62
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
KD
10
a. Néngétan heula naon-naon anu rék diobservasi anu raket patalina jeung eusi téks, diantarana waé Néngétan objék anu réks diobservasi.
Objék anu réks diamati kudu objék tunggal; b. nyatet data anu diperlukeun, data anu dicatet kudu data anu akurat
luyu jeung pengamatan data anu aya dina ambahan panalungtikan kiwari;
c. lamun diperlukeun bisa dieuyeuban ku ngalakukeun wawancara jeung narasumber pikeun référensi; jeung
d. nyieun téks laporan hasil observasi. Dina nyieun téks laporan hasil observasi tinangtu kudu luyu jeung struktur sarta Kaedah ciri-ciri téks
laporan observasi.
19. Struktur jeung Kaédah Téks Hasil Observasi
a. Struktur Téks Hasil Observasi
Ciri-ciri struktur anu hadé nyaéta disusun dumasar kana struktur téks pernyataan umum atawa klasifikasi dituturkeun ku anggota atawa
aspék anu rék dilaporkeun. Struktur téks laporan hasil observasi ngawéngku ieu di handap.
1 Déskripsi Umum
Déskripsi umum mangrupa paragraf anu eusina penjéntréan sacara rinci saperti: wangenan objék anu réks ditalungtik, atawa ngaran
lain tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panganteur téks laporan hasil observasi ngeunaan penjéntréan umum atawa klarifikasi
umumdefinisi umum.
2 Déskripsi Bagian Déskripsi bagian nyaéta paragraf atawa struktur anu eusina bagian-
bagian tina objék anu rék ditalungtik. Eusi téks laporan hasil observasi aya dina déskripsi bagian.
3 Déskripsi Mangpaat Déskripsi mangpaat nyaéta paragraf atawa struktur anu eusina
mangpaat-mangpaat tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panutup mangrupa kacindekan téks laporan hasil observasi.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
63
Gambar 8. 1 Struktur Téks Laporan Hasil Observasi
Tengétan conto téks laporan hasil observasi ieu di handap
Struktur Téks Laporan Hasil Observasi
Kalimah
Definisi Umum Manuk japati nyaéta salah sahiji
sasatoan anu rea hirup di ieu alam dunya. Manuk japati hirup
dimana-mana iwal ti di Antartika. Manuk japati hirup
babarengan jeung sasatoan séjénna tur hirup bareng jeung
manusa.
Déskripsi Bagian
www.burungmerpati.com
Manuk japati miboga ukuran awak anu sedeng, teu leuting
teuing teu gede teuing. Ukuran panjang awak japati antara 20
cm nepi ka 30 cm sarta mibanda beurat antara 700 nepi
ka 900 gram. Awak japati moboga daging anu kandel,
beuheung anu pondok, tur pamatukna pondok ogé.
64
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
KD
10
merpatikolonglampung-galaxy.blogspot.com
Manuk japati mibanda warna buu anu rupa-rupa, diantarana
waé: coklat, bodas, hideung, atawa warna-warni antara
coklat, bodas, jeung hideung.
Kadaharan manuk japati, nyaéta: sisikian, jagong, béas,
kacang hejo, jst. Manuk japati kaasup sasatoan anu
kadaharanana téh sisikian.
Manuk japati biasana hirup di kanjeungg dina wangun balok
aya liangna anu wangunna persegi nu jadi pantona.
Dina habitat alam, manuk japati ngawangun imahna tina ranting,
taneuh, jeunggdaunan, anu ditempatkeun di luhur
tatangkalan. Ieu hal luyu jeung spesiesna. Sarang manuk japati
sering ogé disebut pagupon. Pagupon biasana ditepelkeun di
dinding imah.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
65
Déskripsi Manpaat
www.merdeka.com
www.majalahburungpas.com
Manuk japati bisa dijadikeun manuk pikeun ngiluan lomba
atawa kontes “kecantikan”. Lomba manuk japati sering aya
dina balapan. Balapan biasana dilakukeun ku cara
ngahiberkeun manuk japati tina jarak anu jauh sacara
babarengan. Manuk japati anu pangheulana datang, éta anu
jadi juarana.
Japati ogé sering dipaké pikeun ngalambangkeun “perdamaian”.
Manuk japati sering digambarkeun keur nyényepeng
daun zaitun. Zaman baheula mah manuk japati téh kungsi
dipaké pikeun ngirim surat ku cara nalikeun éta surat dina
sukuna.
Populasi manuk japati di Indonésia pohara pisan.
Populasi japati, lolobana mangrupa sato piaraan,
sedengkeun populasi manuk japati anu liar ngan saeutik. Ieu
hal dibalukarkeun kurangna habitat manuk japati lantaran
rongkahna pangwangunan.
66
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
KD
10
b. KaédahTéks Laporan Hasil Observasi