Basa sipatna universal Basa téh mandiri unik Basa téh komunikatif

3 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 67 anu lobana tan wates wangén. Digunakeun ku panyaturna pikeun alat komunikasi jeung mekarkeun élmu pangawéruh .

e. Basa sipatna universal

Panga basa disebut universal nyaéta lantaran basa téh mibanda ciri-ciri umum au dipiboga unggal basa, kayaning: yén basa téh dihasilkeun tina alat ucap manusa, unggal basa miboga wangun jeung eusi, unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu di komunitas para panyaturna.

f. Basa téh mandiri unik

Unik ngandung harti has, mandiri, husus, atawa béda ti nu séjén. Ieu katerangan téh karasana patukang tonggong jeung katerangan yén basa téh universal. Lamun kitu naon atuh nu saenyana unik dina basa téh? Anu dimaksud unik dina basa téh nyaéta yén unggal basa téh miboga sistim, adegan, jeung kandaga kecap séwang-séwangan anu has tur mandi sarta teu kudu sarua jeung basa lianna. Malah anu jadi pangbéda hiji basa jeung basa séjénna pangpangna mah palebah kandaga kecap léksikon, ti dinya kakara adeganana. Ciri has anu dipibanda ku basa téh sipatna universal sakaligus unik. Upamana waé dina basa Sunda aya kecap panganteur anu ngandung harti “aspék inkoaktif” saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit, jst. Ieu kecap téh teu bisa ditarjamahkeun kana basa naon waé basa Indonésia upamana. Cicingna kecap anteuran aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiri ngawakilan kecap pagawéan caritaan. Contona: 1 Jung kuring indit ka luar.; 2 Kuring jung indit ka luar.; 3 Geura jung atuh PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 68 3

g. Basa téh komunikatif

Komunikatif sifat tina komunikasi. Dina enas-enasna mah komunikasi téh nepikeun “pesan” rasa, pikiran jeung kahayang ti panyatur atawa anu ngirim pesan ka nu nampa pesan atawa anu diajak nyarita pamiarsa atawa nu maca ngaliwatan média basa. Dina seuhseuhanana kahirupan manusa téh henteu bisa dipisahkeun tina aspék komunikasi. Alat anu dipaké pikeun komunikasi nyaéta basa, boh lisan boh tulisan. Komunikasi ngagunakeun basa disebutna komunikasi verbal, ari komunikasi henteu ngagunakeun basa alias ngagunakeun gerak obah-obahna anggahota badan disebutna komunikasi non verbal, contona: gideug – nuduhkeun embung; gugupay – ngajak, jst. Basa mangrupa alat komunikasi manusa, ari basa téh mangrupa lambang sora anu sifatna universal. Sajaba ti aya basa lisan sora ogé aya basa gerak body langugé. Boh basa lisan boh basa gerak duanana ogé sarua miboga fungsi pikeun komunikasi.

h. Basa téh mijalma