Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahotalna Kompetensi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 23 pengayaan, manfaat program pengayaan, hasil anu dipiharep tina program pengayaan., sarta unsur-unsur anu kalibat jeung uraian tugas dina ngalaksanakeun program pengayaan.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék luyukeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem matéri ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa matéri ajar nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup 60 - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 2. Tapi, lamun tahap nyangkem Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui deres matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangking. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 24 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 25 KAGIATAN DIAJAR 2 MANGPAAT PENILAIAN BERBASIS KELAS

A. Tujuan

1. Sanggeus masa pedaran matéri, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun wangenan penilaian berbasis kelas kalawan mandiri. 2. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi mangpaat, kaunggulan, jeung prinsip penilaian berbasis kelas kalawan taliti. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi wangun instrumen penilaian berbasis kelas kalawan bener. 4. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar kalawan mandiri. 5. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun stratégi penilaian berbasis kelas kalawan bener. 6. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajelaskeun dilaksanakeunana penilaian berbasis kelas dina prosés pangajaran kalawan bener.

B. Indikator Kahotalna Kompetensi

1. Ngajelaskeun wangenan penilaian berbasis kelas. 2. Ngaidentifikasi mangpaat, kaunggulan, jeung prinsip penilaian berbasis kelas. 3. Ngaidentifikasi wangun instrumén penilaian berbasis kelas. 4. Ngaidentifikasi ranah kognitif, afektif, jeung psikomotor salaku objek evaluasi hasil diajar. 5. Ngajelaskeun stratégi penilaian berbasis kelas. 6. Ngajelaskeun prakprakanana penilaian berbasis kelas dina prosés pangajaran. KD 10 26 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017

C. Pedaran Materi 1. Wangenan Penilaian Berbasis Kelas