MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA STUDI KUASI ÉKSPÉRIMÉN KA SISWA KELAS VIII B SMPN 1 CINGAMBUL-MAJALENGKA TAUN AJAR 2012/2013.

(1)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODÉL DEBATE

PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH

MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Rahardiani Mu’minati Dewi

0907092

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

2013

(2)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL

DEBATE

PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ

UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Oleh

Rahardia i Mu’ i ati Dewi

0907092

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Rahardia i Mu’ i ati Dewi 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian, dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya tanpa ijin dari penulis.

(3)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

RAHARDIANI MU’MINATI DEWI

NIM 0907092

MODÉL DEBATE

PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Drs. H. Oleh Solehudin, M.Pd NIP 1965701011980021004

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

Dr. Dingding Haerudin, M.Pd NIP 196408221989031001

(4)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE

PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)1)

Rahardiani Mu’minati Dewi2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul Modél Debate pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013). Penelitian ini bertitik tolak dari masalah pengetahuan dan kemampuan siswa dalam menggunakan Undak Usuk Basa Sunda saat berbicara dan mengetahui pengaruh model Debate terhadap keterampilan berbicara. Penelitian ini menggunakan metode kuasi eksperimen yaitu membandingkan antara hasil pretes dan hasil postes dalam satu kelas, adapun tehnik yang digunakan adalah tehnik tes dan observasi. Analisis data menggunakan analisis statistik, yaitu uji normalitas dengan uji chi kuadrat, uji homogenitas dengan uji-F dan uji hipotesis menggunakan uji-T. Hal-hal yang ditemukan dalam proses penelitian ini diantaranya: 1) Kurangnya keterampilan berbicara siswa karena kebanyakan siswa berperilaku pasif terhadap pembelajaran, 2) menguji keterampilan berbicara siswa sebelum dan sesudah menggunakan model Debate, 3) Hasil penelitian menunjukkan bahwa terdapat peningkatan hasil belajar siswa, hasilnya bisa dilihat dari uji hipotesis yang menunjukkan bahwa titung > ttabel yaitu 19,33> 2,46. Dengan temuan seperti diatas, terdapat beda yang signifikan antara pretes dan postes. Oleh karena itu, H1 diterima, artinya model Debate meningkatkan pengetahuan dan kemampuan menggunakan Undak Usuk Basa Sunda dalam berbicara siswa SMPN 1 Cingambul-Majalengka.

1)Skripsi ini di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd 2)Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia

(5)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

MODÉL DEBATE

PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)1)

Rahardiani Mu’minati Dewi2)

ABSTRACT

This research entitled Modél Debate pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013). The research of the problem starting dotted the knowledge and ability the students in using Undak Usuk Basa Sunda when speaking time and know how the Debate on the model of speaking skills. This research uses quasi experiment method which compares the results and outcomes among pretes postes in one class, as for the method that is used is the method of tests and observation. Data analysis using statistical analysis, the test of normality with chi square test, its homogeneity test with test-F and test hypotheses using a T-Test. Things found in the process of this study are: 1) the lack of students speaking skills as most students behave passively towards learning, 2) test the students speaking skills before and after using the model Debate, 3) research results indicate that there is an increase in student learning outcomes, the results can be seen from the test of the hypothesis which suggests titung > ttabel that 19,33> 2,46. With the discovery of as above, there is a significant difference between pratest and postest. Therefore the H1 accepted, it means the model Debate increases the knowledge and ability to use Undak Usuk Basa Sunda in telling students SMPN 1 Cingambul-Majalengka.

1) This thesis under the guidance of Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd and Drs. H. O. Solehudin, M.Pd 2) Student program language education regional FPBS UPI Bandung

(6)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK DAPTAR EUSI

PANGJAJAP …...……….. TAWIS NUHUN ………... ABSTRAK ………. DAPTAR EUSI ……….. DAPTAR TABÉL ……….. DAPTAR LAMPIRAN ……….. BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah Panalungtikan ……… 1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ………. 1.2.1 Watesan Masalah ……….. 1.2.2 Rumusan Masalah ………

1.3 Tujuan Panalungtikan ………

1.4 Mangpaat Panalungtikan ………... 1.4.1 Mangpaat Tioritis ……….... 1.4.2 Mangpaat Praktis ………..

1.5 Raraga Tulisan ………...

i ii iv v ix x 1 4 4 5 5 5 5 5 6 BAB II ULIKAN MODÉL DEBATE JEUNG NYARITA MAKÉ

UNDAK USUK BASA SUNDA, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS, TUR RARAGA MIKIR

2.1 Modél Debate jeung Nyarita Maké Undak Usuk Basa Sunda ………….. 2.1.1 Konsép Dasar Pangajaran ……… 2.1.2 Modél Pangajaran ………... 2.1.3 Konsép Dasar Modél Debate ………... 2.1.3.1 Wangenan Modél Debate ………. 2.1.3.2 Léngkah-léngkah Modél Debate ………..

7 7 8 10 10 11

(7)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.4 Nyarita Maké Undak Usuk Basa Sunda ………... 2.1.4.1 Komponén Kagiatan Nyarita ……….... 2.1.4.2 Bahan Pangajaran Nyarita ………... 2.1.4.3 Undak Usuk Basa Sunda ……….. 2.1.4.3.1 Wangenan Undak Usuk Basa Sunda ………... 2.1.4.3.2 Prinsip Undak Usuk Basa Sunda ……….. 2.1.4.3.3 Ragam Undak Usuk Basa Sunda ………..

2.1.5 Aspék Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa

Sunda dina Nyarita………

2.1.5.1 Pangaweruh Undak Usuk Basa Sunda ………... 2.1.5.2 Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda ……… 2.1.5.3 Faktor anu Mangaruhan Pangaweruh jeung Kamampuh Maké

Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita ………. 2.1.6 Pangajaran Nyarita Maké Undak Usuk Basa Sunda ……….... 2.2 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ……….. 2.2.1 Anggapan Dasar ………... 2.2.2 Hipotésis ………... 2.3 Raraga Mikir (Pangajaran Nyarita Maké Modél Debate) ………. 2.3.1 Prinsip-prinsip ……….. 2.3.2 Léngkah-léngkah ……….. BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ……….. 3.2 Désain Panalungtikan ……… 3.3 Métode Panalungtikan ………... 3.4 Wangenan Opérasional ……….. 3.5 Instrumén Panalungtikan ………... 3.5.1 Tés Lisan ……….. 3.5.2 Obsérvasi ……….. 3.6 Téhnik Panalungtikan ……… 3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ………..

11 11 13 15 15 16 18 19 19 20 21 22 23 23 23 23 23 24 26 26 26 27 29 31 33 33 33

(8)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK 3.6.2 Téhnik Ngolah Data ………. 3.6.3 Nguji Sipat Data ………... 3.6.3.1 Uji Normalitas ………..

3.6.3.2 Uji Homogénitas ………..

3.6.3.3 Uji Hipotésis ………. BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS DATA HASIL

PANALUNGTIKAN

4.1 Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita Saméméh jeung Sanggeus Maké Modél Debate Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka ……….. 4.1.1 Pangaweruh jeung Kamampuh Awal Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita Saméméh Maké Modél Debate .……….. 4.1.2 Pangaweruh jeung Kamampuh Ahir Maké Undak Usuk Basa Sunda

dina Nyarita Sanggeus Maké Modél Debate ………... 4.2 Ngaronjatna Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa

Sunda dina Nyarita Saméméh jeung Sanggeus Maké Modél Debate ….. 4.2.1 Analisis Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa

Sunda dina Nyarita …….……….

4.3 Uji Béda anu Signifikan antara Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita Saméméh jeung Sanggeus Maké

Modél Debate ………...

4.3.1 Uji Sipat Data ………... 4.3.1.1 Uji Normalitas Skor Pretés ………... 4.3.1.2 Uji Normalitas Skor Postés ………..

4.3.2 Uji Homogénitas ………..

4.3.3 Uji Hipotésis ………. BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan ……….

5.2 Saran ………...

34 34 34 37 38 40 41 44 47 47 49 49 49 53 56 57 62 63

(9)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA ………... LAMPIRAN-LAMPIRAN ………... RIWAYAT HIRUP

64 66

(10)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

BAB I BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah Panalungtikan

Modél pangajaran mangrupa padoman pikeun guru jeung siswa dina ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar. Kemp, (1977) dina Rahman, (2009:7) nétélakeun yén modél pangajaran téh mangrupa hiji rarancang pangajaran (desain instrucsional) nu dipaké dina nangtukeun maksud jeung tujuan tiap topik/poko bahasan (goals topics, and purposes), nganalisis karakteristik nu diajar (leaner characteristic), nyusun tujuan instruksional husus (learning objectives), milah-milah eusi pangajaran (subject content), ngalakukeun pretés (preassesment), ngalaksanakeun kagiatan diajar-ngajar/sumber pangajaran (teaching learning activities/resources), ngayakeun layanan (suport services), ngalaksanakeun évaluasi (evaluation) jeung nyieun révisi (revise).

Loba pisan modél pangajaran anu bisa dipaké nalika ngajar. Salah sahijina nya éta modél Debate. Ieu modél penting pisan pikeun ngaronjatkeun kamampuh akademik siswa. Dina prosés pangajaranana, siswa dibéré kabebasan pikeun nepikeun sakur pamadeganana jeung materina dipilih sarta diruntuykeun jadi pakét pro jeung kontra. Lantaran kitu, ieu modél bisa mikaweruh kamampuh siswa dina nyarita tur ngababarikeun ka guru dina nalungtik basa anu dipaké ku siswa, naha dina nyarita téh luyu jeung undak usuk basana atawa henteu.

Nyarita mangrupa sarana anu dipaké pikeun nepikeun hiji maksud ti hiji pihak ka pihak lianna. Lantaran kitu, dina nyarita téh kudu bener tata-titina, undak-usuk basana, sangkan maksud caritaan anu ditepikeun téh bisa ditarima ku pangregep kalawan bener tur merenah.

Rahman, dina Raksarasa (2004:146) nétélakeun yén nyarita téh nya éta kagiatan nepikeun maksud (idé, pikiran, eusi haté) ti hiji jalma ka jalma séjén nu maké basa lisan sangkan éta maksud téh kahartieun ku nu ngaregepkeun.

(11)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Guntur Tarigan, (1990:15) nétélakeun yén nyarita téh mangrupa kamampuh ngucapkeun sora-sora artikulasi atawa kecap-kecap pikeun ngaéksprésikeun, nétélakeun sarta nepikeun pikiran, gagasan jeung perasaan. Sedengkeun dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (Anton M. Moeliono, dkk., 1998:114) nétélakeun yén nyarita téh nya éta ngomong, bercakap, berbahasa, ngalahirkeun pamadegan kalayan kekecapan, tulisan jeung sajabana, atawa nyarita bisa disebut ogé “berunding”.

Hiji manusa miboga kamampuh nyarita anu béda jeung manusa séjénna, kitu ogé jeung siswa anu keur diajar basa Sunda, dina nyarita miboga kamampuh anu béda-béda. Pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa bisa maké sababaraha cara, salah sahijina nya éta ngaliwatan sawala di kelas.

Sawala mangrupa salah sahiji kompeténsi dasar dina kamampuh nyarita hiji siswa, sakumaha ditétélakeun dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) basa Sunda. Tujuan tina sawala ieu téh sangkan siswa bisa ancrub langsung kana pangajaran sarta siswa bisa diajar ngedalkeun sakur pamadegan diri ngeunaan hiji hal anu dianggap perlu pikeun disawalakeun. Dina ieu sawala, patali pisan jeung salah sahiji aspék kaparigelan makéna basa nya éta nyarita. Sawala anu dilakukeun dina panalungtikan ieu nya éta debat.

Debat mangrupa salah sahiji métode sawala. Ieu debat bisa dilakukeun pikeun nambahan pangajaran nyarita. Wiyanto, (2003:4) dina link http://ebookbrowse.com/pengertian-model-pembelajaran-debate-menurut-para-ahli-pdf-d354248061 nétélakeun yén debat téh nya éta kagiatan sawala antara dua urang atawa leuwih anu masing-masing silih pangaruhan sangkan narima usul-usulna. Malvin L. Silberman, (2006:140) dina link http://adejuve.wordpress.com/?s=skripsi

nétélakeun yén aya sababaraha stratégi nu bisa dipaké pikeun ngaéféktifkeun debat di kelas nya éta debat aktif, diskusi panél, argument tandingan, jeung maca kalawan bedas. Éta stratégi bisa dipaké pikeun ngarangsang sikap kritis siswa.

Tujuan utama debat anu dilakukeun di kelas téh nya éta pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngedalkeun sakur pamadeganana sarta pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyaritana. Dina ieu debat, kamampuh siswa téh

(12)

bener-Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

bener kaasah tur kudu mikir logis sarta kritis. Anggota debat dipaksa pikeun nyarita, ngajawab sakur argumén ti lawan.

Modél anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta modél Debate, lantaran ku makéna ieu modél bisa nalungtik kaayaan siswa dina nyarita nalika keur nyarita jeung lawan nyaritana. Kumaha undak-usuk basana, naha geus bener atawa salah kénéh dina maké Undak Usuk Basa Sunda. Kasalahan-kasalahan anu dilakukeun ku siswa nalika manéhna nyarita disebut interférénsi.

Nababan, (1984) nétélakeun wangenan interférénsi dina link http://pusatbahasaalazhar.wordpress.com/hakikat-hakiki-kemerdekaan/interferensi-dan-integrasi/ yén interférénsi téh mangrupa kasalahan anu aya minangka akibat tina ka bawana kabiasaan-kabiasaan omongan basa indung atawa dialék kana basa kadua atawa dialék anu kadua. Sedengkeun Jendra, (1991:109) nétélakeun yén interférénsi téh nyoko kana sababaraha aspék kabasaan, bisa tina tata sora (fonologi), tata bentukan kecap (morfologi), tata kalimah (sintaksis), kosakecap (leksikon), jeung tata ma’na (semantik) (Suwito,1985:55).

Chaer jeung Agustina, (1995: 168) nétélakeun yén interférénsi téh nya éta kajadian salahna norma tina salah sahiji basa atawa leuwih. Sedengkeun Alwasilah, (1985:131) nengahkeun wangenan interférénsi dumasar kana rumusan Hartman jeung Stork anu nétélakeun yén interférénsi mangrupa kasalahan balukar ayana kabiasaan ngucapkeun hiji basa kana basa séjén dina ngucapkeun hiji sora, tata basa, jeung kosa kecap.

Dumasar kana wangenan interférénsi, panalungtikan anu baris dilakukeun ieu téh cocok pisan jeung métode pangajaran Debate lantaran dina panalungtikan ieu kapanggih ayana interférénsi, nya éta dina cara nganalisisna. Cara nganalisis dina ieu panalungtikan téh nya éta ku cara nalungtik kasalahan-kasalahan siswa nalika nyarita jeung lawan nyaritana, ngabandingkeun undak usuk basa tur pacampurna dua basa atawa leuwih anu keur dipaké, tina cara éta tangtu bakal kapanggih kahéngkérana, naha siswa téh geus mampuh nyarita maké Undak Usuk Basa Sunda anu hadé atawa henteu.

(13)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ceuk Sudaryat, (2009:294) undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa sopan santun makéna basa nalika komunikasi. Ieu sopan santun téh geus disaluyuan tur diajénan jadi hiji kahadéan ku warga masarakat pikeun silih hormat jeung silih ajénan dina waktu nyarita. Lolobana jalma nganggap yén siswa téh can bisa nyarita maké basa Sunda kalawan bener tur hadé. Tapi, sabenerna mah hipotésis éta téh masih kénéh mangrupa sawangan hungkul, lantaran teu kabéh siswa miboga kamampuh nu sarua dina nyarita, aya nu miboga kamampuh leuwih dina nyarita nya éta bisa ngaruntuykeun kecap-kecap nalika nyarita kalayan hadé tur merenah jeung aya ogé nu teu bisa ngaruntuykeun kekecapanna, antukna kekecapan anu dipaké téh kurang cocog jeung undak usuk basana.

Nepika danget ayeuna can aya anu ngalakukeun panalungtikan nu medar ngeunaan modél Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Ku alatan éta hal, ieu panalungtikan baris ngadéskripsikeun modél Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Siswa anu jadi objék panalungtikanna nya éta siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka. 1.2Watesan jeung rumusan masalah

1.2.1 Watesan masalah

Masalah anu bakal dianalisis téh nya éta ngeunaan modél Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, tur pikeun mikaweruh kasalahan-kasalahan siswa nalika manéhna nyarita lantaran loba pisan siswa anu nyaritana teu saluyu jeung Undak Usuk Basa Sunda. Ku kituna, panalungtikan ieu leuwih museur kana cara nyarita siswa lantaran bisa kapanggih kumaha undak usuk basana. Sangkan panalungtikan ieu teu méngpar tina tujuanna, watesan masalah téh perlu pisan pikeun nangtukeun arah panalungtikan sarta leuwih museur kana tujuan-tujuan diayakeunna ieu panalungtikan.

Sangkan teu lega teuing ambahana, masalah dina ieu panalungtikan baris diwatesanan ku kamampuh nyarita siswa maké Undak Usuk Basa Sunda nu

(14)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

dilaksanakeun di kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka. Baris dipedar ogé ngeunaan kasalahan-kasalahan siswa dina maké Undak Usuk Basa Sunda.

1.2.2 Rumusan masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap. 1) Kumaha pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina

nyarita siswa saacan maké modél Debate?

2) Kumaha pangaweruh jeung kamampuh makéUndak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa sanggeus maké modél Debate?

3) Naha modél Debate bisa ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa atawa henteu? 1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan anu baris dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa saacan maké modél Debate;

2) pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa sanggeus maké modél Debate; jeung

3) modél Debate bisa ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa atawa henteu.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan téori pangajaran basa, hususna pikeun pangajaran nyarita.

(15)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sacara praktis ieu panalungtikan téh dipiharep boga mangpaatna pikeun guru, pikeun siswa jeung pikeun sakola.

1) Mangpaat pikeun Guru

- Guru bisa apal kumaha pangaweruh siswa kana Undak Usuk Basa Sunda. - Guru bisa apal kumaha kamampuh nyarita siswa.

- Guru bisa apal naha siswa maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita atawa henteu.

2) Mangpaat pikeun Murid

- Murid bisa diajar nyarita pikeun nepikeun sakur pamadegannana. - Murid bisa apal kana Undak Usuk Basa Sunda.

- Murid bisa diajar maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita kalayan bener.

3) Mangpaat pikeun Sakola

Mangpaat ieu panalungtikan pikeun sakola nya éta pikeun ngaronjatkeun mutu sakola ku cara maké basa anu hadé undak usuk basana, boh antar siswa jeung siswa (ka sahandapeun, sapantaran, saluhureun), antar siswa jeung guru, boh antar siswa jeung perangkat sakola séjénna. Upama basa na hadé, tangtu mutu sakola ogé leuwih alus, lantaran basa mah nangtukeun pribadi hiji jalma.

1.5Raraga Tulisan

Sistematika penulisan dina nyusun skripsi, diantarana:

1) BAB I: Bubuka medar ngeunaan kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

2) BAB II: Tatapakan tiori medar ngeunaan modél Debate jeung nyarita maké Undak Usuk Basa Sunda, anggapan dasar, hipotésis, tur raraga mikir.

3) BAB III: Métode panalungtikan medar ngeunaan lokasi jeung subjék panalungtikan, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan

(16)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

opérasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

4) BAB IV: Ngadéskripsikeun data jeung analisis data hasil panalungtikan. 5) BAB V: Kacindekan jeung rékoméndasi.

(17)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

Lokasi jeung subjék panalungtikan mangrupa tempat jeung saha anu ditalungtik. Dina ieu panalungtikan, anu jadi tempat panalungtikan nya éta SMP Negeri 1 Cingambul anu merenahna di Jl. Nagarakembang No. 11 Kecamatan Cingambul Kabupatén Majalengka. Anu jadi subjék panalungtikan nya éta kelas VIII B kalayan jumlah siswana 30 urang, awéwé 14 urang jeung lalaki 16 urang. 3.2 Désain Panalungtikan

Dumasar kana masalah anu ditalungtik, métode panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén kalayan design pre-test jeung post-test group. Anu dimaksud design pre-test jeung post-test group nya éta tés awal jeung tés ahir nu dilakukeun di kelas ékspérimén. Tés awal dilakukeun saméméh aya “perlakuan” atawa saméméh ngagunakeun modél Debate, ari tés ahir dilakukeun sanggeus ngagunakeun modél Debate. Arikunto, (2006:85) nétélakeun yén ieu désain digambarkeun saperti kieu:

01 X 02

Katerangan: 01 = tés awal

X = “perlakuan” anu mangrupa prosés diajar-ngajar maké modél Debate 02 = tés ahir

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa hiji cara ilmiah pikeun nyangking data kalawan tujuan tur kagunaan anu tangtu. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. Anu tujuanna pikeun ngukur pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, kumaha pangaweruh jeung

(18)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

kamampuhna saacan jeung sanggeus maké modél Debate, naha ngaronjat atawa henteu.

Kamampuh siswa téh diukur dua kali, nya éta saacan jeung sanggeus dibéré “perlakuan” ku cara maké modél Debate. Cara ngukur pangaweruh jeung kamampuh siswa maké Undak Usuk Basa Sunda saacan dibéré “perlakuan” disebutna pretés (tés awal), sedengkeun cara ngukur pangaweruh jeung kamampuh siswa maké Undak Usuk Basa Sunda sanggeus dibéré “perlakuan” disebutna postés (tés ahir).

Léngkah-léngkah panalungtikan anu dilaksanakeun téh nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngumpulkeun informasi anu ngawengku nalungtik masalah anu rék ditalungtik nya éta pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita.

2) Ngararancang panalungtikan, anu ngawengku (1) nangtukeun tujuan anu rék dihontal tina prosés diajar-ngajar, (2) nangtukeun matéri pangajaran, (3) nangtukeun modél jeung léngkah-léngkah pangajaran, jeung (4) nangtukeun alat évaluasi.

3) Ngujikeun modél Debate ku cara métode kuasi éksperimén. 4) Nyusun laporan hasil panalungtikan.

3.4 Wangenan Opérasional

Sangkan leuwih jéntré jeung teu lésot tina udagan, perlu ayana wangenan istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, sakumaha ditétélakeun di luhur. Panalungtikan ieu dibéré judul “Modél Debate pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh jeung Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita (Studi Kuasi “Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

(19)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Modél Debate

Modél Debate mangrupa salah sahiji tina modél pangajaran anu matéri ajarna dipilih jeung diruntuykeun jadi pakét pro jeung kontra pikeun ngabahas hiji pasualan anu geus ditangtukeun ku guru. Dina hiji kelas dibagi jadi sababaraha kelompok nya éta kelompok pro kana pasualan anu geus ditangtukeun tadi, jeung kelompok kontra atawa bisa disebut ogé kelompok nu teu satuju kana pasualan éta. Kelompok pro mertahankeun arguménna, ulah nepika argumén éta kapangaruhan ku argumén ti kelompok kontra, kitu ogé sabalikna kelompok kontra mertahankeun arguménna, ulah nepika kelompok kontra kapangaruhan ku argumén ti kelompok pro. Salian ti éta tugas kelompok kontra téh lain mertahankeun waé tapi kudu bisa mangaruhan argumén kelompok pro sangkan kelompok pro teu bisa mertahankeun arguménna.

2) Pangaweruh Undak Usuk Basa Sunda

Undak Usuk Basa, anu disebut ogé tatakrama basa téh mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Ieu sopan santun geus disaluyuan jeung diajénan jadi hiji kahadéan ku masarakat pikeun silih ajénan jeung silih hormat antar hiji jalma jeung jalma lianna.

Undak Usuk Basa dijadikeun hiji sistem nya éta sistem maké ragam basa (ragam basa hormat jeung ragam basa loma) anu raket pisan patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung panggregep katut jalma anu dicaritakeun dina caritaanana.

Pangaweruh undak usuk basa téh dihartikeun minangka kumaha pangaweruh hiji jalma kana Undak Usuk Basa Sunda, naha manéhna apal kana omongan anu dipaké nalika komunikasi sapopoé, geus maké undak usuk basa atawa acan. Sanggeus manéhna apal kana Undak Usuk Basa Sunda téh, naha dipaké dina komunikasi sapopoé atawa ngan saukur jadi pangaweruh.

(20)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

3) Kamampuh Maké Undak Usuk Basa Sunda dina Nyarita

Kamampuh nyarita nya éta kamampuh ngucapkeun sora-sora artikulasi atawa kecap-kecap pikeun ngaéksprésikeun, nétélakeun sarta nepikeun pikiran, gagasan jeung perasaan. Kamampuh nyarita maké basa Sunda ieu tangtuna dipangaruhan ku pangaweruh Undak Usuk Basa Sunda. Upama pangaweruh kana Undak Usuk Basa Sunda hadé tangtu kamampuh nyaritana ogé hadé boh ka sahandapeun, ka sapantaran atawa ka saluhureun.

Undak Usuk Basa Sunda enas-enasna mah aya dua tingkatan, nya éta basa hormat (lemes keur sorangan jeung lemes keur batur) jeung basa loma (biasa). Basa hormat dipaké nalika ngomong jeung jalma saluhureun, aya dua rupa basa hormat nya éta basa lemes keur sorangan jeung basa lemes keur batur. Basa loma dipaké nalika ngomong jeung jalma sapantaran atawa sahandapeun. Aya ogé basa kasar nya éta basa anu teu pantes diucapkeun boh nalika ngomong jeung sahandapeun atawa saluhureun, biasana basa kasar ieu dipaké nalika ngambek.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén dina panalungtikan mangrupa alat anu kacida diperlukeunana, lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumén anu dipaké. Dina ieu panalungtikan, salian ti maké paréntah anu mangrupa tés nyarita maké undak usuk basa pikeun maluruh hasil nyarita siswa maké Undak Usuk Basa Sunda, dilakukeun ogé téhnik obsérvasi langsung ka kelas nalika prosés kagiatan diajar lumangsung.

Tés pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita dilakukeun pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh siswa maké undak usuk basa, tés anu dilakukeun dina ieu panalungtikan téh nya éta pretés jeung postés.

(21)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Pretés

Prétés mangrupa tés anu mimiti saaacan siswa dibéré “perlakuan”, léngkah-léngkahna nya éta saperti ieu di handap.

- Guru ngabagi kelompok.

- Guru méré informasi heula ka siswa ngeunaan matéri diskusi. - Guru nangtukeun hiji téma.

- Siswa ngadiskusikeun hiji masalah.

- Perwakilan ti kelompok nepikeun kamandangna. - Guru nyindekkeun hasil diskusi.

- Guru ngaévaluasi kagiatan diajar. 2) Postés

Postés nya éta tés anu dilakukeun sanggeus murid meunang “perlakuan”, léngkah-léngkahna nya éta saperti ieu di handap.

- Guru ngabagi siswa jadi kélompok debat, kelompok pro jeung kelompok kontra.

- Guru méré pancén ka siswa pikeun maca matéri anu baris didebatkeun ku kelompok.

- Sanggeus réngsé maca matéri nu baris didebatkeun, guru nunjuk salah sahiji siswa ti anggota kelompok pro pikeun nepikeun arguménna. Harita kénéh, argumén ti kelompok pro dibales ku argumén-argumén ti kelompok kontra. Kitu ogé saterusna nepika kabéh siswa bisa nepikeun arguménna.

- Nalika siswa nepikeun arguménna, guru nuliskeun paguneman siswa jeung nuliskeun inti/idé-idé anu ditepikeun ku siswa, nepika nyampak sababaraha idé anu dipiharep ku guru.

(22)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

- Tina catetan guru tadi, guru jeung siswa nyindekkeun pangajaran anu madoman kana topik anu baris dihontal.

(23)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.1 Tés Lisan

Tés lisan mangrupa cara anu dipaké sangkan siswa nyarita dihareupeun siswa séjén. Hal ieu miboga maksud pikeun ningali jeung ngukur kamampuh siswa maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Ieu panalungtikan maké instrumén mangrupa format meunteun kamampuh nyarita saperti ieu di handap.

Tabél 3.1

Kisi-Kisi Kritéria anu Diajén No. Aspék Anu Diajén

1. Hubungan eusi anu dipedar 2. Undak Usuk Basa Sunda 3. Gaya nyarita

4. Kalancaran nyarita

5. Adegan basa jeung kabeungharan kecap

Tabél 3.2 Format Meunteun No. Aspék Anu Diajén

Skala Nilai

Skor 6 7 8 9 10

1 2 3 4 5 6 7 8

1. Hubungan eusi anu dipedar

 Kacangking henteuna matéri

 Patalina eusi jeung topik

 Eusi pedaran saluyu jeung nu ditugaskeun

2. Undak Usuk Basa Sunda

 Pamakéan kecap hormat (keur sorangan jeung keur batur)

 Pamakéan kecap loma

(24)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

1 2 3 4 5 6 7 8

3. Gaya Nyarita

 Gestur (rengkak/pasemon)

 Gaya nyarita (arogan, sopan, wajar)

 Ngabagi perhatian (teu museur ka hiji titik)

 Tampilan (gaya, kapantesan, karapihan)

4. Kalancaran nyarita

 Wirahma, intonasi jeung lentong

 Écés dina nyarita

 Volume sora

5. Adegan basa jeung kabeungharan kecap

 Milih kecap/diksi/kabeungharan kecap

 Struktur kalimah merenah

 Paselapna kecap tina basa Indonesia

(25)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.2 Obsérvasi

Instrumén anu dipaké nya éta padoman obsérvasi ieu di handap. Tabél 3.3

Padoman Obsérvasi

No. Aktivitas Diajar Éféktifitas Katerangan Éféktif Teu Éféktif

1. Guru nepikeun matéri pangajaran nyarita dina diskusi

2. Tés kamampuh siswa dina nyarita ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda (pretés) 3. Guru méré conto cara-cara

nyarita anu bener

4. Guru méré conto kekecapan Undak Usuk Basa Sunda 5. Tés kamampuh siswa dina

nyarita ngagunakeun modél Debate

3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta tés jeung obsérvasi.

1) Tés, Tehnik tés anu dipaké dina ieu panalungtikan téh tujuanna pikeun meunangkeun data saacan jeung sanggeus dibéré “perlakuan” ka siswa dina prosés diajar-ngajar pangajaran nyarita. Biasana dina téknis téh dipaké tés awal maksudna pikeun mikanyaho gambaran awal pangaweruh jeung kamampuh siswa maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita saacan dibéré

(26)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

téori ngeunaan Undak Usuk Basa Sunda jeung cara-cara nyarita anu bener. Sedengkeun tés ahir dilaksanakeun pikeun mikanyaho gambaran hasil diajar siswa sanggeus uji coba pangajaran nyarita maké Undak Usuk Basa Sunda anu maké modél Debate. Nalika siswa keur nyarita, caritaanana ditulis ku guru jeung ku panalungtik, sanggeus meunang kekecapanana tuluy dianalisis undak usuk basana tur kekecapan anu dianggap teu cocok.

2) Obsérvasi, nya éta pangamatan sistematis anu dilakukeun ku panalungtik pikeun meunangkeun data anu kakontrol validitas jeung réabilitasna.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu ditalungtik mangrupa paguneman antarpanyatur dina sawala debat. Data anu kakumpul, tuluy diolah kalawan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Ngaidéntifikasi data kalawan méré tanda tuturan siswa 2) Hasil idéntifikasi ditulis tuluy dianalisis

3) Nganalisisna dumasar kana Undak Usuk Basa Sunda tur kekecapan anu teu cocok

4) Nyindekkeun data nu geus dianalisis

3.6.3 Nguji Sipat Data

Pikeun ngabuktikeun hipotésis perlu ayana sipat data. Data anu diuji téh nya éta antara skor tés awal jeung skor tés ahir. Pangna anu diuji téh nya éta antara skor tés awal jeung skor tés ahir, lantaran ieu panalungtikan téh nyungsi perkara pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita anu maké modél Debate.

Nguji sipat data diwangun ku tilu léngkah gawé nya éta (1) uji normalitas, (2) uji homogénitas, jeung (3) uji hipotésis.

(27)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Uji normalitas tujuanna pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa mibanda distribusi anu normal. salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuh rata-rata, pikeun nangtukeun yén data téh mibanda sipat anu normal atawa teu normal, bisa maké rumus chi kuadrat (x2).

Saméméh maké rumus chi kuadrat, léngkah-léngkah nu kudu dilaksanakeun saperti ieu di handap.

1) Ngitung batas-batas interval

- Nangtukeun rentang skor kalawan rumus: r = skor pangluhurna-skor panghandapna

- Nangtukeun jumlah kelas interval (K) ngagunakeun rumus: K = 1 + 33 Log N

- Nangtukeun panjangna kelas interval (P) ngagunakeun rumus: P = r

K

2) Nyieun tabél Distribusi Frékuénsi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan maké ieu tabél:

Format Distribusi Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés No Kelas Interval fi xi xi2 fi.xi fi.xi2

1. 2. 3. 4. 5. Jumlah

(28)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013 X = ∑ fi.xi

∑ fi

Katerangan:

X = rata-rata (mean)

∑ = jumlah fi = jumlah data xi = nilai tengah

(Sudjana, 1992:70) 4) Ngitung Standar Déviasi (SD) maké rumus:

SD = N (∑fx2) –(∑fx)2 N (N-1)

(Sudjana, 1992:95) 5) Ngitung Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi. Carana nya éta

saperti ieu di handap.

a) Nyieun tabél Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Format Frekuénsi Obsérvasi jeung

Frekuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés

Intérval Oi BK Zitung1 Zitung2 Ztabel1 Ztabel2 L Ei x2

Jumlah

b) Nangtukeun Oi (Frekuénsi Obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval (BK)

(29)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

z = ( bk – x ) S e) Nangtukeun ztabel

f) Ngitung lega kelas interval

g) Ngitung Frékuénsi Ékspéktasi, ku cara: Ei = N x L

h) Nangtukeun nilai x2 (chi Kuadrat), rumusna nya éta:

x2

= ∑

(Oi - Ei)2

Ei Katerangan:

x2 = Chi Kuadrat Oi = frékuénsi obsérvasi Ei = frékuénsi anu dipiharep

i) Nangtukeun Darajat Kabébasan (DK), Rumusna nya éta: DK = K - 3

(Sudjana, 1992:293) j) Nangtukeun harga x2tabel

k) Nangtukeun normalitas dumasar kritéria: - x2itung < x2tabel hartina distribusi data normal - x2itung > x2tabel hartina distribusi data teu normal

(Arikunto, 2006:320)

(30)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

Uji homogénitas dilakukeun pikeun mikanyaho homogén henteuna variansi sampel tina populasi anu sarua. Pikeun nangtukeun homogén henteuna, nya éta ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap.

1) Ngitung Variansi (S2) - Variansi tés awal S1= N ∑ fi xi2– (fi xi)2

N (N-1) - Variansi tés ahir S2 = N ∑ fi xi2– (fi xi)2

N (N-1)

(Sudjana, 1992:95)

2) Ngitung harga variansi (f), maké rumus: fhit = S2b

S2k

3) Ngitung derajat kabebasan (DK), rumusna nya éta: DK = N – 1

4) Nangtukeun harga ftabel

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria: - fitung < ftabel tabel variansi sampel homogén

- fitung > ftabel tabel variansi sampel teu homogén

(Sudjana, 1992:250) 3.6.3.3Uji Hipotésis

Dina nguji hipotésis, kudu ngaliwatan léngkah-léngkah saperti ieu di handap. 1) Nyieun tabél, pikeun ngasupkeun rata-rata hasil pretés jeung postés.

(31)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Format Rata-Rata Hasil Pretés jeung Postés

No. Wasta Hasil Pretés Hasil Postés d d2 1.

2. 3. 4. 5. Jumlah

2) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara pretés jeung postés. Rumusna nya éta:

Md = ∑d N

3) Ngitung darajat kabébasan (DK), maké rumus:

DK = N – 1

4) Ngitung jumlah Kuadrat Déviasi, rumusna nya éta:

∑x2d = ∑d2–(∑d)2 N 5) Ngitung t, rumusna nya éta:

t = Md

∑x2

d N (N-1) Katerangan:

t = tés signifikasi

(32)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

∑x2

d = jumlah Kuadrat Déviasi N = jumlah subjék dina sampel 6) Nangtukeun ttabel

7) Dina nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir siswa anu ditalungtik (ékspérimén). Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria anu dipaké nya éta (H1) ditarima (H0) ditolak lamun titung > ttabel jeung (H1) ditolak (H0) ditarima lamun titung < ttabel.

(33)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis panalungtikan modél Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka saméméh maké modél Debate nya éta kurang nyugemakeun, hal ieu katitén tina hasil pretés masih loba siswa anu skorna kurang ti KKM (KKM: 7,2). Siswa anu kurang ti KKM dianggap can mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, rata-rata skor anu geus kahontal ku siswa dina prétés nya éta 32,9 kalawan rata-rata peunteunna 6,6.

2) Ngaronjatna pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka sanggeus maké modél Debate katitén tina hasil postés dina tiap aspék anu dipeunteunna, diantarana (1) aspék hubungan eusi anu dipedar, tina peunteun rata-rata pretés 7,03 ngaronjat jadi 8; (2) aspék Undak Usuk Basa Sunda, tina peunteun rata-rata hasil pretés 6,2 ngaronjat jadi 7,97; (3) aspék gaya nyarita, tina peunteun rata-rata hasi pretés 6,6 ngaronjat jadi 7,6; (4) aspék kalancaran nyarita, tina peunteun rata-rata pretés 7,07 ngaronjat jadi 7,37; jeung (5) aspék adegan basa jeung kabeungharan kecap, tina peunteun rata-rata pretés 6,17 ngaronjat jadi 7,73.

3) Aya béda anu signifikan antara pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka, saméméh jeung sanggeus maké modél Debate. Saméméh maké modél Debate nya éta 10 % siswa anu geus mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita jeung 90 % siswa anu can mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Sanggeus maké modél Debate pangaweruh

(34)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita téh ngalaman

‘peningkatan’, nya éta siswa anu mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita 87,7 %, jeung 13,3 % siswa acan mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Hal ieu dirojong ogé ku ayana uji hipotésis anu nétélakeun titung > ttabél nya éta 19,33 > 2,46.

5.2 Rékoméndasi

Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi pikeun ngaronjatkeun pangajaran nyarita maké Undak Usuk Basa Sunda, hususna ngeunaan modél diajar, téhnik diajar, jeung métode diajar.

1) Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan modél anu dipaké dina pangajaran nyarita di kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka, ditétélakeun yén hasilna ngalaman ‘peningkatan’. Ku kituna, anu nyusun miharep modél pangajaran ieu bisa dipaké rujukan pikeun pangajaran nyarita di sakola, hususna di SMP.

2) Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa dina nyarita dianggap berhasil. Ku kituna, anu nyusun miharep ieu modél lain ngan saukur dipaké dina pangajaran nyarita hungkul, tapi mungkin bisa dipaké ogé dina pangajaran séjénna.

(35)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. 1985. Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul., & Agustina, Leonie. 2010. Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan

Guntur Tarigan, Henry. 1990. Berbicara Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Hadi, Ahmad. 2009. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.

Haerudin, Dingding. 2009. Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: UPI.

Suryalaga, Hidayat. 1993. Etika jeung Tatakrama Panuyun Pangaweruh Tatakrama Kanggo Guru Sakola Dasar. Bandung: Geger Sunten.

Iskandarwasid. 2004. Raksarasa. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Iskandarwasid, dkk. 2009. Modél-modél Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.

Bandung: CV. Wahana Karya Grafika. Kamus Besar Bahasa Indonesia.

Rahman. 2009. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqa Prisma Interdelta.

(36)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

Sudjana. 1992. Metode Statistik. Bandung: Tarsito

UPI. 2012. Pedoman penulisan karya ilmiah. Bandung: UPI.Karya Ilmiah Tina Internét anu di download ping 8 Oktober 2012

http://re-searchengines.com/1006masnur2.html

http://ebookbrowse.com/pengertian-model-pembelajaran-debate-menurut-para-ahli-pdf-d354248061

http://blog.tp.ac.id/mengenal-berbagai-metode-dan-strategi-pembelajaran http://adejuve.wordpress.com/?s=skripsi

http://pusatbahasaalazhar.wordpress.com/hakikat-hakiki-kemerdekaan/interferensi-dan-integrasi/

(1)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Format Rata-Rata Hasil Pretés jeung Postés

No. Wasta Hasil Pretés Hasil Postés d d2

1. 2. 3. 4. 5. Jumlah

2) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara pretés jeung postés. Rumusna nya éta:

Md = ∑d N

3) Ngitung darajat kabébasan (DK), maké rumus:

DK = N – 1

4) Ngitung jumlah Kuadrat Déviasi, rumusna nya éta:

∑x2d = ∑d2–(∑d)2 N 5) Ngitung t, rumusna nya éta:

t = Md

∑x2

d N (N-1)

Katerangan:

t = tés signifikasi

(2)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

∑x2

d = jumlah Kuadrat Déviasi N = jumlah subjék dina sampel 6) Nangtukeun ttabel

7) Dina nguji hipotésis ditingali tina hasil tés ahir siswa anu ditalungtik (ékspérimén). Nangtukeun ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria anu dipaké nya éta (H1) ditarima (H0) ditolak lamun titung > ttabel jeung (H1) ditolak (H0) ditarima lamun titung < ttabel.

(3)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis panalungtikan modél Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka saméméh maké modél

Debate nya éta kurang nyugemakeun, hal ieu katitén tina hasil pretés masih

loba siswa anu skorna kurang ti KKM (KKM: 7,2). Siswa anu kurang ti KKM dianggap can mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita, rata-rata skor anu geus kahontal ku siswa dina prétés nya éta 32,9 kalawan rata-rata peunteunna 6,6.

2) Ngaronjatna pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka sanggeus maké modél Debate katitén tina hasil postés dina tiap aspék anu dipeunteunna, diantarana (1) aspék hubungan eusi anu dipedar, tina peunteun rata-rata pretés 7,03 ngaronjat jadi 8; (2) aspék Undak Usuk Basa Sunda, tina peunteun rata-rata hasil pretés 6,2 ngaronjat jadi 7,97; (3) aspék gaya nyarita, tina peunteun rata-rata hasi pretés 6,6 ngaronjat jadi 7,6; (4) aspék kalancaran nyarita, tina peunteun rata-rata pretés 7,07 ngaronjat jadi 7,37; jeung (5) aspék adegan basa jeung kabeungharan kecap, tina peunteun rata-rata pretés 6,17 ngaronjat jadi 7,73.

3) Aya béda anu signifikan antara pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita siswa kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka, saméméh jeung sanggeus maké modél Debate. Saméméh maké modél Debate nya éta 10 % siswa anu geus mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita jeung 90 % siswa anu can mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Sanggeus maké modél Debate pangaweruh

(4)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita téh ngalaman ‘peningkatan’, nya éta siswa anu mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita 87,7 %, jeung 13,3 % siswa acan mampuh maké Undak Usuk Basa Sunda dina nyarita. Hal ieu dirojong ogé ku ayana uji hipotésis anu nétélakeun titung > ttabél nya éta 19,33 > 2,46.

5.2 Rékoméndasi

Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha rékoméndasi pikeun ngaronjatkeun pangajaran nyarita maké Undak Usuk Basa Sunda, hususna ngeunaan modél diajar, téhnik diajar, jeung métode diajar.

1) Sanggeus ngayakeun panalungtikan ngeunaan modél anu dipaké dina pangajaran nyarita di kelas VIII B SMPN 1 Cingambul-Majalengka, ditétélakeun yén hasilna ngalaman ‘peningkatan’. Ku kituna, anu nyusun miharep modél pangajaran ieu bisa dipaké rujukan pikeun pangajaran nyarita di sakola, hususna di SMP.

2) Panalungtikan ngeunaan modél pangajaran Debate pikeun ngaronjatkeun pangaweruh jeung kamampuh maké Undak Usuk Basa dina nyarita dianggap berhasil. Ku kituna, anu nyusun miharep ieu modél lain ngan saukur dipaké dina pangajaran nyarita hungkul, tapi mungkin bisa dipaké ogé dina pangajaran séjénna.

(5)

Rahardiani Mu’minati Dewi, 2013

MODÉL DEBATE PIKEUN NGARONJATKEUN PANGAWERUH JEUNG KAMAMPUH MAKÉ UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NYARITA (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VIII B SMPN 1 Cingambul Majalengka Taun Ajar 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, A. Chaedar. 1985. Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa. Arikunto, Suharsimi. 2006. Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul., & Agustina, Leonie. 2010. Sosiolinguistik Perkenalan Awal. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Dinas Pendidikan

Guntur Tarigan, Henry. 1990. Berbicara Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Hadi, Ahmad. 2009. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.

Haerudin, Dingding. 2009. Padika Nyarita Basa Sunda. Bandung: UPI.

Suryalaga, Hidayat. 1993. Etika jeung Tatakrama Panuyun Pangaweruh

Tatakrama Kanggo Guru Sakola Dasar. Bandung: Geger Sunten.