Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 60 2 3 Modél pangajaran kréatif meredih guru parigél pikeun ngamotivasi jeung numuwuhkeun karancagéan kréativitas murid salila lumangsung prosés kagiatan diajar ngajar ku cara milih, nangtukeun jeung ngadumaniskeun metodeu anu mampuh numuwuhkeun kréativitas murid, boh dina kagiatan kerja kelompok, bermain peran, jeung ngungkulan masalah. 4 Pangajaran téh bisa disebutkeun éféktif lamun mampuh mekelan pangalaman anyar ka paramurid jeung ngawujudkeun hiji kompéténsi sarta ngabuktikeun yén anu jadi udagan pangajaran geus kahontal sagemblengna optimal. 5 Modél pangajaran anu nyugémakeun joyfull instruction mangrupa prosés kagiatan diajar-ngajar nu di jerona aya kohési anu kuat antara guru jeung murid, bener-bener teu aya rasa kapaksa komo deui lamun kudu aya tekanan intimidasi, éstuning katémbong ayana rasa silih asih, silih asuh jeung silih asah.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem bahan ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap ngangkem bahan ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana bahan kagiatan Diajar 5. Tapi, lamun 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres deui bahan dina Kagiatan Diajar 4, pangpangna bahan nu tacan kacangkem. Réfléksi jeung Lajuning Laku Ieu kagiatan dilaksanakeun pikeun ningali kahontalna jeung éféktivitas prosés pangajaran anu diilukan ku Sadérék. Lamun geus ngawasa matéri pangbinaan guru dina ngamangpaatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SD, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Kahontal”. Sabalikna, lamun can kahontal, Sadérék bisa nyontréng √ kolom “Can Kahontal”. No . Tujuan Pangajaran Kahontal Can Kahontal Kat . 1 . Ngalatih guru dina nganalisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SD kalawan ngalarapkeun ajén- inajén utama PPK. 2 . Ngalelempeng guru dina ngamang- paatkeun hasil analisis ngungkulan bangbaluh jeung ngundakkeun préstasi diajar murid SD kalawan ngalarapkeun ajén-inajén utama PPK. Lajuning Laku : 5 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 KOMPETENSI PROFESIONAL: KAHASAN BASA SUNDA, KAWIH, JEUNG MANTRA PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 KAGIATAN DIAJAR 3 KAHASAN BASA SUNDA

A. Tujuan

Tujuan Kagiatan Diajar III nyaéta sangkan Sadérék bias nyangkem hakékat basa, ciri has basa Sunda, jeung ciri basa budak” kalawan meunang ajén atikan karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong royong, jeung integritas.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi