319919391 SlideMateri Basa Sunda Kelas X SMA



slideMateri Basa Sunda Kelas X SMA/SMK semester Ganjil
Bab I Pedaran Biantara
A. Harti jeung Ciri-ciri Biantara
Harti Biantara atawa pidato téh nyaéta kagiatan nyarita dihareupeun balaréa. Ari
kagiatan nyarita téh kagolong kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti
ngaregepkeun. Sacara Teori Biantara atawa Pidato nya eta mangrupa kagiatan dina
nganepikeun pedaran ku lisan ngeunaan hiji perkara atawa pasualan nu dilakukeun
hareupeun jalma rea.
Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana, diantarana :

1.
2.
3.
4.
Ditilik tina Eusina, biantara

Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
Biantara ngaliwatan radio
Biantara ngaliwatan Televisi

Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.
mibanda tilu (3) sifat :

1. Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara
atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana
nyata,poksang, jeung jujur.
2. Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa
mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung
biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta
dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana
ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.
3. Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik
tur ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal,
dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung
dana.
Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang
panitén téh ngawengku opat unsur nyaéta:

1. Lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan, jeung
intonasi) ; sora kudu kadenge/eces tembres jelas.

2. Tatabasa ; perhatikeun titik koma, tanda tanya, tanda seru,
jsb.
3. Kabeungharan kecap ; lentong/intonasi basa sing
merenah, hade tong pondok tong panjang teuing luyu
jeung kabutuhan.
4. Paéhat/lancaran cumarita ; puguh entep seureuhna, jelas
maksud eusina, sarta ngandung seni orator, babasan,
jeung paribasa.
Unsur/runtuyan gede naskah keur Biantara atawa Pidato, diantarana :

1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.

Salam, atawa pangwilujeng
Kalimah bubuka

Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
Eusi Biantara
Kacindekan atawa ringkesan biantara
Kalimah panutup, bisa oge Du’a
Salam panutup atawa pangwilujeng

Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah
nyarita, totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran
atawa indikator anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma.
Pangpangna upama patalikeun jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa
béh ditu.
Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran,
gagasan pamaksadan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu
dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa nu ngabandungan bisa ngarti kana maksud
jeung tujuan anu dilisankeun.
Ulikan ngeunaan nyarita sabenerna mah kahot pisan. Dina mangsa jaman Yunani kirakira abad V jeung ka VI saméméh Maséhi, tiori ngenaan kumaha nyarita di hareupeun
balaréa atawa anu disebut biantara (pidato) téh geus diarulik.
Élmu anu nalungtik ieu perkara téh nyaéta disebutna Rétorika.Numutkeun hartina,
rétorika téh nyaéta ulikan ngenaan seni biantara atawa oratoria. Nu matak jalma anu
pinter pidato sok disebutna ogé orator. Orator anu kamasyur, upamana: Soekarno,

Hitler, Kennedy, Barrack Obama jsté.
Kamampuh biantara (orasi) geus tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina
kahirupan sapopoé. Ku kamampuh biantara orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba
conto dina kahirupan, kumaha seukeutna pangaruh biantara. Loba sikep jeung
pamadegan hirup, tapi ogé tujuan.Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun
sumanget, bisa nungtun balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun
jsté.
B. Ngaregepkeun jeung Nyatet Eusi Biantara
Titénan conto biantara di handap.
Sadérék sadaya nu ku simkuring dipihormat,
Poténsi uteuk manusa téh luar biasa hébat. Ngan dina éemprona, can digunakeun
sacara optimal. Sebagéan gedé poténsi uteuk manusa dilelebar.teu dialap mangpaatna.
Upamana baé éinstéin, tokoh anu sohor dina widang sains, kacaturkeun ukur 20%
poténsi uteukna anu dipaké. Sésana anu 80% deui wuteuh nepi ka maotna.Mun nya téh
kitu, hanjakal geus dimumubah.
Sawatara waktu ka tukang, Howard ardner guru besar Neurologi ti fakultas Kedokteran
Universitas Boston, nulis buku anu judulna Multiple Intelligent: The Theory in Practice.
Dina bukuna, Gardner nétélakeun aya tujuh (poténsi) kacerdasan (nu dipaparinan ku
Alloh Swt. ka manusa).Kahiji, kacerdasan linguistik.Anu tegesna anu patali jeung
kaparigelan ngagunakeun basa lisan atawa tulisan.Kadua, kacerdasan logicalmathematicas.Tegesna anu patali jeung ka mampuh pikeun ngawasa widang élmu

logika, matématika, sains jeung sabangsana.Katilu, kacerdasan spasial jeung
visual.Tegesna anu patali jeung kamampuh nu umumna dipibanda ku arsiték, ahli
patung, ahli ngalukis, navigator, jeung pilot.Kaopat, kacerdasan musical.Tegesna nu aya
patalina jeung kamampuh pikeun ngawasa widang musik.Upamana, composer,
konduktor, jeung musisi.Kalima, kacerdasan kinestétik.Ieu diperlukeun pisan ku atlét,
penari, pesenan, jeung dokter ahli bedah.Kagenep, kacerdasan interpersonal.Tegesna
kamampuh nu diperlukeun keur ngawangun komunikasi atawa hubungan anu hade
jeung sasama.Upama, padagang, motivator, jeung négosiator.Katujuh, kacerdasan
intrapersonal. Tegesna kacerdasan anu sipatna introspéktif atawa anu patali jeung
kamampuh ngaragap diri (Sumber: “Ngisep Tina Ngajar Kana Ngajar” Mahmud Yunus
dina Sunda Midang, 20 April 2007 – 20 Mei 2007).

Supaya Biantara bisa diregepkeun kalawan bener, urang kudu ngalakukeun cara-cara
saperti di handap ieu.

1. Méré sikep nu positf. Urang kudu boga anggapan yen juru
biantara teh jalma nu penting, wijak, tur ngabogaan elmu
pangaweruh nu luhur. Teangan tur catet sikep jeung
ucapan-ucapanna nu narik kana hate, lain kagorengan
wungkul. Ku cara kitu, manehna ogé ngarasa dihargaan nu

ahirna bakal Mere simpati ka urang
2. Responsif
Hidep kudu paham kana kahayang atawa harepan-harepan
juru biantara. Bisa ogé manehna ngaharepkeun urang jadi
tempat curhat, ngabagi parasaan jeung pangalamanpangalamanna. Ku sabab kitu, tunjukkeun yen manehna
téh bisa menangkeun harepan-harepan eta.
3. Jauhkeun sagala gangguan. Supaya bisa ngaregepkeun
biantara kalawan écés tur jentré, urang ogé kudu
ngajauhkeun
sagala
rupa
nu
bakal
ngaganggu
konsentrasi.Memang bener yén ieu saran téh hésé
dilaksanakeun sanajan gampang diucapkeunana. Sanajan
dina kaayaan lingkungan nu santéy atawa tumaninah, sok
aya waé gangguan téh, sapertikeun harewos bojong
babaturan nu aya di sagigireun, sora korsi nu ngagerét,
idangan nu ngaliwat hareupeun. Éléhkeun sagala

gangguan saperti kitu téh, pusatkeun perhatian urang
kana sagala nu diucapkeun ku juru biantara.
Ngaregepkeun pidato tangtuna béda jeung ngaregepkeun tembang atawa dongéng. Ku
sabab kitu, konséntrasi jeung kaseuriusan kacida diperlukeunana dina ngaregepkeun
pidato.

1. Titénan téma jeung tujuan pidato. Ilaharna dua ha lieu
ditepikeun dina bagian bubuka.
2. Catet poko-pokona nu ilaharna aya di bagian tengah atawa
dina bagian ahir sabagé kacindekanana.
3. Titénan basa-basa nu digunakeun ku juru pidato,lafal,
jeung intonasi, ogé kaéfektifan kalimah-kalimahna.
4. Titénan ogé éksprési jeung skip-skip juru pidato ti awal
nepi ka ahir.
Supaya bisa nyaritakeun deui eusi biantara, nu ku hidep kudu pisan dilakukeun nyaéta
paham kana téma atawa pasualan utama nu keur diguar ku juru biantara.
Poko-poko biantara di luhur nu bisa ku hidep dicatet saperti kieu.

1. Uteuk manusa hébat.
2. Uteuk manusa can digunakeun sacara optimal.

3. Gardner nétélakeun, aya tujuh kacerdasan manusa, nyaéta
kacerdasan linguistic, kacerdasan logical-mathematics,
kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical,
kacerdasan
kinéstétika,
kacerdasan
interpersonal,
kacerdasan intrapersonal.
Catetan di luhur bisa dicaritakeun deui saperti di handap ieu.
Uteuk manusa téh hébat pisan.Ngan hanjakal ku urang tacan bener-bener digunakeun.
Salian ti kitu, ceuk pamanggih Gardner, otak manusa miboga rupa-rupa poténsi, nyaéta
kacerdasan linguistic, kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual,

kacerdasan musical, kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan
intrapersonal.
C.

Ngoméntaran Naskah Biantara

Titénan deui kutipan biantara di handap ieu.

Solat nu bener sacara sosial kudu ngajanggélék dina lakuning lampah nu sieup. Laku
lampah nu teu pagedrug jeung pandika agama, norma sosial katut étika masarakat. “…
jeung adegkeun solat, saéstuna éta solat téh nyegah diri (migawé) lacut jeung mungkar”
(Q.S. Al-Ankabut, 29:45).
Solat jadi ideologi nu paling épéktip dina nataharkeun kritik sosial keur ngawujudkeun
dunya nu adil palamarta. Kapan dina béhna mah Alloh nyebut umat Islam téh khoiru
ummah. Cicirénna taya han mun éta umat daék ngalakukeun kritik sosial. Ngalakonan
amar ma’ruf nahyi munkar pok dibarung jeung prakna.

Aya sababaraha hal nu bisa dicatet patalina jeung basa nu aya dina éta kutipan ;
1.

kecap-kecapna nu ngabogaan daya tarik, saperti ngajengélék, lakuning lampah, adil
palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé
henteu monoton sahingga nu ngaregepkeun henteu ngarasa bosen.

2.

Kecap-kecap nu kurang kaharti maksudna, saperti khoirun ummah, amar ma’ruf nahyi
munkar. Pikeun nu lain ti kaluaran pasantrén atawa sakola agama mah kecap-kecap

samodél kitu kurang jelas hartina. Ku sabab kitu juru biantara kudu mere hartina
supaya nu ngaregepkeuna bisa leuwih gampang mahamna.
Dumasar kana catetan-catetan di luhur, hidep bisa ngoméntaran kutipan biantara di
luhur dina ungelan samodél kieu :

Numutkeun pamendak abdi, juru biantara téh tos tiasa ngagunakeun kabeungharan
basa Sunda kalawan saé. Hal éta katingali tina kecap-kecapanan nu teu saukur
merhatoskeun katepatan hartina, tapi ogé daya tarikna, sapertoskeun ngajenggélék,
lakuning lampah, adil palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku
harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu ngaregepkeunana moal ngarasa
bosen.
Mung hanjakal aya sababaraha kecap nu sesah dihartoskeunana.Abot teuing upami
kanggo kalangan awam saperti abdi mah, kecap-kecap khoirun ummah ogé amar ma’ruf
nahyi munkar kirang jelas hartina.Ku margi sakitu juru biantara kedah masihan
panjelasan tambihan supaya nu ngaregepkeunana gampil mahamna.

Pancen Struktur Bab ka I …..
Nyieun Biantara sewang-sewangan tema Bebas,ulah poho unsur atawa runtuyan nyieun
naskah biantara, alusna make babasan jeung paribasa komo mun kalimah-kalimahna
murwakanti.


Saupama haying leuwih gede nileina, praktekeun naon nukungsi di tulis eta biantara
dihareupeun batur sakelas………….

Pangaweruh basa
Kecap Panganteur

Kecap Panganteur teh nya eta kecap paranti nganteurkeun kecap atawa frasa
pagawean, sangkan leuwih anteb tur eces, contona ;
am dahar|biur ngapung|breng haliber|bar ngampar |barabat nyarita|barakatak seuri|
berewek soek|beledug bitu|belenyeh imut|ber hiber |berengbeng lumpat|blak
nangkarak|blug labuh|breg hujan|brek cingogo|brek gering|bus asup|bring arindit|
cakakak seuri|cong nyembah |celenkeung ngomong|clak tumpak|cleng ngacleng |clik
murag|celengok nyium|creng mayar|crot nyiduh|deker digawe|eureuleu teurab|dug
sare|dor dibedil|gableng luncat|gabrug ngarangkul
|gantawang nyarekan|gampleng nampiling|
gap nyabak|gaplok nyabok|gedig indit|
gewewek ngegel|hing ceurik|jep jempling|jsb.

Bab II Tata Wangun Kecap (Morfologi)

Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)
Kecap (harti 1) nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna.atawa bagian kalimah anu
dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun
yén kecap (harti 2) nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung
harti anu tangtu.
Kecap-kecap dina basa Sunda dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa
Kecap, nyaeta :
A. Wangun kecap
o Kecap Asal nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
o Kecap Rundayan nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
o Kecap Rajékan nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék kecap asal
o Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti
anyar
B. Warna kecap

o Kecap Lulugu
a. Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu
barang.

dianggap

b. Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang
c. Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan
jalma atawa mahluk séjénna
d. Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya
e. Kecap Sipat nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu
dianggap barang
f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa
kumpulan, atawa oge tahapan.

beungkeutan,

o Kecap Pancén
a Kecap Panganteb nyaeta kecap
dipentingkeun ((en): emphasis).

pikeun

ngantebkeun

babagian

b Kecap Panganteur nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun
kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés

kalimah

anu

nganteurkeun

c Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian
anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén
d Kecap Panambah Modalitas nyaeta kecap sahareupeun
ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana

kecap

barang

pikeun

e Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap,
atawa babagian kalimah
f Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan
A.1 Kecap Asal
Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaetakecap anu teu kungsi ngalaman
parobahan.Proses morfologis basa Sunda nyaeta proses anu ngahasilkeun kecap
jadian (kecap turunan) ku cara :
1.Ngararangkenan, hasilna disebut kecap
rundayan.
2. Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
3. Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere
imbuhan (ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.
A.2 Kecap Rundayan
Kecap rundayannyaeta kecap asal (kata dasar) nu geus dibere rarangken.

Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta :rarangken hareup (afiks/awalan),
rarangken tengah (infiks/sisipan),
rarangken tukang (sufiks/akhiran),jeung
rarangken barung (konfiks).
a. Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup
kecap asal. Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-,
pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.
b. Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap
asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta :-ar-, -um-,jeung -in-.
c. Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang
kecap asal (kata dasar). Rarangken tukangnyaeta :-an, -eun, - ing/ning, -keunjeung na.
d. Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung
tukang dina kecap asal. Rarangken barungnyaeta :ka--an, pa--an, pang--keun, pi-eun, pika-, pika--eun, jeung sa--eun.

A.3 Kecap Rajekan
Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/leuwih, sabagean atawa
sagemblengna, robah sorana atawa henteu.Contona kuda-kuda, imah-imah, bapabapa.Kecap kasebut asup kana kecap rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap
rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah.Contonatatajong, babagi,
sababaraha.

A.4 Kecap Kantetan
Kecap kantetannyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung
kecap, kecap dengan cakal, atau cakal jeung cakal. Conto :
1)

Kantetan kecap jeung kecap, contona :hejo tihang, panon poe.

2)

Kantetan kecap jeung cakal, contona :kurang ajar, kagok asong.

3)

Kantetan cakal jeung cakal, contona :adug lajer, huleng jentul.

4)

Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh

Pangaweruh Basa/Pedaran

A.3 Kecap Rajekan
Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/ leuwih, sabagean atawa
sagemblengna, robah sorana atawa henteu

Babagian kecap rajekan, diantarana :
a. Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun
dua kali engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti).
Contona Dwipurwa nurutkeun hartina :
§ Lain nu boga lalakon : bubuntut
§ Barang nu siga

: sisiku, babantal

§ Nuduhkeun alat

: kakait, cocolok

§ Kecap semu/samar

: ririwa, pepetek,papagon

§ Kecap abstrak : papayung, kokojo
Dwipura ditambah rarangken :
§ Leuwih ti sakali
§ Barang tironan
§ Rupa-rupa

: seuseurian, gogorowokan
: momobilan, paparahuan, iimahan
: kekembangan, pepelakan, bubuahan

§ Babagean awak

: mumuncangan,peupeuteuyan

§ Mindeng makena

: sasapedahan, momotoran

§ Asa

: singsireumeun, lilinieun

§ Kasakit

: jeungjeuriheun, sisidueun

§ Kalakuan

: pupujieun, beubeulieun jrd.

b. Kecap Rajekan Dwimadya(1)(dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu
dijieun ku cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona :sababaraha.
c.

Kecap Rajekan Dwilingga(2)nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah
aya oge nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutnaDwimurni(3), anu robah
sorana disebut Dwireka(4).

1. Dwimurni,(dwi = dua, murni = asli), kecap rajekan anu diwangun kucara nyebutkeun
dua kali bentuk asal.
a. Loba : bangku-bangku, samak-samak
b. Sarua sifatna : amis-amis, pait-pait
c. Lila milampahna : mikir-mikir, nimbang-nimbang
d. Kahanjakalan : geulis-geulis,pinter-pinter
2. Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), kecap rajekananu diwangun ku cara nyebutkeun
dua kali bentuk asal tapi jadi beda sorana.
a. Nuduhkeun loba: unak-anik, tulang-taleng

b. Leuwih ti sakali migawena: luak-lieuk, tumpa-tempo
c. Nuduhkeun ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng
d.

Kecap Rajekan Trilingga(5) nyaeta dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona :
dag-dig-dug, hah-heh-hoh, pak-pik-pek.

e.

Kecap Rajekan Dwisasana(6)nyaeta kecap nu dirajeknangan engang nu panungtung
kecap asal. Contona :pudigdig, cikikik, cakakak.

f.

Kecap Rajekan Binarung Rarangken(7), nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara
nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :saalusalus, patarik-tarik.
Bab III Mahamkeun Surat Kabar
Koran atawa Surat Kabar Basa Sunda munggaran, nyaeta Sora Merdika pingpinan
Moh.Sanoesi, edisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya oge nu nyebutkeun
koran basa Sunda munggaran teh Sunda Berita. Jaman pergerakan oge
medal Soemanget asuhan Tunggono, mingguan basa Sunda Pajajaran pingpinan Haris
Soema Amidjaya, Pendawa pingpinan Gatot, jeung Siliwangi nu di aping ku Ema Brata
Koesoema.

Koran
basa
Sunda
sejenna, Masa
Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, Isteri
Merdeka, Panglimajeung Tawekalpingpinan
Harsono, Sipatahoenan(1923)
pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri Suraatmadja nu kabehannana terbit munggaran
di Tasikmalaya, Galoeh di Ciamis pingpinan Arsim Karna Winata, Balakapingpinan Ikik
Wiradikarta, Sinar Pasoendan pingpinan Ali Ratman sarta pamingpin redaksina Imbi
Djajakoesoema jeung wakilna O.K.Yaman, redaktur harian Moh. A.Afandi jeung Iding
Wangsawidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta).

Eta koran basa Sunda teh ku kaom nasionalis dipake dipake alat perjoangan. Koran
basa Sunda tadi nu pangnyongcolangna jeung gede komarana nyaeta Sipatahoenannu
saterusna kantor redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran harian. Wartawartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka
Soekarno.
Jaman
Jepang
teu
medal.
Taun
1950
dipingpin
ku
Moh.Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapi ngan kuat tepi taun 1985.

Sanggeus merdeka, koran basa Sunda nu alanyar patingpucunghul di Jawa Barat. Sinar
Madjalengka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Eeng di
Bogor, Kalawarta Kudjang(1956) di Bandung, majalah Mangle (1957) di Bogor nu
ditaratas ku RH Oeton Muchtar jeung Ny.RHE Rochimika Sudarmika (kantor redaksina
taun 1962 pindah ka Bandung).
Mangle tepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960an
Ajip
Rosidi
nerbitkeun
majalah Soenda.
Di
Bandung
taun
1972,
medalGiwangkara, Gondewa, jeung Galura. Taun 1975,
Galura jadi anak
penerbitan Pikiran Rakyat.
Masarakat Sunda boh nu di Jawa Barat, boh nu cicing di luar Jawa Barat kudu reueus ku
reana media cetak basa Sunda, sabab ;

1. dijaman kolonial ngadeudeul perjoangan bangsa
2. Jadi media informasi, hiburan, jeung atikan
3. Media kontrol sosial
Surat kabar atawa majalah dina basa Sunda anu masih keneh aya kiwari teh
diantarana :
1. Galura Sundajeung Giwangkara, terbitna mingguan.(koran)
2. Mangle, terbitna mingguan (majalah)
3. Cupumanik jeung Sunda Midang, terbitna bulanan (majalah)

Unsur Nyieun jeung Nulis artikel ngeunaan kasundaan, nyaeta :
1. Sumberna naon ngaranna? (majalah, koran, internet, jsb.)
2. Titimangsa medalna atawa terbitna artikel?
3. Judulna naon?
4. Topikna ngeunaan naon?
5. Pangarangna Saha?
6. Ringkesna, inti sari,atawa kasimpulana kumaha?
7. Dicutat deui, iyasana, atawa ditulis deui ku saha?

Pangaweruh Basa
Sisindiran
Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan
dibalibirkeun, pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu
karasa nyentug. Jadi nu disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu
diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna
bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).
Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nya éta:
1. Wawangsalan/bangbalikan
2. Paparikan
3. Rarakitan
Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2)
piwuruk, jeung 3) sesebréd.
Wawangsalan/bangbalikan

Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta
sababna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.
Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang
jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).
Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:
1.

Bangbalikan lanjaran
Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:
Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna (lutung)
Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna (katuk)
Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun (kéjo)

2.

Bangbalikan dangding
Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:
Kinanti
Di Cikajang aya gunung,
asa paturay jasmani
Kalong leutik saloa gedang
Kembang biru di astana
abot pisah jeung nu asih.

Paparikan
Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu
padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.
Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal
pada lobana dalapan engang.
Paparikan dibagi dua, nya éta:
1.

Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh. Conto :
Leuleupeutan leuleuweungan
Ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngarah téténjoanana

2.

Paparikan dangding, nya éta paparikan nu kawengku ku patokan nyieun pupuh.
Contona:

Kapinis ulah disumpit
Tangkal muncang ngarangrangan
Kembang kopi kembang kopo
Karungkang pucuk karungkang
Lampuyang cocongoan
Bawaeun ka Raja Galuh
Batu tulis di sakola

Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:
1.

Silih asih

2.

Piwuruk

3.

Sesebréd
Rarakitan
Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut,
tapi raket mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora
atawa sadana antara cangkang jeung eusi téh raket pisan, Nilik kana sipatna, rarakitan
mibanda tilu rupa sipat. Nya éta silis asih, piwuruk, jeung sesebrédcontona:

A. Silih asih
Kaso pondok kaso panjang

Sapanjang jalan Soreang

Kaso ngaroyom ka jalan

moal weleh diaspalan

Sono mondok sono ngajang

sapanjang tacan kasorang

Sono patepang dijalan

moal weleh diakalan

B. Piwuruk
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat

lamun urang ka Cikole
moal hese tumpak kahar

Sing getol neangan elmu

lamun urang boga gawe

Nu guna dunya aherat

moal hese barangdahar

C. Sesebred

Sok hayang nyaba ka Bandung

njakna

Rarasaan ngala mayang

teu nyaho cangkeuteukleuweung
Sok hayang nanya nu pundung

rarasaan koneng umyang

Sok hayang nyaho nyentakna

teu nyaho cakeutreuk hideung

Bab IV Nulis Biograf

Biografi nyaeta riwayat hirup nu kaalaman ku saurang jalma sarta netelekaeun dimana
jeung iraha lahirna, kungsi sakola dimana wae, naon pagaweanana, kaunggulanna,
prestasi, karya, atawa pangalaman istimewa anu penting sarta aya mangpaatna pikeun
jalma sejen.
Upamana bae, biografi Rd. Dewi Sartika, Oto Iskandar di Nata, Ali Sadikin, biogafi
Soeharto, biografi SBY, jsb.

Kagiatan nulis anu mangrupa salah sahiji kaparigelan produktif dina pembelajaran basa
jeung sastra Sunda. Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan anu paheut patalina jeung
kagiatan anu dilaksanakeun ku guru jeung murid dina proses pembelajaran, boh di
sakola boh di luar sakola.

Nulis teh mangrupa (1) kaparigelan basa anu produktif, (2) proses nyusun lambang
grafis, jeung (3) proses komunikasi make lambang grafis.
Tujuan Nulis pikeun nepikeun informasi jeung pikeun ngahudang rasa.Salian ti istilah
nulis, aya deui istilah sejen, nyaeta ngarang.

Wujud tina hasil nulis disebut tulisan, sedengkeun wujud tina hasil ngarang
disebut karangan. Nilik kana medium basa nu dipakena, aya nu disebut karangan lisan
jeung karangan tulis.

Ari numutkeun warnana (jenisna), aya nu disebut karangan prosa, aya oge anu
disebut karangan puisi.
Dumasar kana jihat wangunna (bentuk), aya nu disebut
1.

karangan bahasan (eksposisi),

2.

alesan(argumentasi),

3.

kisahan(narasi),

4.

lukisan(deskripsi),jeung

5.

karangan drama.

Standar kompetensi nulis teh nyaeta mampuh nulis pikeun nepikeun rupa-rupa pesen
(pikiran, perasaan, jeung kahayang) sacara tinulis dina warnaning karangan saperti
padoman wawancara, prosa, (pangalaman, biografi, bahasan, berita, esey, surat,
carpon, laporan, bahasan) jeung puisi (sajak, guguritan, sisindiran).

Runtuyan kagiatan Nulis nya eta :1. Nyalin, nuliskeun deui 2. Nyadur atawa
nyundakeun 3.Ningkes jeung ngalaporkeun 4.Nyusun guneman (nyieun daptar
pertanyaan, wawancara, angket) 5. Nyieun surat 6. Nulis artikel atawa pedaran)
7.Ngarang pangalaman 8.Nulis naskah biantara 9.Ngararancang kagiatan 10.Nulis
memo. 11. Ngarang wangun lancaran, ugeran jeung drama.

Nulis teh mangrupa sarana pikeun ngutarakeun hiji perkara anu disusun ngagunakeun
basa tulis. Eta wujud tulisan teh bisa ngajengleng dina wangun karangan anu gembleng
atawa bisa oge mangrupa paragraf.
Paragraf nyaetabeungkeutan kalimah-kalimah anu ngandung hiji tema.Paragraf anu
eusina ngajelaskeun hiji hal, proses, atawa peristiwa, disebut paragraf eksposisi.

Conto Nulis Biografi :
Biografi Mang Koko

Mang Koko (1917-1985) sosok seniman Sunda, pencipta lagu-lagu Sunda. Dilahirkeun di
Indihiang, Tasikmalaya ping 10 April 1917 jenengna Koko Koswara. Nu janten ramana
nyaeta Ibrahim
alias
Sumarta,
masih
turunan
Sultan
Banten
(Sultan
Hasanuddin). Anjeuna namatkeun pendidikan di HIS (1932), MULO Pasundan
(1935).Damelkawit taun 1937 noron di: Bale Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan,
De Javasche Bank; Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan
Penerangan Provinsi Jawa Barat, Guru anu jadi Direktur Konservatori Karawitan
Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI)
Bandung (ayeuna mah STSI/Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung). Anjeuna
ngantunkeun di Bandung, 4 Oktober 1985 dinayuswa 68 taun.
Ti alit keneh anjeuna tos wanohjeung alat musik saperti kacapi, suling, gitar,
biola. Kaleresanramananyayogikeun alat-alat atawa
waditratadi dibumina
di
Indihiang. Mang Kokooge sering naek munara masjid kobla subuh ngahaleuangkeun
tarhim. Pangemut anjeuna tarhim ogetiasa diangge cara anu saekanggengolah vokal.
Bakat
seni nu dipimilikturunanramanaanu
kawentarjanten juru
mamaos
Ciawian jeung Cianjuran.Salajengna anjeunadiajar nyalira ti seniman-seniman ahli

karawitan Sunda anu toskasohorsareng nyungsi hasil karya widang karawitan ti Raden
Machjar Angga Koesoemadinata, ahli musik Sunda.
Mang
Koko hiji budayawan
Sunda anu mungkin hese diteangan
bandingna.Anjeunanyiptakeun
lagu, nyieun grup-grup
seni
Sunda,
mingpin
sakaligus jeung ngajarna. Kuciptaana nu tegar jeung dinamis, anjeuna hasil ngalanglan
gwates-wates propinsi jeung tradisi dikenal sacara nasional.
Dinamimiti kamerdekaan,
1946, anjeunamitembeyan grup
kasenian
"Kanca
Indihiang".Midangna grup ieungaliwatan siaran
Radio
Bandung
radio nu
baheuladipancarkeunti
Tasikmalaya. Kumargi
kituteu
matak heran waktu
Mang Koko ngalih ka Bandung taun 1950, Oejeng Soewargana nu gaduh penerbit
Ganaco,nyuhunkeunMang Koko “membukukan” lagu ciptaana.
Judul bukuna, Tjangkurileung(ketilang) ditaun 1959, nu salajengna diabadikeun
jadi ngaran yayasan anu didirikeunn ku Mang Koko pikeun ngembangkeun karawitan
dikalangan murid, ti
SD nepi
ka SMTA.Dinahiji dasawarsa,
1960-1970, kacatet
1.800 urang nu meunang sertifikat ti
Yayasan
Tjangkurileung.Terus Mang
Koko nyieunlembaga
pendidikan
seni
Ganda
Mekar keur kalangan
mahasiswa jeung umum. Anjeuna
ogengadegkeunjeung jadi pupuhu Yayasan
Badan
Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia (ASKI), Bandung (1971). Kantos oge
anjeunanerbitkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Dinamangsa produktif
antara
taun
1950-1960,
rata-rata
Mang
Koko nyipta tilu lagu dina tiap mingguna. Periode 1960-1970, produktivitasna nurun
tapi laguna leuwih“berisi”. Kurang leuwih 1000 lagu Sunda anu geusdi ciptakeun. Salah
sahijina
lagu
Badminton anu populer, dina
mangsa bulu
tangkis nasionaldigjaya,anjeunanyiptakeuna dina
taun 1943, samemeh Rudy
Hartono jadi juara All England.
Lian ti nyiptakeun lagu, Mang Koko ogejadi“pembaru” musik Sunda. Mang Koko urang
Sunda anu mimitingasupkeun dasar perkusi kana lagu-laguna.Upamana wae dinalagu
Mundinglaya,
Mang
Koko ngasupkeun
sora
kentongan.
Tapi
di
bagian
lain, anjeunangalengkepansora kacapi jeungnarataskacapi elektrik. Dina hal pembaru
musik Sunda ieuPamarentah maparin Anugerah Satya Lencana dina taun 1971, nu
disimpaykeun ku Menteri P dan K Mashuri, S.H.
Mang
Koko salahasuranganu saleh, basajan
sakabehkalangan masarakat, kitunumutkeun RAF.

jeung“merakyat”nu akrab jeung

Diantara karya cipta kakawihan nu ku Mang Koko dikumpulkeun dina buku-buku, boh
nu geus diterbitkeun atawa masih mangrupa naskah-naskah nya eta :
"Resep Mamaos" (Ganaco, 1948),
"Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),
"Ganda Mekar" (Tarate, 1970),
"Bincarung" (Tarate, 1970),
"Pangajaran Kacapi" (Balebat, 1973),
"Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984),
"Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984),
"Layeutan Swara" (YCP, 1984),

"Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jeung nu sejenna.
Karya-karyana teu nga saukur dina widang
drama jeung gending karesmen, contona:

kawih,

tapi oge

dina

widang

seni

"Gondang Pangwangunan",
"Bapa Satar",

Pancen Struktur Bab ka IV …..
Nyieun jeung neangan Biografi Singket tokoh atawa inohong anu dipikaresep ku hidep
dina wangunan Biografi singket siga conto diluhur, utamakeun tokoh Sunda atawa
Seniman Sunda nu dipikawanoh ku hidep, jieun artikel siga conto.

Gurat Badag Ningkes Biograf
1.

Saha nu rek dijadikeun tokoh Biografi nudipikaresep

2.

Titimangsa kalahirana jeung tempat lahirna katut kulawargana

3.

Widang nu jadi kaunggulana sarta sertifikat/kajuaraan

4.

Taun-taun kawentar/kasohor

5.

Watek, sipat, kapribadian nu jadi eunteung kahirupan

6.

Visi misi cita-cita hirupna

7.

Namatkeun Sakola nepi ka paguron luhurna dimana wae

8.

Kamandang atawa pesen dirina keur nu maca biografina

Bab V Minton Sawala
A.
Harti Sawala/Diskusi
SAWALA atawa Diskusi nyaeta kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji
pasualan jeung maluruh nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan
pikeun ngarengsekeunana. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina
kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu
jelas supaya prosesna lancar tur bener.
Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa
perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan.Rapat
biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi.Sabagé pamingpin,
kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya
kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.
B.

Para PamilonSawala/Diskusi

Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan.Maranéhna aya nu disebut
moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.
1. Moderator
Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.
a) Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
b) Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
c) Muka jeung nutup jalanna diskusi.
d) Ngatur jalanna diskusi.
e) Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
f)

Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi.

2. Sekretaris
Pancén poko sekretaris diskusi.
a) Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
b) Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi.
c) Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi.
d) Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi.
3. Panelis
Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas
diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah
atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé
narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.
4. Peserta
Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi.
Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi,
sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku
sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta
andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.
C. Tata Cara Diskusi
Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.
1. Meunang idin ti moderator
Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu
meunang idin ti moderator.Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang
nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.
2. Ngenalkeun Diri
Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu
saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana
perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.
3. Nepikeun Saran atawa Pamanggih

Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.
a. Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu
jelas.
b. Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.

Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:
1. Muka diskusi
a. Ngucap salam
Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!
Wilujeng énjing para wargi.
b. Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.
“Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi
ngalungguhan
pangulem
c. Nepikeun pamaksudan diskusi.

pribados

kanggo

ngahadiran

ieu

acara.

Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo
ngabadantenkeun rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu,
sareng biaya anu diperyogikeun”.

2. Ngatur jalanna diskusi
Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamingpin diskusi dina ngatur atawa
ngarahkeun jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.
a. “Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran!”.
b. “Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé
ngabadantenkeun tempat sareng waktosna heula”.
c.

“Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara
voting…”

d. “Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget
deui. Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat”.
3. Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.
a. “Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…”
b. “Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu
tos tiasa ku urang disimpulkeun…”
c.

“Alhamdullilah, sadérék sadaya, rapat tos tiasa ngahasilkeun sababaraha kaputusan
penting. Mudah-mudahan sadayana mangpaat sareng tiasa ku urang dilaksanakeun
kalawan lancar”.

D.

Niténan Lumangsungna Diskusi.
Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa
pangamat wungkul.Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prakprakan bener-bener alus, sakaligus bisa dijadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh
goréng.
Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna
hiji diskusi.

1.

pamingpin diskusina adil tur wijaksana?

2.

ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?

3.

para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?

4.

pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?

5.

pasualan-pasualan
diskusi
téh
kapecahkeun
kalawan
tuntas?
Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina
jeung kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.
E.
Ngalaporkeun Hasil Diskusi
Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu
diputuskeun dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara
tinulis.Gunana pikeun padoman para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip
organisasi.Laporan éta perlu ogé ditepikeun ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala
sakola.Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna ditepikeun ka lurah atawa kuwu.
Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:

1.

jejer atawa masalah nu didiskusikeun,

2.

tujuan diskusi,

3.

para pelaksana jeung pamilon diskusi,

4.

tempat jeung waktu diskusi,

5.

hasil-hasil diskusi,

6.

kacindekan.

Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,
1.

pangbubuka







kasang tukang diskusi
jejer/masalah diskusi
tujuan diskusi
tempat/waktu
pamilon

2.

3.

4.

hasil diskusi




poko-poko masalah nu didiskusikeun
pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat





kacindekan-kacindekan diskusi
pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)
saran-saran

panutup

lampiran
Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi,
saperti;





jadual diskusi
susunan acara diskusi
daftar pamilon diskusi.

Jalma nu mingpin sawala disebut Panumbu Catur(Moderator), anu nuliskeun hasil
sawala disebut Girang Serat (Sekretaris), ari nu sejenna anu ilubiung dina
lumangsungna kagiatan sawala disebut pamilon(peserta).
Pamingpin
sawala/panumbu
catur/moderator
ngabogaaan
kawajiban
pikeun
ngarumuskeun masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeun teu ukur
jawaban anu “bener” atawa “salah”.
Pamingpin sawala anu hadenyaeta kudu :
1) apal aturan perkara sawala,dina mere lolongkrang nyarita ka para pamilon,
ngamangfaatkeun waktu nu disadiakeun, jeung ngarumuskeun kacindekan;
2) sabar;
3) ngahargaan unggal pamadegananu diasongkeun ku panyatur atawa pamilon;
4) jujur, someah, teu nogencang(beurat sabeulah).

Kagiatan nu aya dina Sawala :
1) Ngawangun sababaraha kelompok sawala;
2) Unggal kelompok nangtukeun materi anu rek disawalakeun, topikna bisa milih,
diantarana : a.Basa Daerah perlu di mumule, b.Ngamekar– keun Kasenian tradisional,
c.Ngaronjatkeun hasil tatanen, d.Tarekah ngaronjatkeun prestasi diajar, e.Miara
kabersihan lingkungan.
3) Unggal kelompok nuliskeun perelean (rincian) eusi sawala luyu jeung salah sahiji
topik anu dipilih di luhur:
4) Unggal kelompok nangtukeun saha-sahana anu jadi panyatur, panumbu catur, jeung
girang serat;
5) Merenahkeun meja jeung korsi tempat lumangsungna sawala:

6) Jawab kalawan logis sakur pananya ti pamilon;
7) Wani ngoreksi jeung jembar narima saran ti kelompok sejen;
8) Tuliskeun kacindekan hasil sawala;
Pangaweruh Basa Sunda
Ngaran Tempat
Karapyak

: kandang Sapi/Munding

Gedogan

: kandang Kuda

Paranje

: kandang Domba/Hayam

Pagupon

: kandang Japati

Karangkeng

: kandang sato galak

Pawon

: tempat hawu/dapur

Padaringan

: tempat neundeun beas

Pangkeng

: tempat sare

Alun-alun

: puseur kota

Jongko

: wangunan paragi dagang

Palalangon
Ubrug
Leuit
Elos
Lio

: wangunan nu aya di sisi leuweung paranti ngintip sato bururan
: adegan tempat digawe sawatara lilana
: adegan tempat ngampihan pare
: tempat nyieun jeung gagaringkeun bata atah
: tempat pameuleuman bata

Padumukan

: tempat nganjrek/lembur

Saung

: tempat ngiuhan patani/tukang kebon ngareureuhkeun cape

Soal Ulangan Tengah Semester Ganjil 2013 Basa jeung
Sastra Daerah (Sunda)
I.

Pilih ku hidep a, b, c, d, atawa e, anu paling bener eusina !
Titenan sempalan dongeng di handap ieu!
Nyi Pohaci Sanghyang Asri
Tungtungna Anta dongkap di Jonggring Saloka, istana Sanghyang Batara Guru,
ngahaturkeun endog mustika hiji-hijina kanggo panguwasa kahyangan. Batara Guru
bungah, seneng pisan nampi mustika nu gurilap mencrang pikareuseup diténjo. Saatos
wawuh yén eta mustika salérésna endog ajaib, Batara Guru nitah Anta nyileungleum éta
endog geura megar.
Saatos sakian lami nyileungleum, Anta hasil megarkeun endog. Ajaibna nu medal
tina endog teh bayi inji nu geulis, alus, lucu pisan. Eta bayi dipulung anak ku Batara Guru
sareng pamajikanana Batari Uma.
Eta bayi dinamian Nyi Pohaci Sanghyang Asri. Lami-lami Nyi Pohaci manjing jadi mojang
nu geulisna kacida pisan. Mojang nu bageur, alus budi, lemes cariosanana, linuhung, téja
sukmana, matak kayungyun, dipikareuseup para dewa saantero kahyangan. Sasaha wae
nu ninggali sang pohaci bakalan mikacinta, resep ka sang dewi.
Akibat teungteuingeun geulisna ngelehkeun para pohaci, bidadari, batari jeung
para dewi dina kahyangan, Batara Guru oge mikacinta pun anak pulungna. Cicingeun

Batara Guru gaduh hasrat, kahayang ngawinan Nyi Pohaci. Ningali galagat Batara Guru,
para dewa hariwang jeung risi. Mun dianteupkeun kalakuanana ieu bakalan jadi aéb,
ngérakeun, ngaruksak kasaluyuan kahyangan. Saterusna para dewa barempag, nyusun
siasat kanggo misahkeun Batara Guru jeung Nyi Pohaci Sanghyang Asri.
Supados moal aya parkara nu ngérakeun kahyangan, para dewa satuju yen
sakedahna Nyai Asri dipaéhan. Para dewa abur-aburan ngalalana saantero jagat milarian
racun nu pang peurahna. Saatos kakumpul, racuna dicampurkeun dina inuman Nyai
Pohaci nu teu nyaho ngaleueut eta racun, teras karunya pisan, sang pohaci maot. Saatos
maotna sang dewi, jagat géhgér, bumi eundeur lindu, ti langit gelap sasamber, angin
gedé ngagelebug. Sanghyang Kersa, dewa agung pangluhurna nu tiasana cicing wae teu
katénjo, janten amarah teu nampi kajahatan nista para dewa maéhan mojang suci nu teu
boga dosa. Paur ngarasa boga dosa, sieun ku amarah Sanghyang Kersa, para dewa geura
ngagotong layon Nyi Pohaci, disumputkeun di bumi, dikuburkeun di leuweung nu tebih
jeung jero pisan.
Para dewa nu sanés nu teu terang perkara saleresna, janten nalangsa lantaran
Sanghyang Asri sirna. Margi sang Nyai Pohaci teh mojang suci nu teu boga dosa, dina
astanana muncul kaajaiban, sagala rupi tatangkalan nu seueur gunana sumekar tina
astanana.
1.

Saha ari Dewi Sri nu katelah aya dina dongeng diluhur ...

a. Sanghyang Asri
b. Nyai Pohaci
c.

Bidadari ti Jonggring Saloka

d. Nyai Pohaci Sanghyang Asri
e. Dewi Sri

2.

Numutkeun eta dongeng geuning Nyai Pohaci teh dilahirkeun …

a.

ku Batara Guru

b.

ti Sanghyang Kersa

c.

tina endog mustika

d.

ku Anta

e.

ti kalangan bidadari Jonggring Saloka

3.

Nu jadi lantaran Nyai Pohaci nepi ka di tandasa dipegatkeun patina nyatana ....

a.

Kageulisana ngelehkeun bidadari

b. Nyai Pohaci maotna diracun
c.

Nyi Pohaci nyababkeun jagat gehger

d. Batara Guru hasrat ngawin Nyai Pohaci
e.

4.

Putusan Sanghyang Kersa jagat raya

Jagat gehger, bumi eundeur, gelap nyamber, mega aleum, anging ngagelebug
nembongkeun ciciren maotna Nyai Pohaci, alatan Nyai Pohaci …

a.

mojang nu suci teu boga dosa

b.

bidadari putri Batara Guru nu geulis

c.

diracun ku kaisinan Sanghyang Kersa

d.

numuwuhkeun rupaning tatangkalan

e.

durhaka ka Batari Uma

5.

Dongeng diluhur kaasup kana pasingan jenis dongeng ...

a.

fabel

b.

farabel

c.

mite

d.

sage

e.

legenda

6.

Istilah kecap dina basa Sunda nu dipake pikeun ngabedakeun istilah panata acara nyaeta


a.

biantara

b.

master of ceremony

c.

presenter

d.

calagara

e.

7.

sawala

Rarancang dina nyiapkeun diri pikeun nata acara kudu dikonsep dina wangun tulisan, nu
dipiharep sangkan carita teu patojaiyah jeung acara nu lumangsung, diantara runtuyan
nu poko nyaeta …

a.

bubuka, muka acara, medar runtuyan acara, nyindekkeun acara, panutup

b.

bubuka, medar runtuyan acara, pangdeudeul nu gaduh acara, panutup

c.

bubuka, salam, medar eusi, nyindekkeun acara, nutup acara

d.

salam, bubuka, pangwilujeng, mernahkeun acara, nutup acara

e.

salam, bubuka, eusi, panutup

8.

“Assalaamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh.
Langkung tipayun urang sami-sami muji syukur ka Robbul Gofur, wireh urang sadaya
dina danget ieu masih keneh dipaparin kasehatan, miwah kakiatan geusan sinaksen,
riung mungpulung dina patepung lawung patepang wajah raraga ngaresmikeun Pondok
Santri Almarwah 2013”.
Dina eta ungkara sok dikedalkeun dina waktu …

a.

ngawilujengkeun ka anu haladir

b.

medar eusi biantara

c.

muka acara

d.

nyimpulkeun acara

e.

nutup acara

9.

“Hapunten anu kasuhun, bilih aya saur nu teu kaukur , basa nu teu kaungkara, tisoledat
ucap katut lengkah nu pasolengkrah, neda agung culup lumur jembara sihampura, tutus
langkung kepang halang,
bobo sapanon carang sapakan”.
Ungkara kalimah ieu mah diucapkeun mangsa ...

a.

pasamoan ngawilujengkeun ka tatamu

b.

pangwilujeng sumping kanu haladir

c.

nutup acara ku babasan paribasa

d.

salam panutup beresna acara

e.

10.

nyindekkeun beresna acara

Nu jadi ukuran suksesna saurang panata acara gumantung kana sababaraha wangenan,
diantarana …

a.

wawanen, museur na acara, nguasai situasi, panceg dina galur

b.

niat nu hade, museur na acara, panceg dina galur

c.

wawanen, panceg dina galur, teu galider, tanpa kasalahan

d.

wawanen, mawa karep, nguasai panggung, beres roes

e.

lungguh, ampuh, timpuh, bayubuh

11. Budaya lokal jeung nasional kiwari kasampak pohara kuno, komo aya generasi ngora anu
éra diajarna, pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat.
Rasa bangsa beuki leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak ti batan
budaya sorangan, kaayaan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, hal ieu nu
ngakibatkeun ...

a.

urang Sunda kurung batok

b.

urang Sunda teu nolih budaya deungeun

c.

urang Sunda tetep nanjeur

d.

urang Sunda leungit jati dirina

e.

urang Sunda jati kasilih ku kiara

12. Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal
tujuan hirup. Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina
ngambah kahirupan di dunya ieu, diantarana waé nya éta …

a. cageur, badeur, bener, singer, pinter
b. cageur, bageur, bener, singer, pinter
c.

cageur, bageur, jejer, bener, singer

d. cageur, badeur, singer, pinter, deker
e.

cageur, bener, bageur, eundeur, singer

13. Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa. Hartina
urang Sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa.

Sistem duduluran masarakat Sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun
dua faktor nya éta …

a.

turunan jeung pancakaki

b.

turunan jeung kulawarga

c.

turunan jeung ritual nikah

d.

karuhun jeung turunan

e.

turunan jeung kakarabatan

14. Jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda aya panta-panta
sosial. Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da
aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun
utang Timur asing (Cina, Arab, jste). Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna.
Tapi ku lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta
diantarana …

a.

menak jeung pribumi

b.

menak, ningrat, somah, semah

c.

menak jeung cacah kurikacan

d.

menak, santana, somah, cacah kuricarewu

e.

menak, cacah, santana, somah

15. Ageman masarakat Sunda baheula nya éta ageman pituin urang Sunda nya éta Sunda.
Sanajan mustahil pikeun nyaho sacara pasti kawas naon kapercayaan Sunda Wiwitan
jeung iraha tumuwuhna, tapi numutkeun pitunjuk bisa kapanggih dina ….

a.

prasasti jeung anggapan suku baduy

b.

puisi-puisi epik

c.

wawacan jeung prasasti

d.

wawacan jeung anggapan suku baduy

e.

puisi-puisi epik kuno

II.

Jawab jeung eusian !

1.

Tengetan sempalan Dongeng dihandap ieu sing antare!
Mundinglaya Dikusumah
Mundinglaya Dikusumah ngarupakeun carita rahayat Sunda. Carita rahayat kasebut
nyaritakeun kahirupan saurang menak Sunda dina jaman Karajaan Sunda anu pinuh
kaprihatinan
terus
diangkat
jadi
raja
ngagantikeun
ramana
nyaeta Prabu
Silihwangi.Karajaan Sunda mindeng disebut ku sakumna urang Sunda sareng
menak Jawa sabagePajajaran (ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda) sanggeus Cirebon
jeung Banten misahkeun diri ti eta karajaan.
Sumber
Carita rahayat ieu sumberna tina tradisi lisan urang Sunda anu disebut pantun, anu
saterusna osok ditulis dina wangunan buku carita ku para panulis boh dina Basa
Sundaatanapi Bahasa Indonesia.
Situs batu Munding Jalu (Mundinglaya) anu aya di tengah sawah Kampung Cibitung, Desa
Mukapayung, Kecamatan Cililin, Kabupaten Bandung Barat. Situs nu raket pakaitna jeung
legenda Ksatria Mundinglaya.
Prabu Silihwangi ngagaduhan dua urang garwa nyaéta Nyimas Tejamantri sarta
Nyimas Padmawati anu jadi permaisuri. Ti Nyimas Tejamantri, Prabu Silihwangi
ngengingkeun saurang

Dokumen yang terkait

ANALISIS SISTEM TEBANG ANGKUT DAN RENDEMEN PADA PEMANENAN TEBU DI PT PERKEBUNAN NUSANTARA X (Persero) PABRIK GULA DJOMBANG BARU

36 327 27

Keanekaragaman Makrofauna Tanah Daerah Pertanian Apel Semi Organik dan Pertanian Apel Non Organik Kecamatan Bumiaji Kota Batu sebagai Bahan Ajar Biologi SMA

26 317 36

Hubungan antara Kondisi Psikologis dengan Hasil Belajar Bahasa Indonesia Kelas IX Kelompok Belajar Paket B Rukun Sentosa Kabupaten Lamongan Tahun Pelajaran 2012-2013

12 269 5

Pengaruh mutu mengajar guru terhadap prestasi belajar siswa bidang ekonomi di SMA Negeri 14 Tangerang

15 165 84

Upaya guru PAI dalam mengembangkan kreativitas siswa pada mata pelajaran pendidikan agama islam Kelas VIII SMP Nusantara Plus Ciputat

48 349 84

Hubungan kecerdasan emosional dengan hasil belajar pada mata pelajaran ekonomi di kelas X SMA Darussalam Ciputat Tangerang Selatan

16 134 101

Kajian Visualisasi Motif Batik priangan Berdasarkan Estetika Sunda Pada kelom Geulis Sagitria Tasikmalaya

10 104 59

Pembangunan aplikasi e-learning sebagai sarana penunjang proses belajar mengajar di SMA Negeri 3 Karawang

8 89 291

PENGGUNAAN BAHAN AJAR LEAFLET DENGAN MODEL PEMBELAJARAN THINK PAIR SHARE (TPS) TERHADAP AKTIVITAS DAN HASIL BELAJAR SISWA PADA MATERI POKOK SISTEM GERAK MANUSIA (Studi Quasi Eksperimen pada Siswa Kelas XI IPA1 SMA Negeri 1 Bukit Kemuning Semester Ganjil T

47 275 59

PENGARUH HASIL BELAJAR PENDIDIKAN KEWARGANEGARAAN TERHADAP TINGKAT APLIKASI NILAI KARAKTER SISWA KELAS XI DALAM LINGKUNGAN SEKOLAH DI SMA NEGERI 1 SEPUTIH BANYAK KABUPATEN LAMPUNG TENGAH TAHUN PELAJARAN 2012/2013

23 233 82