Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 37

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur pangaweruh Sadérék kana bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa bahan ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 60 - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngawasa bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui bahan dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna bahan nu tacan kacangking KD 10 38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 39 KOMPETENSI PROFESIONAL RUPA-RUPA TÉKS JEUNG NOVEL SASTRA SUNDA 40 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 KD 10 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 41 KAGIATAN DIAJAR 3 RUPA-RUPA TÉKS BASA SUNDA

A. Tujuan

1. Sanggeus maca pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngécéskeun hakékat rupa-rupa Téks wacana narasi, deskripsi, eksposisi, arguméntasi, laporan hasil observasi, opini éditorial, cerita sajarah kalawan bener. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngécéskeun ciri-ciri rupa-rupa Téks kalawan taliti. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngécéskeun prinsip- prinsip rupa-rupa Téks wacana narasi, deskripsi, eksposisi, arguméntasi, laporan hasil observasi, opini éditorial, cerita sajarahkalawan gawé babaréngan. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh nétélakeun wanda rupa-rupa Téks wacana narasi, deskripsi, eksposisi, arguméntasi, laporan hasil observasi, opini éditorial, cerita sajarahkalawan gawé babaréngan. 5. Sanggeus migawé latihan, pamilon diklat mampuh nétélakeun eusi rupa- rupa Téks wacana narasi, deskripsi, eksposisi, arguméntasi, laporan hasil observasi, opini éditorial, cerita sajarahkalawan jéntré.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi