Wangenan Operasional MÉTODE PANALUNGTIKAN

Ina Eka Sulastri, 2014 Adegan Pupujian Di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP Ulikan Struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu pikeun nganggeuskeun runtuyan sabab akibat nu satuluyna. Métode miboga fungsi pikeun ngajadikeun pasualan kalayan leuwih basajan, nepi ka bisa dibéréskeun tur dipikaharti Ratna, 2010:34. Métode mangrupa cara gawé pikeun maham jeung neuleuman objék nu jadi sasaran Syamsuddin, 2011:14. Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia 2002:740 diébréhkeun ngeunaan harti métode anu unina saperti kieu. Metode 1 cara teratur yang digunakan untuk melaksanakan suatu pekerjaan agar tercapai sesuai dengan yang dikehendaki; cara kerja yang bersistem untuk memudahkan pelaksanaan suatu kegiatan guna mencapai tujuan yang ditentukan. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analitik. Ratna 2010:53 nétélakeun yén métode déskriptif analitik dilaksanakeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta nu satuluyna disusul ku analisis. Anapon nu baris didéskripsikeun dina ieu panalungtikan téh nya éta bakal nganalisis pupujian dumasar struktur lahir jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa, struktur batin eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat, fungsi jeung basa dina pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi.

3.4 Wangenan Operasional

Pikeun ngagampangkeun dina ngalaksanakeun panalungtikan, ieu di handap baris dipedar kalayan rinci sababaraha wangenan operasional ngeunaan variabel- variabel nu dipaké dina ieu panalungtikan, di antarana: 1. Pupujian Rusyana 1971:1 ngébréhkeun yén kecap pupujian diwangun tina kecap puji ku jalan rajékan dwipurwa sarta dirarangkénan, nuduhkeun rupa-rupa atawa mindeng, tegesna pupujian téh rupa-rupa puji atawa muji sababaraha kali. Jadi, nu disebut pupujian téh nya éta puisi anu dieusi ku warnaning puji, du’a, pépéling, jeung pangajaran anu dijiwaan ku agama Islam. Ilaharna, dilagukeun di masjid- masjid, pasantrén-pasantrén, jeung tempat paélmuan séjénna. Sumebarna ngaliwatan para santri, tuluy ka masarakat sarta ka tempat-tempat pangajian. Ina Eka Sulastri, 2014 Adegan Pupujian Di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi Pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Di SMP Ulikan Struktural Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Nurutkeun Rusyana 1971:9, eusi pupujian téh kabagi kana genep golongan, nya éta 1 muji kaagungan Pangéran, 2 solawat ka Kangjeng Nabi Muhammad, 3 nga du’a jeung tobat ka Pangéran, 4 ménta safaat ka Kangjeng Nabi Muhammad, 5 mépélingan ka umat sangkan ngajalankeun ibadah jeung amal soléh sarta ngajauhan kama’siatan, jeung 6 mére pangajaran ngeunaan bagbagan agama, saperti kaimanan, rukun Islam, pikih, ahlak, taréh, tafsir Q ur’an, sorof, jeung lianna. 2. Bahan Pangajaran Ngaregepkeun Jamaluddin 2003:16 nétélakeun yén salah sahiji komponén utama dina prosés diajar ngajar di kelas téh nya éta ayana bahan ajar nu rék ditepikeun ka siswa. Bahan pangajaran éta sorangan nya éta matéri nu baris ditepikeun ka para siswa dina kagiatan diajar ngajar pikeun ngahontal tujuan pangajaran. Ngaregepkeun mangrupa salasahiji aspék kaparigelan basa nu sipatna receptif narima informasi ngaliwatan lisan sangkan siswa paham kana naon nu diregepkeunanana. Kaparigelan ngaregepkeun kacida pentingna dikawasa ku siswa lantaran ngaliwatan prosés ngaregepkeun nu hadé, mangka informasi nu ditarima ku siswa bakal tumerap luyu jeung nu diregepkeunana. Pikeun ngaronjatkeun kaparigelan ngaregepkeun, tangtuna siswa kudu daria dina prosés ngaregepkeunana. Dumasar kana wangenan-wangenan nu geus disebutkeun di luhur, ieu panalungtikan téh bakal ngadéskripsikeun struktur lahir pupujian jumlah engang, jumlah padalisan, purwakanti, jeung gaya basa, struktur batin eusi, téma, rasa, nada, jeung amanat, fungsi jeung basa dina pupujian di Désa Sirnasari Kacamatan Suradé Kabupatén Sukabumi sangkan bisa dijadikeun bahan pangajaran ngaregepkeun di SMP.

3.5 Instrumén Panalungtikan