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.
1) Uji Normalitas
Uji normalitas nya éta uji sipat data anu miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa téh miboga distribusi anu normal. Pikeun nangtukeun yén éta data miboga sipat normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus chi kuadra (X2).
Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:
a) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna
b) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:
c) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:
d) Nangtukeun panjang kelas interval
e) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun
tabél ieu di handap:
Tabél 3.3
Format Frékuensi Peunteun Pratés jeung Postés
No Kelas Interval �� �� ��² ���� fixi 2
1 2
∑
r = peunteun pangluhurna-peunteun panghandapna
k = 1 + 3,3 log n
P = r
(19)
39
f) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan
ngagunakeun rumus ieu di handap:
Katerangan:
X = rata-rata (mean)
∑ = jumlah Fi = jumlah data Xi = nilai tengah
(Sudjana, 2005: 70)
g) Ngitung standar deviasi, carana nya éta
h) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta:
(1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi Tabél 3.4
Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés
Interval Oi BK
Handap
BK
Luhur Z1 Z2 L Ei X
2
∑
(2)Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)
(3)Nangtukeun batas kelas interval (bk)
� = ∑����
∑��
= �∑ .
2 –( . )2
(20)
40
(4)Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)
(5)Nangtukeun Ztabel
(6)Ngitung lega kelas interval (L)
(7)Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:
(8)Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)
(Sudjana, 2005:273)
(9)Nangtukeun darajat kabébasan (dk)
(Sudjana,2005:293) (10)Nangtukeun harga X2tabél
(11)Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:
(a)Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.
(b)Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu
normal.
Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data nu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilakukeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.
L = Ztabél1 – Ztabél2
Z =(bk− x)
sd
Ei = n x L
X²= ∑(Oi−Ei )
2 Ei
(21)
41
2) Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.
Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:
a) Ngitung variasi masing-masing kelompok
Variansi tés awal
Variansi tés ahir
(Sudjana, 2005: 95) b) Ngitung harga variasi (F)
c) Ngitung derajat kabébasan (dk)
d) Nangtukeun harga Ftab él
e) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap.
Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén.
Saupama Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén.
(Sudjana, 2005:250)
3.7.2 Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung posteés. Hasil tina uji gain, bisa meunangkeun gambaran
S1 =
n ∑fi 2− . 2
� �−1
S2 =
n ∑fi 2− ( . )2 � (�−1)
� = �� � �� é
�� � ��
(22)
42
ngeunaan pangaruh digunakeunana modél pangajaran Think-Talk-Write dina nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap. Tabél 3.5
Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Laporan
No Peunteun Pretés Peunteun Postés d d2 1.
2. ∑
3.7.3 Uji Hipotésis
Dina uji hipotésis aya dua cara. Kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
1) Statistik Paramétris
Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap.
a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peuteun tés
ahir. Rumusna nya éta:
b) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:
c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:
� =∑
�
dk= n-1
∑ 2 ∑ 2− (∑ )
(23)
43
d) Ngitung t, rumusna nya éta:
Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir
∑x²d = jumlah kuadrat déviasi
n = jumlah subyék dina sampel
e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu dihandap.
Lamun titung > ttab él hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran
Think-Talk-Write éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa
kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
Lamun titung < ttab él hartina hipotésis ditolak, yén modél pangajaran
Think-Talk-Write teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan
siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
2) Statistik Non-Parametris
Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Numutkeun Sudjana (2005: 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon, diantarana nya éta:
a) asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1);
b) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
c) itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;
d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;
=
�∑ 2
(24)
44
e) sanggeus diurutkeun (misalna aya nilai nu sarua), pikeun nangtukeun
jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
f) sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;
g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda
anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;
h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan
ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;
i) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap.
Tabél 3.6 Tabél Uji Wilcoxon
No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang
XA1-XB1 Jenjang + -
Katerangan:
XA1 : Peunteun pretés XB1 : Peunteun postés
j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu
dihandap.
Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha
ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
Saupama Witung(-) >Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha
ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write henteu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
(25)
68
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun yén kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna can nyugemakeun atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 3, 27; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,03; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 2, 83; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 2,3. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 11, 37 kalawan rata-rata penteun 55,83.
Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna nyugenakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 4,13; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,77; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 3,5. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 15,2 kalawan rata-rata penteun 76.
Tina hasil pretés, postés, jeung uji gain tétéla modél pangajaran
Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII
A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013. Ieu hal dibuktikeun ogé tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél , nya éta 19,46 > 2,46 bisa dicindekkeun
yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hartina, aya
béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write.
(26)
69
5.2 Rékoméndasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun, diantarana nya éta:
1) Tina hasil panalungtikan modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif
pikeun ningkatkeun kamampuh nulis laporan, ku kituna ieu modél pangajaran bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran nulis laporan.
2) Dina ngalaksanakeun panalungtikan dipiharep panalungtik nataharkeun
sagala rupana saluyu jeung prosedur anu geus ditangtukeun.
3) Pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modél pangajaran
(27)
70
DAPTAR PUSTAKA
Alimudin, Yulia. 2012. Pembelajaran Menulis. (Online). Tersedia:
http://pembelajaranmenulis.blogspot.com/[8 September 2012].
Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:
Disdik Jabar.
Joyce, B. Weil, M. & Emily Calhoun. 2009. Models of Teaching. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Kurniawan, Fandi. 2011. Laporan. (Online). Tersedia:
http://fandi-kurniawan.blogspot.com/2011/11/laporan.html/[8 September 2012].
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Maula, Nikmatul. 2012. Model Pembelajaran Think-Talk-Write (TTW). (Online). Tersedia:http://maulanikmatul.blogspot.com/2012/01/modelpembelajaran-think-talk-write-ttw.html/[8 September 2012].
Nurjanah, Nunuy. 2009. Tiori Nulis (Diktat). Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia.
Rahman. 2005. Desain Instruksional Bahasa. Bandung: Alqaprint Bandung. Rahman. 2009. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint
Bandung.
Rahman, Spk. 2009. Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.
(28)
71
MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
Subana, spk. 2005. Statistika Pendidikan. Bandung: Pustaka Setia. Sudjana. 2005. Metode Statistika. Bandung: Tarsito.
Syam, Mima Widya Lisdinia. 2012. Kaéféktifan Modél Examples Non Examples
dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII C SMPN 1 Cariu Kabupatén Bogor Taun Ajaran 2011/2012). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menulis sebagai suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tim Dosen JPBD FPBS UPI. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.
Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Yuliani, Dewi. 2012. Modél Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun
Pangaweruh Léksikon Siswa Kelas XI SMA (Study Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 9 SMA 3 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi
(1)
43
d) Ngitung t, rumusna nya éta:
Katerangan:
t = tés signifikansi
Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir ∑x²d = jumlah kuadrat déviasi
n = jumlah subyék dina sampel
e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu dihandap.
Lamun titung > ttab él hartina hipotésis ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa
kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
Lamun titung < ttab él hartina hipotésis ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write teu éféktif dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan
siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
2) Statistik Non-Parametris
Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Numutkeun Sudjana (2005: 450) léngkah-léngkah uji Wilcoxon, diantarana nya éta:
a) asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); b) asupkeun peunteun postés siswa kana kolom ka-3 (XB1);
c) itung bédana antara pretés jeung postés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;
d) nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;
=
�∑ 2
(2)
44
Ayu Yuningsih , 2013
Modél Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Dina Pangajaran Nulis Laporan
e) sanggeus diurutkeun (misalna aya nilai nu sarua), pikeun nangtukeun jenjangna, éta nilai téh dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
f) sanggeus diurutkeun, asupkeun nilai jenjang JB kana kolom ka-5;
g) ngasupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;
h) tingali kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, misal jumlah n = 23 kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;
i) data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu dihandap. Tabél 3.6
Tabél Uji Wilcoxon
No XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang
XA1-XB1 Jenjang + -
Katerangan:
XA1 : Peunteun pretés XB1 : Peunteun postés
j) ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kriteria ieu dihandap.
Saupama Witung(-) < Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditarima, yén modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
Saupama Witung(-) >Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha ditolak, yén modél pangajaran Think-Talk-Write henteu éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013.
(3)
68
BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI
5.1Kacindekan
Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan kaéféktifan modél pangajaran Think-Talk-Write dina ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013, bisa dicindekkeun yén kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna can nyugemakeun atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 3, 27; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,03; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 2, 83; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 2,3. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 11, 37 kalawan rata-rata penteun 55,83.
Kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, hasilna nyugenakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu geus ditangtukeun. Hal ieu katitén tina rata-rata skor tiap aspékna. Rata-rata skor tina aspék eusi nya éta 4,13; skor rata-rata tina aspék organisasi eusi nya éta 3,77; skor rata-rata tina aspék karapihan tulisan nya éta 3,73; jeung rata-rata skor tina aspék éjahan nya éta 3,5. Jadi, rata-rata ahir tina sakabeh aspék nya éta 15,2 kalawan rata-rata penteun 76.
Tina hasil pretés, postés, jeung uji gain tétéla modél pangajaran
Think-Talk-Write éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis laporan siswa kelas VIII
A SMP Pasundan 3 Bandung taun ajaran 2012/2013. Ieu hal dibuktikeun ogé tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung > ttabél , nya éta 19,46 > 2,46 bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak. Hartina, aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write.
(4)
69
Ayu Yuningsih , 2013
Modél Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Dina Pangajaran Nulis Laporan
5.2 Rékoméndasi
Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan nulis laporan ngagunakeun modél pangajaran Think-Talk-Write, aya sababaraha rékoméndasi anu baris ditepikeun, diantarana nya éta:
1) Tina hasil panalungtikan modél pangajaran Think-Talk-Write éféktif pikeun ningkatkeun kamampuh nulis laporan, ku kituna ieu modél pangajaran bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina pangajaran nulis laporan.
2) Dina ngalaksanakeun panalungtikan dipiharep panalungtik nataharkeun sagala rupana saluyu jeung prosedur anu geus ditangtukeun.
3) Pikeun leuwih ngabuktikeun kaéféktifan modél pangajaran
(5)
70
DAPTAR PUSTAKA
Alimudin, Yulia. 2012. Pembelajaran Menulis. (Online). Tersedia: http://pembelajaranmenulis.blogspot.com/[8 September 2012].
Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2005. Standar Kompetensi dan
Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:
Disdik Jabar.
Joyce, B. Weil, M. & Emily Calhoun. 2009. Models of Teaching. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
Kurniawan, Fandi. 2011. Laporan. (Online). Tersedia: http://fandi-kurniawan.blogspot.com/2011/11/laporan.html/[8 September 2012].
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Maula, Nikmatul. 2012. Model Pembelajaran Think-Talk-Write (TTW). (Online). Tersedia:http://maulanikmatul.blogspot.com/2012/01/modelpembelajaran-think-talk-write-ttw.html/[8 September 2012].
Nurjanah, Nunuy. 2009. Tiori Nulis (Diktat). Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia.
Rahman. 2005. Desain Instruksional Bahasa. Bandung: Alqaprint Bandung. Rahman. 2009. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint
Bandung.
Rahman, Spk. 2009. Modél-Modél Pembelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Bandung: JPDB.
(6)
71
Ayu Yuningsih , 2013
Modél Pangajaran Think-Talk-Write (Ttw) Dina Pangajaran Nulis Laporan MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.
Subana, spk. 2005. Statistika Pendidikan. Bandung: Pustaka Setia. Sudjana. 2005. Metode Statistika. Bandung: Tarsito.
Syam, Mima Widya Lisdinia. 2012. Kaéféktifan Modél Examples Non Examples
dina Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Laporan (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII C SMPN 1 Cariu Kabupatén Bogor Taun Ajaran 2011/2012). Skripsi Sarjana pada FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.
Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menulis sebagai suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Tim Dosen JPBD FPBS UPI. 2008. Palanggeran Ejahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.
Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
Yuliani, Dewi. 2012. Modél Memorization (Mnemonik) pikeun Ngaronjatkeun
Pangaweruh Léksikon Siswa Kelas XI SMA (Study Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas XI IPA 9 SMA 3 Bandung Taun Ajaran 2011-2012). Skripsi