Basa mangrupa sistem Basa téh sipatna arbitrér Basa mangrupa simbul Basa hal anu produktif

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 66

a. Basa mangrupa sistem

Pangna basa disebut sistem nyaéta lantaran mangrupa beungkeutan dua unsur, tegesna unsur luar jeung unsur jero, wangun jeung eusi anu silihléngképan dumasar kana aturan nu tangtu pikeun ngahontal hiji harti. Pangna disebutkeun hiji sistem, basa téh mibanda sifat sistématis tur sistemik. Disebut sistématis, lantaran basa téh ngandung unsur-unsur anu puguh éntép seureuhna; ari disebut sistemik, lantaran basa téh mibanda pola atawa aturan anu dumuk sarta bisa diprédiksidiramalkeun, saperti: aturan fonologi, tatabasa jeung semantik.

b. Basa téh sipatna arbitrér

Pangna basa disebut arbitrér, lantaran patalina lambang sora jeung obyékna euweuh hubungan logis sakarepna, sakahayangna, manasuka pamakéna. Contona: kecap imah dina basa Sunda anu hartina wawangun tempat pamatuhan, tempat betah bumétah; dina basa séjén mah diucapkeunana umah Jawa; rumah MelayuIndonesia, baitun Arab, haus Jerman, house Inggris.

c. Basa mangrupa simbul

Pangna basa disebut simbul atawa lambang atawa tanda nyaéta lantaran basa téh mangrupa gambaran tina konsép pikiran langue jeung gambar tina sora omongan parole. Basa mangrupa sistem tanda atawa lambing signe lingustique anu ngagambarkeun pikiran langue jeung omongan parolé. Langue mangrupa pikiran aturan, rumus anu aya dina otak manusa, sifatna homogén tur rélatif anggér; parole mangrupa omongan runtuyan sora anu kaluar tina baham, sistemna hétérogén tur rélatif robah.

d. Basa hal anu produktif

Pangna basa disebut produktif lantaran ari basa téh mangrupa sistem kognitif mikir anu diatur ku rumus-rumus anu unik tur bisa dimanipulasi ku panyaturna sangkan bisa ngahasilkeun mangpirang-pirang omongan 3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 anu lobana tan wates wangén. Digunakeun ku panyaturna pikeun alat komunikasi jeung mekarkeun élmu pangawéruh .

e. Basa sipatna universal