Wangun Téks Déskripsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 47 situasi kayaning geueuman, morérétna panonpoé, atawa suasana romantis ogé bisa jadi obyék déskripsi. Ceuk Finoza 2009: 2014, téks déskripsi dihasilkeun kalawan napak dina tujuan pikeun nyiptakeun hiji pangalaman dina diri nu macatur méré idéntitas atawa informasi ngeunaan hiji obyék nepi ka nu maca bisa kenal nalika adu hareupan langsung jeung obyék anu dicaritakeun téa. Ku éta hal, nu nulis téks déskripsi kudu nyampakkeun kekecapan anu mérénah dina ngagambarkeun hiji obyék luyu jeung gambaran saéstuna tina éta obyék. Saupama éta hal kahontal, gambaran obyék téh bisa ngagelarkeun imajinasi anu hirup tur atra ngeunaan sipat, ciri, atawa hakékat obyék anu didéskripsikeunana. Sangkan éta tujuan kahontal, aya tilu hal anu kudu dicangking ku nu nulis téks déskripsi. Nurutkeun Akhadiah 2001: 37-38, éta tilu hal téh ngawengku: 1 kaparigelan basa nu nulis dina aspék kabeungharan jeung wangun kecap; 2 katalitian dina prosés niténan jeung samaktana pangawéruh ngeunaan sipat, ciri, jeung wangun obyék anu didéskripsikeun; jeung 3 kaparigelan milih ciri détail anu has sangkan bisa ngagambarkeun hiji hal kalawan panceg jeung hirup. Tina pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén téks déskripsi téh nyaéta wangun karangan anu sajéntréna ngagambarkeun hiji hal ngaliwatan kekecapan anu mérénah luyu jeung gambaran saéstuna tina éta obyék nepi ka informasi nu ditétélakeun bisa ngahirupkeun kesan jeung daya hayal anu jero pikeun nu maca.

7. Wangun Téks Déskripsi

Ibu kalih Bapa guru basa Sunda, ciri pangpokona tina téks déskripsi téh nyaéta méré gambaran anu rinci tina hiji obyék anu dicaritakeunana. Téks déskripsi sabisa-bisa kudu matak nimbulkeun kesan ka nu macana, carana bisa dicirian ku ayana gambaran perkara hiji hal kalawan luyu jeung kaayaan sabenerna. Aya deuih téks déskripsi anu teu ngudag gelarna kesan nu maca, tapi ari gambaran obyékna mah sabisa-bisa kudu tetep luyu jeung kaayaan sabenerna. 48 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 KD 10 Patali jeung éta hal, nurutkeun Widagdho 2000: 112-113 sakurangna aya genep wangun téks déskripsi. Ieu dipedar hiji-hijina. a. Déskripsi Ékspositoris Déskripsi ékspositoris nyaéta téks déskripsi anu ukur hayang méré nyaho hiji hal ka nu macana kalawan taya udagan sangkan gelar kesan nu tangtu dina diri nu macana. b. Déskripsi Imprésionistik Déskripsi imprésionistik nyaéta téks déskripsi anu ngudag tujuan sangkan gelar kesan nu tangtu dina diri nu macana, kayaning resep, sieun, geuleuh, jsté. Sangkan éta udagan kahontal, nu nulis kudu némbongkeun atawa ngadadarkeun obyék sajéntré-jéntréna, panceg, jeung satékah polah karasa hirupna. Carana mah bisa ku ngagunakeun pilihan kecap anu mérénah pas tepi ka kalimahna bisa ngahadirkeun obyék nu dicaritakeun ka hareupeun nu macana. c. Déskripsi Sugésti Déskripsi sugésti nyaéta téks déskripsi anu nyiptakeun daya hayal imajinasi nu macana ngaliwatan ungkara-ungkara pinilih pikeun ngagambarkeun ciri, sipat, jeung watek hiji obyék. d. Déskripsi Téhnis Déskripsi téhnis nyaéta téks déskripsi anu mérélékeun idéntifikasi atawa informasi ngeunaan hiji obyék nepi ka nu maca bisa kenal kana obyék nu didadarkeun nalika panggih langsung jeung obyékna. e. Déskripsi Tempat Déskripsi témpat nyaéta téks déskripsi anu nyantélkeun dadaran perkara hiji tempat kana kajadian atawa hal anu dicaritakeun dina hiji obyék. Ari témpat téh mibanda peran anu kawilang penting dina unggal kajadian. Unggal carita salawasna mibanda kasang tukang témpat. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 49 f. Déskripsi Jalma Déskripsi jalma nyaéta téks déskripsi anu patali jeung dadaran obyék anu mangrupa jalma. Dadaran perkara jalma téh lain baé kumaha anatomina, tapi deuih budi parangi jeung aspék kajiwaan anu dipibandana.

8. Pamarékan Téks Déskripsi