Tujuan Umum Tujuan Khusus

6 Mutya Dekawati, 2014 Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, anu baris dipedar ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan pangaweruh dina pangajaran nulis carita pondok, utamana dina milih modél pangajaran anu luyu, sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran nu dipiharep jeung bisa ngirut siswa pikeun diajar.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun: 1 guru, nambahan pangaweruh dina milih modél pangajaran pikeun nulis carita pondok sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina kaparigelan nulis carita pondok ku cara ngagunakeun modél pangajaran experiences; 2 siswa, bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis carita pondok, ayana kagiatan diajar ngajar nu leuwih variatif, sarta kahontalna tujuan pangajaran; sarta 3 nu nalungtik, bisa mikanyaho aya béda nu signifikan henteuna modél experiences saméméh jeung sabada dilarapkeunana dina pangajaran nulis carita pondok, sarta bisa nambahan pangalaman pikeun ngaronjatkeun kaprofésionalan diajar ngajar di sakola.

1.5 Raraga Tulisan

7 Mutya Dekawati, 2014 Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Bab I bubuka mangrupa bab nu munggaran. Ieu bab ngawengku kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, sarta raraga tulisan. Bab II mangrupa bab nu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina panalungtikan sacara leuwih jembar. Ieu bab ngawengku ulikan tiori anu di jerona medar modél pangajaran experiences, nulis carita pondok, raraga mikir, jeung hipotésis. Bab III mangrupa bab nu medar ngeunaan métode panalungtikan, nu ngawengku sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, instrumén panalungtikan, wangenan operasional, sumber data, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data. Bab IV mangrupa bab nu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Ieu bab ngawengku prak-prakan panalungtikan, kamampuh awal jeung ahir siswa dina panalungtikan, analisis data tina hasil panalungtikan, jeung pedaran ngeunaan modél pangajaran experiences dina nulis carita pondok. Bab V mangrupa panutup, nu ngawengku kacindekan jeung saran.