Idéntifikasi Masalah Rumusan Masalah

5 Mutya Dekawati, 2014 Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1 Kumaha kamampuh nulis carita pondok saméméh ngagunakeun modél pangajaran experiences ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014? 2 Kumaha kamampuh nulis carita pondok sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa ka kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014? 3 Naha aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél experiences ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Tujuan dina ieu panalungtikan ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, anu baris dipedar ieu di handap.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta, pikeun mikanyaho ngaronjat henteuna modél pangajaran experiences kana kamampuh nulis carita pondok ka siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014.

1.3.2 Tujuan Khusus

Tujuan husus dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun: 1 kamampuh nulis carita pondok saméméh ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014; 2 kamampuh nulis carita pondok sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014; sarta 6 Mutya Dekawati, 2014 Model Pengajaran Experiences Dina Pangajaran Nulis Carita Pondok Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3 béda anu signifikan antara kamampuh nulis carita pondok saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran experiences siswa kelas XI IPA 3 SMAN 15 kota Bandung taun ajaran 20132014.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, anu baris dipedar ieu di handap.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan pangaweruh dina pangajaran nulis carita pondok, utamana dina milih modél pangajaran anu luyu, sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran nu dipiharep jeung bisa ngirut siswa pikeun diajar.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun: 1 guru, nambahan pangaweruh dina milih modél pangajaran pikeun nulis carita pondok sarta mikanyaho kumaha kamampuh siswa dina kaparigelan nulis carita pondok ku cara ngagunakeun modél pangajaran experiences; 2 siswa, bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis carita pondok, ayana kagiatan diajar ngajar nu leuwih variatif, sarta kahontalna tujuan pangajaran; sarta 3 nu nalungtik, bisa mikanyaho aya béda nu signifikan henteuna modél experiences saméméh jeung sabada dilarapkeunana dina pangajaran nulis carita pondok, sarta bisa nambahan pangalaman pikeun ngaronjatkeun kaprofésionalan diajar ngajar di sakola.

1.5 Raraga Tulisan