Kasang Tukang Modul I PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL I 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 1 BUBUKA

A. Kasang Tukang

Profési guru jeung tenaga kependidikan kudu dihargaan jeung dimekarkeun salaku profési anu bermartabat sakumaha anu diamanahkeun dina Undang- Undang Nomor 14 Tahun 2015 tentang Guru dan Dosen. Ieu hal dibalukarkeun guru jeung tenaga kependidikan téh mangrupa tenaga profésional anu miboga pungsi, peran, jeung kalungguhan anu kacida pentingna dina ngahontal v isi pendidikan 2025, nyaéta “Menciptakan Insan Indonesia Cerdas dan Kompetitif ”. Program Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Basa Sunda dilaksanakeun ku PPPPTK TK PLB. Diklat Guru Pembelajar Basa Sunda merlukeun modul pikeun salah sahiji sumber diajar pamilon diklat. Modul basa Sunda mangrupa matéri ajar anu dirarancang sangkan pamilon diklat mampuh diajar sacara mandiri. Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Basa Sunda Kelompok Kompetensi I ngawengku 4 matéri, nu nyaéta: 1 Program Rémédial jeung Pengayaan dina Pangajaran Basa Sunda, 2 Mangpaat Penilaian Berbasis Kelas, 3 Rupa-rupaTéks Basa Sunda 4 Novel dina Sastra Sunda, Ieu modul teh terintegrasi kana lima ajen utama penguatan pendidikan karakter PPK, nya éta religius, nasionalis, mandiri, gotong royong jeung integritas. Ajén religius kagambarkeun dina paripolah ngalaksanakeun parentah agama jeung kapercayaannana, ngajénan bédana agama, ngagungkeun sikep tolérasi dina ngalaksankeun ibadah kaagamaan jeung kapercayaan séjén, hirup akur tur rukun jeung nu ngangem agama séjén, sikep mikayaah jeung ngajaga utuhna ciptaan Mantenna. Sub ajén karakter religius: sosobatan persahabatan. Ajén nasionalis minangka cara mikir, sikep, sarta ngalakukeun nu nuduhkeun kasatiaan, kepedulian, jeung ngajenan nu luhur kana basa, lingkungan fisik, sosial, budaya, ékonomi jeung politik bangsa, nempatkeun kapentingan bangsa jeung nagara leuwih luhur tibatan kapentingan diri jeung KD 10 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 kelompokna. Sub ajén nasionalis: disiplin jeung apresiasi budaya bangsa sorangan. Ajén mandiri minangka sikep jeung prilaku henteu gumantung ka nu séjén sarta ngagunakeun sagala tanaga, pikiran, waktu pikeun ngaréalisasikeun harepan, impian jeung cita-cita, Subajen mandiri: kréatif jeung profesional. Ajén gotong royong cerminan tina tindakan ngajénan sumanget gawé babarengan jeung silihtulungan ngaréngsékeun pasualan saréréa, nembongkeun rasa resep nyarita, campur gaul, sosobatan jeung nu séjén sarta mere bantuan ka nu mariskin, kasisihkeun, jeung nu ngabutuhkeun bantuan. Sub ajén gotong royong: ngajenan menghargai. Ajén integritas minangka ajén nu jadi tatapakan paripolah sarta didadasaran ku tarékah ngajadikeun dirina salaku jalma nu salawasna bisa dipercaya omonganana, kalakuanana jeung pagawéanana, miboga komitmen jeung kasatiaan kana ajén-ajén kamanusaan jeung moral. Karakter integritas ngawengku sikep tanggung jawab salaku warga nagara, aktif dina kagiatan sosial, ngaliwatan tindakan jeung omongan nu didadasaran bebeneran. Sub ajén integritas: tanggung jawab jeung komitmen moral. Kalima ajén utama di luhur dina ieu modul teritegrasi kana kagiatan-kagiatan diajar. Sabada ngaderes ieu modul dipiharep, kompeténsi guru dina ngalaksanakeun pancén ngaronjat. Sajaba ti éta, guru ogé mampu ngaimplementasikeun lima ajén utama boh keur dirina sorangan boh pikeun sakumna stakeholder dina méré penguatan pendidikan karakter di sakola.

B. Tujuan