90
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
KD
10
2. Tumuwuhna jeung Mekarna Novel Sunda
Sanggeus novel Baruang ka Nu Ngarora medal, medal ogé novel-novel anu séjénna, antara lain: Agan Permas 1928 karangan Yuhana, Siti
Rayati 1927 karangan Muhamad Sanusi, Mantri Jero 1928 karangan R. Memed Sastrahadiprawira.
Taun 1940-an nepi ka 1950-an novel Sunda anu medal ngan dua, nyaéta Gogoda Ka Nu Ngarora karangan M.A Salmun, jeung Marjanah karangan
Suwarsih Djojo Puspito. Taun 1960-an kahirupan sastra Sunda mimiti nguliat deui. Pangarang
Sunda anu nulis novel jaman harita, nyaéta: Yus Rusamsi nulis novel Dedeh, Pileulueyan, jeung Wilujeng Enjing. Min Resmana nulis novel
Napsu Nu Matak Kaduhung. Nani Sudarma nulis novel Pamuda Desa jeung Mojang Kota. Ajat Rohaedi nulis novel Babu Kajajaden jeung
Manehna. Tjaraka Wiranta nulis novel Sri Panggung. Ki Umbara Ranu Sulaksana nulis novel Diwadalkeun ka Siluman, Si Bedog Panjang, jeung
Pahlawan-pahlawan ti Pasantrén babarengan jeung S.A Hikmat. Karna Yudibrata nulis novel Nganti-nganti Dawuh. Ahmad Bakri nulis novel Nu
Seungit Dipulang Asih jeung Payung Butut. Periode 1970-an medal movel Ngabuang Manéh karangan Ki Umbara,
Pipisahan karangan RAF. Puputon karangan Aam Amelia. Saudagar Batik karangan Ahmad Bakri.
Periode 1980-an medal novel Buruan karangan Aam Amalia. Novel Cinta Pabaliaut karangan Edi D. Iskandar. Béntang Pasantrén karangan Usép
Romli. Rini karangan Yosép Iskandar. Ngepung Kahar Mujakar karangan Adang S. Si Lansijem Kaédanan karangan Ki Umbara. Mikung karangan
Abdullah Mustappa.
Periode tahun 1990-an medal novel Prabu Wangisutah 1991 karangan Yosép Iskandar. Pamanah Rasa 91991 karangan Yosép Iskandar.
Tanjeur na Juritan Jaya di Buana 1991 karangan Yosep Iskandar. Putri
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
91
Subang Larang
1991 karangan Yosép Iskandar. Demung Janggala1993 karangan Tatang Sumarsono. Katineung 1998 karangan
Holisoh M.E. Taun 2000-an medal novel Ggaluring Gending karangan Tatang
Sumarsono. Sandikala, Déng karangan Godi Suwarna. Pangantén karangan Dédén Abdul Aziz. Saini karanga Hadi AKS.
3. Papasingan Novel