KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014.
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A
SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan
ku Iik Ikmaliyah NIM 1002643
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2014
(2)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman Siswa Kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya Taun Ajaran 2013/2014
Oleh Iik Ikmaliyah
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
©Iik Ikmaliyah 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Juni 2014
Hak cipta dilindungi undang-undang. Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhnya atau sebagian dengan dicetak ulang, difoto kopi, atau cara lainnya
(3)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
LEMBAR PENGESAHAN
IIK IKMALIYAH NIM 1002643
KAMAMPUH NGAGUNAKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A
SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014 Disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
Pangaping II,
Hernawan, S.Pd., M.Pd. NIP 197810202003121001
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia,
Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001
(4)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A
SMPN 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014 1 Iik Ikmaliyah 2
ABSTRAK
Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya anggapan bahwa banyak kalangan remaja yang tidak mampu menggunakan basa Sunda dengan baik dan benar dalam komunikasi sehari-hari. Hal ini disebabkan karena dalam lingkungan keluarga mereka tidak diajarkan basa Sunda yang benar dengan undak usuk basanya. Sehingga pada saat siswa berkomunikasi menggunakan bahasa Sunda dengan guru atau temannya tidak bisa membdakannya. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam menggunakan Undak Usuk Basa Sunda (UUBS) melalui menulis paguneman. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini, yaitu teknik tes dan teknik observasi. Sumber data penelitian yaitu siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya Kabupaten Karawang yang berjumlah 37 siswa. Dari hasil penelitian dideskripsikan bahwa kemampuan siswa dalam menggunakan undak usuk basa Sunda melalui teks paguneman, di antaranya: dari 37 siswa 23 siswa memiliki kemampuan yang baik sekali dalam menggunakan undak usuk basa Sunda, 8 siswa memiliki kemampuan yang baik, 3 siswa memiliki kemampuan yang cukup, dan 3 siswa memiliki kemampuan yang kurang. UUBS yang digunakan oleh siswa jumlah seluruhnya 639 kata, dengan rincian 261 kata loma (243 kata yang penggunaannya tepat, dan 18 kata yang penggunaannya tidak tepat); 194 kata lemes keur sorangan (161 kata yang penggunaannya tepat, dan 33 kata yang penggunaannya tidak tepat); dan 184 kata lemes keur ka batur (143 kata yang penggunaannya tepat, dan 41 kata yang penggunaannya tidak tepat). Kemampuan siswa dalam menggunakan UUBS ragam loma mencapai 93,10%, artinya baik sekali; kemampuan siswa dalam menggunakan UUBS ragam lemes keur sorangan mencapai 82,98%, artinya baik; dan kemampuan siswa dalam menggunakan UUBS ragam lemes keur ka batur mencapai 77,71%, artinya baik.
kata kunci: UUBS, nulis paguneman
1Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. dan Hernawan, S. Pd., M.Pd. 2Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.
(5)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
THE ABILITY OF SLACKEN UNDAK USUK BASA SUNDA FOR WRITING CONVERSATION TO SEVENTH GRADE STUDENT’S OF SMP NEGERI 1
KUTAWALUYA ACADEMY YEAR 2013/2014 1
Iik Ikmaliyah2 ABSTRACT
This research is motivated by the belief that many teenagers are not capable or using basa Sunda properly in everyday communication. This is because in a family environment they are not taught the correct basa Sunda with UUBS. So when students use baa Sunda to communicate with the teacher or his friend can not distinguish. This research aims to describe students ability to use the UUBS through writing conversation. The method used un this research is a method descriptive. The technique used in this research is the technique of
testing and observation techiques. Sources of research data is student’s of VII A SMP Negeri
1 Kutawaluya Karawang amounting to 37 students. From the research described that
student’s ability to use UUBS via conversation, which: from 37 student’s 23 students have
very well skills for use UUBS, 8 students have good skills, 3 students have enough skills, and 3 students have less skills. UUBS used by students total of 639 words, with detail 261 loma word (243 words that its use is appropriate and 18 words that’s its uses not right); 194 lemes keur sorangan word (161 words thats its use is appropriate and 33 words that its use is not right); and 182 lemes keur ka batur words (143 words thats its use is appropriate and 41 words thats its use is not right). Students skills in using UUBS ragam loma reached 93,10%, which means that very well; students skills in using UUBS ragam lemes keur sorangan reached 82,98%, which means good; and students skills in using UUBS ragam lemes keur ka batur reached 77,71%, which means good.
Keywords: UUBS, writing conversation
1Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Dingding Haerudin, M. Pd. dan Hernawan, S. Pd., M.Pd.
(6)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DAPTAR EUSI
kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... v
DAPTAR TABÉL ... ..viii
DAPTAR SINGGETAN...ix
DAPTAR LAMPIRAN ... x
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1
1.2 Identifikasi Masalah ... 3
1.3 Rumusan Masalah ... 3
1.4 Tujuan Panalungtikan ... 3
1.4.1 Tujuan Umum ... 3
1.4.2 Tujuan Husus ... 4
1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4
1.5.1 Mangpaat Tioritis ... 4
1.5.2 Mangpaat Praktis ... 4
1.6 Raraga Tulisan ... 4
BAB II UNDAK USUK BASA SUNDA, NULIS JEUNG PAGUNEMAN 2.1 Undak usuk Basa Sunda ... 6
2.1.1 Wangenan Undak usuk Basa Sunda... 6
2.1.2 Kamekaran Undak usuk Basa Sunda ... 7
2.1.3 Wangun Undak usuk Basa Sunda ... 8
2.2 Nulis ... 17
2.2.1 Wangenan Nulis ... 17
2.2.2 Fungsi Nulis ... 17
2.1.3 Tujuan Nulis ... 18
(7)
vi
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kaca
2.3 Paguneman ... 20
2.3.1 Wangenan Paguneman ... 21
2.3.2 Prinsip-prinsip Paguneman ... 21
2.3.3 Unsur-unsur nu Ngawangun Prosés Paguneman ... 22
2.3.4 Wangun Paguneman ... 23
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Panalungtikan ... 26
3.2 Desain Panalungtikan ... 26
3.3 Métode Panalungtikan ... 27
3.4 Wangenan Operasional ... 28
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 29
3.5.1 Instrumén Ngumpulkeun Data ... 29
3.5.2 Instrumén Ngolah Data ... 30
3.6 Téhnik Panalungtikan ... 33
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 33
3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 34
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Analisis Ngalarapkeun UUBS dina Nulis Paguneman. ... 37
4.1.1 Analisis Ngalarapkeun Kecap Loma ... 37
4.1.2 Analisis Ngalarapkeun Kecap Lemes keur Sorangan………...42
4.1.3 Analisis Ngalarapkeun Kecap Lemes keur ka Batur ... 45
4.2 Analisis Kamampuh Siswa dina Ngalarapkeun UUBS ... 50
4.3 Analisis Ngalarapkeun Basa Loma, Basa Lemes keur Sorangan, jeung Basa Lemes keur ka Batur... 52
(8)
vii
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kaca BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan ... 56
5.2 Saran ... 57
DAPTAR PUSTAKA ... 59
LAMPIRAN………60
(9)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB I BUBUKA
1.1Kasang Tukang Panalungtikan
Kahirupan masarakat moal leupas tina aktivitas makéna basa dina kagiatan komunikasi. Sudaryat (1991, kc. 1) nétélakeun yén basa nyaéta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur ragem (konvensional) antaranggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi. Kitu ogé, Djajawiguna jeung Wirahadikusumah (1969, kc. 5) dina Sudaryat (2004, kc. 5) nétélakeun yén basa téh nyaéta réntétan sora anu puguh éntép seureuhna, anu dikedalkeun ku manusa, pikeun ngébréhkeun eusi haténa, boh rasa, pikiran, jeung kahayang. Jadi, anu dimaksud basa téh mangrupa pakakas komunikasi anu penting pikeun ngalakukeun interaksi antarwarga, boh di lingkungan kulawarga boh di lingkungan masarakat. Salian ti éta, basa ogé bisa nyirikeun kalungguhan saurang jalma nu hirup di lingkungan masarakat.
Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial budaya anu makéna. Ku kituna, lian ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda ogé miboga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda.
Kalungguhan basa Sunda di Indonésia nyaéta salaku basa daérah. Dina kalungguhanana jadi basa daérah, saperti nu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional 1975 di Jakarta, basa Sunda miboga pancén atawa fungsi jadi (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jatidiri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa Nasional, (5) basa panganteur di Sakola Dasar (SD) di kelas-kelas munggaran pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Halim dina Sudaryat, 2007, kc. 2).
Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka-ragam basa, salah sahijina disawang
(10)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tina jihat sikep panyaturna. Ragam basa nurutkeun sikep panyatur raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Ragam basa saperti kitu disebut undak usuk basa atawa tatakrama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa (Sudaryat, 2007, kc. 3 & 4).
Undak usuk mangrupa salah sahiji unsur dina basa Sunda. Undak usuk ditarima dina basa Sunda kalayan alesan yén bakat masarakat Sunda mah resep pisan silih adaban ku basa Sunda (Djajasudarma dina Rosidi, 2007, kc. 41) undak usuk basa nuduhkeun kalungguhan jeung kasopanan pakait jeung moral atawa étika masarakat nu makéna.
Undak usuk basa perlu dipaké sarta dipertahankeun keur kapentingan saurang jalma pikeun nuduhkeun adabna waktu ngomong jeung babaturan atawa jeung jalma saluhureun. Salian ti éta, undak usuk basa dianggap penting lantaran mangrupa salah sahiji unsur tina basa Sunda, basa Sunda anu ngawangun kabudayaan Sunda.
Nulis mangrupa hiji kagiatan anu produktif jeung éksprésif (Tarigan, 2008: 3). Pikeun sawatara siswa diajar nulis téh mangrupa hal anu dianggap hésé, sabab ayana sababaraha hal di antarana, téori nu ditepikeun ku guru jeung topik tulisan. Hasil diajar nulis nu aya di lapangan téh kurang nyugemakeun, ku sabab kurangna minat siswa kana pangajaran nulis. Siswa jaman kiwari masih loba anu teu resep kana nulis. Salah sahijina dina pangajaran nulis paguneman.
Basa nu dipaké dina nulis paguneman kudu hadé tur bener sangkan paguneman nu ditulis téh ngirut ati tur dipikaharti. Jadi, basa téh kudu bener larap kecap jeung pakeman merenah ungkapan kalimahna, undak usuk basana, jeung palanggeran éjahan sarta aturan tata basa luyu jeung tempatna.
Pangajaran nulis di sakola mangrupa lanjuning laku tina tarékah ngaraksa jeung ngariksa basa Sunda pikeun nyitak lulusan nu miboga pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep nu hadé ngeunaan pangajaran nulis, hususna nyusun paguneman dina wangun tinulis ngagunakeun basa Sunda.
(11)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Luyu jeung masalah nu geus dipedar saméméhna, panalungtik miboga kahayang
pikeung ngayakeun panalungtikan ngeunaan “Kamampuh Ngalarapkeun Undak-Usuk
Basa Sunda dina Nulis Paguneman Siswa Kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Taun
Ajaran 2013/2014”.
1.2Identifikasi Masalah
Dumasar kana kasang tukang anu geus ditétélakeun, masalah anu baris dipedar dina ieu panalungtikan téh nyaéta ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak-usuk basa Sunda dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun ajaran 2013/2014.
1.3Rumusan Masalah
Masalah anu baris diréngsékeun dina ieu panalungtikan téh dirumuskeun dina wangun pananya di handap.
1) Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun basa Sunda ragam loma waktu nulis paguneman?
2) Kumaha kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan waktu nulis paguneman? 3) Kumaha kamapuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina
ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur waktu nulis paguneman?
1.4Tujuan Panalungtikan 1.4.1 Tujuan Umum
Sacara umum, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho ngeunaan kamampuh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina nulis paguneman.
(12)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
1.4.2 Tujuan Husus
Sacara husus, dina ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam loma dina nulis paguneman siswa
kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya;
2) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur sorangan dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya;
3) kamampuh ngalarapkeun basa Sunda ragam hormat keur ka batur dina nulis paguneman siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya.
1.5Mangpaat Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, mangpaat ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngarojong kana kamekaran bahan ajar dina pangajaran kaparigelan nulis paguneman.
1.5.2 Mangpaat Praktis
Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat di antarana:
a. pikeun siswa, méré gambaran ngeunaan kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina nulis paguneman;
b. pikeun guru, dipiharep bisa jadi bahan tinimbang dina nyusun sumber pangajaran basa Sunda. Hususna pangajaran nulis nu ngagunakeun undak usuk basa Sunda.
1.6Raraga Nulis
BAB I dina ieu skripsi dijudulan Bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, identifikasi masalah, rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, jeung raraga nulis.
BAB II dina ieu skripsi dijudulan Udak Usuk Basa, Nulis, jeung Paguneman. Eusi dina ieu bab ngawengku undak usuk basa, nulis, jeung paguneman. Dina sub bab
(13)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
undak usuk basa ngawengku wangenan undak usuk basa Sunda, kamekaran undak usuk basa Sunda, jeung wangun undak usuk basa Sunda. Dina sub bab nulis ngawengku wangenan nulis, fungsi nulis, tujuan nulis, jeung mangpaat nulis. Dina sub bab paguneman ngawengku wangenan paguneman, prinsip-prinsip paguneman, unsur-unsur nu ngawangun prosés paguneman, jeung wangun paguneman.
BAB III dina ieu skripsi dijudulan Métode Panalungtikan, anu ngawengku sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan anu ngawengku instrumén ngumpulkeun data jeung instrumén ngolah data, jeung téhnik panalungtikan anu ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
BAB IV dina ieu skripsi dijudulan Analisis Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman. Eusina ngeunaan analisis hasil panalungtikan larapna undak usuk basa Sunda dina paguneman.
Pamungkas BAB V dina ieu skripsi dijudulan Kacindekan jeung Rékoméndasi. Kacindekan eusina mangrupa gambaran kamampuh siswa dina ngalarapkeun undak asuk basa Sunda dina nulis paguneman. Rékoméndasi eusina mangrupa saran keur masarakat Sunda umumna, keur guru di sakola jeung kolot di imah hususna.
(14)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina panalungtikan nyaéta ti mana asalna subjék data ditalungtik (Arikunto, 2010, kc. 172).
Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta sakabéh siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun ajaran 2013/2014. Jumlah sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta 41 siswa, nu kabagi kana 22 siswa lalaki jeung 19 siswa awéwé.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nyaéta anu dirancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah panalungtikan. Ieu desain panalungtikan téh disususn dumasar kana léngkah-léngkah: (1) nangtukeun masaah, (2) studi pendahuluan, (3) ngarumuskeun masalah, (4) nangtukeun sumber data, (5) nangtukeun jeung nyusun instrumén (6) ngumpulkeun data, (7) analisis data, (8) nyieun kacindekan, jeung (9) nyusun laporan, Arikunto (2010, kc. 60-61).
(15)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sangkan leuwih jéntré, léngkah-léngkah panalungtikan digambarkeun ieu di handap.
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3Métode Panalungtikan
Dumasar kana tujuan nu rék dihontal, ieu panalungtikan téh make métode déskriptif. Nurutkeun Amir Suyatna (2002, kc. 14) ieu métode dipaké pikeun méré gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta jeung sipat-sipat populasi atawa daérah anu tangtu.
Métode déskriptif digunakeun dina ieu panalungtikan lantaran luyu jeung tujuan nu rék dihontal, nyaéta ngadéskripsikeun data anu geus ngumpul, anu satuluyna
Nangtukeun Masalah Studi Pendahuluan Ngarumuskeun Masalah
Nyieun Laporan Nangtukeun Sumber
Data
Ngumpulkeun Data Nyieun Kacindekan
Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén
(16)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dianalisis jeung ditafsirkeun: sarta ieu métode téh baris ngungkulan pasualan anu aktual. Ku lantaran kitu, ieu métode téh bisa dipaké pikeun maluruh kamampuh siswa dina ngalarapkeun undak usuk basa Sunda dina mangsa kiwari.
Anapon léngkah-léngkahna dina ieu panalungtikan, di antarana: 1) Ngayakeun observasi ka tempat panalungtikan.
2) Nangtukeun sumber data. 3) Ngumpulkeun data. 4) Ngolah data.
5) Ngadéskripsikeun jeung nyindekkeun hasil analisis data.
3.4Wangenan Operasional
Pikeun mahing ayana kasalahpahaman, ieu di handap dijéntrékeun sacara operasional istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan.
1) Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda
Kamampuh ngalarapkeun undak usuk basa Sunda nyaéta kaparigelan ngagunakeun panta-panta basa Sunda, dipakéna diluyukeun jeung kaayaan umur, kalungguhan,sarta situasi nu nyarita jeung nu diajak nyarita katut nu dicaritakeunana.
2) Nulis Paguneman
Nulis paguneman mangrupa hiji kaparigelan nyusun eusi pikiran, nepikeun gagasan, kahayang, kereteg haté dina wangun tinulis.
Jadi, nu dimaksud “Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis Paguneman” nyaéta kaparigelan siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngagunakeun panta-panta basa Sunda nu diluyukeun jeung kaayaan umur, kalungguhan, sarta situasi nu nyarita jeung diajak nyarita katut nu dicaritakeunana dina paguneman.
(17)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
3.5Instrumén Panalungtikan
Arikunto (2010, kc. 203) nétélakeun instrumén panalungtikan nyaéta alat atawa fasilitas nu digunakeun ku panalungting dina ngumpulkeun data sangkan migawéna leuwih babari,sarta hasilna leuwih hadé, hartina leuwih gemet, lengkep, jeung sistematis nepi ka leuwih babari diolah. Anapon instrumen anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data mangrupa lembaran tés. Ari dina prakna ngolah data mah instrumén tabél data.
3.5.1Instrumén Ngumpulkeun Data
Instrumén pangumpul data anu mangrupa lembaran tés bisa dititén ieu di handap. Soal Tés
Saméméh diasupkeun kana tabél pikeun kalancaran klasifikasi jeung déskripsi data. Dina kartu data aya kode siswa jeung kode kalimah.
Pancén Paguneman!
Cik pék ku hidep jieun hiji paguneman dumasar kana judul nu disadiakeun di handap ieu! Jieun dina wangun tulisan kalayan ngalarapkeun tatakrama atawa undak usuk Basa Sunda.
1. Menbal jeung babaturan. 2. Nganteur indung ka pasar. 3. Nongton menbal bareng. 4. Nguseup bareng jeung bapa. 5. Diajar bareng jeung babaturan.
(18)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.1 Kartu Data
Kartu Data
(P.01/K.01) Kode siswa : P.01
Kode Kalimah : K.01
Jenis kecap : Undak usuk basa Sunda (basa loma, basa lemes keur sorangan, jeung lemes keur ka batur).
Katerangan:
P.01 : (siswa nurutkeun absén) K.01 : (kalimah ka sabaraha)
3.5.2Instrumén Ngolah Data
Instrumén pikeun ngolah data anu mangrupa tabél data saperti ieu di handap.
Tabél 3.2
Larapan UUBS dina Pangalaman
Kalimah
Undak Usuk Basa Katerangan
Nu dipaké Kuduna
B. Loma Basa Lemes
Batur Sorangan
(19)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Katerangan:
BLM : basa loma
BLS : basa lemes keur sorangan BLB : basa lemes keur ka batur M : merenah
TM : teu merenah
Sabada dipilah-pilah tuluy diasupkeun kana tabél husus saluyu jeung klasifikasina.
Tabél 3.3
Merenahna Kecap Loma
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.4
Teu Merenahna Kecap Loma
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.5
Merenahna Kecap Lemes keur Sorangan
No. Kecap Sakuduna F Preséntase (%)
Tabél 3.6
Teu Merenahna Kecap Lemes keur Sorangan
(20)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.7
Merenahna Kecap Lemes keur ka Batur
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.8
Teu Merenahna Kecap Lemes keur ka Batur
No. Kecap Sakuduna F Preséntase (%)
Tabél 3.9 Kecap Kamalayon
No. Kecap F Preséntase (%)
Tabél 3.10
Kamampuh Siswa dina Ngalapkeun UUBS No. Wasta
∑ ∑
% Kecap nu merenah
Peunteun Interprétasi
(21)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 3.11
Nangtukeun Jumlah Kamampuh dina Perséntase
Lobana Siswa nu Mampuh Skala Niléy
Dina Persénntasé Per Siswa E-A 0-4
Tabél 3.12
Basa Loma, Basa Lemes keur Sorangan, jeung Basa Lemes keur Batur No. Wasta
∑ BLM BLS BLB
M TM M TM M TM
Tabél 3.13
Presentase Kamampuh Ngalarapkeun Kecap UUBS Basa nu dipaké Jumlah
sakabéh kecap
Merenah % Teu
Merenah
%
3.6Téhnik Panalungtikan
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data 1) Téhnik Observasi
Téhnik observasi digunakeun pikeun niténan jeung nyatet sacara sistematik kaayaan SMP Negeri 1 Kutawaluya anu bari dijadikeun sumber data. Upamana baé, jumlah sakabéh kelas anu aya di éta sakola, jumlah sakabeh siswa kelas VII, aya henteuna kelas pilihan, lengkep henteuna buku-buku anu ngarojong kana pangajaran
(22)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
basa Sunda,. Kagiatan observasi ieu lumangsung dumasar patokan anu tangtu luyu jeung tempat tujuan ieu panalungtikan.
2) Téhnik Tés
Dina ieu panalungtikan dikumpulkeun kalawan ngagunakeun téhnik tés, nyaéta méré tugas nulis paguneman ka siswa kelas VII A SMP Negeri 1 Kutawaluya taun ajaran 2013/2014.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Ngolah data mangrupa léngkah anu paling penting dina kagiatan panalungtikan. Anapon métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta déskriptif, téhnik ngolah datana nyaéta risét déskriptif anu sipatna éksploratif atawa develop-mental (Arikunto, 2010, kc. 282).
Anapon léngkah-léngkah ngolah datana saperti di handap ieu: 1) Nganomeran unggal kalimah anu aya dina paguneman.
2) Milihan kecap-kecap anu aya dina unggal kalimah, tuluy dinomeran.
3) Masing-masingkeun kecap, tuluy diasupkeun kana tabél dumasar klasifikasi anu geus ditangtukeun, nyaéta gundukan kecap loma, kecap lemes keur sorangan, sarta kecap lemes keur ka batur.
3.6.2.1 Analisis Téks Paguneman
Dina nganalisis paguneman, dilakukeun tahapan saperti di handap ieu: a. Meunteun kamampuh siswa
�= �
(23)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
N = perséntase kamampuh siswa ∑B = jumlah kecap nu bener
∑T = jumlah kecap (UUBS) nu dipaké b. Nangtukeun patokan niléy
Tabél 3.14
Nangtukeun Patokan ku Cara Ngitung Perséntase keur Skala Lima Interval Preséntase
Tingkat Ngawasa
Nilai Ubah Skala Lima Keterangan
0 – 4 E - A
85% - 100% 4 A alus pisan
75% - 84% 3 B alus
60% - 74% 2 C cukup
40% - 59% 1 D kurang
0% - 39% 0 E Goréng
( Nurgiantoro, 2010, kc. 253) 3.6.2.2Analisis Basa Loma jeung Basa Lemes (keur Sorangan jeung keur Batur) Analisis basa loma jeung basa lemes make ukuran préstasi anu dihontal ku siswa dina hiji kelompok. Nurgiantoro (2010, kc. 266), nétélakeun rumus indéks Préstasi Kelas saperti di handap ieu:
Indéks Préstasi Kelas =
(24)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
a. Kamampuh ngagunakeun basa loma
X = jumlah basa loma nu merenah Y = jumlah basa loma nu dipaké Lm= perséntase larapna basa loma
b. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur sorangan
X= jumlah basa lemes keur sorangan nu merenah Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké Ls= perséntase larapna basa lemes keur sorangan
c. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur ka batur
X = jumlah basa lemes keur batur nu merenah Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké Lb= perséntase larapna basa lemes keur batur
��= �
��= �
(25)

BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Undak usuk basa Sunda dilarapkeun dina rupa-rupa ragam basa, nyaéta dina ragam basa loma, jeung ragam basa lemes (keur sorangan jeung keurka batur). Basa loma dipaké lamun jalma kadua jeung jalma katilu tahapanana sagandapeun jalma kahiji, atawa ka babaturan nu geus loma pisan, sakapeung kecap loma téh dipaké pikeun nyarita di hareupeun balaréa. Basa lemes keur sorangan biasana dipaké pikeun jalma kahiji nu nyaritakeun kaayaan dirina ka jalma kadua (sasama/saluhureun), jeung waktu jalma kahiji nyaritakeun kaayaan jalma katilu (sasama) ka jalma kadua (saluhureun). Sedengkeun basa lemes keur ka batur biasana dipaké pikeun jalma kahiji nu nyarita ka jalma kadua (sasama/saluhureun) nyaritakeun kaayaan jalma kadua, jeung waktu jalma kahiji nyarita ka jalma kadua (sasama/saluhureun) nyaritakeun jalma katilu (sasama/saluhureun).
Sabada dilakukeun analisis data nu tuluy didéskripsikeun dina bab saméméhna, hasil tina ieu panalungtikan bisa dicindekken saperti ieu di handap.
Dina paguneman anu dijieun ku siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Kabupaten Karawang, kapanggih yén jumlah kecap undak usuk basa Sunda nu dipaké ku siswa dina nulis paguneman téh jumlah sakabéhna aya 639 kecap; nu kabagi jadi 261 kecap loma (243 kecap nu larapanana merenah, jeung 18 kecap nu larapanana teu merenah); 194 kecap lemes keur sorangan (161 kecap nu larapanana merenah, jeung 33 kecap nu larapanana teu merenah); sarta 184 kecap lemes keur ka batur (143 kecap nu larapanana merenah, jeung 41 kecap nu larapanana teu merenah).
Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun undak usuk basa Sunda ragam loma, ragam lemes keur sorangan, jeung lemes keur ka batur bisa didéskripsikeun kalayan perséntase saperti ieu di handap:
(26)

1) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam kecap loma nu merenah téh nepi ka 93,10%, hartina kamampuhna alus pisan. 2) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam
kecap lemes keur sorangan nu merenah nepi ka 82, 98%, hartina kamampuhna alus.
3) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam kecap lemes keur ka batur nu merenah nepi ka 77,71%, hartina kamampuhna alus. Ditilik tina perséntase nu nyampak, katitén yén kamampuh siswa dina ngalarapkeun kecap loma leuwih alus ti batan ngalarapkeun kecap lemes,boh lemes keur sorangan boh lemes keur ka batur. Éta hal dipangaruhan ku kasang tukang siswa nu remen maké basa loma waktu campur gaul jeung babaturan di sakola atawa di lingkungan masarakat. Kecap loma nu larapanana teu merenah leuwih saeutik ti batan kecap lemes nu larapanana teu merenah. Tina 93 kecap nu teu merenah larapanana, 12,87% mangrupa kecap kamalayon. Éta hal bisa jadi dipangaruhan ku faktor kurangna kosa kecap basa Sunda nu dipibanda ku siswa.
5.2 Saran
Rékoméndasi ti panalungtik pikeun urang Sunda, urang Sunda kudu bisa ngabiasakeun maké basa Sunda nu luyu jeung aturan katut undak usukna kalayan merenah. Hususna ka para kolot (urang Sunda) di imah nu geus boga budak, dipiharep bisa méré conto ka budakna sangkan bisa ngalarapkeun basa Sunda katut undak usukna kalayan merenah, leuwih hade dibiasakeun ti bubudak. Ku kituna, para kolot ogé kudu boga pangaweruh ngeunaan undak usuk basa Sunda, bisa ku cara nongton acara TV nu maké basa Sunda, mindeng ngaregepkeun siaran radio nu maké basa Sunda, atawa maca bacaan nu ngagunakeun basa Sunda.
Pikeun praktisi pendidikan hususna guru basa Sunda, disarankeun kudu bisa ngamotivasi siswa sangkan bisa ngalarapkeun undak usuk basa Sunda kalayan merenah. Ngaliwatan prosés pangajaran, misalkeun guru bisa mancénkeun ka siswa
(27)
Iik Ikmaliyah, 2014
KAMAMPUH NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA SUNDA DINA NULIS PAGUNEMAN SISWA KELAS VII A SMP NEGERI 1 KUTAWALUYA TAUN AJARAN 2013/2014
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sangkan bisa ngapalkeun kosa kecap undak usuk basa Sunda, anu satuluyna dilarapkeun dina basa sapopoé.
Pikeun panalungtik séjén leuwih hadé ngayakeun panalungtikan nu leuwih jero ngeunaan undak usuk basa Sunda, hususna ngeunaan pasualan-pasualanna nu réa muncul, sangkan pangaweruh ngeunaan undak usuk basa Sunda téh bisa leuwih euyeub deui.
(28)
59

DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Rineka Cipta.
D, Nugraha. (2012). Ngamumulé Basa Sunda. Bandung: CV Yrama Widya.
Ernawati, Witri. (2007). Kamampuh Ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda dina Nulis Surat Pribadi Siswa SMA Pasundan 8 Bandung. Skripsi Sarjana di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: Teu diterbitkeun.
Haerudin, Dingding dan Agus Suherman. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: JPBD FPBS UPI Bandung.
http://Syahri-Jendelabahasa.blogspot.com/2012/01/jenis-jenis-berbicara. (30 April 2014).
LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung. Geger Sunten.
Nurnajah, Nunuy. (2009). Téori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI Bandung.
Nurgiyantoro, Burhan. (2010). Penilaian Pembelajaran Bahasa Berbasis Kompetensi. Yogyakarta: BPFE.
Rosidi, Ajip. (2007). Polémik Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.
Semi, A. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa. Sudaryat, spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: CV Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.
(29)
60

Tamsyah, spk. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: CV Pustaka Setia.
Tamsyah, Budi Rahayu. (2011). Kamus Undak usuk Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.
Tarigan, H. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.
(1)
a. Kamampuh ngagunakeun basa loma
X = jumlah basa loma nu merenah Y = jumlah basa loma nu dipaké Lm= perséntase larapna basa loma
b. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur sorangan
X= jumlah basa lemes keur sorangan nu merenah Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké Ls= perséntase larapna basa lemes keur sorangan
c. Kamampuh ngagunakeun basa lemes keur ka batur
X = jumlah basa lemes keur batur nu merenah Y = jumlah basa lemes keur sorangan nu dipaké Lb= perséntase larapna basa lemes keur batur
��= �
��= �
(2)
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan
Undak usuk basa Sunda dilarapkeun dina rupa-rupa ragam basa, nyaéta dina ragam basa loma, jeung ragam basa lemes (keur sorangan jeung keurka batur). Basa loma dipaké lamun jalma kadua jeung jalma katilu tahapanana sagandapeun jalma kahiji, atawa ka babaturan nu geus loma pisan, sakapeung kecap loma téh dipaké pikeun nyarita di hareupeun balaréa. Basa lemes keur sorangan biasana dipaké pikeun jalma kahiji nu nyaritakeun kaayaan dirina ka jalma kadua (sasama/saluhureun), jeung waktu jalma kahiji nyaritakeun kaayaan jalma katilu (sasama) ka jalma kadua (saluhureun). Sedengkeun basa lemes keur ka batur biasana dipaké pikeun jalma kahiji nu nyarita ka jalma kadua (sasama/saluhureun) nyaritakeun kaayaan jalma kadua, jeung waktu jalma kahiji nyarita ka jalma kadua (sasama/saluhureun) nyaritakeun jalma katilu (sasama/saluhureun).
Sabada dilakukeun analisis data nu tuluy didéskripsikeun dina bab saméméhna, hasil tina ieu panalungtikan bisa dicindekken saperti ieu di handap.
Dina paguneman anu dijieun ku siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya Kabupaten Karawang, kapanggih yén jumlah kecap undak usuk basa Sunda nu dipaké ku siswa dina nulis paguneman téh jumlah sakabéhna aya 639 kecap; nu kabagi jadi 261 kecap loma (243 kecap nu larapanana merenah, jeung 18 kecap nu larapanana teu merenah); 194 kecap lemes keur sorangan (161 kecap nu larapanana merenah, jeung 33 kecap nu larapanana teu merenah); sarta 184 kecap lemes keur ka batur (143 kecap nu larapanana merenah, jeung 41 kecap nu larapanana teu merenah).
Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun undak usuk basa Sunda ragam loma, ragam lemes keur sorangan, jeung lemes keur ka batur bisa didéskripsikeun kalayan perséntase saperti ieu di handap:
(3)
1) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam kecap loma nu merenah téh nepi ka 93,10%, hartina kamampuhna alus pisan.
2) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam
kecap lemes keur sorangan nu merenah nepi ka 82, 98%, hartina kamampuhna alus.
3) Kamampuh siswa kelas VII A SMPN 1 Kutawaluya dina ngalarapkeun ragam
kecap lemes keur ka batur nu merenah nepi ka 77,71%, hartina kamampuhna alus. Ditilik tina perséntase nu nyampak, katitén yén kamampuh siswa dina ngalarapkeun kecap loma leuwih alus ti batan ngalarapkeun kecap lemes,boh lemes keur sorangan boh lemes keur ka batur. Éta hal dipangaruhan ku kasang tukang siswa nu remen maké basa loma waktu campur gaul jeung babaturan di sakola atawa di lingkungan masarakat. Kecap loma nu larapanana teu merenah leuwih saeutik ti batan kecap lemes nu larapanana teu merenah. Tina 93 kecap nu teu merenah larapanana, 12,87% mangrupa kecap kamalayon. Éta hal bisa jadi dipangaruhan ku faktor kurangna kosa kecap basa Sunda nu dipibanda ku siswa.