Kagiatan Diajar Modul D PKB Bahasa Sunda Untuk SD Edisi Revisi 2017 BS SD MODUL D 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 56 2

D. Kagiatan Diajar

Saréngséna Sadérék niténan pedaran matéri pangjaran ka 2 anu patali jeung Ngungkulan Héséna Murid Diajar Basa Sunda. Kumaha aya kelemeng- kelemengna atawa henteu? Mun acan aya kelemeng, komo deui nyangkem sakabéhna matéri nu dipedar, pék balikan deui macana. Dina lumangsungna maca, sing tengét naon anu dianggap penting ku Sadérék, hég catet. Ku lantaran kitu, salawasna Sadérék kudu nyayagikeun pulpén jeung buku catétan husus. Sing ingét anu jadi téma dina pangajaran ka 2 téh ngungkulan bangbaluh jeung ngaronjatkeun préstasi katut kréativitas murid diajar basa Sunda. Ti mimiti faktor guru nepi ka faktor lingkungan, ésénsi pesenna kudu kacangkem ku Sadérék. Upama Sadérék geus nyangkem pedaran matéri di luhur, satuluyna Sadérék métakeun boh dina wangun angket boh wawancara ka murid, hasilna tuluy ditabulasikeun. Hasil tina tabulasi, ku Sadérék bisa dicindekkeun faktor naon anu jadi hésé pikeun murid enggoning diajar basa Sunda? Lamun pasualan héséna téa geus kapanggih, Sadérék bisa nangtukeun sikep. Rék kumaha jeung kudu kumaha? Jigana waé pasualan “hésé” pikeun murid dina diajar basa Sunda hususna, geus jadi rahasiah umum. Ku lantaran kitu, kacida hadéna éta pasualan téh dipadungdéngkeun jeung babaturan saprofési Sadérék, boh di lingkungan kelompok Sadérék, boh di lingkungan komunitas saprofési anu leuwih lega. Kagiatan atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap. 1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna hasil diajar. 2. Baca pedaran bahan ajar nu dipidangkeun kalawan disiplin. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar tanggung jawab jeung disiplin. 4. Baca deui saliwat pedaran bahan ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung raguman bahan ajar kalawan kréatif. 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 57 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa kréatif tur gawé bareng dina diskusi jeung kancamitra séjénna.

E. Latihan