TUKUH CIBURUY: Ulikan etnografi di Kabuyutan Ciburuy Kacamatan Bayongbong Kabupaten Garut.

(1)

iv DAFTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

DAFTAR EUSI ... iii

BAB I BUBUKA………. 1

1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Rumusan jeung Watesan Masalah ... 6

1.2.1 Rumusan Masalah ... 6

1.2.2 Watesan Masalah ... 6

1.3 Tujuan Panalungtikan ……….. 7

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 7

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 8

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 8

1.5 Anggapan Dasar ... 9

1.6 Défisi Operasional ... 10

BAB II ETNOGRAFI, SEMIOTIK, JEUNG TRADISI DI KABUYUTAN CIBURUY ... 12

2.1 Etnografi ... 12

2.2 Sémiotik ……… 15

2.2.1 Wangenan Sémiotik………...……… . 15


(2)

v

2.3 Gambaran Kosmologi……….. .. 21

2.4 Tradisi……….. 24

2.5 Sistem Ajén-inajén jeung Kapercayaan di Masakat Sunda ………..……… 26

2.6 Konsépsi Kabudayaan Masarakat Sunda……… 34

2.6.1 Kabuyutan……… . 34

2.6.2 Titinggal Sajarah jeung Purbakala di Kabuyutan….…… 37

BAB III METODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Métode Panalungtikan……….. 41

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ………...……..….... 42

3.3 Ngumpulkeun Data dina Panalungtikan Etnografi……… 43

3.4 Instrumén Panalungtikan …...………..…… 44

3.5 Lokasi Panalungtikan ………. 44

3.6 Nara Sumber ……….……….. 45

3.7 Analisis Data……….……….. 47

BAB 1V TUKUH CIBURUY DI KABUYUTAN CIBURUY KACAMATAN BAYONGBONG……….. 48

4.1 Déskripsi Kabuyutan Ciburuy ... 48

4.1.1 Lokasi Kabuyutan Ciburuy ... 48

4.1.2 Struktur jeung Kapamingpinan Adat Kabuyutan Ciburuy……….. 50


(3)

vi 4.1.3 Titinggal Sajarah jeung Purbakala Kabuyutan

Ciburuy………... 50

4.2 Términologi Tukuh Ciburuy……… 63

4.3 Tradisi dina Tukuh Ciburuy………. 66

4.3.1 Pantrangan………... 66

4.3.2 Upacara Séba………... 67

4.3.2.1 Bahan jeung Alat……….…. 69

4.3.2.2 Waktu……… 70

4.3.2.3 Prakprakanana Upacara Séba……… 72

4.4 Tanda Indéks jeung Gambaran Kosmologi dina Tukuh Ciburuy di Kabuyutan Ciburuy ………... 79

4.4.1 Tanda Indéks jeung Gambaran Kosmologi dina Kagiatan Beberesih………... 80

4.4.2 Tanda Indéks jeung Gambaran Kosmologi dina Kagiatan Nyalikkeun……….. 82

4.4.3 Tanda Simbol jeung Gambaran Kosmologi dina Pakakas jeung Sasajén Séba………. 83

5.5 Pedaran Hasil Panalungtikan………... 85

BAB V KACINDEKKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekkan ... 90


(4)

vii DAFTAR PUSTAKA……….... 98 LAMPIRAN-LAMPIRAN……… 101 RIWAYAT HIRUP


(5)

1 BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Dina kahirupan urang Sunda aya babasan anu unina tukuh Ciburuy. Éta babasan téh biasana dilarapkeun ka jelema nu teu daék ngarobah cecekelan, sanajan moal aya matakna (Satjadibrata, 2005: 420). Babasan tukuh Ciburuy ngandung harti yén éta jelema téh kukuh pengkuh dina sikep jeung pamadegan, teu bisa digoda atawa dibibita ku hal séjén demi kayakinan nu diagem atawa dicekel ku dirina.

Kecap Ciburuy nu jadi pangwangun frasa éta babasan téh tangtu nuduhkeun hiji tempat, tur tempat nu ngaranna Ciburuy téh henteu ngan hiji. Ngan baé, mun dipatalikeun jeung harti éta babasan, kecap Ciburuy téh tangtu ngarujuk ka hiji tempat atawa Kabuyutan nu kiwari disebut situs Ciburuy. Pernahna aya di Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Pernahna di suku Gunung Cikuray, anu ceuk katerangan para ahli bisa jadi urut Kabuyutan. Dina Ajip Rosidi saparakanca (2000: 162) ogé diterangkeun yén Ciburuy téh baheulana Kabuyutan sarta pangeusina kasohor nyekel bari pageuh tali paranti (adat-istiadat) nu turun-tumurun, nepi ka sikep siga kitu téh disarebut tukuh Ciburuy (Rosidi, 2000: 162).

Hiji babasan téh gelarna henteu kitu baé. Umumna, gelarna téh tina pangalaman hirup anu dianggap geus puguh polana atawa pangalaman nu kauji


(6)

bebeneranana. Saupama babasan “tukuh Ciburuy” dina (Satjadibrata, 2005: 420) dihartikeun kana sikep anu hésé dirobahna, éta ogé tangtu lahir tina pangalaman hirup manusa nu geus kauji ayana jeung bebeneranana. Hartina yén babasan tukuh Ciburuy téh mémang ngagambarkeun hiji pangalaman hirup di hiji komunitas atawa pakumbuhan anu masarakatna hésé ngarobah kabiasaan atawa keukeuh peuteukeuh nyekel hiji aturan. Antukna éta pola kahirupan téh nepi ka jadi kacapangan anu lian tur dilarapkeun ka sing saha baé anu dianggap boga sipat nu sarua jeung urang Ciburuy.

Anu jadi pertanyaan, kumaha saenyana sipat atawa kabiasaan anu dikeukeuhan ku urang Ciburuy nepi ka antukna jadi kacapangan sarta gelar dina babasan. Lamun ngarujuk kana katerangan Ajip Rosidi saparakanca, yén Ciburuy téh urut hiji Kabuyutan, tangtu éta kabiasaan téh patali jeung tradisi nu sok kapanggih di Kabuyutan. Ari nu disebut Kabuyutan téh lokasi anu baheulana jadi tempat kagiatan kaagamaan minangka pangaruh tina agama Hindu. Kabuyutan téh sok disebut mandala, tempat para pedéta méré pangajaran agama ka murid-muridna, ngadu’akeun kasalametan jeung karaharjaan raja jeung nagarana, sarta tempat nuliskeun ajaran agama tur pangaweruh lianna. Pangeusina meunang panangtayungan sarta jaminan hirup ti raja tur dibébaskeun tina kawajiban mayar pajeg (Rosidi, 2000: 315).

Istilah Kabuyutan ogé kapanggih dina sawatara prasasti jeung naskah kuno, seperti dina Prasasti Kabantenan jeung naskah Amanat Galunggung (Koropak 632). Di dinya dijelaskeun yén Kabuyutan téh penting pungsina pikeun raja. Kabuyutan sok dihartikeun minangka tempat suci, tempat tapa para wiku


(7)

atawa pandita, sarta dianggap minangka puseur kakuatan raja jeung karajaanana. Henteu anéh pikeun jaman harita mun rék nalukkeun hiji karajaan téh nu pangheulana diancurkeun ku musuh nya Kabuyutan. Mun raja hasil nangtayungan éta Kabuyutan, kahormatan éta raja dianggap punjul. Sabalikna, raja nu teu bisa nangtayungan Kabuyutan atawa bisa direbut ku musuh, martabat raja dianggap ruksak tur harga dirina teu bina ti kulit lasun di jarian (Wartini, 2007:21-23).

Salian ti éta, di Kabuyutan atawa mandala téh kapanggih tradisi-tradisi anu ku pangeusina dijalankeun bari kukuh pengkuh. Ceuk Danasamita (1986:5-7), éta téh bagian tina konsép tapa nu lumrah dijalankeun ku masarakat Sunda buhun. Konsep tapa anu dimaksud téh nya éta tapa di mandala, di sagigireun aya tapa di nagara. Tapa di mandala nya éta ngajalankeun kawajiban di mandala, atawa ngajaga tali paranti anu geus diwariskeun turun tumurun ku karuhun keur ngajaga kasucian mandala atawa Kabuyutan. Ari tapa di nagara, nya éta tapa anu dijalankeun ku raja atawa pamaréntahan dina raraga nyumponan kawajiban dina ngaheuyeuk jeung ngama’murkeun nagara jeung rahayatna.

Saupama aya tradisi anu dikeukeuhan ku urang Ciburuy, tangtu éta ogé patali jeung konsép anu didadarkeun ku Danasasmita, nya éta konsép tapa di mandala. Dumasar kana katerangan ti sawatara sumber, minangka Kabuyutan atawa mandala, di Ciburuy mémang kapanggih sawatara tradisi anu béda jeung kabiasaan masarakat di sabudeureunana. Lian ti éta kapanggih titinggal-titinggal jaman baheula, anu kacida dirumat jeung dijagana ku masarakat di dinya.

Anu leuwih kajojo tina tradisi di Kabuyutan Ciburuy, tur geus réa dipublikasikeun, nya éta tradisi séba. Ngan baé, istilah “séba” di Ciburuy mah


(8)

rada béda jeung istilah séba anu dipaké dina ritual adat di tempat séjén, upamana baé upacara séba nu dilakonan ku urang Kanékés anu leuwih dipikawanoh minangka urang Baduy Jero. Istilah “séba” dina tradisi masarakat Kanékés ngarujuk kana kagiatan nganjang ka pamaréntahan daérah (Pemda) Kabupatén Lebak atawa pamaréntahan puseur di Jakarta anu tujuan utamana maheutkeun tatali silaturahi antara urang Kanékés jeung pamaréntah, ku cara barang kirim hasil bumi (http://www.explore-indo.com). Ku hal éta, séba pikeun urang Kanékés leuwih deukeut kana istilah “séba” nu sok dijalankeun ku masarakat jaman baheula, nya éta minangka wujud bakti ku cara masrahkeun barang atawa kakayaan ka raja, minangka tanda hormat atawa tanda sumerah diri (LBSS, 1976: 409, Satjadibarata, 2005: 349). Sedengkeun séba di Ciburuy, leuwih dihartikeun minangka masrahkeun diri ku cara ngaberesihan rohani jeung jasmani, sarta neneda jeung ménta pituduh ti karuhun ngarah tinemu jeung hirup anu ayem tengtrem, diberekahan, tur teu méngpar tina tetekon (aturan/tradisi) nu geus diwariskeun ku adat. Ngandung harti yén “séba” pikeun masarakat Kanékés mah sipatna horizontal, ari “séba” pikeun masarakat di Ciburuy mah sipatna vértikal.

Pikeun masarakat di Ciburuy, upacara séba saolah-olah jadi pameungkeut antara anggota kulawarga atawa katurunan Ciburuy pikeun papada tuhu kana aturan adat. Dina waktuna upacara séba, lain baé angota kulawarga Ciburuy nu dumuk di sabudeureun Kabuyutan nu daratang téh, tapi nu mukim di jauhna ogé pada ngahajakeun jul-jol rék nyaksian upacara séba. Tradisi éta pisan anu sok diidéntikeun jeung istilah “tukuh Ciburuy” téh. Tukuh nu hartina keukeuh atawa teu ingkar dina kontéks upacara seba mah bisa dijelaskeun minangka sikep


(9)

karabat atawa katurunan Ciburuy anu teu ingkar tina tradisi karuhunna. Ku sabab éta, waktu upacara séba dilaksanakeun, sakabéh karabat atawa katurunan Ciburuy papada ngalaksanakeun kawajibanana pikeun ngahadiran upacara bari satia.

Dina upacara séba deuih aya sawatara ritual anu prak-prakanana maké aturan nu teu meunang dilanggar. Upamana aturan ngarumat jeung miara naskah buhun nu loba nyampak di éta Kabuyutan. Ku hal éta, loba naskah anu can katalungtik naon eusina teu bisa dibawa kaluar ku panalungtik atawa ku saha baé ogé, keur ditalungtik eusina atawa pikeun kaperluan séjén. Naskah tetep disimpen dina koropak nu ngan bisa dibuka dina upacara séba, atawa dina waktu-waktu nu tangtu kalawan widi ti kuncén.

Ayana sawatara naskah kuno nu aya di Kabuyutan Ciburuy, ogé jadi perhatian para panalungtik. Loba panalungtikan ngeunaan Kabuyutan Ciburuy anu fokusna dipuseurkeun kana ulikan naskah atawa leuwih nyoko kana ulikan filologi. Sedengkeun kana tradisi anu nyampak di Ciburuy can pati réa kapaliré. Upamana, can aya anu daria nalungtik soal upacara séba jeung tradisi nu patali jeung kabiasaan sapopoé masarakat di Ciburuy.

Patali jeung éta pisan, ieu panalungtikan digarap pikeun mikanyaho sacara jembar kumaha saenyana tradisi atawa adat istiadat anu nyampak di Kabuyutan Ciburuy jeung dikukuhan ku masarakatna. Ayana babasan tukuh Ciburuy, sakumaha anu geus didadarkeun di luhur, lain baé términologi anu ngagambarkeun sikep jeung paripolah manusa nu ngarujuk kana kataatan miara tradisi, tapi boa-boa lahir tina hiji kosmologi atawa kahirupan budaya di lingkungan masarakat Kabuyutan Ciburuy nu ngawengku rupa-rupa aspék. Ku hal


(10)

éta, tukuh Ciburuy lain baé patali jeung prak-prakan upacara séba atawa ngarumat naskah buhun, tapi bisa jadi patali jeung aturan adat séjénna anu papada dijaga jeung dipiara ku masarakat di Kabuyutan Ciburuy, nu salila ieu can pati kaguar ku panalungtik. Dina raraga éta pisan, ieu panalungtikan dijudulan: “Tukuh Ciburuy: Ulikan Étnografi Di Kabuyutan Ciburuy Kacamatan Bayongbong Kabupatén Garut.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan, perlu ngawatesanan masalah ruang lingkup jeung wates-wates nu di talungtik. Ieu studi téh rék ngadadarkeun rupaning hal nu aya patalina jeung omongan tukuh Ciburuy ditilik tina Studi Étnografi di Lingkungan Kabuyutan Ciburuy Kacamatan Bayongbong Kabupatén Garut. Ieu panalungtikan diwatesanan, dumasar nu geus dijelaskeun dina kasang tukang, nya éta medar upacara Séba, miara atawa aturan mupusti barang-barang titinggal karuhun, larangan-larangan poé jeung saha waé nu bisa asup ka Kabuyutan Ciburuy, aturan saha anu kudu jadi Kuncén, sarta mana waé nu kaasup nu mangrupa simbol jeung indéks.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung pedaran di luhur, ieu panalungtikan bakal dipuseurkeun kana masalah-masalah étnografis anu sawanganana miang tina términologi tukuh Ciburuy. Sangkan puguh gék-gékanana, masalah ieu panalungtikan dirumuskeun siga ieu di handap:


(11)

1) Kumaha tukuh Ciburuy dihartikeun atawa dipikapaham ku masarakat di Kabuyutan Ciburuy?

2) Naon baé tradisi anu dipikukuh ku masarakat di lingkungan adat Kabuyutan Ciburuy nu antukna ditafsirkeun atawa dipikapaham ku masarakat di luareunana minangka réprésentasi tina tukuh Ciburuy?

3) Kumaha tanda simbol jeung gambaran kosmologi dina Tukuh Ciburuy di Kabuyutan Ciburuy, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, tujuan ieu panalungtikan ngawengku hal-hal ieu di handap:

1) Ngadéskripsikeun terminologi tukuh Ciburuy boh nu dipikapaham ku masarakat di Kabuyutan Ciburuy boh nu dipikapaham ku masarakat di luar Kabuyutan;

2) Ngadéskripsikeun tradisi katut fungsina anu dipengkuhan ku masarakat di lingkungan adat Kabuyutan Ciburuy, nu dipikapaham ku masarakat di luareunana minangka réprésentasi tina tukuh Ciburuy; jeung

3) Tanda simbol jeung gambaran kosmologi dina Tukuh Ciburuy di Kabuyutan Ciburuy, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan digarap kalawan harepan bisa mangpaat boh keur kapentingan tioritis boh keur kapentingan praktis.


(12)

1.4.1. Mangpaat Tioritis

Keur kapentingan tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa:

1) Ngabeungharan pangaweruh, pangpangna sacara étnografis atawa antropologis anu patali jeung tradisi di Kabuyutan Ciburuy. Ieu pangaweruh téh dipiharep bisa ngalengkepan ulikan nu geus aya ngeunaan Kabuyutan Ciburuy, lain baé ulikan anu sifatna filologis kana naskah-naskah anu kasimpen di Kabuyutan, atawa ngeunaan upacara séba di Ciburuy anu ngan sabagian leutik baé tina sakabéh tradisi anu aya di éta Kabuyutan; jeung 2) Nyadiakeun pedaran anu kompréhénsif patali jeung adat atawa tradisi urang

Sunda, hususna tradisi nu nyampak di kampung-kampung adat. Ieu pedaran téh muga-muga gedé gunana pangpangna anu nyampak di situs-situs budaya saperti di Kabuyutan Ciburuy.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Hasil ieu panalungtikan dipiharep bisa digunakeun keur bahan pangajaran di lingkungan pendidikan formal jeung nonformal. Sakumaha loba diguar ku para ahli, pola-pola kahirupan di masarakat adat samodél di Kabuyutan Ciburuy saéstuna ngandung kaunggulan-kaunggulan anu teu kapanggih di komunitas masarakat anu modérn. Éta kaunggulan-kaunggulan téh sok disarebut local wisdom atawa kearifan lokal, anu kabuktian gedé gunana jeung matih dina ngajawab problématika nu disanghareupan ku masarakat kiwari anu cenderung pragmatis.


(13)

Éta kaunggulan téh patali jeung integritas, konsisténsi, atawa kuat pamadegan nepi ka teu babari kabawa ku sakaba-kaba atawa teu panceg dina titincakan. Lian ti éta, masarakat di Kabuyutan ogé tétéla boga cara sorangan dina ngajaga warisan karuhun nepi ka hikmahna karasa langsung dina kahirupan sapopoé maranéhna. Anu teu kurang pentingna, salah sahiji kaunggulan di masarakat adat téh nya éta kuatna hubungan sosial saperti anu ditémbongkeun dina sikep gotong royong antara anggota komunitas. Ieu kaunggulan-kaunggulan téh saéstuna dipikabutuh ku masarakat ayeuna anu beuki individualistis, héngkér integritasna, atawa ngamomorékeun warisan karuhun nepi ka teu bisa nyokot hikmah atawa ngarasakeun mangpaatna.

1.5 Anggapan Dasar

Arikunto (1996: 60) nétélakeun yén anggapan dasar nya éta dasar tiori pikeun ngalaporkeun hasil panalungtikan. Dumasar kana éta pamadegan, anggapan dasar ieu panalungtikan ngawengku:

1) Tukuh Ciburuy di lingkungan Kabuyutan Ciburuy bisa ngarojong kana kamekaran kabudayaan masarakat sacara lokal; jeung

2) Tukuh Ciburuy di lingkungan masarakat Ciburuy bisa ditalungtik sacara ilmiah, pangpangna maké ulikan étnografi.


(14)

1.6 Definisi Operasional

Patali jeung judul ieu panalungtikan, aya sawatara istilah anu kudu dijéntrékeun definisina. Di antarana baé:

1) Tukuh Ciburuy; lian ti geus jadi babasan anu nuduhkeun sikep nu hésé robahna, ieu istilah ogé ngaréprésentasikeun sikep atawa pamadegan komunitas adat di Ciburuy anu keukeuh peuteukeuh dina ngajalankeun jeung ngarumat tradisi anu diwariskeun ku karuhunna. Ieu définisi téh masih bisa disusud tina harti-harti kecapna sacara harfiah. Unsur frasana ngawengku dua kecap nya éta tukuh nu hartina taat atawa pengkuh pamadegan, sarta Ciburuy nu mangrupa ngaran tempat Kabuyutan di wewengkon Kabupatén Garut nu masarakatna dipikawanoh taat dina ngajaga jeung ngajalankeun tradisi anu mandiri;

2) Étnografi, nya éta widang élmu anu akarna tina antropologi. Hakékatna étnografi téh kagiatan panalungtikan pikeun mikapaham cara atawa kumaha papada jalma ngayakeun interaksi atawa ngayakeun gawé bareng ngaliwatan fenomena kahirupan sapopoé. Étnografi sok dihartikeun ogé minangka gambaran nu sistematis jeung analitis ngeunaan kabudayaan hiji kelompok masarakat atawa suku bangsa nu dikumpulkeun ti lapangan dina waktu anu sarua; jeung

3) Kabuyutan Ciburuy, nya éta situs anu ngawengku kampung jeung komunitas adat anu kiwari sacara administratif kabawa ka Kampung Ciburuy, Désa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Pernahna di suku Gunung Cikuray, gunung pangluhurna di Kabupatén Garut. Wates wilayahna


(15)

beulah kalér Kampung Sindangsari, beulah kidul Kampung Cicayur, beulah kulon Kampung Sadérang, sarta di wétanna Kampung Batugedé.


(16)

41 BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Dumasar kana tujuan anu dihontal, métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta métode kualitatif anu ngagunakeun pamarekan étnografi.

Métode kualitatif dipaké dina ieu panalungtikan jeung pamahaman, dumasar kana métodologi anu nalungtik hiji fénoména sosial jeung masalah manusa. Dumasar ieu pamarekan panalungtik nyieun gambaran kompléks jeung ngalakukeun studi dina hiji situasi anu kaalaman, (Creswell, 1998:15). Métode kualitatif mangrupa prosédur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif mangrupa kecap-kecap tinulis atawa lisan jeung paripolahna ti jalma-jalma anu keur ditalungtik, Bogdan dan Taylor (Moleong, 2007:3).

Analisis kualitatif dilaksanakeun pikeun maham ngeunaan istilah tukuh Ciburuy sakumaha nu dipertélakeun ku para ahli atawa masarakat di luar Kabuyutan sakumaha anu kapanggih dina rupa-rupa réperénsi jeung pamadegan masarakat di lingkungan adat Kabuyutan sorangan. Salian ti éta, dilaksanakeun dokuméntasi jeung déskripsi sajembar-jembarna rupaning adat, tali paranti, atawa kabiasaan di Kabuyutan Ciburuy anu ngawakilan atawa ngaréprésentasikeun sikep atawa pamadegan anu taat kana adat, kukuh pengkuh dina ngajaga jeung miara


(17)

warisan karuhun. Data nu diperlukeun dikumpulkeun ngaliwatan téhnik observasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Saluyu jeung métode panalungtikan, data nu diperlukeun dikumpulkeun ngagunakeun téhnik obsérvasi, wawancara, dokuméntasi jeung ngarékam.

1) Téhnik Observasi, dilaksanakeun pikeun nalungtik langsung kaayaan lingkungan sabudeureun Situs Ciburuy, ngadatangan kuncén, ngimeutan rupaning kaayaan jeung situasi anu lumangsung di Kabuyutan, jeung ngimeutan rupa-rupa hal anu aya pakaitna jeung konsép Tukuh Ciburuy. Hal-hal anu diimeutan ngawengku rupaning adat, tali paranti, atawa kabiasaan di Kabuyutan Ciburuy anu ngawakilan atawa ngaréprésentasikeun sikep atawa pamadegan anu taat kana adat, kukuh pengkuh dina ngajaga jeung miara warisan karuhun. Sangkan bisa meunangkeun informasi anu jéntré, obsérvasi dilaksanakeun kalawan dituyun ku narasumber nu miboga pangaweruh jembar luyu jeung masalah panalungtikan;

2) Téhnik Wawancara, nya éta téhnik anu dilaksanakeun ngaliwatan komunikasi langsung jeung masarakat salaku informan nu aya di Kampung Ciburuy, ku cara ngalaksanakeun wawancara jeung para informan. Padoman wawancara disusun dumasar kecap-kecap konci, hasil wawancarana teu terstruktur nepi ka hasilna perlu diwilah-wilah atawa dipilih luyu jeung masalah panalungtikan; 3) Téhnik Dokuméntasi, mangrupa téhnik pikeun meunangkeun data nu patali


(18)

dicangking ku cara niténan barang-barang sajarah, catetan-catetan, jeung dokuméntasi budaya anu aya di Kabuyutan Situs Ciburuy; jeung

4) Téhnik Ngarékam, nya éta pikeun meunangkan data anu maksimal, ngagunakeun alat pangrékam, sangkan hasil panalungtikan katingali atawa kadéngéna jelas.

3.3 Ngumpulkeun Data dina Panalungtikan Étnografi

Data dina panalungtikan étnografi pangpangna dicangking ngaliwatan prosés ngumpulkeun data dina studi lapangan (fieldwork) ku cara obsérvasi partisipatif, wawancara, jeung analisis artéfak.

a) Observasi mangrupa prosés niténan sacara langsung objék panalungtikan pikeun meunangkeun atawa nyangking pangaweruh perkara nyampakna objék, situasi, kontéks, jeung ma’nana. Observasi bisa dilaksanakeun kalawan partisipatif, nya éta stratégi observasi pikeun nyangking kaakraban nu deukeut jeung jero antara panalungtik jeung kelompok masarakat nu ditalungtikna sacara inténsif jeung alami. Dina prakna obsérvasi partisipatif, aya sawatara peran nu bisa dilakonan ku panalungtik, nya éta:

1) partisipasi gembleng; 2) partisipasi salaku panitén; 3) panitén salaku sponsor; jeung 4) panitén sacara gembleng.

b) Wawancara mangrupa téhnik ngumplkeun data pikeun nyangking informasi ku cara digali langsung ti sumberna ngaliwatan dialog atawa tanya jawab.


(19)

Dina panalungtikan étnografi, wawancara biasana sipatna jero sangkan informasi nu dicangking téh bisa diékplorasi kalawan gembleng jeung écés. Wawancara jero ogé patali jeung kontéks obsérvasi partisipatif.

c) Analisis Artéfak bisa ogé disebut studi dokuméntasi, dilaksanakeun ku cara maluruh, niténan, jeung ngama’naan sumber-sumber dokuméntasi nu nyampak.

Sangkan hasil atawa kacindekan nu dicangking leuwih gembleng jeung valid, dina panalungtikan étnografi perlu ayana triangulasi. Triangulasi dilaksanakeun pikeun mariksa data atawa informasi nu dicangking tina rupa-rupa sumber data kalawan ngamangpaatkeun kombinasi rupa-rupa métode.

3.4 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data anu dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Alat pangrékam (handycam); 2) Padoman wawancara; 3) Angkét; jeung

4) Kaméra.

3.5 Lokasi Panalungtikan

Lokasi nu jadi obyék ieu panalungtikan nya éta Kampung Ciburuy, Desa Pamalayan, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut. Sangkan leuwih jéntré, lokasi panalungtikan bisa dititénan dina peta sakumaha ieu di handap.


(20)

Gambar 3.1: Peta Situs Kabuyutan Ciburuy

3.6 Nara Sumber

Narasumber atawa informan nya éta pihak-pihak anu ngarojong lancarna panalungtikan, nu méré informasi atawa katerangan ngeunaan hal-hal anu diperlukeun dina panalungtikan. Panalungtik kudu bisa nepikeun sawatara pertanyaan kalawan sistematis, sangkan narasumber nu diwawancara bisa


(21)

ngajawab sarta ngajelaskeun kalawan jéntré tur daria. Tapi panalungtik ogé kudu nyadiakeun waktu anu salsé pikeun ngawawancara kuncén jeung narasumber séjénna. Sabab lamun teu aya ijin ti kuncén, panalungtik moal bisa meunangkeun informasi atawa katerangan-katerangan anu akurat. Lamun panalungtik ujug-ujug datang ka éta tempat, pasti kuncenna can siap nyaritakeun kaayaan situs sacara gembleng, lantaran kuncén leuwih apal mana anu kudu dijawab mana anu henteu perlu dijawab.

Informasi nu diperlukeun patali jeung tukuh Ciburuy disungsi ku cara nalungtik langsung ka éta tempat jeung ngalakukeun wawancara ka sawatara pihak, di antarana kuncén, masarakat, jeung tokoh.

1) Kuncén (nu ngajaga situs Kabuyutan Ciburuy).

Kuncén téh juru kunci nu nyaho kumaha kaayaan di situs Kabuyutan Ciburuy. Kuncén situs téh ngaranna Ujang Nana Sumpena, ieu Kuncén téh kaasup entragan nu ka-199. Saméméh Ujang, entragan nu ka-198 nya éta Abah Engkon, ramana Ujang. Ceuk dina aturan, anu kudu jadi kuncén téh nya éta anu masih katalian getih atawa masih saturunan. Jadi kuncén téh henteu sagawayah dipilih,tapi ieu hiji amanat anu dilungsurkeun ku kuncén saméméhna. Jadi teu meunang dipikahayang ogé teu bisa diulah-ulah. Lamun ceuk kuncén saméméhna nunjuk ka salah sahiji budakna, hartina kudu nampa, tan ngarasa kapaksa. Sanajan anak kuncén téh aya salapanna tapi dilungsurkeunna ka anak nu pangleutikna nya éta Kang Ujang téa. Kawilang langka nu jadi kuncén umurna ngora, saperti ieu Kang Ujang, ti sawatara kuncén saméméhna Kang Ujang kaasup kuncén pangorana. Jadi kuncén teu


(22)

meunang sakadaék, kudu narima kalawan ihlas. Kuncén kacida tukuhna kana éta aturan, sanajan anu nalungtikna pejabat luhur tetep kuncén nyepeng kana aturanana.

2) Masarakat Kampung Ciburuy, nu geus kaasup mayoritas masarakat anu tukuh.

3) Tokoh nu dipercaya jeung nyaho kana rupa-rupa nu sok dilakukeun ku masarakat Ciburuy, utamana ngeunaan tradisina.

3.7 Analisis Data

Data hasil panalungtikan dianalasis sacara déskripif-kualitatif. Data dianalisis sacara langsung tina hasil obsérvasi jeung wawancara, nu dilaksanakeun luyu jeung masalah tur tujuan panalungtikan. Léngkah-léngkahna ngawengku réduksi data, midangkeun data, katut nyindekkeun jeung vérifikasi, nu dilaksanakeun sacara babarengan, sakumaha bagan ieu di handap.

Bagan 3.1: Tehnik Analisis Data Interaktif (Miles jeung Huberman, 1992:16)


(23)

Saméméh dianalisis, data nu geus dikumpulkeun téh diklasifikasikeun ngaliwatan téhnik-téhnik sakumaha anu geus disebutkeun di luhur. Sabada diklasifikasikeun, data diréduksi ngaliwatan prosés séléksi, museurkeun, ngabasajankeun, jeung abstraksi data kasar. Data téh diséléksi ku jalan milah-milah kalawan tujuan meunangkeun ma’na jeung fungsi nu tangtu ditilik tina puseur pasualan panalungtikan. Sedengkeun midangkeun data mangrupa hiji prosés nyusun (ngarakit) atawa ngaorganisasikeun informasi, nu kapaluruh patali jeung kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi.

Kagiatan nyindekkeun jeung vérifikasi mangrupa léngkah nu didadasaran ku kagiatan ngaorganisasikeun informasi nu dicangking dina kagiatan analisis data. Sabada éta, dilaksanakeun tafsiran intéléktual kana kacindekan-kacindekan nu dicangking, pikeun méré gambaran nu gembleng perkara adat, tali paranti, atawa kabiasaan di Kabuyutan Ciburuy anu ngawakilan atawa ngaréprésentasikeun sikep atawa pamadegan anu taat kana adat, kukuh pengkuh dina ngajaga jeung miara warisan karuhun. Bebeneran data satuluyna dianalisis ngaliwatan triangulasi, ku cara ngabandingkeun data nu dicangking jeung data-data ti sumber lianna nu patali jeung tujuan panalungtikan.


(24)

90 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan

Dumasar hasil analisis patali jeung términologi tukuh Ciburuy sarta tradisi nu dipukuh ku masarakat Ciburuy, bisa dicindekkeun sawatara hal sakumaha ieu di handap.

1) Dina tradisi Kabuyutan Ciburuy, tukuh Ciburuy nya éta pengkuh kana aturan-aturan nu kudu dilaksanakeun sacara rutin dina wujud pantrangan jeung upacara séba. Salah sahiji tukuh utama anu mindeng dilakukeun nya éta ngaberesihan barang-barang nu aya di éta tempat. Sarta nu kudu diayakeun téh kadaharan pikeun upacara Séba nya éta Ladu anu teu dicampur tipung, Ulén asli tina ketan teu dicampur béas, jeung Wajit anu teu dibungkus. Éta bahan-bahan kadaharan téh asli hasil tina tatanén masarakatna. Tina tradisi Kabuyutan Ciburuy, istilah tukuh Ciburuy diinjeun pikeun digunakeun ku masarakat Sunda sacara umum dina wangun babasan. Babasan tukuh Ciburuy hartina tukuh kaleuleuwihi, sanajan tétéla tangtunganana teu pati bener atawa moal aya matakna upama dirobah ogé. Tukuh Ciburuy ngandung harti yén éta jelema téh kukuh pengkuh dina sikep jeung pamadegan, teu bisa digoda atawa dibibita ku hal séjén demi kayakinan nu diagem atawa dicekel ku dirina. Términologi tukuh Ciburuy sakumaha nu mekar dina babasan di masarakat Sunda sacara umum, sanajan aya nu sarua ma’nana tétéla béda jeung términologi nu dikeukeuhan ku masarakat Ciburuy. Sasaruan


(25)

terminologi tukuh Ciburuy nu dikeukeuhan ku masarakat Kampung Ciburuy jeung dina babasan masarakat Sunda sacara umum nyaéta sikep pengkuh kana hiji hal, teu bisa digoda atawa dibibita ku hal séjén demi kayakinan nu diagem atawa dicekel ku dirina. Sedengkeun bédana ngawengku: a) Tukuh Ciburuy nu dikeukeuhan ku masarakat Ciburuy gelar leuwih ti heula batan nu aya dina babasan masarakat Sunda; jeung b) Tukuh Ciburuy nu dikeukeuhan ku masarakat Ciburuy ngawujud dina sikep pengkuh ngalaksanakeun kagiatan-kagiatan nu nyampak dina tradisi turunan ti karuhunna. Sedengkeun dina babasan mah teu kawatesanan ku tradisi, tapi mangrupa sikep pengkuh kana rupa-rupa hal nu dianggap tangtungan atawa kayakinan;

2) Tukuh Ciburuy sakumaha dina terminologi masarakat Ciburuy ngawujud dina wangun pantrangan jeung upacara séba.

a. Dina tradisi Kabuyutan Ciburuy, pantrangan ngawujud dina kagiatan-kagiatan atawa hal-hal nu meunang dilakukeun ku masarakatna. Masarakat Ciburuy kacida tukuhna kana éta pantrangan, saupama dirémpak dianggap baris ngadatangkeun mamala ka nu ngarémpakna. Sawatara pantrangan nu nyampak di Kabuyutan Ciburuy téh di antarana nyaéta: a) henteu sagawayah jalma bisaasup ka Kabuyutan Ciburuy. Pikeun bisa asup ka éta tempat, perlu ayana ijin ti nu jadi kuncén kalawan merhatikeun kaperluanana; b) pikeun tamu nu lain bagian internal adat Kabuyutan Ciburuy, teu meunang asup ka kabuyutan dina poé salasa jeung jumaah. Ditilik tina dongéngna mah, éta poé téh husus digunakeun pikeun kagiatan-kagiatan internal. Poé salasa nya éta poé anu dipaké


(26)

pikeun musawarah, sedengkeun poé Jumaah pikeun kagiatan ibadah; c) jalma anu datang atawa asup ka Kabuyutan Ciburuy kudu dina kaayaan suci, utamana awéwé lamun keur halangan ulah ngahajakeun datang ka éta tempat; d) muka jeung ngaluarkeun barang-barang pusaka henteu sagawayah, tapi aya waktu anu tangtu; jeung é) kadaharan nu dijieun pikeun kaperluan upacara séba teu meunang didahar atawa diasaan saméméh upacara réngsé.

b. Upacara Séba mangrupa hiji kagiatan nu sacara rutin unggal taun wajib dilaksanakeun ku sakabéh warga ciburuy nu percaya kana éta hal. Saméméh upacara dilaksanakeun sok diayakeun heula tawasulan nya éta waktu nyepi, maksudna pikeun unjukan, sanduk-sanduk, biasana dilakukeunana wiridan. Waktuna peuting, malem salasa nepi ka malem rebo. Ti beurangna nu jelasna poé senén masarakat Kabuyutan sok ngayakeun kikis nyaéta nyieun séség anu dijieuna tina awi. Dibeulahan terus diéntép nepi ka rapih. Poé salasana husus pikeun nyieun kadaharan, anu dijieuna tina ketan, diantarana ladu, ulén jeung wajit. Upacara Séba dilaksanakeun kalawan kudu tukuh kana sawatara katangtuan nu ngawengku: a) tatahar heula saméméh upacara lumangsung (beberesih di sabudeureun kabuyutan), b) upacara séba dilaksanakeun poé Rebo minggu ka tilu, bulan Muharam, ti jam salapan peuting nepi ka tengah peuting, c) panutup, nya éta kagiatan ngaberesihan barang pusaka nu dijieun tina beusi atawa kuningan, saterusna ngahaturanan tuang ka masarakat anu nyaksian upacara séba. Kadaharana mangrupa tumpeng


(27)

bodas jeung deungeunana sapuratina; jeung d) jalma-jalma anu kalibet dina kagiatan upacara nya éta sakabéh nu hadir jeung nu nyaksian kudu hikmat sarta boga kapercayaan anu kuat ku ayana éta karuhun nu nunda barang-barang pusaka di kabuyutan Ciburuy.

3) Tanda indéks dina tradisi Tukuh Ciburuy di Kabuyutan Ciburuy, Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut, nyampak dina kagiatan beberesih jeung nyalikkeun.

4) Tanda simbol nyampak dina pakakas jeung sasajén, kayaning parukuyan, séség awi, hanjuang héjo, kembang tujuh rupa, tumpeng bodas sapuratina, ladu teu ditipungan, ulén ketan, wajit, seupaheun sapuratina, kulub endog, sarta kopi pait jeung kopi amis. Parupuyan ngawujud wadah paranti meuleum menyan, kalawan maksud ngahasilkeun haseup nu seungit. Ieu hal dijadikeun simbol médium indrawi ngantengna dunya manusa jeung kosmologi dunya luhur dina sistem kapercayaan zaman Hindu. Ngaliwatan meuleum menyan dina parupuyan, nu nyicingan dunya luhur (karuhun nu geus tilar) dipiharep hadir dina upacara. Séség awi jeung hanjuang héjo mangrupa panyinglar pikeun nyaring sangkan nu turun ti buana luhur téh ukur kakuatan hadé, sedengkeun kakuatan goréng dina wujud dedemit jeung sabangsana mah teu ilubiung. Éta hal némbongkeun ayana antara kahadéan jeung kagoréngan, antara nu hak jeung nu batil. Nu sarupa kitu nyampak ogé dina sasajén nu mangrupa kopi pait jeung kopi amis. Kopi pait simbol tina kabatilan atawa kagoréngan, sedengkeun kopi amis simbol tina hak atawa kahadéan.Tina éta hal, baris kagambar kosmologi perkara kahadéan atawa nu hak salawasna kudu


(28)

diperjoangkeun jeung tetep hirup sangkan ngancik jeung jadi dadasar kalakuan jiwa-raga manusa di alam dunya. Sasajén nu mangrupa seupaheun sapuratina jeung kembang tujuh rupa némbongkeun asas kawanojaan. Salian ti simbol dualisme antagonistik, kopi ogé mangrupa simbol tina asas lalaki. Asas kawanojaan jeung lalaki téh ngagambarkeun kosmologi dunya pancatengah (dunya manusa) jeung dunya luhur. Asas kawanojaan mangrupa simbol dunya manusa, sedengkeun asas lalaki mangrupa simbol dunya luhur. Ladu nu teu ditipungan nyababkeun warna beureum (semu coklat) teu kahibaran, tur wajit, jadi simbol asas lalaki nu ngawakilan dunya luhur. Sedengkeun ulén warnana bodas, ngawakilan asas kawanojaan salaku répréséntasi dunya manusa. Sasajén nu mangrupa endog ngagambarkeun simbol awal kahirupan. Endog téh diasupkeun kana kalapa meunang meulah, jadi simbol tina awal kahirupan ku perantarana asas kawanojaan (simbol kalapa). Kalapa dibagi dua, sabeulah dipaké ngawadahan endog minangka simbol asas kawanojaan, sabeulah deui ditangkubkeun hareupeun parupuyan minangka wawakil simbol asas lalaki. Dua bagian kalapa dipisahkeun, jadi simbol misahna asas kawanojaan jeung asas lalaki, tapi saéstuna mangrupa hiji bagian nu teu bisa dipisahkeun. Nu pamungkas sasajén tumpeng nu wujudna kawas gunung, ngalambangkeun hiji poros kosmos (axis-mundi) nu dianggap tempat nu bisa nyambungkeun dunya manusa jeung dunya luhur. Tanda simbol nu nyampak téh nganteurkeun kana ngamaknaan gambaran kosmologi masarakat Sunda jaman buhun. Tanda simbol dina tradisi Tukuh Ciburuy didadasaran ku referent nu bisa dimaknaan salaku ayana kayakinan masarakat Sunda buhun di Kabuyutan Ciburuy kana kosmologi Sunda buhun.


(29)

a. Tanda indéks patali jeung kagiatan beberesih bisa dima’naan salaku nyucikeun diri sangkan teu kakeunaan ku dosa jeung sangkan dibéré berkah keur nyinghareupan jalan kahirupan. Gambaran kosmologi tina éta kagiatan téh napak dina konsép manusa ngawujud mangrupa mikrokosmos alam nu kahirupan sagemblengna kudu anut jeung ngajalankeun siksa (aturan) Sang Hyang Darma. Ku jalan anut kana siksa Sang Hyang Darma, manusa baris jadi mahluk idéal nu engkéna bisa nyangking kasampurnaan surga abadi. Aya kalana manusa teu gugon atawa méngpar tina éta tetekon, nepi ka kudu meresihan dirina sangkan bisa balik deui jadi suci atawa beresih. b. Kagiatan nyalikkeun nya éta ngondang roh karuhun, sangkan bisa nyurup

ka salah saurang anu dianggap mampuh atawa kuat pikeun ngawarugaanana. Mantra-mantra jeung amanat-amanat anu dikaluarkeun atawa diucapkeun minangka ramalan kahirupan nu bakal datang, sangkan dilaksanakeun minangka réaksi kana kajadian-kajadian nu tumiba dina jaman kiwari. Tanda indéks nyalikkeun mangrupa usaha ngahontal tujuan pikeun nyangking pituduh atawa hidayah nu ilahiah, pikeun maluruh solusi tina rupa-rupa pasualan nu disanghareupan tur ngahontal kautamaan hirup manusa nu religius-holistik dina kahirupan nyata. Éta hal ngahasilkeun makrokosmos, ngahadirkeun nu kudus ka manusa, nyampakkeun hal nu karamat ka alam manusa, nu baris nyebarkeun barokah ka sagemblengna ruang sakral jeung meresihan wilayah profane. Ngaliwatan nyalikkeun, mandala diciptakeun jeung nu ésénsi didatangkeun dina ruang nyata alam manusa. Jalma nu kaancikan jadi médiator nu ngahubungkeun dunya luhur


(30)

(buana nyungcung jeung buana larang) jeung dunya manusa (buana pancatengah).

c. Sasajén hadir dina upacara minangka simbol tina ngahijina kosmos, dunya luhur jeung dunya manusa, hadirna Nu di Luhur jeung dunya manusa. Maksud éta hal téh minangka sarat kahontalna kasalametan, rahayu, sejahtera, jeung kasuburan pikeun hirup jeung kahirupan manusa, ti awal kahirupan ku perantara asas kawanojaan jeung asas lalaki nepi ka kahirupan sabadana di dunya luhur.

5.2 Saran

Dumasar kacindekan sakumaha ditétélakeun di luhur, aya sawatara saran nu dipiharep bisa mekarkeun atawa ngeuyeuban panalungtikan budaya tradisi masarakat Sunda jeung ningkatkeun kasadaran masarakat sacara umum kana titinggal purbakala atawa kasajarahan. Éta saran téh di antarana:

1) Salian ti ngeukeuhan tradisi sakumaha nu nyampak dina tukuh Ciburuy, sawadina masarakat Ciburuy jeung masarakat lianna ngariksa Kabuyutan Ciburuy sangkan tetep ngadeg tur bisa digunakeun salaku wahana mekarkeun pangaweruh jeung atikan keur generasi sapandeurieuanana;

2) Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik términologi jeung wangun pikukuh dina tukuh Ciburuy, sedengkeun pikeun panalungtikan lianna hadé saupama ambahan ulikanana dilegaan kalawan ditambahan ku nalungtik kaarifan lokal, sistem lingkungan, pedaran pakakas


(31)

titinggal purbakala atawa sajarah nu nyampak, pedaran eusi naskah nu nyampak; jeung

3) Nalungtik perkara tradisi dina kabudayaan masarakat teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan Antropologi. Sangkan hasil panalungtikanana leuwih jembar jeung nyugemakeun penting pisan panalungtik nu aya minat nalungtik tradisi mekelan dirina ku paélmuan-paélmuan lianna kayaning, Psikologi, Komunikasi, Sosiologi, jeung science.


(32)

98

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ekadjati, Edi S. (Éditor). 1980. Kebudayaan Sunda dan Masyarakatnya. Bandung: Girimukti.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate. Rosidi, Ajip, Spk. 2000. Énsiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Saukko, Paula. 2003. Doing Research in Cultural Studies: An Introduction to Classical and New Methodological Approaches. London: SAGE.


(33)

99

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryatna, Ayat. 1996. Penuntun Belajar Antropologi Bandung: Ganeca Exact. Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebeas maret

University Press.

Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Warjita. 2000. Kabupaten Garut dalam Dimensi Budaya. Garut: FP4G.

Wartini, Tien. ( 2007, Mei). Kabuyutan Ciburuy. Cupu Manik [Majalah],21-23.: Bandung.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Linguistic: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan.

Sumardjo, Jakob. 2003. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: Tafsir-tafsir Pantun Sunda. Bandung Kelir.

Suryalaga, H. R. Hidayat. 2010. Filsafat Sunda: Sekilas Intepretasi Folklor Sunda. Bandung: Divisi Penerbitan Yayasan Nur Hidayah.

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Semiotika Dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.


(34)

100

van Zoest, Aart. 1990. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik. Terjemahan Manoekmi Sardjo. Jakarta: Intermasa.

Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoeas. 1992. Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia.

Hoed, Benny H. Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.

Sutrisno, Mudji F.X., saparakanca. 1992. Para Filsuf Penentu Gerak Zaman. Yogyakarta. Kanisus.

Ahimsa-Putra, Heddy Shri. 2001. Strukturalisme Lévi-Strauss: Mitos dan Karya Sastra. Yogyakarta: Galang Press.


(1)

95

a. Tanda indéks patali jeung kagiatan beberesih bisa dima’naan salaku nyucikeun diri sangkan teu kakeunaan ku dosa jeung sangkan dibéré berkah keur nyinghareupan jalan kahirupan. Gambaran kosmologi tina éta kagiatan téh napak dina konsép manusa ngawujud mangrupa mikrokosmos alam nu kahirupan sagemblengna kudu anut jeung ngajalankeun siksa (aturan) Sang Hyang Darma. Ku jalan anut kana siksa Sang Hyang Darma, manusa baris jadi mahluk idéal nu engkéna bisa nyangking kasampurnaan surga abadi. Aya kalana manusa teu gugon atawa méngpar tina éta tetekon, nepi ka kudu meresihan dirina sangkan bisa balik deui jadi suci atawa beresih. b. Kagiatan nyalikkeun nya éta ngondang roh karuhun, sangkan bisa nyurup

ka salah saurang anu dianggap mampuh atawa kuat pikeun ngawarugaanana. Mantra-mantra jeung amanat-amanat anu dikaluarkeun atawa diucapkeun minangka ramalan kahirupan nu bakal datang, sangkan dilaksanakeun minangka réaksi kana kajadian-kajadian nu tumiba dina jaman kiwari. Tanda indéks nyalikkeun mangrupa usaha ngahontal tujuan pikeun nyangking pituduh atawa hidayah nu ilahiah, pikeun maluruh solusi tina rupa-rupa pasualan nu disanghareupan tur ngahontal kautamaan hirup manusa nu religius-holistik dina kahirupan nyata. Éta hal ngahasilkeun makrokosmos, ngahadirkeun nu kudus ka manusa, nyampakkeun hal nu karamat ka alam manusa, nu baris nyebarkeun barokah ka sagemblengna ruang sakral jeung meresihan wilayah profane. Ngaliwatan nyalikkeun, mandala diciptakeun jeung nu ésénsi didatangkeun dina ruang nyata alam manusa. Jalma nu kaancikan jadi médiator nu ngahubungkeun dunya luhur


(2)

96

(buana nyungcung jeung buana larang) jeung dunya manusa (buana pancatengah).

c. Sasajén hadir dina upacara minangka simbol tina ngahijina kosmos, dunya luhur jeung dunya manusa, hadirna Nu di Luhur jeung dunya manusa. Maksud éta hal téh minangka sarat kahontalna kasalametan, rahayu, sejahtera, jeung kasuburan pikeun hirup jeung kahirupan manusa, ti awal kahirupan ku perantara asas kawanojaan jeung asas lalaki nepi ka kahirupan sabadana di dunya luhur.

5.2 Saran

Dumasar kacindekan sakumaha ditétélakeun di luhur, aya sawatara saran nu dipiharep bisa mekarkeun atawa ngeuyeuban panalungtikan budaya tradisi masarakat Sunda jeung ningkatkeun kasadaran masarakat sacara umum kana titinggal purbakala atawa kasajarahan. Éta saran téh di antarana:

1) Salian ti ngeukeuhan tradisi sakumaha nu nyampak dina tukuh Ciburuy, sawadina masarakat Ciburuy jeung masarakat lianna ngariksa Kabuyutan Ciburuy sangkan tetep ngadeg tur bisa digunakeun salaku wahana mekarkeun pangaweruh jeung atikan keur generasi sapandeurieuanana;

2) Ditilik tina ambahan ulikanana, ieu panalungtikan saukur nalungtik términologi jeung wangun pikukuh dina tukuh Ciburuy, sedengkeun pikeun panalungtikan lianna hadé saupama ambahan ulikanana dilegaan kalawan ditambahan ku nalungtik kaarifan lokal, sistem lingkungan, pedaran pakakas


(3)

97

titinggal purbakala atawa sajarah nu nyampak, pedaran eusi naskah nu nyampak; jeung

3) Nalungtik perkara tradisi dina kabudayaan masarakat teu cukup ukur dibekelan ku pangaweruh paélmuan Antropologi. Sangkan hasil panalungtikanana leuwih jembar jeung nyugemakeun penting pisan panalungtik nu aya minat nalungtik tradisi mekelan dirina ku paélmuan-paélmuan lianna kayaning, Psikologi, Komunikasi, Sosiologi, jeung science.


(4)

98

DAFTAR PUSTAKA

Ali, Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi. Bandung: Angkasa.

Alwasilah, A. Chaédar. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ekadjati, Edi S. (Éditor). 1980. Kebudayaan Sunda dan Masyarakatnya. Bandung: Girimukti.

Fraenkell, Jack R. jeung Norman E. Wallen. 2007. How to Design and Evakuate Research in Education (Sixth Edition). New York: McGraw-Hill.

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.

Miles, M. B. jeung A. M. Huberman. 1992. Qualitative Data Analysis: A Source Book of New Methods. Beverly Hills: SAGE Publication.

Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Rosidi, Ajip, Spk. 2000. Énsiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Satori, Djam’an. jeung Aan Komariah. 2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Saukko, Paula. 2003. Doing Research in Cultural Studies: An Introduction to Classical and New Methodological Approaches. London: SAGE.


(5)

99

Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.

Sukmadinata, Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Sugiyono. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Suryatna, Ayat. 1996. Penuntun Belajar Antropologi Bandung: Ganeca Exact.

Sutopo. 2002. Metodologi Penelitian Kualitatif. Surakarta: Sebeas maret University Press.

Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Warjita. 2000. Kabupaten Garut dalam Dimensi Budaya. Garut: FP4G.

Wartini, Tien. ( 2007, Mei). Kabuyutan Ciburuy. Cupu Manik [Majalah],21-23.: Bandung.

Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (éditor). 2009. Qualitative Research in Applied Linguistic: A Practical Introduction. Hampshire: Palgrave Macmillan.

Sumardjo, Jakob. 2003. Simbol-simbol Artefak Budaya Sunda: Tafsir-tafsir Pantun Sunda. Bandung Kelir.

Suryalaga, H. R. Hidayat. 2010. Filsafat Sunda: Sekilas Intepretasi Folklor Sunda. Bandung: Divisi Penerbitan Yayasan Nur Hidayah.

Santosa, Puji. 1993. Ancangan Semiotika Dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.


(6)

100

van Zoest, Aart. 1990. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik. Terjemahan Manoekmi Sardjo. Jakarta: Intermasa.

Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoeas. 1992. Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: Gramedia.

Hoed, Benny H. Semiotik dan Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.

Sutrisno, Mudji F.X., saparakanca. 1992. Para Filsuf Penentu Gerak Zaman. Yogyakarta. Kanisus.

Ahimsa-Putra, Heddy Shri. 2001. Strukturalisme Lévi-Strauss: Mitos dan Karya Sastra. Yogyakarta: Galang Press.