MEDIA AUDIO VISUAL PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NGAREGEPKEUN TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG.

(1)

halaman PERNYATAAN

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

DAFTAR EUSI ... v

DAFTAR TABEL... viii

DAFTAR GAMBAR... ix BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 1.2.1 Watesan Masalah ... 1.2.2 Rumusan Masalah ... 1.3 Tujuan Panalungtikan ... 1.3.1 Tujuan Umum ... 1.3.2 Tujuan Husus ... 1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 1.4.2 Mangpaat Skripsi ... 1.5 Raraga Tulisan ...

1 3 3 3 4 4 4 5 5 5 6

BAB II NGAREGEPKEUN, TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG,

MEDIA AUDIO VISUAL, SARTA ANGGAPAN DASAR

2.1 Ngaregepkeun ... 2.1.1 Wangenan Ngaregepkeun ... 2.1.2 Tahap – tahap Ngaregepkeun ... 2.1.3 Rupa – rupa Ngaregepkeun ... 2.1.4 Tujuan Ngaregepkeun ... 2.1.5 Faktor – faktor anu Mangaruhan kana Kualitas Ngaregepkeun ... 2.1.6 Pangajaran Ngaregepkeun di SMP Kelas IX ...

7 7 7 8 10 10 12


(2)

2.2.2 Babagian Pupuh ... 2.2.3 Watek Pupuh ... 2.2.4 Aturan Nulis Pupuh ... 2.2.5 Rumpaka Pupuh Sekar Ageung ... 2.3 Media Audio Visual ... 2.3.1 Wangenan Media Audio Visual ... 2.3.2 Ciri – ciri Media Audio Visual ... 2.3.3 Mangpaat Media Audio Visual ... 2.4 Anggapan Dasar ...

13 13 14 15 17 17 18 18 19

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Metode, Desain, jeung Teknik Panalungtikan ... 3.1.1 Metode Panalungtikan ... 3.1.2 Desain Panalungtikan ... 3.1.3 Teknik Panalungtikan ... 3.2 Analisis Data ... 3.3 Setting Panalungtikan ... 3.3.1 Lokasi Panalungtikan ... 3.3.2 Subjek Panalungtikan ... 3.3.3 Waktu Panalungtikan ... 3.4 Prosedur Panalungtikan ... 3.5 Wangenan Operasional ...

20 20 20 22 33 34 34 34 34 35 36

BAB IV DESKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN

4.1 Léngkah – léngkah Pangajaran Ngaregepkeun Rumpaka Tembang

Ngagunakeun Media Audio Visual ... 4.1.1 Siklus I ... 4.1.2 Siklus II ...

37 37 41


(3)

4.2.1 Siklus I ... 4.2.2 Siklus II ... 4.2.3 Ningkatna Hasil Diajar Pra Panalungtikan, Siklus I jeung Siklus II ...

4.3 Ngaronjat atawa Henteuna Kamampuh Ngaregepkeun Rumpaka

Tembang Ngagunakeun Media Audio Visual ... 46 49 52

54

BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan ... 5.2 Rekomendasi ...

56 57

DAFTAR PUSTAKA... LAMPIRAN-LAMPIRAN


(4)

Halaman Tabel 3.1

Tabel 3.2 Tabel 4.1 Tabel 4.2

Tabel 4.3

Tabel 4.4

Tabel 4.5

Validitas Butir Soal Tés Kamampuh Siswa... Waktu Panalungtikan ... Hasil Diajar Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan jeung Siklus I .. Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan jeung Siklus I Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus II ... Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus II ... Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan, Siklus I jeung Siklus II ...

24 34 46

48

49

51


(5)

DAFTAR GAMBAR

halaman Diagram 3.1

Diagram 4.1

Diagram 4.2

Diagram 4.3

Diagram 4.4

Alur PTK ... Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Pra Panalungtikan jeung Siklus I ... Persentase Hasil Diajar Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung Dumasar Peunteun Siklus I jeung Siklus II ... Hasil Diajar Siswa Dumasar Pra Panalungtikan, Siklus I jeung Siklus II ... Rata – rata Hasil Diajar Siswa Dumasar Pra Panalungtikan, Siklus I jeung Siklus II ...

21

48

51

53


(6)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kaparigelan basa ngawengku opat aspék, diantarana ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Tujuan pangajaran basa Sunda di sakabéh tingkatan sakola hususna di tingkat SMP, tangtuna waé pikeun meunangkeun jeung ngagali leuwih jero ngeunaan sastra Sunda tur nyangkem kana opat kaparigelan basa. Pangajaran ngaregepkeun sarua pentingna sarta raket patalina jeung nyarita, maca, sarta nulis. Sabab kagiatan awal manusa ti saprak lahir ogé pasti ngaliwatan ngaregepkeun heula, kakara bisa diajar ngomong atawa nyarita, satuluyna diajar maca, nu ahirna bisa nulis. Lamun dilenyepan kagiatan ngaregepkeun téh ampir sarua jeung ngadéngékeun, tapi teu sagemblengna sarua. Dina ngadéngékeun can tangtu ngaregepkeun, tatapi lamun ngaregepkeun mah geus pasti ngadéngékeun.

Standar kompetensi lulusan SMP/MTs mata pelajaran basa Sunda kelas IX ngawengku opat aspék nya éta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Salah sahiji kompeténsi dasarna nya éta ngaregepkeun rumpaka tembang. Tembang anu mangrupa salasahiji kabudayaan Sunda, geus sakuduna dipikawanoh ku nonoman Sunda, ku kituna diajarkeun ti danget sakola kénéh.

Dumasar kana hasil pangamatan di SMP Negeri 14 Bandung, materi pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang mangrupa salasahiji bahan pangajaran anu dianggap ngabosenkeun. Faktor nu ngabalukarkeun siswa bosen téh museur kana diri siswa jeung faktor ti guru. Faktor ti diri siswa nya éta siswa kurang mampu ngimpleng jeung merhatikeun kana materi. Sedengkeun faktor ti guru nya éta kurang kreatif dina ngagunakeun alat sarta media pangajaran.

Kamajuan dina widang teknologi, informasi, jeung komunikasi tangtuna méré pangaruh nu teu leutik kana dunia atikan atawa dunia pendidikan, sabab dina prosés diajar ngajar aya nu disebut prosés komunikasi. Di jaman anu geus serba canggih tangtuna geus loba jalma-jalma nu geus pinter kana teknologi kaasup budak sakola (siswa).


(7)

Ku ayana siswa nu geus palinter dina widang teknologi, tangtuna guru teu meunang éléh. Sabisa-bisa guru kudu leuwih kréatif jeung inovatif nalika ngajar sangkan barudakna teu bosen, sarta materi nu diajarkeunana bisa nerap ka para siswa.

Dina hakékatna prosés diajar ngajar téh mangrupa hiji sistem, nu dijerona

miboga komponén-komponén sangkan prosés diajar ngajar bisa

éféktif. Komponén-komponén nu dimaksud ngawengku tujuan pangajaran, guru, murid, bahan pelajaran, stratégi belajar, alat atawa media, sumber pelajaran, jeung evaluasi.

Saluyu kana judul, dina hal ieu media pembelajaran mangrupa alat pikeun nepikeun informasi ka murid. Ku ayana media dina prosés diajar ngajar tangtuna dipiharep sangkan media bisa mantuan ningkatkeun prestasi muridna. Ku kituna, dina nepikeun pangajaran guru dipiharep maké media sangkan tujuan pembelajaran bisa kahontal jeung siswa gampang nyangkem kana materi. Media anu saluyu pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngaregepkeun rumpaka tembang nya éta media audio visual. Media audio visual kacida dibutuhkeunana dina pangajaran ngaregepkeun, ku kituna tembang Sunda hususna pupuh anu mangrupa bagian anu penting dina pangajaran basa Sunda kudu diajarkeun ti danget sakola kénéh.

Tanpa ngaleungitkeun peran guru salaku pangajar, media audio visual ieu dianggap cocok pikeun ngajarkeun pupuh di kelas. Saenyana disetél ngaliwatan media audio visual, peran guru di dieu jelas kudu aktif ogé, sangkan siswa leuwih bisa muserkeun panitén. Ku kituna guru dipiharep sangkan bisa leuwih kreatif jeung inovatif.

Anu geus nalungtik ngeunaan pangajaran ngaregepkeun jeung media pembelajaraan aya sababaraha urang, diantarana nya éta ngeunaan Kamampuh Siswa Ngaregepkeun Dongéng kalawan Ngagunakeun Media Audio di Kelas VII SMPN 12 Bandung ku Ivan Sufaran Permadi, Média Audio-Visual Dina Pangajaran Ngaregepkeun Kawih ku Hana Igan Susana, jeung Média Audio-Visual Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Carita Pondok ku Evi


(8)

Nurmayatini. Bahasan anu dipaké béda jeung anu ditalungtik ngeunaan pangajaran ngaregepkeun tembang kalawan ngagunakeun media audio visual.

Ku kituna pikeun ngaréngsékeun pasualan ngeunaan kurang bisana siswa dina museurkeun panitén jeung mekarkeun implenganana nalika pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang, diperlukeun parobahan atawa pamekaran dina ngagunakeun media ajar. Dumasar éta tinimbangan perlu ayana tindakan kelas. Ku ayana kitu, ieu panalungtikan téh dibéré judul Media Audio visual Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Ngaregepkeun Tembang Pupuh Sekar Ageung (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas IX B SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013).

1.2 Watesan Jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Media téh kabagi jadi sababaraha jenis diantarana media audio, media visual, sarta media audio visual. Dumasar kana kasang tukang nu geus diébréhkeun di luhur, sangkan ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana, ku kituna baris diwatesanan kana media audio visual.

Masalah dina ieu panalungtikan nya éta leuwih nyoko kana media pembelajaran nu dipaké dina nepikeun pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang ka siswa kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung kalawan maké media

audio visual. Dina prak-prakanana, siswa diajar sangkan nyangkem kana eusi

rumpaka Pupuh Sekar Ageung nu geus ditayangkeun nu ngawengku pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana kasang tukang sarta watesan masalah anu geus diébréhkeun di luhur, ieu masalah téh diwangun ku sababaraha patalékan di handap ieu.

1) Kumaha prak - prakan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) ngagunakeun media audio visual di SMP N 14 Bandung?


(9)

2) Kumaha kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus I?

3) Kumaha kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus II?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, tujuan anu hayang dihontal dina ieu panalungtikan téh nya éta hayang mikanyaho sakumaha kamampuh murid dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang kalawan ngagunakeun media audio visual.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan ngabogaan tujuan hayang ngadeskripsikeun

:

1) prak - prakan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar

Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual;

2) kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus I;

3) kamampuh (hasil diajar) siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual siswa kelas IX B di SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dina siklus II;


(10)

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan téh nya éta aya mangpaat anu sifatna tioritis sarta mangpaat anu sifatna praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tiorotis tina ieu panalungtikan dipiharep bisa méré sumbangan pikeun kamekaran tiori dina widang atikan. Utamana waé dina widang media pembelajaran anu bisa ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula). 1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan téh nya éta :

1) Pikeun guru

Guru bahasa Sunda dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh dina milih media pangajaran, hususna media audio visual dina pangajaran ngaregepkeun tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula), sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa séwang-séwangan sanggeus diajar ngagunakeun media audio visual.

2) Pikeun Siswa

Siswa bisa mikanyaho mangpaat media audio visual dina kagiatan pangajaran utamana dina kagiatan ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula), nepi ka bisa ngaronjatkeun kamampuh jeung rasa sumanget diajar.

3) Nu Nalungtik

Sanggeus ngalaksanakeun ieu panalungtikan, nu nalungtik dipiharep bisa mikanyaho ngaronjatna kamampuh ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) nalika diajar teu maké media audio visual jeung nalika diajar maké media audio visual.

4) Nu Maca

Hasil panalungtikan ieu dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu maca,

hususna ngeunaan media audio visual dina ngaronjatkeun kamampuh


(11)

Asmarandana, jeung Dangdanggula) siswa kelas IX B SMP N 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.5 Raraga Tulisan

Laporan panalungtikan ieu diwangun dina wangun skripsi. Léngkah nyusunna salawasna diaping ku dosén pangaping. Sangkan leuwih jéntré dihandap kaugel raraga tulisan nu digarap, nya éta ngawengku : ABSTRAK, PANGJAJAP, DAFTAR EUSI, DAFTAR LAMPIRAN, DAFTAR TABEL, DAFTAR GAMBAR, BAB I BUBUKA, BAB II NGAREGEPKEUN,

TEMBANG PUPUH SEKAR AGEUNG, MEDIA AUDIO VISUAL, SARTA

HIPOTESIS, BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN, BAB

IVDESKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN, BAB V KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI, DAFTAR PUSTAKA.


(12)

BAB III

METODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode, Desain, jeung Téknik Panalungtikan 3.1.1 Métode Panalungtikan

Dumasar kana tujuan anu hayang dihontal, ieu panalungtikan téh ngagunakeun métode Panalungtikan Tindakan Kelas (PTK). Numutkeun Ebbut (dina skripsi karya Zaine, 2011) panalungtikan tindakan kelas mangrupa kajian sistematis tina upaya pikeun ngaropéa praktik atikan ku guru ku cara ngalakukeun tindakan – tindakan dina kagiatan pembelajaran dumasar kana refleksi ngeunaan hasil tina tindakan kasebut. Aya tilu kecap anu ngawangun PTK, nya éta saperti ieu didandap.

1) Panalungtikan, hiji kagiatan anu nalaah hiji objék ku cara ngagunakeun cara jeung aturan métodologi anu tangtu pikeun meunangkeun data atawa informasi anu miboga mangpaat dina ngaronjatkeun kualitas hiji hal anu ngirut minat. 2) Tindakan, kagiatan anu ngahaja dilakukeun sarta miboga tujuan anu tangtu. 3) Kelas, dina hal ieu teu ngawengku ruangan kelas, tapi dina hal ieu nu dimaksud

kelas téh nya éta sakelompok siswa dina waktu anu sarua, narima pangajaran anu sarua ti guru anu sarua ogé.

3.1.2 Desain Panalungtikan

Numutkeun Kemmis jeung Mc Taggart (dina Rafi′uddin, 1996)

panalungtikan tindakan bisa ditingal salaku hiji siklus spiral tina penyusunan perencanaan, pelaksanaan tindakan, pengamatan (observasi), jeung refleksi anu saterusna bisa ogé diiluan ku siklus spiral salajengna.


(13)

Sangkan leuwih jéntré, titénan diagram di handap.

Gambar 3.1 Diagram alur PTK

Kemmis & MC Taggart (Rafi’udin 1997)

Numutkeun diagram diluhur, tahap – tahap panalungtikan bisa katitén dina katerangan dihandap ieu.

1) Refleksi awal. Tahap ieu dimaksudkeun salaku kagiatan penjajakan nu dimangpaatkeun pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan situasi-situasi nu rélevan jeung téma panalungtikan.

2) Rancangan tindakan. Tahap ieu dadasar tina hasil refleksi awal. Lamun dirinci, rarancang tindakan téh ngawengku tindakan anu rék dilakukeun pikeun menerkeun, ningkatkeun atawa ngarubah polah anu dipikahayang salaku solusi tina masalah anu sipatna fleksibel dina harti bisa robah saluyu kana situasi jeung kondisi.


(14)

3) Pelaksanaan tindakan. Tahap ieu nyoko kana naon anu dilakukeun ku panalungtik salaku upaya pikeun menerkeun, ningkatkeun atawa ngarobah dumasar kana rarancang tindakan.

4) Observasi. Tahap observasi ieu nyoko kana instrumen panalungtikan. Dina kagiatan ieu panalungtik nalungtik hasil atawa dampak tina tindakan anu dilakukeun ka siswa.

5) Refleksi. Tahap refleksi ieu mangrupa kagiatan analisis sarta interpretasi kana sakabéh informasi hasil tina kagiatan tindakan. Dina kagiatan ieu, panalungtik neuleuman sarta mertimbangkeun hasil – hasil tina tindakan. Ngaliwatan refleksi anu jero, bisa ditarik kacindekan. Réfleksi mangrupa bagian anu penting dina panalungtikan tindakan kelas, nya éta pikeun maham kana prosés jeung hasil anu aya, anu mangrupa parobahan salaku akibat tina tindakan anu geus dilakukeun.

3.1.3 Téknik Panalungtikan 1. Téknik Ngumpulkeun Data

Téknik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku tés kamampuh siswa, observasi, jeung catetan lapangan.

a. Tés Kamampuh Siswa

Tés kamampuh siswa dilaksanakeun pikeun mikanyaho jeung ngukur hasil diajar siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang kalayan ngagunakeun media audio visual. Tés ieu dilaksanakeun ngaliwatan tés tulis diunggal tahap pangajaran pikeun mikanyaho jeung ngukur kamampuh siswa dina ngaregepkeun rumpaka tembang, ti mimiti pra-panalungtikan, siklus I, jeung siklus II.

b. Observasi

Observasi dina ieu panalungtikan dilakukeun pikeun nalungtik aktivitas antara guru jeung siswa dina prosés diajar ngajar. Daryanto (2012:15) nétélakeun yén nu jadi objek observasi téh nya éta kajadian-kajadian nu lumangsung sacara


(15)

alami. Format observasi dina ieu panalungtikan ngawengku lembar observasi ka guru jeung lembar observasi ka siswa, anu langsung dieusian ku observer.

c. Catetan Lapangan

Catetan lapangan mangrupa instrumen pikeun nyatet sagala kajadian anu karandapan dumasar kana tindakan anu dilakukeun ku guru, anu gunana pikeun nempo perkembangan tindakan jeung perkembangan siswa dina ngalakukeun prosés pangajaran (Sanjaya, 2009:98). Dina catetan lapangan ieu, dieusian ku hasil observasi, réaksi, jeung refleksi panalungtikan nalika lumangsungna prosés pangajaran.

2. Alat Ngumpulkeun Data

Alat ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan, nya éta : 1) lambaran tés, 2) lambaran obsérvasi, jeung 3) catetan lapangan.

a. Lambaran Tés

Lambar tés anu diujikeun dina ieu panalungtikan, mangrupa paréntah anu kudu dilakukeun ku siswa salila ngalaksanakeun pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang. Saacan lambar tés dibikeun ka siswa kelas IX B SMP N 14 Bandung, nu nalungtik mikeun heula ieu soal ka kelas X AP (Administrasi Perkantoran) SMK N Manonjaya pikeun diuji cobakeun, sabab kelas X geus pernah ngalaman pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang nalika kelas IX. 1) Uji Validitas Butir Soal

Validitas soal mangrupa ukuran ketepatan soal. Numutkeun Arikunto, Suharsimi (1998:160) “validitas adalah suatu ukuran yang menunjukan tingkat

kevalidan atau kesahihan sesuatu instrumen. Suatu instrumen yang valid atau sahih mempunyai validitas tinggi. Sebaliknya instrumen yang kurang valid berarti

memiliki validitas rendah.” Pikeun ngitung koevisien validitas dina

panalungtikan nu dilaksanakeun, nu nalungtik ngagunakeun rumus korelasi


(16)

Rumusna nya éta :

� = � −

� 2 2 � 2− 2

Katerangan :

xy

r

= Koefisien validitas butir soal n = Banyaknya peserta tes

X = Skor setiap butir soal Y = Skor total butir soal

Klasifikasi interpretasi koefisien korelasi numutkeun Guilford, (dina

Widaningsih, Dedeh 2008:4d) nya éta saperti ieu di handap.

0,90 ≤ rxy≤ 1,00 Validitas sangat tinggi (sangat baik)

0,70 ≤ rxy< 0,90 Validitas tinggi (baik)

0,40 ≤ rxy< 0,70 Validitas sedang (cukup)

0,20 ≤ rxy< 0,40 Validitas rendah (kurang)

0,00 <rxy< 0,20 Validitas sangat rendah, dan

rxy≤ 0,00 Tidak valid

Hasil perhitungan uji validitas butir soal tés kamampuh siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung ngagunakeun media audio visual bisa katitén dian lampiran, hasilnas aya dina tabel 3.1 di handap.

Tabel 3.1

Validtias Butir Soal Tés Kamampuh Siswa

No. Soal Koefisien Validitas Derajat Validitas Keterangan

1 0,77 Tinggi Digunakan

2 0,78 Tinggi Digunakan

3 0,66 Sedang Digunakan


(17)

5 0,63 Sedang Digunakan

6 0,44 Sedang Digunakan

7 0,78 Tinggi Digunakan

8 0,43 Sedang Digunakan

9 0,70 Tinggi Digunakan

10 0,51 Sedang Digunakan

11 0,75 Tinggi Digunakan

12 0,64 Sedang Digunakan

13 0,76 Tinggi Digunakan

14 0,77 Tinggi Digunakan

15 0,82 Tinggi Digunakan

16 0,65 Sedang Digunakan

17 0,60 Sedang Digunakan

18 0,70 Tinggi Digunakan

19 0,77 Tinggi Digunakan

20 0,88 Tinggi Digunakan

2) Uji Reliabilitas

Reliabilitas aya hubunganana jeung ketetapan. Pikeun ngukur reliabilitas tés bentuk uraian, ngagunakeun rumus Alpha Cronbach saperti ieu di handap.

�11 =

� −1 1−

��2

��2

Katerangan : 11

r = Koefisien reliabilitas

n = Banyaknya soal

2

i

S

= Jumlah varians skor

2

t

S = Varians skor total

Klasifikasi interpretasi koefisien korelasi numutkeun Guilford, J.P

(Widaningsih, Dedeh 2008:4d) nya éta saperti ieu di handap. r11< 0,20 Derajat reliabilitas sangat rendah


(18)

0,70 ≤ r11< 0,90 Derajat reliabilitas tinggi

0,90 ≤ r11≤ 1,00 Derajat reliabilitas sangat tinggi

Numutkeun hasil itungan tés kamampuh siswa dipaluruh hasil r11 = 0,94. Ku kituna, soal tés kamampuh siswa asup kana kategori reliabilitas sangat tinggi.

Ditilik tina validitas butir soal jeung reliabilitas instrumen nu geus dijéntrékeun, bisa dicindekkeun yén soal tés kamampuh siswa layak pikeun digunakeun dina ieu panalungtikan. Hasil itungan uji validitas jeung reliabilitas bisa katitén dina lampiran.

Ngaregepkeun Rumpaka Tembang Pupuh Sekar Ageung

Eusian patalékan – patalékan di handap !

Kinanti

1. Budak leutik dina pupuh Kinanti, sok liar (ngapungna) wayah naon? 2. Naon nu ditéangan ku éta budak leutik?

3. Ngadon naon cenah éta budak leutik lamun beurang-beurang

aleuntreup dina tangkal kai?

4. Kumaha disadana éta budak leutik téh?

5. Naon nu dimaksud “budak leutik” dina éta pupuh? Sinom

6. Dina pupuh Sinom nu tadi, naon nu jadi udagan manusa di dunya, malahan tepi ka ngahalalkeun sagala cara?

7. Naon nu sok kapopohokeun ku jalma di dunya téh?

8. Dina pupuh Sinom nu tadi, naon anu bisa nedunan sagala kahayang téh?

9. Naon sasruaan harta jeung harti? 10.Naon bédana harta jeung harti? Asmarandana

11.Saha musafir anu keur sila sisi jalan? 12.Ku saha éta musafir téh kadupakna?


(19)

13.Naha bet éta musafir jadi sasadu ménta hampura sanggeus nempo ka jalma anu ngadupakna?

14.Naon nu dilakukeun ku ngadupak (nu balangsiar) sanggeus manéhna

labuh nindihan musafir?

15.Ahirna musafir jeung nu balangsiar jadi sosobatan dalit, jeung musafir bisa ngabantuan nu balangsiar dina néangan sandang pangan ku

cara……….

Dangdanggula

16.Lambang RI jero pisan hartina lamun ku urang di……….

17.Naon lambang Naara Republik Indonesia?

18.Naon Semboyan Nagara urang?

19.Naon harti Semboyan Nagara urang?

20.Naon nu jadi wujud Bangsa Indonesia, dina pupuh Dangdanggula nu

tadi?

b. Lambaran Obsérvasi

Lambaran obsérvasi mangrupa salasahiji instrumen anu dipake pikeun ngumpulkeun data dina panalungtikan.dina observasi ieu aya dua hal anu ditalungtik, nya éta lambar obsérvasi aktivitas guru jeung lambar obsérvasi aktivitas siswa.

1. Lambaran Observasi Aktivitas Guru

Observer niténan langsung jeung ngaévaluasi panalungtik (guru) nalika keur ngajar salila lumangsungna prosés KBM.

Lembar Observasi Aktivitas Guru

Wasta Obsérver :


(20)

Standar Kompetensi : 9.1 Mampu menyimak untuk memahami dan menanggapi wacana lisan yang berupateks pidato/khotbah, lirik lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pendek.

Kompetensi Dasar : 9.1.2 Menyimak lirik (rumpaka) lagu – lagu jenis

tembang.

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal

a. Nuliskeun topik pangajaran, ngabsén. b. Ngajelaskeun ngeunaan

tujuan pembelajaran c. Méré apersepsi jeung

motivasi.

d. Ngainstruksikeun siswa sangkan ngaregepkeun materi nu rék diajarkeun.

2. Kagiatan Inti

a. Méré materi pangajaran

ngeunaan ngaregepkeun

rumpaka tembang.

b. Mapagahan siswa sangkan

bisa ngaregepkeun tembang anu rék disetél ngaliwatan media audio visual.

c. Nyetél tembang

ngaliwatan media audio visual.


(21)

d. Ngabimbing siswa sangkan bisa

ngaregepkeun kalawan daria

e. Méré kasempetan ka

siswa pikeun nanya.

2. Kagiatan ahir

a. Negeskeun deui matéri pangajaran anu geus ditepikeun

b. Ngalaksanakeun tes.

c. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah

Catatan Obsérver :

Bandung, Nopember 2012

Observer Nu Nalungtik

_______________________________ Karina Barliani NIM. 0902488


(22)

2. Lambaran Observasi Aktivitas Siswa

Observer niténan aktivitas siswa salila lumangsungna prosés pangajaran anu aya patalina jeung motivasi anu tumuwuh salila prosés pangajaran.

Lembar Obsérvasi Aktivitas Siswa

Wasta Obsérver :

Poé, Ping :

Jam :

Standar Kompetensi : 9.1 Mampu menyimak untuk memahami dan

menanggapi wacana lisan Yng berupa téks pidato/khutbah, lirik lagu jenis tembang, dan pembacaan cerita pendek.

Kompetensi Dasar : 9.1.2 menyimak lirik (rumpaka) lagu – lagu jenis

tembang.

No. Aktivitas Ya Tidak Komentar

1. Kagiatan Awal

a. Nurut nalika dikondisikeun

b. Ngarti kana apersepsi materi anu rék

diterangkeun

c. Sumanget jeung

ngabogaan motivasi diajar d. Ngarti kana tujuan jeung

léngkah-léngkah pangajaran anu kudu


(23)

dihontal salila pangajaran

2. Kagiatan Inti

a. Ngabandungan materi

ngeunaan ngaregepkeun

rumpaka tembang.

b. Siswa kalibet kana

pangajaran nagregepkeun

rumpaka tembang nu

disetel ngaliwatan media

audio visual.

c. Segep dina ngabandungan

rumpaka tembang anu di setel ngaliwatan media

audio visual.

d. Siswa nanyakeun

ngeunaan kekecapan anu kurang dipikaharti.

2. Kagiatan ahir

a. Siswa ngalaksanakeun tes. b. Siswa merhatikeun kana

penegasan materi.

c. Mungkas kagiatan

pangajaran.

Jumlah


(24)

Bandung, Nopember 2012

Observer Nu Nalungtik

Karina Barliani NIM 0902488

c. Catetan Lapangan

Catetan lapangan dieusian ku observer salaku catetan salila prosés pangajaran lumangsung anu mangrupa catetan kajadian dina pangajaran anu henteu nyampak dina lembar obsérvasi.

Lambaran Catetan Lapangan

Wasta Observer : ... Poé, Ping : ... Jam : ...

Catetan Lapangan Refleksi jeung Analisis

Bandung, Nopember 2012


(25)

_______________________ NIP/NIM.

3.2 Analisis Data

Analisis data dilakukeun dina unggal siklus, salaku refleksi pikeun parobahan dina siklus satuluyna. Aya sababaraha tahapan dina analisis data, diantarana :

1) Ngawilah – wilah data saluyu jeung fokus masalah. Dina tahapan ieu panalungtik ngawilah – wilah data mana anu rék dipaké dina panalungtikan pikeun ngumpulkeun data, tuluy dikumpulkeun dumasar fokus masalahna. 2) Napsirkeun data nu geus diwilah – wilah dina wangun pernyataan.

3) Nganalisis data anu mangrupa hasil tés ngaregepkeun rumpaka tembang dina unggal tindakan pikeun mikanyaho hasil panalungtikan anu geus ditangtukeun. Kriteria ketuntasan minimal (KKM) mata pelajaran basa Sunda di SMP Negeri 14 Bandung nya éta 75. Siswa dianggap tuntas lamun bisa ngahontal KKM atawa leuwih ti 75, sedengkeun anu disebut can tuntas nya éta siswa anu can ngahontal 75 atawa peunteunna kurang ti 75.

4) Nganalisis hasil observasi aktivitas guru jeung siswa ku cara ngitung unggal presentasi tiap kategori dina unggal tindakan anu dilakukeun ku panalungtik jeung ngitung presentasi ti observer.

5) Nganalisis hasil catetan lapangan salaku hasil refleksi panalungtik kana prosés pangajaran anu teu ditepikeun jeung teu dijelaskeun observasi ku sabab muncul kalawan teu direncanakeun saméméhna salaku bahan tinimbangan pikeun ngalakukeun refleksi anu baris dilarapkeun dina kagiatan pangajaran.

6) Ngalakukeun analisis kualitatif, nya éta nyindekkeun ngaronjat henteuna hasil pangajaran anu geus dilaksanakeun dumasar tina hasil observasi kalawan babarengan jeung observer.


(26)

7) Nyindekkeun hasil panalungtikan, dumasar kana analisis hasil observasi anu disaluyukeun jeung tujuan panalungtikan anu dijelaskeun dina kalimah pernyataan.

3.3 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, subjék

panalungtikan, jeung waktu pelaksanaan panalungtikan. 3.3.1 Lokasi Panalungtikan

Panalungtikan tindakan kelas ieu dilakukeun di SMP Negeri 14 Bandung Jln. Lapang Supratman No. 14 Bandung. Jln Lapang Supratman ayana di sagédéngeun Lapang Supratman, payuneun Pusat Senjata Infanteri (PUSSENIF). 3.3.2 Subjek Panalungtikan

Subjek dina ieu panalungtikan nya éta siswa SMP Negeri 14 Bandung kelas IX B anu jumlahna 38 urang, ngawengku 16 siswa lalaki jeung 22 siswa awéwé.

3.3.3 Waktu Panalungtikan

Panalungtikan ieu dilaksanakeun kurang leuwih sabulan, nya éta bulan Nopember tepi ka Desember 2012.

Tabel 3.2 Waktu Panalungtikan

No. Kagiatan Waktu

1. Pra panalungtikan 6 Nopember 2012

2. Siklus I 13 Nopember 2012


(27)

3.4 Prosedur Panalungtikan

Prosedur panalungtikan ieu ngawengku sababaraha kagiatan anu dilaksanakeun salila kagiatan panalungtikan, ti mimiti kagiatan awal tepi ka kagiatana ahir, diantarana saperti ieu di handap.

1) Réfleksi awal tina pangajaran ngeregepkeun anu geus diajarkeun.

2) Ngaidéntifikasi pasualan di kelas anu ngabalukarkeun munculna pasualan anu karandapan ku siswa dina pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang.

3) Netepkeun media pangajaran anu baris digunakeun dina pangajaran

ngaregepkeun rumpaka tembang. Ngaliwatan media anu dipilih dina prosés pangajaran, dipiharep dina ngeregepkeun rumpaka tembang kamampuh siswa bisa ngaronjat. Ku kituna media anu dipilih pikeun ngungkulan masalah anu aya nya éta media audio visual.

4) Netepkeun jumlah siklus salila pelaksanaan PTK, nya éta dua siklus.

5) Nganalisis Standar Kompetensi (SK), jeung Kompetensi Dasar (KD).

6) Nyusun Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

7) Nyieun instrumen panalungtikan pikeun masing masing siklus anu

ngawengku : lambar observasi guru, lambar observasi siswa, jeung catetan lapangan.

8) Ngajukeun proposal panalungtikan

9) Nyusun bab I, bab II, jeung bab III. 10) Prak – prakan pra panalungtikan. 11) Prak – prakan siklus I.

12) Refleksi tindakan siklus I, anu hasilna digunakeun pikeun parobahan dina nagtukeun perbaikan tindakan dina siklus II.

13) Prak – prakan siklus II.

14) Refleksi tindakan siklus II, anu hasilna digunakeun salaku kacindekan panalungtikan. Dina siklus II mangrupa siklus pamungkas jeung siklus perbaikan anu pamungkas pikeun mikanyaho ngaronjat atawa henteuna KBM salila diajar ngagunakeun media audio visual, jeung siswa bisa ngahontal


(28)

15) Nyusun bab IV jeung bab V. 16) Ujian sidang skripsi panalungtikan.

3.5 Wangenan Operasional

Sangkan ulah aya kasalahan nafsirkeun atawa méré interférénsi nu sarua kana variabel-variabel nu aya dina panalungtikan, perlu ayana définisi nu aya dina judul ngeunaan istilah – istilah nu dipaké. Ku kituna nu nulis baris ngajéntrékeun masalah/variabel ngeunaan istilah nu dipaké.

1) Média Audio visual

Média audio visual nya éta média anu ngabogaan unsur sora jeung unsur gambar.

2) Ngaregepkeun

Ngaregepkeun nya éta ngadéngékeun kalawan enya – enya ngahartikeunana.

3) Tembang

Tembang nya éta lagu jelema dina pupuh, ngalagu nurutkeun pupuh. 4) Pupuh

Pupuh nya éta guluyurna sora jelema anu ngalagu, sok disebut ogé sekar, lobana aya 17 : Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Jurudemung, Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, jeung Wirangrong

5) Sekar Ageung

Sekar ageung nya éta papasingan pupuh nu ngawengku pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula.


(29)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ka siswa kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013 mangrupa data hasil Panalungtikan Tindakan Kelas anu dilaksanakeun dina dua siklus, nya éta siklus I jeung siklus II. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pembahasan anu geus dilaksanakeun, bisa

dicindekkeun yén media audio visual bisa ngaronjatkeun kamampuh

ngaregepkeun rumpaka tembang. Sangkan leuwih jéntré, di handap ieu baris diécéskeun deui ngeunaan kacindekan hasil panalungtikan.

1) Prak – prakan kagiatan pangajaran dilaksanakeun dina dua siklus. Dina siklus I prak-prakan pangajaran tacan pati bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang kagiatan pangajaran anu geus ditangtukeun. Kaaktipan, saregepna siswa nalika ngaregepkeun rumpaka tembang, jeung prosés pangajaran sacara umum geus bisa diungkulan, tapi nalika dina ngamotivasi, waktu, panitén siswa, sarta pamahaman siswa kana eusi rumpaka tembang sacara lengkep masih kénéh katitén tacan maksimal. Kurangna konséntrasi siswa nalika prosés ngaregepkeun rumpaka tembang tur waktu nu kurang efisien ngabalukarkeun kurang efektifna kagiatan pangajaran. Dina siklus II prak-prakan kagiatan pangajaran geus bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran sarta kagiatan pangajaran karasa leuwih efektif dibandingkeun dina siklus I. Motivasi, waktu, panitén, sarta pamahaman siswa anu kurang nalika pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang geus bisa diungkulan , tepi ka katitén siswa geus bisa maham kana eusi rumpaka tembang anu geus diajarkeun.

2) Hasil diajar ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung dina pra panalungtikan nya éta 17 urang atawa 44,74% asup kana kategori tuntas,


(30)

rata peunteun anu dihontal dina pra panalungtikan nya éta 70,26. Dina siklus I aya 34 urang atawa 89,47% asup kana kategori tuntas, sedengkeun 4 urang atawa 10,53 % asup kana kategori tacan tuntas. Rata – rata peunteun anu dihontal dina siklus I nya éta 83,95. Hasil diajar siswa dina siklus II nya éta 100% atawa kabéh siswa tina 38 urang asup kana kategori tuntas. Rata – rata peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II nya éta 91,05.

3) Tina hasil diajar siswa nalika prosés pangajaran pra panalungtikan, siklus I, jeung siklus II katitén yén hasil diajar siswa geus ngaronjat. Nalika pangajaran pra panalungtikan, hasil rata – rata siswa nya éta 70,26 sedengkeun dina siklus I nya éta 83,95 jeung siklus II nya éta 91,05. Dina pra panalungtikan hasil diajar siswa masih tacan maksimal, hal ieu dipangaruhan ku sababaraha faktor misalna waé siswa kurang bisa museurkeun panitén nalika diajar ngaregepkeun rumpaka tembang lantaran teu ngagunakeun media pangajaran. Tina siklus I hasil diajar siswa geus mimiti ngaronjat dibandingkeun dina pra panalungtikan sanajan hasil diajar siswa tacan bisa tuntas 100%. Nalika siklus II geus bisa katitén yén hasil diajar siswa ngaronjat 100%.

5.2 Rekomendasi

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung

Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual, aya sababaraha

rekomendasi saperti ieu dihandap.

1) Tina hasil panalungtikan, media audio visual bisa digunakeun salaku salasahiji alternatif media pangajaran dina ngaregepkeun rumpaka tembang atawa dina pangajaran séjén.

2) Nalika prosés pangajaran, leuwih hadé lamun waktu anu rék digunakeun téh dirarancang jeung ditangtukeun heula sangkan prosés diajar bisa dipaké kalawan optimal.

3) Dina ngagunakeun media audio visual nalika prosés pangajaran, guru kudu bisa jeung maham kana tata cara jeung sanggup ngagunakeun media audio


(31)

visual salaku dadasar tumuwuhna rasa saregep, konsentrasi dina ngaregepkeun rumpaka tembang, sangkan media audio visual bisa diterapkeun dina prosés pangajaran.

4) Perhatian anu dibikeun ku guru ka siswa nalika kagiatan pangajaran

ngaregepkeun rumpaka tembang ngagunakeun media audio visual, kudu

leuwih dironjatkeun deui sangkan siswa bisa ngaregepkeun rumpaka tembang kalawan saregep. Nalika prosés pangajaran kudu leuwih fokus kana hal – hal anu rék ditepikeun sangkan prosés pangajaran bisa saluyu jeung tujuan anu hayang dihontal.

5) Sanggeus diayakeun panalungtikan ka kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dipiharep kahareupna aya panalungtikan séjén anu leuwih daria deui ngeunaan media audio visual dina materi pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang atawa dina pangajaran lianna.


(32)

DAFTAR PUSTAKA

Agung, Iskandar. 2012. Panduan Penelitian Tindakan Kelas bagi Guru. Jakarta : Bestari Buana Murni.

Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta : PT Rineka Cipta.

Danadibrata. R. A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung : PT Kiblat Buku Utama Daryanto. 2012. Panduan Operasional Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta :

Prestasi Putrakarya.

Dwi Tresna. D., Zaine. 2011. Model Pangajaran Role Playing Pikeun

Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa Dina Ngadongéng Sasakala (Tindakan Kelas Ka Siswa Kelas XI C2 SMA 1 Pasundan Bandung Taun Ajaran

2010/2011). SKRIPSI di JPBD FPBS UPI Bandung : teu dipedalkeun.

Hidayat, Rachmat Taufiq. dkk. 2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung : Kiblat.

Rustandi, Cecep dan Bambang Sutjipto. 2011. Media Pembelajaran Manual dan

Digital. Bogor : Ghalia Indonesia

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Sudjana, Nana dan Ahmad Rivai. 2011. Media Pengajaran. Bandung : Sinar Baru Algensindo.

Suryani, Elis. 2011. Calakan Akasara, Basa, Sastra Katut Budaya Sunda. Bogor : Ghalia Indonesia.

Sutisna, Ade. 2008. Ihktisar Media Pembelajaran Bahasa & Sastra. Wanayasa : teu dipedalkeun.


(33)

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung : Angkasa Bandung.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung : UPI.

Waryanto, Nur Hadi. 2007. Penggunaan Media Audio Visual dalam Menunjang

Pembelajaran. Yogyakarta : UNY . Teu dipedalkeun.

Widaningsih, Dedeh. 2008. Evaluasi Pendidikan Matematika Berdasarkan

Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) (Untuk Melengkapi Bahan Perkuliahan Evaluasi Pembelajaran Matematika pada Program Studi


(1)

15) Nyusun bab IV jeung bab V. 16) Ujian sidang skripsi panalungtikan.

3.5 Wangenan Operasional

Sangkan ulah aya kasalahan nafsirkeun atawa méré interférénsi nu sarua kana variabel-variabel nu aya dina panalungtikan, perlu ayana définisi nu aya dina judul ngeunaan istilah – istilah nu dipaké. Ku kituna nu nulis baris ngajéntrékeun masalah/variabel ngeunaan istilah nu dipaké.

1) Média Audio visual

Média audio visual nya éta média anu ngabogaan unsur sora jeung unsur gambar.

2) Ngaregepkeun

Ngaregepkeun nya éta ngadéngékeun kalawan enya – enya ngahartikeunana. 3) Tembang

Tembang nya éta lagu jelema dina pupuh, ngalagu nurutkeun pupuh. 4) Pupuh

Pupuh nya éta guluyurna sora jelema anu ngalagu, sok disebut ogé sekar, lobana aya 17 : Asmarandana, Balakbak, Dangdanggula, Durma, Jurudemung, Gambuh, Gurisa, Kinanti, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, Sinom, jeung Wirangrong

5) Sekar Ageung

Sekar ageung nya éta papasingan pupuh nu ngawengku pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula.


(2)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Hasil panalungtikan anu dilaksanakeun ka siswa kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung taun ajaran 2012/2013 mangrupa data hasil Panalungtikan Tindakan Kelas anu dilaksanakeun dina dua siklus, nya éta siklus I jeung siklus II. Dumasar kana hasil panalungtikan jeung pembahasan anu geus dilaksanakeun, bisa dicindekkeun yén media audio visual bisa ngaronjatkeun kamampuh ngaregepkeun rumpaka tembang. Sangkan leuwih jéntré, di handap ieu baris diécéskeun deui ngeunaan kacindekan hasil panalungtikan.

1) Prak – prakan kagiatan pangajaran dilaksanakeun dina dua siklus. Dina siklus I prak-prakan pangajaran tacan pati bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang kagiatan pangajaran anu geus ditangtukeun. Kaaktipan, saregepna siswa nalika ngaregepkeun rumpaka tembang, jeung prosés pangajaran sacara umum geus bisa diungkulan, tapi nalika dina ngamotivasi, waktu, panitén siswa, sarta pamahaman siswa kana eusi rumpaka tembang sacara lengkep masih kénéh katitén tacan maksimal. Kurangna konséntrasi siswa nalika prosés ngaregepkeun rumpaka tembang tur waktu nu kurang efisien ngabalukarkeun kurang efektifna kagiatan pangajaran. Dina siklus II prak-prakan kagiatan pangajaran geus bisa dilaksanakeun saluyu jeung rarancang pangajaran sarta kagiatan pangajaran karasa leuwih efektif dibandingkeun dina siklus I. Motivasi, waktu, panitén, sarta pamahaman siswa anu kurang nalika pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang geus bisa diungkulan , tepi ka katitén siswa geus bisa maham kana eusi rumpaka tembang anu geus diajarkeun.

2) Hasil diajar ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung dina pra panalungtikan nya éta 17 urang atawa 44,74% asup kana kategori tuntas, sedengkeun 21 urang atawa 55,26% asup kana kategori tacan tuntas. Rata –


(3)

rata peunteun anu dihontal dina pra panalungtikan nya éta 70,26. Dina siklus I aya 34 urang atawa 89,47% asup kana kategori tuntas, sedengkeun 4 urang atawa 10,53 % asup kana kategori tacan tuntas. Rata – rata peunteun anu dihontal dina siklus I nya éta 83,95. Hasil diajar siswa dina siklus II nya éta 100% atawa kabéh siswa tina 38 urang asup kana kategori tuntas. Rata – rata peunteun anu dihontal ku siswa dina siklus II nya éta 91,05.

3) Tina hasil diajar siswa nalika prosés pangajaran pra panalungtikan, siklus I, jeung siklus II katitén yén hasil diajar siswa geus ngaronjat. Nalika pangajaran pra panalungtikan, hasil rata – rata siswa nya éta 70,26 sedengkeun dina siklus I nya éta 83,95 jeung siklus II nya éta 91,05. Dina pra panalungtikan hasil diajar siswa masih tacan maksimal, hal ieu dipangaruhan ku sababaraha faktor misalna waé siswa kurang bisa museurkeun panitén nalika diajar ngaregepkeun rumpaka tembang lantaran teu ngagunakeun media pangajaran. Tina siklus I hasil diajar siswa geus mimiti ngaronjat dibandingkeun dina pra panalungtikan sanajan hasil diajar siswa tacan bisa tuntas 100%. Nalika siklus II geus bisa katitén yén hasil diajar siswa ngaronjat 100%.

5.2 Rekomendasi

Sabada diayakeun panalungtikan ngeunaan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang pupuh Sekar Ageung (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula) kalawan ngagunakeun media audio visual, aya sababaraha rekomendasi saperti ieu dihandap.

1) Tina hasil panalungtikan, media audio visual bisa digunakeun salaku salasahiji alternatif media pangajaran dina ngaregepkeun rumpaka tembang atawa dina pangajaran séjén.

2) Nalika prosés pangajaran, leuwih hadé lamun waktu anu rék digunakeun téh dirarancang jeung ditangtukeun heula sangkan prosés diajar bisa dipaké kalawan optimal.

3) Dina ngagunakeun media audio visual nalika prosés pangajaran, guru kudu bisa jeung maham kana tata cara jeung sanggup ngagunakeun media audio


(4)

visual salaku dadasar tumuwuhna rasa saregep, konsentrasi dina ngaregepkeun rumpaka tembang, sangkan media audio visual bisa diterapkeun dina prosés pangajaran.

4) Perhatian anu dibikeun ku guru ka siswa nalika kagiatan pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang ngagunakeun media audio visual, kudu leuwih dironjatkeun deui sangkan siswa bisa ngaregepkeun rumpaka tembang kalawan saregep. Nalika prosés pangajaran kudu leuwih fokus kana hal – hal anu rék ditepikeun sangkan prosés pangajaran bisa saluyu jeung tujuan anu hayang dihontal.

5) Sanggeus diayakeun panalungtikan ka kelas IX B SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013 dipiharep kahareupna aya panalungtikan séjén anu leuwih daria deui ngeunaan media audio visual dina materi pangajaran ngaregepkeun rumpaka tembang atawa dina pangajaran lianna.


(5)

DAFTAR PUSTAKA

Agung, Iskandar. 2012. Panduan Penelitian Tindakan Kelas bagi Guru. Jakarta : Bestari Buana Murni.

Arikunto, Suharsimi. 1998. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktek. Jakarta : PT Rineka Cipta.

Danadibrata. R. A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung : PT Kiblat Buku Utama Daryanto. 2012. Panduan Operasional Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta :

Prestasi Putrakarya.

Dwi Tresna. D., Zaine. 2011. Model Pangajaran Role Playing Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa Dina Ngadongéng Sasakala (Tindakan Kelas Ka Siswa Kelas XI C2 SMA 1 Pasundan Bandung Taun Ajaran 2010/2011). SKRIPSI di JPBD FPBS UPI Bandung : teu dipedalkeun. Hidayat, Rachmat Taufiq. dkk. 2007. Peperenian Urang Sunda. Bandung : Kiblat. Rustandi, Cecep dan Bambang Sutjipto. 2011. Media Pembelajaran Manual dan

Digital. Bogor : Ghalia Indonesia

Sanjaya, Wina. 2009. Penelitian Tindakan Kelas. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Sudjana, Nana dan Ahmad Rivai. 2011. Media Pengajaran. Bandung : Sinar Baru Algensindo.

Suryani, Elis. 2011. Calakan Akasara, Basa, Sastra Katut Budaya Sunda. Bogor : Ghalia Indonesia.


(6)

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Menyimak Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung : Angkasa Bandung.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung : UPI.

Waryanto, Nur Hadi. 2007. Penggunaan Media Audio Visual dalam Menunjang Pembelajaran. Yogyakarta : UNY . Teu dipedalkeun.

Widaningsih, Dedeh. 2008. Evaluasi Pendidikan Matematika Berdasarkan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) (Untuk Melengkapi Bahan Perkuliahan Evaluasi Pembelajaran Matematika pada Program Studi Pendidikan Matematika FKIP Unsil). Tasikmalaya : Teu dipedalkeun.